
Dongeng Basa Sunda
Presentation
•
Other
•
5th Grade
•
Hard
Dicky Zeremia
Used 13+ times
FREE Resource
11 Slides • 0 Questions
1
Dongeng Basa Sunda
SDK BPK PENABUR Singgasana
2
Dongéng
Dongéng téh carita rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan.
KAMUS ALIT
rékaan = karangan
pamohalan = tidak nyata (khayalan)
3
Jenis Dongeng
Sasakala (legenda)
Sasatoan (fabel)
Sajarah (sejarah)
Jalma biasa (cerita sehari-hari)
4
Dongéng Sasakala
Dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang, atawa hal séjénna
KAMUS ALIT
patalina = kaitannya
asal-muasalna = asal-usul
séjénna = lainnya
5
Dongéng Sasatoan
Dongéng anu palakuna sasatoan, biasa disebut oge dongeng fabél.
KAMUS ALIT
sasatoan = hewan
palakuna = tokohnya
6
Kacaturkeun aya awéwé nu kasohor ku beungharna, ngaranna Nyi Endit. Nyi Endit téh kawentar ogé ku korétna. Nyi Endit tara ieuh sok barang béré ka batur. Lamun boga dahareun, ti batan dibikeun mah kalah dipiceun. Ku peditna, upama aya nu ngahaja datang gé tara disuguhan. Nyi Endit gé tara ngajénan batur. Sakalieun nginjeumkeun duit gé, mun malikkeun, kudu waé ditambahan
7
Dina hiji poé, kampung Nyi Endit kadatangan aki-aki kundang iteuk. Leumpangna jumarigjeug. Katempona mah jiga lapareun kacida, sabab remen ngalungsar bari nyekelan beuteung. Tapi urang lembur ogé taya nu wawuheun ka si Aki téh. Jaba ti éta, urang lembur téh teu barisaeun méré dahareun ka si Aki sabab keur paceklik.
8
Dina hiji mangsa Nyi Endit keur niténan kekembangan di buruan, katémbong si Aki leumpang jumarigjeug bari mawa iteuk ngarayap asup ka buruan Nyi Endit, tuluy unjuk salam. Nyi Endit teu ngajawab anggur ngageroan badégana sangkan ngusir si Aki nu dianggap barangmaén. Tapi basa badégana nyampeurkeun, si Aki kalah ngacungkeun iteukna, bari nyarita yén manéhna lain rék barangmaén tapi rék ngélingan Nyi Endit, sangkan ulah sombong jeung takabur. Sabab harta banda mah ngan sakadar titipan Gusti. Si Aki tuluy ngaléos. Diomongan kitu téh Nyi Endit kalah ngajanteng bari olohok teu bisa ngomong.
9
Sanggeus ngélingan Nyi Endit, si Aki muru ka tengah lembur. Tuluy ngacungkeun iteukna, tur ditancebkeun kana taneuh. Sanajan jiga nu teu maké tanaga, tapi iteuk téh ngabelesek saparapatna kana jero taneuh, tuluy iteukna dicabut deui. Terus ngaléos duka ka mana.
Isukna urang lembur gujrud, yén aya liang cai anyar di tengah lembur. Caina mudal, beuki lila beuki manceran tur ngagedéan, nepi ka semet bitis.
10
Urang lembur buriak ngarungsi, nyingkahan banjir nu mimiti ngeueum éta lembur. Harita Nyi Endit mah keur jongjon mémérés peti tempat nyimpen emas permata. Manéhna anteng teu miroséa bahaya nu aya di sabudeureunnana. Sanggeus bébérés, Nyi Endit kacida reuwaseunnana nempo cai nu pohara gedéna. Kawas dina ngimpi, manéhna sababaraha kali gegeroan sabab teu yakin kana tetempoannana.
11
Cai upluk-aplak di mana-mana. Lembur nu sakitu legana téh ngan kari lebah-lebahna. Lembur téh geus salin rupa jadi situ anu lega. Nepi ka kiwari, eta situ téh masih aya, nu katelah Situ Bagendit. Jigana dicokot tina lalandian Bagénda Endit. Kiwari loba nu daratang ka Situ Bagendit, ngadon arulin jeung tumpak rakit.
Dongeng Basa Sunda
SDK BPK PENABUR Singgasana
Show answer
Auto Play
Slide 1 / 11
SLIDE
Similar Resources on Wayground
8 questions
Nașterea Domnului
Presentation
•
4th Grade
12 questions
Poluarea mediului
Presentation
•
5th Grade
7 questions
Convenția ONU cu privire la drepturile copilului
Presentation
•
5th Grade
6 questions
Textul nonliterar
Presentation
•
5th Grade
5 questions
Fractii zecimale part 1
Presentation
•
5th Grade
13 questions
Lamon-No-Shokudo
Presentation
•
KG
14 questions
Norme de ergonomie și siguranță
Presentation
•
5th Grade
10 questions
EMPATIA,CONSILIERE SI DEZVOLTARE PERSONALĂ,CLS A VA
Presentation
•
5th Grade
Popular Resources on Wayground
6 questions
PRIDE Always and Everywhere
Presentation
•
12th Grade
20 questions
Lab Safety Quiz
Quiz
•
6th Grade
26 questions
KOR Review Kahoot Questions
Quiz
•
8th Grade
21 questions
Continents and Oceans
Quiz
•
6th Grade
12 questions
Unit Zero lesson 2 cafeteria
Presentation
•
9th - 12th Grade
20 questions
Parts of Speech
Quiz
•
5th Grade
10 questions
Riddles Riddles fun Riddles
Quiz
•
6th - 12th Grade
16 questions
Subject & Predicate
Quiz
•
5th Grade
Discover more resources for Other
20 questions
Parts of Speech
Quiz
•
5th Grade
16 questions
Subject & Predicate
Quiz
•
5th Grade
25 questions
Multiplication Facts
Quiz
•
5th Grade
22 questions
Continents and Oceans
Quiz
•
5th Grade
15 questions
Rounding Decimals
Quiz
•
5th Grade
20 questions
Lab Safety
Quiz
•
5th - 8th Grade
20 questions
Mixtures and Solutions Practice
Quiz
•
5th Grade
10 questions
Soup, Salad, or Sandwich?
Quiz
•
1st Grade - Professio...