
BIOGRAFI
Presentation
•
Other
•
11th Grade
•
Hard
Neng Yulianti
Used 1+ times
FREE Resource
5 Slides • 3 Questions
1
BIOGRAFI
by Neng Yulianti
2
Teks Biografi
WANOJA DÉSA JADI BUPATI PURWAKARTA
Anne Ratna Mustika
Cing, aya di antara hidep anu apal ka Anne Ratna Mustika? Kawasna keur masarakat Jawa Barat, hususna urang Purwakarta mah moal bireuk deui saha ari Anne Ratna Mustika téh. Anjeunna Bupati wanoja munggaran di wewengkon Purwakarta periode 2018-2023.
Hj. Anne Ratna Mustika, S.E. pituin urang Cikalong Kulon, Cianjur anu lahir 2 januari 1982. Ramana nyaéta Usep Supriadi nu kungsi ngajabat Kadés di Cianjur Kulon. Ari Ibuna nyaéta Dédéh Sumiati anu jadi penggerak wanoja di éta wewengkon. Anne Ratna Mustika ogé alo ti mantan Bupati Purwakarta Bunyamin Dudih, nu geus lila ancrub di dunya pulitik. Anne istri ti mantan Bupati dua periode saacanna, Dedi Mulyadi.
3
Anne Ratna Mustika mimiti sakola formal di SDN Gudang 2 dina taun 1988. Tuluy neruskeun ka SMPN 1 Cikalong Kulon, Kabupatén Cianjur taun 1994. Dina taun 1997 Anne neruskeun sakolana di SMAN 1 Cikalong Kulon, Kabupatén Cianjur. Bérés sakola di SMAN, neruskeun sakola di STIE WIKARA Kabupatén Purwakarta taun 2012.
Ambu Anne (kitu sebutan ti masarakat Purwakarta) mimiti ancrub di dunya pamaréntahan nalika anjeunna ilubiung kana acara Mojang (Kontes Kecantikan) Purwakarta dina taun 1999. Dina éta acara, Anjeunna jadi pinunjul kahiji. Dina waktu nu sarua Anne ngirut hate Dédi Mulyadi, nu harita jadi anggota Déwan Perwakilan Rakyat Daérah (DPRD) Purwakarta. Henteu lila sanggeus juara Mojang Purwakarta, Anne didahup ku Dédi Mulyadi.
Sateuacan jadi Kepala Daérah, Anjeunna sok nyarengan Dédi Mulyadi dina sababaraha kagiatan. Nu ahirna Ibu ti Maulana Akbar, Yudistira, jeung Hyang Sukma téh miboga pangalaman nu jembar dina widang pulitik, utamana ancrub di masarakat pikeun ngémbarkeun program-program sosial, kaséhatan, jeung Keluarga Berencana (KB).
4
Ku aktifna dina widang pulitik, Ambu Anne kapeto pikeun mingpin sababaraha organisasi di Purwakarta, nyaéta TP PKK, Bunda PAUD, Dekranasda, Perwosi, DPD Pengajian Al Hidayah, jeung ketua Kwarcab Pramuka Kabupatén Purwakarta.
Salian jadi pamingpin sababaraha organisasi, Ambu Anne sok ngarojong Ibu Rumah Tangga (IRT) pikeun ningkatkeun standar hirup kulawargana. Nya dina taun 2016, Anjeunna ngadegkeun Galéri Ménong, anu ngajual produk asli olahan Purwakarta nu diproduksi ku kaum wanoja. Heuleut sataun, dina taun 2017 Anjeunna ngamajukeun program kaséhatan Anak. Ku rancagé gawéna, Ambu Anne ogé kapeto jadi Bunda Protein Purwakarta dina kontribusina ningkatkeun kaséhatan barudak ngaliwatan asupan protein dina kampanye Praktin Séhat Purwakarta.
Sanggeus dua période kapamingpinan Dédi Mulyadi, Ambu Anne nyalonkeun diri jadi Bupati Purwakarta sarta wakilna nyaéta H. Aming, S.M, tur meunang pikeun periode 2018-2023.
5
Struktur teks biografi
Bubuka, umumna aya dina alinea kahiji, eusina nyaritakeun atawa ngawanohkeun tokoh sacara umum.
Eusi, dina bagian eusina ngawanohkeun ngeunaan hal-hal anu penting dina kahirupan tokoh, misalna ngeunaan riwayat atikan, pangalaman salila hirup sarta katerangan séjén nu dianggap penting. Bagian eusi diluyukeun jeung kabutuhan.
Panutup eusina ngeunaan kacindekan sarta préstasi atawa jasa-jasa anu geus dipilampah ku tokoh.
6
Multiple Choice
Cing Saha anu kungsi apal ka jenengan Radén Déwi Sartika? Nelahna téh Ibu Déwi. Gedé pisan jasana enggoning ngaronjatkeun darajat kaom wanoja. Tarékahna nyaéta dina ngadegkeun sakola istri.
Dumasar kana strukturna, sempalan biografi di luhur kaasup kana…
bubuka
eusi
panutup
kacindekan
pangalaman
7
Multiple Choice
Nalika ngajabat menteri pertahanan mangsa Présidén Soekarno, anjeunna boga pamadegan yén Komando Daérah Militér Jakarta Raya kudu jadi kesatuan nu mandiri, nu misah ti Jawa Kulon. Saméméh tutup umur, Iwa Kusuma Sumantri kungsi nyekel kalungguhan jadi anggota Déwan Pertimbangan Agung (DPA) jeung Réktor Univérsitas Padjadjaran. Iwa Kusuma Sumantri kakara diangkat jadi pahlawan nasional dina taun 2002.
Dumasar kana strukturna, sempalan biografi di luhur kaasup kana…
bubuka
eusi
panutup
kacindekan
pangalaman
8
Multiple Choice
Di handap nu kaasup bagian eusi biografi nyaéta, iwal…
Ir. R. H. Ukar Bratakusumah téh lahir di Ciamis, persisna di Kampung Ciwahangan, Désa Barégbég, tanggal 16 Oktober 1911.
Mangsa rumaja, Ir. R. H. Ukar Bratakusumah nyuprih élmu di HIS Purwakarta dina taun 1918.
Sawatara kalungguhan penting dina widang pamarentahan nu kungsi dicangking ku Ir. R. H. Ukar Bratakusumah, di antarana waé jadi anggota Gemeenteraad Bandung, anggota Diréksi Surat Kabar Sipatahoenan, jsté.
Kitu deui jasana dina merjoangkeun kamerdékaan Indonésia. Hanjakal ayeuna mah Ir. R. H. Ukar Bratakusumah téh kantun jenengan. Anjeunna tos ngantunkeun alam ramé.
Ti keur sakola di MULO kénéh, Ukar Baratakusumah geus resep maca. Salasahiji buku nu kungsi dibaca sual perjoangan Mahatma Gandhi dina ngamerdikakan India.
BIOGRAFI
by Neng Yulianti
Show answer
Auto Play
Slide 1 / 8
SLIDE
Similar Resources on Wayground
10 questions
Angka Penting, Notasi Ilmiah, dan Konversi Satuan
Presentation
•
10th Grade
10 questions
Reciprocal verbs
Presentation
•
10th - 12th Grade
9 questions
pretest carpon
Presentation
•
11th Grade
8 questions
CAUSE & EFFECT
Presentation
•
11th Grade
9 questions
arbori - informatica
Presentation
•
12th Grade
9 questions
Sharing
Presentation
•
12th Grade
11 questions
Peluang (kaidah pencacahan)
Presentation
•
11th Grade
11 questions
POVESTEA CELOR TREI FLUTURAȘI
Presentation
•
KG
Popular Resources on Wayground
11 questions
Hallway & Bathroom Expectations
Quiz
•
6th - 8th Grade
10 questions
HCS SCI 03 Summer School Assessment 2
Quiz
•
3rd Grade
11 questions
Home Scope
Quiz
•
7th - 8th Grade
12 questions
2026 TAP Technology in the Classroom
Presentation
•
Professional Development
15 questions
HCS SCI 05 Summer School Assessment 2 Review
Quiz
•
5th Grade
15 questions
HCS SCI 04 Summer School Review 2
Quiz
•
4th Grade
59 questions
Geometry Unit 3 Review
Quiz
•
9th - 12th Grade
14 questions
FAST ELA READING SMAPLE TEST MATERIALS
Passage
•
3rd Grade