
Dongeng
Presentation
•
•
Practice Problem
•
Hard
dani jae
FREE Resource
13 Slides • 0 Questions
1
Dongeng Basa Sunda
2
Dongéng
Dongéng téh carita rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan.
KAMUS ALIT
rékaan = karangan
pamohalan = tidak nyata (khayalan)
3
Jenis Dongeng
Sasakala (legenda)
Sasatoan (fabel)
Sajarah (sejarah)
Jalma biasa (cerita sehari-hari)
4
Dongéng Sasakala
Dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang, atawa hal séjénna
KAMUS ALIT
patalina = kaitannya
asal-muasalna = asal-usul
séjénna = lainnya
5
Dongéng Sasatoan
Dongéng anu palakuna sasatoan, biasa disebut oge dongeng fabél.
KAMUS ALIT
sasatoan = hewan
palakuna = tokohnya
6
7
Kacaturkeun aya awéwé nu kasohor ku beungharna, ngaranna Nyi Endit. Nyi Endit téh kawentar ogé ku korétna. Nyi Endit tara ieuh sok barang béré ka batur. Lamun boga dahareun, ti batan dibikeun mah kalah dipiceun. Ku peditna, upama aya nu ngahaja datang gé tara disuguhan. Nyi Endit gé tara ngajénan batur. Sakalieun nginjeumkeun duit gé, mun malikkeun, kudu waé ditambahan
8
Dina hiji poé, kampung Nyi Endit kadatangan aki-aki kundang iteuk. Leumpangna jumarigjeug. Katempona mah jiga lapareun kacida, sabab remen ngalungsar bari nyekelan beuteung. Tapi urang lembur ogé taya nu wawuheun ka si Aki téh. Jaba ti éta, urang lembur téh teu barisaeun méré dahareun ka si Aki sabab keur paceklik.
9
Dina hiji mangsa Nyi Endit keur niténan kekembangan di buruan, katémbong si Aki leumpang jumarigjeug bari mawa iteuk ngarayap asup ka buruan Nyi Endit, tuluy unjuk salam. Nyi Endit teu ngajawab anggur ngageroan badégana sangkan ngusir si Aki nu dianggap barangmaén.
10
Tapi basa badégana nyampeurkeun, si Aki kalah ngacungkeun iteukna, bari nyarita yén manéhna lain rék barangmaén tapi rék ngélingan Nyi Endit, sangkan ulah sombong jeung takabur. Sabab harta banda mah ngan sakadar titipan Gusti. Si Aki tuluy ngaléos. Diomongan kitu téh Nyi Endit kalah ngajanteng bari olohok teu bisa ngomong.
11
Sanggeus ngélingan Nyi Endit, si Aki muru ka tengah lembur. Tuluy ngacungkeun iteukna, tur ditancebkeun kana taneuh. Sanajan jiga nu teu maké tanaga, tapi iteuk téh ngabelesek saparapatna kana jero taneuh, tuluy iteukna dicabut deui. Terus ngaléos duka ka mana.
Isukna urang lembur gujrud, yén aya liang cai anyar di tengah lembur. Caina mudal, beuki lila beuki manceran tur ngagedéan, nepi ka semet bitis.
12
Urang lembur buriak ngarungsi, nyingkahan banjir nu mimiti ngeueum éta lembur. Harita Nyi Endit mah keur jongjon mémérés peti tempat nyimpen emas permata. Manéhna anteng teu miroséa bahaya nu aya di sabudeureunnana. Sanggeus bébérés, Nyi Endit kacida reuwaseunnana nempo cai nu pohara gedéna. Kawas dina ngimpi, manéhna sababaraha kali gegeroan sabab teu yakin kana tetempoannana.
13
Cai upluk-aplak di mana-mana. Lembur nu sakitu legana téh ngan kari lebah-lebahna. Lembur téh geus salin rupa jadi situ anu lega. Nepi ka kiwari, eta situ téh masih aya, nu katelah Situ Bagendit. Jigana dicokot tina lalandian Bagénda Endit. Kiwari loba nu daratang ka Situ Bagendit, ngadon arulin jeung tumpak rakit.
Dongeng Basa Sunda
Show answer
Auto Play
Slide 1 / 13
SLIDE
Similar Resources on Wayground
10 questions
Dasar Listrik
Presentation
•
10th Grade
11 questions
Bahasa Indonesia kelas 1 persiapan PAT
Presentation
•
1st Grade
8 questions
Structura alternativa simpla
Presentation
•
9th Grade
8 questions
Educatie sociala
Presentation
•
5th Grade
10 questions
A titokzatos Homérosz
Presentation
•
9th Grade
10 questions
place value, expanded and standard form
Presentation
•
3rd Grade
10 questions
A NYOLC BOLDOGSÁG
Presentation
•
6th - 7th Grade
9 questions
Poveste cu un copil si un pestisor argintiu
Presentation
•
1st Grade
Popular Resources on Wayground
11 questions
Hallway & Bathroom Expectations
Quiz
•
6th - 8th Grade
10 questions
HCS SCI 03 Summer School Assessment 2
Quiz
•
3rd Grade
11 questions
Home Scope
Quiz
•
7th - 8th Grade
12 questions
2026 TAP Technology in the Classroom
Presentation
•
Professional Development
15 questions
HCS SCI 05 Summer School Assessment 2 Review
Quiz
•
5th Grade
15 questions
HCS SCI 04 Summer School Review 2
Quiz
•
4th Grade
59 questions
Geometry Unit 3 Review
Quiz
•
9th - 12th Grade
14 questions
FAST ELA READING SMAPLE TEST MATERIALS
Passage
•
3rd Grade