
Dongeng,kawih
Authored by rini Y.Kusrini
Other
1st Grade
Used 25+ times

AI Actions
Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...
Content View
Student View
10 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 1 pt
Tengetan
sempalan kawih ieu di handap!
Mawar Bodas
Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Teu karasa capena
Sabab aya nu ditéang
1.
Upama
padalisan ka-1 jeung ka 2 dina kawih di
luhur ditarjamahkeun kana basa Indonesia anu merenah
nyaéta …
Berjalan
di jalan setapak, menuju ke satu kampung
Berjalan
di jalan kecil menuju ke suatu kampung
Menyusuri
jalan setapak, menuju ke suatu kampung
Menyusuri
lorong kecil, menuju ke satu kampong
Menyusuri jalan kecil, menuju ke suatu kampong
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 1 pt
Peke“rjaan tidak
akan pernah selesai dengan baik jika kita mengerjakannya terus menggerutu.”
Kecap menggerutu upama ditarjamahkeun kana basa Sunda, nyaéta
males-malesan
murukusunu
getol
horéam
kukulutus
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 1 pt
Baca téks dongéng dihandap ieu
kalawan gemet!
BANGKONG SOMBONG
Kacaritakeun di hiji tempat nyaéta di sisi balong,
loba sato anu ngadon imah-imah, nyarieun liang di dinya. Anu matak lamun reup
peuting teh di dinya sok ramé. Bangkong “kang-kéng-kong”, gaang ngéar, ditéma
ku sora-sora sato séjénna saperti jangkrik jeung cihcir ti jauhna. Malah sora
bueuk ogé aya.
Komo peuting harita mah keur hade caang bulan.
Sakadang Bangkong anu matuh di sisi balong, teu eureun-eureun kang-kéng-kong,
patémbalan jeung sora sato séjénna, kawas anu patarik-tarik. Mangkaning
bangkong jalu jeung geus kolot deuih. Atuh sorana ogé tarik jeung agem.
Keur
ngeunah-ngeunah tetembangan bari diuk dina daun taraté, torojol Sakadang
Kadal, nyampeurkeun ka Sakadang Bangkong. Pok Sakadang Kadal ngomong,
"Pangapunten Sakadang Bangkong, tetembanganana ulah tarik-tarik
teuing!"
"Naha?
Sora-sora kuring, anu tembang-anu tembang kuring, naha maké ulah
tetembangan?" témbal Sakadang Bangkong.
"Lain
ulah tetembangan, ngan ulah tarik teuing wé, Malah mun bisa mahtetembanganana
ulah di dieu!" ceuk Sakadang Kadal deui.
"Naha?
Imah-imah kuring, rék kitu rék kieu, nya kumaha kuring wé atuh!" ceuk
Sakadang Bangkong teugeug.
"Lain
kitu, anak kuring keur gering, perlu istirahat. Tapi ayeuna teu bisa saré,
lantaran kagandéngan ku sora anjeun!" ceuk Sakadang Kadal.
"Éta
mah salah sorangan atuh. Naha maké hayang boga imah deukeut imah kuring? Apan
nyaho kuring mah unggal peuting ogé sok tetembangan!" témbal deui
Sakadang Bangkong.
Unsur pamohalan
nu aya dina sempalan carita dongéng di luhur nyaéta …
Sakadang Kadal nyaaheun pisan ka anakna nu keur gering
saban sato sok pada silih patémbalan peuting-peuting di sisi balong
Sakadang Bangkong cicing dina daun taraté
Sakadang Bangkong nu jalu jeung geus kolot boga sora
agem
Sakadang bangkong bisa tetembangan
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 1 pt
Tengetan cuplikan
dongéng-dongéng dihandap ieu!
1)
Si
Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti
biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih.
2)
Waktu
Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wétan jeung
Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik
Mayang Sunda anu nuju bobot.
3)
Baheula
Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma sepuh ti
Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang Bagus
Pangéling.
4)
Dina
hiji dinten putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa
ditedunan. Atuh gantawang waé nyeuseulan séséépan. Inten berlian pamasihan
ramana diawur-awurpayuneun ramana.
5)
Kacaritakeun
sakadang monyét ngajak ngala cabé ka
sakadang kuya, ngalana teh di kebon
patani, waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani sakadang monyét mah
bisaeun kabur ari sakadang kuya mah
katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat.
Sempalan
dongéng di luhur nu kagolong kana wangun sagé nyaéta….
1
2
3
4
5
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 1 pt
Amanat nu jadi picontoeun nu luyu jeung
dongéng "bangkong" nyaéta …
jadi jalma kudu bisa ngahargaan batur
jadi jalma teu meunang égois
jadi jalma tong sombong
ulah sok tetembangan tarik teuing
j
jadi jalma kudu bisa tetembangan
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 1 pt
Dihandap ieu mangrupa hal-hal
nu aya dina struktur laporan kegiatan, kayaning :
(1)
Kasang Tukang
(2)
Wengkuan Kagiatan
(3) Maksud jeung Tujuan
(4) Dasar Hukum
Susunan bubuka laporan
kegiatan anu bener nya éta ….
(1), (3), (4), (2)
(2), (4), (3), (1)
(1), (4), (3), (2)
(4), (2), (1), (3)
(3), (1), (2), (4)
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 1 pt
Titénan sempalan ieu sajak di handap!
Do’a
Karya : Apip Mustopa
Junjunan
Pangnangkeupkeun éta nyawa
Nu indit taya nu nanya
Taya tapakna di dunya
Angin
Pangusikkeun sapangeusi buana
Yén aya sinatria nu perlaya
Diwewengkon langit Sunda
Ungkara “angin,
pangusikkeun sapangeusi buana”, disawang tina gaya basana, ka asup gaya
basa …
babandingan (métapora)
rarahulan (hiperbola)
ngasor (litotés)
rautan (eupimismeu)
mijalma (personifikasi)
Access all questions and much more by creating a free account
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
Already have an account?
Similar Resources on Wayground
15 questions
ひらがな hiragana, s,t,n-row
Quiz
•
KG - Professional Dev...
10 questions
MIDLE TEST LK-1 HMI HUKUM
Quiz
•
1st - 5th Grade
15 questions
Chủ đề Bác Hồ
Quiz
•
1st Grade
10 questions
sunda sisindiran 8
Quiz
•
1st - 3rd Grade
15 questions
bijvoeglijk naamwoord
Quiz
•
KG - 1st Grade
15 questions
Minecraft
Quiz
•
1st - 12th Grade
10 questions
Diajar Bahasa Sunda
Quiz
•
KG - Professional Dev...
10 questions
Poveste
Quiz
•
1st Grade
Popular Resources on Wayground
15 questions
Fractions on a Number Line
Quiz
•
3rd Grade
20 questions
Equivalent Fractions
Quiz
•
3rd Grade
25 questions
Multiplication Facts
Quiz
•
5th Grade
29 questions
Alg. 1 Section 5.1 Coordinate Plane
Quiz
•
9th Grade
22 questions
fractions
Quiz
•
3rd Grade
11 questions
FOREST Effective communication
Lesson
•
KG
20 questions
Main Idea and Details
Quiz
•
5th Grade
20 questions
Context Clues
Quiz
•
6th Grade
Discover more resources for Other
20 questions
Telling Time to the Hour and Half hour
Quiz
•
1st Grade
10 questions
Heating / Cooling Matter
Quiz
•
1st Grade
10 questions
Exploring Rosa Parks and Black History Month
Interactive video
•
1st - 5th Grade
20 questions
Place Value
Quiz
•
KG - 3rd Grade
10 questions
Counting Coins
Quiz
•
1st Grade
10 questions
Identifying Points, Lines, Rays, and Angles
Interactive video
•
1st - 5th Grade
5 questions
Heating and Cooling Pre-Assessment
Quiz
•
1st Grade
20 questions
VOWEL TEAMS: AI and AY
Quiz
•
1st Grade