Di handap aya wacana, pék ilo (baca jero haté) sing gemet!
Sasakala Japati Sukuna Beureum Jaman baheula, sato anu panggagahna téh hayam. Kabéh sato sarieuneun, sabab jaba ti gagah téh, bisa hiber deuih. Nénjo buluna ogé sato nu laleutik mah pada ajrih. Kawantu boga pakarang ampuh nyaéta siih anu ngelik seukeut. Jaba ti éta, boga pamatuk ngeluk jeung ramo-ramo suku ranggaos paranti nyakar musuh deuih. Payus, tegep rupa, makuta anu nyéngclé dina sirahna nambihan sieup ka dirina nu jadi taméng nagara. Ngan hanjakalna boga sipat angkuh jeung sombong.
Dina hiji waktu, manéhna ngaronda. Keur jongjon kakalayangan karérét ku juru panonna aya nu gugurilapan di luhureun, hihiberan. Nempo aya nu kakalayangan, napsuna mimiti naék. Harita kénéh biur ngapung ngudag kanu keur kakalayangan téa. Teu tata pasini deui tuluy dicehcer dibintihan, atuh gepluk waé murag. Manahoréng manéhna téh japati.
“Karasa siah, sato teu boga kasopanan, tah kitu buktina!” pokna bari najong japati nu geus teu walakaya. Boro-boro bisa ngomong. Haténa jumerit ménta tulung ka Déwata. Jeritna tembus ka langit kadangu ku Sunan Ambu.
“Manéh sato deleka teu boga ras-rasan, kusabab kitu jimat manéh dibawa deui, semét ayeuna moal bisa ngapung deui!” sakadang hayam ceurik, tapi teu bisa kukumaha. Manuk japati ku Sunan Ambu diubaran, hanjakal sukuna teu kaburu kabersihan. Numatak nepika ayeuna japati beureum sukuna.
Naon sababna hayam téh dianggap sato panggagahna?