Titenan!
Saringset Pageuh
(1)Iket atawa totopong téh di Sunda mah kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna. Mun dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket’, nu hartina sabeungkeutan atawa sauyunan dina hiji pakumbuhan.
(2) Silokana, nyéré mun sagagang mah teu bisa nyapukeun nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi sapu nu bisa kuat nyapukeun rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun sosorangan tangtu bakal beurat nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu diiketna, sedeng pasualan nu datang ti luar jeung jero dirina minangka objék nu kudu sayaga pikeun disanghareupan, sangkan hirup salawasna caringcing pegeuh kancing, saringset pageuh iket.
(3)Mimiti resep kana iket memang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun nalungtik leuwih jero mah karék taun 2005. Kitu ogé ladang tatanya ka kolot jeung saha baé nu weruh kana iket, bari terus ngeureuyeuh ngadongdon kampung adat. Najan masih kénéh héngkér ngeunaan kumaha jero-jerona iket, tina ladang tetelepék téh saheulaanan mah bisa dicindekkeun yén iket téh ngawéngku tilu bagian, nyaéta bahan, corak/motif, jeung wangun iket.
(4)Leuwih alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana. Biasana nu bogana golongan menak, contona motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna, upama iketna polos (saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jero) atawa ukur aya motif batik sisina wungkul (iket sisian), hargana gé leuwih murah tur nu makéna gé golongan cacah. Sedeng tina wangunna iket aya dua bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu. Sabenerna ari wangun iket mah pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep atawa dikeureut tina wangun asalna nu pasagi.
Dumasar teks pedaran di luhur, nu kaasup bagean bubukana nya eta aya dina paragraf...