Tés Materi Wawacan

Quiz
•
Other
•
11th Grade
•
Medium
Dea S.Pd.
Used 5+ times
FREE Resource
8 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Tuluy Ki Sudarma laju, malikan piunjuk tadi, nyaritakeun lampah raja, nganiaya kuring-kuring, kieu pokna Ki Sudarma, nun sumuhun priksa gusti.
Lampahna raja kapungkur, éstu hanteu reujeung budi, ngadolos baé kersana, hanteu nyaah ka nu leutik, unggal taun raraméan, malar panyambungan kuring.
Ari karesepna ngadu, ngadu hayam ngadu jangkrik, ngadu puyuh ngadu muncang tumpangna ngajepit kuring, sakapeung ngadu jelema, diujungkeun silih gitik.
Sempalan wawacan di luhur téh ngagambarkeun salasahiji watek tokoh nu aya dina carita wawacan Panji Wulung, nyaéta tokoh…
Raja Déwakéswari
Raja Cempa
Raja Gilingwesi
Patih Gilingwesi
Panji Wulung
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
45 sec • 1 pt
Pék baca sempalan wawacan Panji wulung ieu di handap!
Rahadén Panji ngandika, bari mésem Paman takabur teuing, pati batur diganggu, mangké caralik heula, ieu catang nu malang sumangga panggul, lamun kapanggul ku paman, kaula sumeja ngiring.
Jeung nyanggakeun babadaan, tapi lamun ku paman teu kaindit, ku kula meureun dipanggul, éta minangka tanda, jadi éléh saha nu teu kuat manggul, melengék ki lurah bégal, pikirna geus rada risi.
Neuleu catang nu malang, gedé pisan tangtu moal kaindit, maksakeun manéh pék nangtung, catang tuluy dipundak, teu kabawa késangna datang ka ngucur, henteu obah-obah acan, mésem leleb Radén Panji.
Ki Jayapati nyentak, manéh ogé moal enya kaindit, lamun ku manéh kajungjung, kami seja kumawula, rék nuturkeun ka mana anu dijugjug, ngadeg Radén Panji dangdan, catang dipanggul kaindit.
Wantuning tina geus tuman, pangajaran manggul timah jeung beusi, catang dijugjug dipanggul, bégal anu tiluan, pada nyembah sujud kana dampal suku, bari pada totobatan, pihaturna seja ngiring.
Dina sempalan wawacan Panji Wulung di luhur dicaritakeun yén Ki Jayapati nyentak ka Panji Wulung. Naon anu jadi sababna?
Ki Jayapati henteu bisa meunang ngalawan Panji Wulung.
Ki Jayapati ngarasa kalédék ku Panji Wulung tuluy nangtang sabari ambek ka Panji Wulung sangkan ngangkat éta catang.
Ki Jayapati kapaksa kudu milu ka Panji Wulung da rumasa teu bisa ngangkat catang nu sakitu gedéna.
Ki Jayapati rumasa éléh Ka Panji Wulung jadi ahirna bendu da teu bisa ngangkat catang.
Ki Jayapati bisa ngangkat éta catang tapi diseungseurikeun ku Panji Wulung.
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Ulah kéna jadi gusti, tingkah sawenang-wenang, ngadolos baé kahoyong, lamun kagungan kasukan, ulah nu matak susah, ngusutkeun ka urang lembur, ngarugikeun ka ponggawa.
Sempalan wawacan di luhur téh ngagambarkeun salasahiji aspék moral nu nyangkaruk dina carita wawacan Panji Wulung, nyaéta tina sisi …
kapamingpinan dina carita
galur dina carita
sistem pamarentahan dina carita
latar dina carita
intrik politik dina carita
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Radén angkat réréongan, mapay tegal nyukang pasir, Ki Janggali Ki Janggala, tiluan pairing-iring, sato kasorang nyingkir, turun gunung unggah gunung, pun Janggali Janggala, haturan ka Radén Panji, kuring capé manga urang sindang heula.
Handapeun ieu kiara, semuna tariis teuing, sakedap ngeureunan palay, lajeng sindang Radén Panji, nyarandé kana kai, waktuna sariak layung, terang hadé soréna, tuluy aya méong bijil keur anakan bijil di dapuran manjah.
Unsur intrinsik nu ngadominasi dina sempalan wawacan di luhur nyaéta …
moral carita
téma
latar
palaku
galur carita
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
20 sec • 1 pt
Taya pisan niat kitu, belang bayah gindi pikir, da geus karsana Sang Raja, sarta geus dihin pinasti, reujeung ngeunah karasana, yasa ngalap-ngalap pikir.
Tulisan nu dicetak miring dina sempalan wawacan di luhur nya éta paribasa anu hartina …
goréng sangka atawa goréng haté ka batur
beresih haté, ikhlas, teu aya rasa keheul atawa tugenah
resep nitah ka batur
ngéwa ka hiji jelema, tapi api-api resep
hade omongan jeung tingkah laku.
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
20 sec • 1 pt
Wawacan Panji Wulung mangrupa wawacan karya R H Muhammad Musa di taun 1871 tur jadi bacaan nu kawentar di mangsa harita.
Bener
Salah
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
20 sec • 1 pt
Montong ngagugu ka dukun, ka nu sanggup majar sakti, bodona anu percaya , hanteu dipikir ku ati,
sanggup bedas teu dicoba, sakti teu dipénta bukti.
Ieu sempalan wawacan Panji Wulung eusina umajak sangkan ngaleungitkeun kapercayaan kana tahayul tur pamohalan (nyebarkeun paham rasionalisme nu asalna ti Kulon)
Bener
Salah
8.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Ari nu gaduh parahu, urang Malayu Patani, kacaturkeun dina kapal aya hiji ménak Bugis, tunggal seja ngalalana, ngaranna Daéng Bramani.
Hanteu rama hanteu ibu, kalangkung nyandang prihatin, asalna turunan ajar, ratu di nagara Bugis, eunggeus kapernah buyutna, ka nu mangku bumi Bugis.
Ayeuna enggeus patepung, di kapal jeung Radén Panji, tuluy wawuh gulet pisan, sapapait samamanis, kawas saibu sarama, Radén Panji jeung Bramani.
Sempalan pupuh di luhur ngagambarkeun deukeutna tokoh Daéng Bramani jeung Urang Malayu Patani.
Bener
Salah
Similar Resources on Wayground
10 questions
Materi Carpon Kelas XI

Quiz
•
11th Grade
10 questions
Quiz BAB 1 BIANTARA

Quiz
•
11th Grade
10 questions
UH B SUNDA KELAS XI MATERI CARPON

Quiz
•
11th Grade
10 questions
Babad

Quiz
•
1st Grade - University
10 questions
UH Panumbu Catur XI 1920

Quiz
•
11th Grade
10 questions
Drama Sunda

Quiz
•
9th - 12th Grade
10 questions
Sisindiran

Quiz
•
1st Grade - University
12 questions
HIRAGANA PT 1 A~HO

Quiz
•
11th Grade
Popular Resources on Wayground
55 questions
CHS Student Handbook 25-26

Quiz
•
9th Grade
10 questions
Afterschool Activities & Sports

Quiz
•
6th - 8th Grade
15 questions
PRIDE

Quiz
•
6th - 8th Grade
15 questions
Cool Tool:Chromebook

Quiz
•
6th - 8th Grade
10 questions
Lab Safety Procedures and Guidelines

Interactive video
•
6th - 10th Grade
10 questions
Nouns, nouns, nouns

Quiz
•
3rd Grade
20 questions
Bullying

Quiz
•
7th Grade
18 questions
7SS - 30a - Budgeting

Quiz
•
6th - 8th Grade
Discover more resources for Other
20 questions
Lab Safety and Lab Equipment

Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
ROAR Week 2025

Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
Getting to know YOU icebreaker activity!

Quiz
•
6th - 12th Grade
37 questions
SJHS Key Student Policies

Quiz
•
11th Grade
12 questions
Macromolecules

Lesson
•
9th - 12th Grade
13 questions
Cell Phone Free Act

Quiz
•
9th - 12th Grade
8 questions
STAR Assessment Practice Questions

Quiz
•
9th - 12th Grade
28 questions
Rules and Consequences Part A

Quiz
•
9th - 12th Grade