SUNDA

SUNDA

11th Grade

5 Qs

quiz-placeholder

Similar activities

Kowoowoyoon

Kowoowoyoon

1st - 12th Grade

7 Qs

Dezvoltarea inteligentei emotionale la copii

Dezvoltarea inteligentei emotionale la copii

2nd Grade - University

7 Qs

Stima de sine a clasei

Stima de sine a clasei

9th - 12th Grade

10 Qs

Valori de adevăr - propoziții categorice

Valori de adevăr - propoziții categorice

9th - 12th Grade

10 Qs

Riscurile internetului

Riscurile internetului

7th - 12th Grade

10 Qs

Sejarah X IPS

Sejarah X IPS

9th - 12th Grade

10 Qs

Piața Monetară Quiz

Piața Monetară Quiz

11th Grade

10 Qs

memoria - def și caracteristici

memoria - def și caracteristici

10th - 12th Grade

7 Qs

SUNDA

SUNDA

Assessment

Quiz

Social Studies

11th Grade

Medium

Created by

Anisa Luthfiyarahmatillah

Used 2+ times

FREE Resource

5 questions

Show all answers

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 5 pts

1.       Na iuh-iuh tangkal kadoya, Bah Karta anteng ngajanteng neuteup pasawahan nu ngahgar kagaringan. Ti mimiti tungtung pasir nepi ka sisi lamping Cikamiri, nu katempo ngan ukur taneuh garing nu geus mimiti rekah bareulah. Taya jujukutan nu dipaké mumuluk Si Bodas, domba kameumeutna, cacak hiris jeung jayanti nu rajeg sisi galengan ngan ukur kari kalakay nu ranggoas.

Unsur intrinsik anu kagambar tina sempalan carpon di luhur, nyaéta…

Galur

Latar

Palaku

Amanat

Jejer

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 5 pts

1.       Da puguh jalma leutik bapa kuring mah, nya waktu maot téh nu ngalanteurkeunana ogé jalma-jalma laleutik deui waé. Jeung teu loba, tapi bangun ariklas. Cuhcih nu nguruskeun pasaran, lapor ka lingkungan, nu nyusur taneuh, na motong papan pipadungeun, manguruskeun piboéheun téh éstu tanpa pamrih. Mu téa mah maranéhna ngararepkeun buruh asa piraku, da puguh kaayaan kolot kuring téh geus nembrak. Di gowok nya buntut nya ngupung kitu bet piraku aya araheun.

Unsur intrinsik anu kagambar tina sempalan carpon di luhur, nyaéta…

Galur

Amanat

Palaku

Puseur sawangan

Gaya basa

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 5 pts

1.       Da puguh jalma leutik bapa kuring mah, nya waktu maot téh nu ngalanteurkeunana ogé jalma-jalma laleutik deui waé. Jeung teu loba, tapi bangun ariklas. Cuhcih nu nguruskeun pasaran, lapor ka lingkungan, nu nyusur taneuh, na motong papan pipadungeun, manguruskeun piboéheun téh éstu tanpa pamrih. Mu téa mah maranéhna ngararepkeun buruh asa piraku, da puguh kaayaan kolot kuring téh geus nembrak. Di gowok nya buntut nya ngupung kitu bet piraku aya araheun.

Téma anu nyangkaruk tina sempalan carpon di luhur, nyaéta

Sosial

Budaya

Agama

Atikan

Cinta

4.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 5 pts

1.       Sabenerna lamun junun mah kudu geus jadi tukang. Tukang témbok atawa tukang kayu. Sabab heubeul pisan ngilu ngaladén jeung ngendékan Mang Adé Méméd, tukang bangunan. Nya kitu téa siga anu teu hayang bisa. Mangtaun-taun nunutur bujur tukang, angger wé ngeukeuweuk pacul jeung ngagalokeun aduk, tara pirajeunan nyekel séndok témbok. Antukna pugag. Jajauheun bisa pasang bata jeung méléstér mah, teu bisa naplok-naplok acan

Amanat anu bisa dicokot tina sempaln carpon di luhur, nyaéta…

Ulah jadi tukang bangunan

Kudu nuturkeun kahayang sorangan

Kudu soson-soson dina diajar sangkan sagala bisa

Kudu panjeg dina usaha

Kudu jadi patani

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 5 pts

1.       Iyan indit, Kang Ii jeung Acép nyieun arkuh, raraga langlayangan. Kang Ii motongan awina, diraut nepi ka lemes. Tuluy ditimbang. Geus kitu disusun jadi arkuh, diweweganna ku benang. Kang Ii nyieun lima arkuh. Geus bérés disimpen wéh. Manéhna nitah Acép balik heula.

Puseur sawangan tina sempalan carpon di luhur, nyaéta…

jalma kahiji

jalma kadua

jalma katilu

jalma utama

jalma panambah