Search Header Logo

PTS XI GENAP

Authored by Mayasari Mayasari

Other

2nd Grade

10 Questions

Used 2+ times

PTS XI GENAP
AI

AI Actions

Add similar questions

Adjust reading levels

Convert to real-world scenario

Translate activity

More...

    Content View

    Student View

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 10 pts

Ustad Feylian (Febtri Zaina Rachman Lc. MA) ngarandapan kumaha reueusna kulawarga jeung dirina bisa namatkeun sakola di Mesir jeung Cairo. Tur inyana hayang nepakeun kareueus diri jeung kulawargana sangkan urang Sunda bisa Kuliah di Mesir jeung Cairo. Kumaha carana? Inyana badanten sakulawarga geusan ngawakafkeun tanah 1800 meter pasagi jeung bangunanna anu layak pikeun dijadikeun Pasantren, di Desa Ciwalen Kp. Pasantren RT 04 RW 11 Kec, Warungkondang Kab. Cianjur (telp 0898 0784 929). Satuluyna babarengan jeung Pemuda Evolusi (Pelvo) sangkan bisa nyakolakeun anak yatim, pahatu jeung pahatulalis sangkan bisa miang ka Mesir pikeun neuleuman ka Islaman. (tina warta Jabar)

 

Nu diperjuangkeun ku Ustad Feylian nyaeta ....

 

Kuliah di Al-Azhar, nepi ka boga gelar Lc. Jeung MA

Ngawakafkeun tanah keur pasantren jeung perjuangan Islam

Nepakeun kareueus sangkan loba urang sunda muji anjeuna

Ngadegkeun pasantren pikeun pakasaban keur diri jeung kulawarga

Anak yatim jeung pahatu bisa sakola di Mesir

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

5 mins • 10 pts

“Kang Dudung, hayu kadieu ngobrolna meh teu kadengeun ku anak urang”. Horeng nyimas masih keneh apaleun ka manehna. Tuluy dibawa ka tukangeun imah. Aya saung ranggon dua tingkat di tengah balong. Meureun paranti Nyimas anu geus jadi putri karaton niis. Anakna cenah tara wanieun nyampeurkeun ka ranggon lamun manehna keur niis. Handapna bale-bale ukuran opat meter ka opat meter. Naek kaluhur tingkat dua horeng aya komputer meja tamu jeung kasur. Lamun lapar parabot dapur jeung kulkas oge katiten di ieu ranggon. Didieu Nyimas sok kutak ketik nyieun artikel jeung karangan sejen. Nepi ka jadi pangarang anu sohor. Kuring ukur ngahuleng niten kaayaan imah Nyimas anu siga karaton. “Hampura mas, akang teu bisa mere fasilitas kahirupan saperti kieu.” Ceuk manehna.

 

Nyimas carinakdak tuluy ngusap cimata anu geus lila saat teu bisa ceurik “Kang hampura abdi” pokna tutas rineh diuk pahareup-hareup. “Abdi lain embung balik. Kagok borontok.” Manehna teu bisa ngajawab saukur olohok. “Nepi ka Surabaya abdi dijual ka gang Dolly ku si Hasan. Abdi ceurik tapi sadar moal sanggup nyanghareupan akang. Hiji-hijina nu aya dina pikiran abdi kecap akang. Budak kudu jadi wali kota.” Horeng Nyimas dijual jadi ungkluk ku si Hasan. “Untung pelanggan kahiji abdi urang Jakarta anu boga hotel Alexis. Tur manehna jadi kapincut ku abdi. Ieu cukang dimanfaatkeun pikeun kaluar tina kamiskinan. Abdi nitipkeun budak ka ceu Kokom tuluy nuturkeun ka Alexis nu cenah dibayarna leuwih gede tinimbang jadi ungkluk di Dolly.” Manehna kacida nyerina ngadenge kecap pamajikan. Tapi neger negerkeun maneh ngabadungan dongeng pamajikanna.

 

Nu sinopis tina sempalan carita novel diluhur nyaeta ....

Pamajikan anu ditipu ku batur ninggalkeun salakina. Dipanggihkeun deui jeung salakina tutas jalan hirup anu panjang tur pamajikanna geus beunghar.

Anu berjuang satekah polah sabab anakna hayang jadi walikota nepi ka beunghar.

Carita endahna kahirupan hiji salaki jeung pamajikan usaha babarengan nepi ka beunghar.

Sanajan hirup loba dodoja jeung kasalahan kudu terus berjuang kaluar tina bangbaluh tina kasalahan urang.

Teu hade urang ngomongkeun batur sabab can tangtu urang oge leuwih hade.

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

5 mins • 10 pts

“.....Kasep. Wakuna hidep syukuran ka Allah Ajawajala tutas jadi walikota. Ku ngangkat harkat nu jadi bangsa jeung nagara”. Indungna cumarita dumareuda. Ti harita tempat pelacuran anu panggedena di Surabaya Gang Dolly diburakbarik. Pon kitu di Jakarta alexis kadenge ditutup. Ahirna indung, bapa jeung anak, kulawarga Dudung jeung Nyimas ngahiji deui. Dudung kacida bagjana. Gusti upama abdi ambek ka pamajikan nepi ka kawin deui jeung batur. Meureun moal ngalaman kabagjaan anu samodel kieu. Najan kapaksa pamajikan jadi ungkluk. Bukti pamajikan bisa ngadidik jeung ngarahkeun nu jadi anak nepi ka jadi walikota. Asa beuki deudeuh jeung nyaah kanu jadi pamajikan. Pon kitu Nyimas bisa balik deui kana jalan bener. Da sajeroning mangprung hirup oge hatena tetep nyantel kanu jadi salaki. Kulawarga Dudung jeung Nyimas lengkep deui. Kitu jalan hirup manusa taya nu terang tungtungna sanajan bisa ngamimitian oge.

 

Nyimas dina sempalan novel diluhur karakterna ....

 

Lemah

Borangan

Leber wawanen

bodo

Teu tanggung jawab

4.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 1 pt

Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut ....

carpon

dongeng

hikayat

novel

sajak

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 1 pt

Novel nu munggaran dina sastra Sunda, nyaeta ....

Gogoda ka Nu Ngarora

Pangeran Kornel

Baruang ka Nu Ngarora

Pipisahan

Lain Eta

6.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 1 pt

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaeta ....

karangan non fiksi

tokohna loba

alurna panjang

latarna laluasa

eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe

7.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

3 mins • 1 pt

"Kabeneran wae harita taya nu nganyahoankeun, waktu Akang keur adu regeng teh," omong Si Joban.

kecap nganyahoankeun dina kalimah di luhur ngandung harti ....

papanggih

nempoeun

nyarita

ngomong

bebeja

Access all questions and much more by creating a free account

Create resources

Host any resource

Get auto-graded reports

Google

Continue with Google

Email

Continue with Email

Classlink

Continue with Classlink

Clever

Continue with Clever

or continue with

Microsoft

Microsoft

Apple

Apple

Others

Others

Already have an account?