
Latihan Soal US Bahasa Sunda Kelas 9
Authored by Bagja Ize
World Languages
9th Grade
Used 105+ times

AI Actions
Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...
Content View
Student View
20 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Perhatikeun teks biantara di handap!
Assalamu’alaikum wr.wb
Bapa miwah Ibu, hormateun sim kuring. Hapunten anu kasuhun, sim kuring ngadeg di ieu tempat sanés tiasa cumarios. Ieu mah wiréh dijurung-jurung ku réréncangan kelas salapan, hoyong sasanggem ngadugikeun kereteg angen.
Dina ieu kasempetan sim kuring hoyong ngahaturkeun sewu nuhun nu teu aya hinggana ka para Ibu miwah Bapa Guru anu parantos ngaping ngajaring ngaraksa ngariksa sim kuring sadaya.
Biantara di luhur téh ditepikeun dina acara ….
Porseni
Muludan
Agustusan
Paturay Tineung
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Langkung ti payun sim kuring badé neda dimaklum, bilih dina salebeting sasanggem kirang merenah basana, mawur caritana, teu ninggang tata basana, teu puguh éntép seureuhna, kumargi sanés ahlina. Katambih kasedek ku rupi-rupi rasa anu gumuruh minuhan dada, aya bingah pacampur sareng sedih, rasa waas kagagas paselang sareng kahariwang wiréh badé paanggang.
Paragraf di luhur, mangrupa bagian tina biantara dina acara .…
Seserahan
pasanggiri
Serah jabatan
Paturay tineung
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Conto ungkara anu mangrupa bubuka biantara nya éta ....
“Hapunten anu kasuhun, bilih aya basa anu kirang merenah.”
“Sakitu anu kapihatur, sasieureun sabeunyeureun mugia aya mangpaatna.”
“Dina ieu kasempetan sim kuring seja nyuhunkeun pidu’ana ka Ibu miwah Bapa Guru.”
“Solawat miwah salam mugia ngocor ngagolontor ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW.”
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Titénan susunan di handap, tuluy jawab soalna !
1
Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika.
2
Rohmat sinareng salam mugia didugikeun ka Jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
3
Sadaya puji sinareng sukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu Murbéng Alam, Anu Maha Welas tur Maha Asih, henteu pilih kasih ka sugri anu kumelip di ieu bumi.
4
Sakitu anu kapihatur, boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu diteda
5
Langkung ti payun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo sasangem dina ieu acara.
Kalimah-kalimah di luhur anu mangrupa bagian tina bubuka biantara nya éta....
2-3-5
1-3-4
2-1-3
1-3-5
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Dina biantara, aya métode atawa téhnik nalar, nya éta biantara anu ….
Dilaksanakeunna ngadadak
Macakeun téks nu geus disayagikeun
Henteu ngagunakeun teks nalika biantara
Nyatetkeun hal-hal penting anu rék ditepikeun
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Téhnik biantara anu ngagunakeun téks (naskah), disebutna téhnik ...
maca
nalar
nyarita
nyatetkeun inti
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 1 pt
Titénan susunan di handap, tuluy jawab soalna!
1
Langkung ti payun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo sasangem dina ieu acara.
2
Rohmat sinareng salam mugia didugikeun ka Jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
3
Sadaya puji sinareng sukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu Murbéng Alam, Anu Maha Welas tur Maha Asih, henteu pilih kasih ka sugri anu kumelip di ieu bumi.
4
Sakitu anu kapihatur, boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu diteda
5
Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika.
Dumasar kana tabel di luhur, runtuyan kalimah anu bener sangkan jadi naskah biantara anu merenah nya éta nomor ….
2-3-1-5-4
1-2-3-4-5
3-2-1-5-4
4-3-2-1-5
Access all questions and much more by creating a free account
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
Already have an account?