Search Header Logo

Latihan US Bahasa Sunda Kelas 9

Authored by Bagja Ize

World Languages

9th Grade

Used 17+ times

Latihan US Bahasa Sunda Kelas 9
AI

AI Actions

Add similar questions

Adjust reading levels

Convert to real-world scenario

Translate activity

More...

    Content View

    Student View

15 questions

Show all answers

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 1 pt

Kandang kuda dina Bahasa sunda disebutna ....

Gedongan

Pagupon

Paranje

Karapyak

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 1 pt

Kandang hayam dina Bahasa sunda disebutna ....

Gedongan

Pagupon

Paranje

Karapyak

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 1 pt

Novel munggaran anu terbit dina sastra basa Sunda nya éta ....

Kagoda ku nu Ngora

Gogoda ka nu Ngarora

Baruang ka nu Ngarora

Kabaruang ku nu Ngora

4.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 1 pt

Anu henteu kaasup kana unsur intrinsik dina novel nya éta ....

Judul

Palaku

Amanat

Kasang tukang pangarang

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 1 pt

Baca sempalan novel di handap sing gemet, tuluy jawab soalna!

Dina hiji waktu, kuring ditawaran gawé ku Mang Mahmud di kota. Mang Mahmud Bandar béas, rada baraya kénéh Bapa laér-laér waé mah. “Bulan hareup Mamang téh aya rencana rék meuli kios. Daék mun silaing Kondi purah nungguanana?” ceuk Mang Mahmud.

“Nya urang pikiran heula wé atuh, Mang” ceuk kuring. Balaka waé, ari hayangna mah enya meunang pagawéan di kota téh. Tapi barang ras kana pagawéan anu rék dipasrahkeun ka kuring, haté téh maké rumengkog. Heueuh, éta tu daukur jadi tukang nungguan elos béas. Asa jauh teuing tina angen-angen. Da ari kahayang mah, anu leuwih undak ti éta. Tapi karék ku sakitu gé kuring banget nganuhunkeun kana kahadéan Mang Mahmud anu geus haat hayang ngajeujeuhkeun kuring.

                                                                         (dicutat tina novel Patepung di Bandung, 2005) 

 

Anu jadi palaku utama dina sempalan novel di luhur nya éta ….

Jana

Kondi

Mamang

Mang Mahmud

6.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 1 pt

Baca sempalan novel di handap sing gemet, tuluy jawab soal na!

Ayeuna mah jadi gagah Si Paser téh. Ku Éson,  tandukna ngahaja sok diulasan ku minyak kalapa, ngarah hérang. Salian ti éta, ayeuna mah geus teu sieuneun ku anjing deuih. Lamun aya anjing nyampeurkeun bari ngagogog, Si Paser tara terus lumpat, tapi kalah terus dangah bari sukuna kokoér. Tungtungna anjing ogé tara wani ngadeukeutan, ukur tingjaregug ti kajauhan.

....

Dina hiji poé, Pa Yéyé kasémahan ku jurutulis désa. Maksudna taya lian rék nanyakeun ngeunaan mencek kukutan Éson. Pédah cenah, geus sumebar béja yén di Cikonéng aya nu ngukut mencek.

....

Éson asup ka enggonna. Manéhna nangkarak bari neuteup lalangit. Di luar kadéngé sora jangkrik mani ngikrik. Teu daékeun reup saré, sakitu geus dipeureum-peureumkeun ogé. Caritaan bapana masih kénéh jadi pikiran manéhna. Éson ngarasa beurat lamun tepi ka papisah jeung Si Paser téh. Éson nyaaheun pisan ka mencek anu geus dikukut sakitu lilana.

Anu jadi palaku utama dina sempalan novel di luhur nya éta ….

Eson

Si Paser

Pa Yeye

Si Mencek

7.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 1 pt

Baca sempalan novel di handap sing gemet, tuluy jawab soal na!

Ayeuna mah jadi gagah Si Paser téh. Ku Éson,  tandukna ngahaja sok diulasan ku minyak kalapa, ngarah hérang. Salian ti éta, ayeuna mah geus teu sieuneun ku anjing deuih. Lamun aya anjing nyampeurkeun bari ngagogog, Si Paser tara terus lumpat, tapi kalah terus dangah bari sukuna kokoér. Tungtungna anjing ogé tara wani ngadeukeutan, ukur tingjaregug ti kajauhan.

....

Dina hiji poé, Pa Yéyé kasémahan ku jurutulis désa. Maksudna taya lian rék nanyakeun ngeunaan mencek kukutan Éson. Pédah cenah, geus sumebar béja yén di Cikonéng aya nu ngukut mencek.

....

Éson asup ka enggonna. Manéhna nangkarak bari neuteup lalangit. Di luar kadéngé sora jangkrik mani ngikrik. Teu daékeun reup saré, sakitu geus dipeureum-peureumkeun ogé. Caritaan bapana masih kénéh jadi pikiran manéhna. Éson ngarasa beurat lamun tepi ka papisah jeung Si Paser téh. Éson nyaaheun pisan ka mencek anu geus dikukut sakitu lilana. Jeung deuih, katénjona Si Paser ogé geus bisa ngarasakeun kana kanyaah dununganana.

....

Sempalan novel di luhur téh nyaritakeun ngeunaan ….

Nyaritakeun hiji budak anu getén miara sato leuweung.

Nyaritakeun hiji budak anu ngurungan sato nu dilarang ku pamaréntah.

Nyaritakeun hiji lembur di suku gunung anu mindeng kadatangan ku sato leuweung.

Nyaritakeun hiji budak anu ngukut mencek nu mangrupa sato leuweung nu ditangtayungan ku pamaréntah.

Access all questions and much more by creating a free account

Create resources

Host any resource

Get auto-graded reports

Google

Continue with Google

Email

Continue with Email

Classlink

Continue with Classlink

Clever

Continue with Clever

or continue with

Microsoft

Microsoft

Apple

Apple

Others

Others

Already have an account?