
PSTS KELAS 8 SEMESTER 1
Authored by Anisa Chairunisa
World Languages
8th Grade
Used 7+ times

AI Actions
Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...
Content View
Student View
20 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Titénan rumpaka kawih di handap!
KAPIRARAY
(ciptaan : R.Mamat)
Kapiraray mun paturay
Da Garut nyanding Cikuray
Sumoréang mun paanggang
Gunung Putri kapitineung
Garut resik sarta waas
Da nyanding Talaga Bodas
Lir nu imut Papandayan
Bungah neuteup kota inten
Gunung-gunung mitutur
Ceuk Gunung Gedé hadé
Kadé terus riksa sing hadé-hadé
Upama urang ngahaleuangkeun hiji kawih, urang kudu apal heula eusi tina rumpaka kawihna. Sabab lamun urang geus nyangkem eusi rumpaka kawihna, urang ogé bakal bisa nepikeuna ka nu ngadangukeunna. Rumpaka kawih anu judulna “Kapiraray” téh eusina nyaritakeun ngeunaan kadaharan nu asalna ti Kabupatén Garut.
Leres
Lepat
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Titénan rumpaka kawih di handap!
KAPIRARAY
(ciptaan : R.Mamat)
Kapiraray mun paturay
Da Garut nyanding Cikuray
Sumoréang mun paanggang
Gunung Putri kapitineung
Garut resik sarta waas
Da nyanding Talaga Bodas
Lir nu imut Papandayan
Bungah neuteup kota inten
Gunung-gunung mitutur
Ceuk Gunung Gedé hadé
Kadé terus riksa sing hadé-hadé
Sangkan éndah kadanguna, rumpaka kawih téh sok dianggit ku basa nu éndah. Diréka-réka ku nu ngarangna da kawih mah ampir sarua jeung sajak nu ngutamakeun kaéndahan struktur kekecapan. Bédana téh kawih mah boga wirahma. Salasahijina dina kawih “Kapiraray” di luhur. Gunung Guntur mitutur, éta ungkara téh sorana loba kana sora vokal u . Ngamamanisan basa ku sora modél kitu sok disebut Purwakanti.
Leres
Lepat
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Cara pangarang sangkan rumpaka kawih téh éndah, nya éta nyutat rumpaka tina karya sastra séjén , saperti tina mantra, sisindiran, atawa paribasa. Salah sahiji conto judul rumpaka kawih anu dicutat tina sisindiran (pantun) nya éta kawih Mojang Priangan.
Leres
Lepat
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Hidep tangtu geus apal mana nu disebut kawih, pupuh, atawa kakawihan. Tina struktur rumpakana gé bakal kapanggih mana nu kaasup kawih, pupuh, jeung kakawihan. Cingciripit kaasup kana kawih.
Leres
Lepat
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Kakawihan mah teu puguh saha nu ngarangna, nyebarna téh turun tumurun sacara lisan, ku sabab kitu sok disebut oge karya anonim.
Leres
Lepat
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Titénan warta ieu di handap!
BANDUNG, (PRLM).- Kacapi multilaras karya Ali Sastraamidjaya, dipintonkeun ku maéstro seni karawitan Sunda, Haji Riskonda, mirig lagu “Nineung” anu dihaleuangkeu ku juru tembang Fitri jeung Héndi. Najan geus umur 40 taun leuwih, sorana masih kénéh kadangu halimpu, matak kagagas anu ngadangukeun. Lain ngan ukur kagagas ngadangu sora jentréng kawat kacapi anu ditabeuh, tapi ogé dadaran ngeunaan kasang tukang sajarah kacapi anu dijieun taun 1972.
Paragraf di luhur mangrupa informasi anu biasa ditepikeun dina majalah atawa koran. Éta informasi téh disebutna warta. Dina basa Indonésia, warta téh disebut talatah.
Leres
Lepat
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Informasi nu geus katarima ku urang kadang sok hayang atawa kudu ditepikeun deui ka nu lian. Katarimana Informasi téh bisa rupa-rupa cara atawa médiana. Ku kituna, jenis-jenis warta bisa ditingali tina cara nepikeunana, kana pakakas atawa media nu dipakéna, jeung dumasar panjang pondokna eusi informasi. Dumasar cara nepikeunana, radio kaasup kana warta lisan.
Leres
Lepat
Access all questions and much more by creating a free account
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
Already have an account?