Search Header Logo

PENILAIAN HARIAN "NOVEL"

Authored by yuniawati yuniawati

others

Used 1+ times

PENILAIAN HARIAN "NOVEL"
AI

AI Actions

Add similar questions

Adjust reading levels

Convert to real-world scenario

Translate activity

More...

    Content View

    Student View

15 questions

Show all answers

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

1 min • 5 pts

Can gè saminggu, kuring geus mimiti boga kawawuhan. Enya, anu pangheulana wawuh tèh para patunggon jongko, anu pagawèan sapopoèna teu bèda ti kuring; Si Ahid jeung Si Sulè anu matuhna di kènca-katuhueun jongko tempat kuring. Si Ahid mah nungguan jongko sabangsaning beubeutian, ari Si Sulè jongko cau. Maranèhna mah geus lila maratuhna di Ciroyom tèh, cenah. Pangna gancang loma ka nu duaan tèh, lantaran umurna papantaran kuring, da ari nu tarunggu di jongko sèjèn mah umurna saluhureun. Jeung maranèhna mah kuring bisa silipihapèkeun anu keur ditungguan, lamun kabeneran kudu nyelang heula ka cai. Hal-hal naon waè anu aya di pasar, kuring meunang bèja tèh ti maranèhna, da geuning jelema anu unggal usik pagaliwota tèh rupa-rupa, ti mimiti padagang nepi ka tukang copèt.

Di luhur mangrupa sempalan tina novel anu judulna “Patepung di Bandung”, lamun urang nengetan eusi sempalanna urang bisa nyindekeun yèn latar tempat dina èta carita tèh nya èta …

Imah
Jalan
Pasar
Jongko

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 5 pts

“Wah, sok lila biantarana Pa Kapala mah,” Agus ngaharèwos ka Opik ti tukang. “Heueuh, matak cangkeul bitis,” tèmbal Opik. “Rèpèh ulah ngobrol waè, Pik!” ceuk Lilis bari noel. “Tah, Si Agus nu ngobrol mah,” tembal Opik bari nyigeung Agus. “Henteu urang mah, ukur ngaharèwos,” Agus malik nyigeung. “Sarua ngaharèwos ogè ngobrol,” ceuk Nonèng. “Baè ah,” Agus nèmbalan. “Cicing euy, Pa Kapala ngalieuk ka dieu!” ceuk Usèp. Tapi angger dibèjaan kitu, Agus kalah nèmpas.

Dumasar panguneman tina sempalan novel di luhur, kumaha watek Agus tèh ….

bageur ka babaturan
pinter di kelasna
daèkan digawè
beuki ngobrol

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

1 min • 5 pts

Rèngsè barudak ngalagu Indonèsia Raya. Bareng jeung eureunna barudak nu tiluan ngèrèk bandèra nepi ka puncak tigang. Di luhur, bandèra ngèlèbèt katebak angina. Warnana beureum bodas. Ciri yèn bangsa Indonèsia tèh boga sipat wanian jeung suci beresih. Mèh sarèrèa barudak taranggah, narempokeun. Sanggeus rada lila mah, tuluy maranco deui ka hareup. Teu lila tuluy Kapala Sakola maca naskah Pancasila, diturutan ku sarèrèa. Ti dinya nèma kana biantara Kapala Sakola. Dina biantarana, Kapala Sakola medar ngeunaan pentingna cai keur kahirupan manusa.

Dumasar kana sempalan novel di luhur, suasana anu kagambar nya èta ….

Ngalaksanakeun upacara bandèra di sakola
Eukeur pembukaan kagiatan
Barudak keur jarajan di kantin waktu istirahat
Barudak jeung guru ngiring kagiatan senam babarengan.

4.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 5 pts

Ti saprak indungna gering manèhna jeung adina anu kabagèan ngurus. Lanceuk-lanceukna puguh jarauh, lolobana mah bubuara ka peuntas; aya nu ka Sumatra, Lampung, jeung ka Jakarta. Minangka nu pangdeketna mah aya nu bubuara di Bandung. Bèrès solat subuh manèhna mimiti tatahar ngurus indungna, nyiapkeun pangabautuhna, ti mimiti nyèka awakna, ngaganti bajuna, ngaping solatna, ngahuapan daharna, jeung mèrè obatna. Bèbèrès imah mah bagian adina, sabari diaping lèngkah-lèngkahna anu kudu dipigawe maklum karèk tujuh taun. Pagawèana ngahaja nu arèntèng baè, di titah sasapu, ngepèl, atawa gègèroh. Lian ti èta manèhna sakapeung sok dititah miceun tampolong .

Dina bacaan di luhur, kalimah/ungkara anu ngandung rakitan lantip tèh nyaèta .…

Ti saprak indungna gering manèhna jeung adina anu kabagèan ngurus.
Bèrès solat subuh manèhna mimiti tatahar ngurus indungna, nyiapkeun pangabutuhna.
Pagawèana ngahaja nu arèntèng baè, dititah sasapu, ngepèl, atawa gègèroh.
Lian ti èta manèhna sakapeung sok dititah miceun tampolong.

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 5 pts

Ti saprak Èson boga domba, manèhna jadi boga pancen anu geus rutin dilakukeun unggal poè. Bapana mèrè pancèn ka Èson pikeun pangaritkeun domba. Geus biasa, sarèngsèna sasarap Èson sok langsung indit ngalaksanakeun pancen ti Bapana, hideng kituna mah Èson tèh.

Bagèan anu teu logis tina rakitan lantip anu aya dina wacana di luhur tèh nya èta ….

rutin dilakukeun
pangaritkeun domba
sarèngsèna sasarap
Unggal poè

6.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

1 min • 5 pts

Èson asup ka enggonna. Manèhna nangkarak bari neuteup lalangit. Di luar kadèngè sora jangkrik mani ngikrik. Teu daèkeun reup sarè, sakitu geus dipeureum-peureumkeun ogè. Caritaan bapana masih kènèh jadi pikiran manèhna. Èson ngarasa beurat lamun tepi ka papisah jeung Si Pasèr tèh. Èson nyaaheun pisan ka mencek nu geus dikukut sakitu lilana. Jeung deuih, katènjona Si Pasèr ogè geus bisa ngarasakeun kanyaah dununganana.

Suasana anu kagambar dina sempalan novel di luhur tèh nya èta ….

bingung
gumbira
hariwang
nalangsa

7.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

30 sec • 5 pts

Èson asup ka enggonna. Manèhna nangkarak bari neuteup lalangit. Di luar kadèngè sora jangkrik mani ngikrik. Teu daèkeun reup sarè, sakitu geus dipeureum-peureumkeun ogè. Caritaan bapana masih kènèh jadi pikiran manèhna. Èson ngarasa beurat lamun tepi ka papisah jeung Si Pasèr tèh. Èson nyaaheun pisan ka mencek nu geus dikukut sakitu lilana. Jeung deuih, katènjona Si Pasèr ogè geus bisa ngarasakeun kanyaah dununganana.

Tempat kajadian anu kagambar dina sempatan novel di luhur tèh nya èta ….

tepas
kamar
dapur
buruan

Access all questions and much more by creating a free account

Create resources

Host any resource

Get auto-graded reports

Google

Continue with Google

Email

Continue with Email

Classlink

Continue with Classlink

Clever

Continue with Clever

or continue with

Microsoft

Microsoft

Apple

Apple

Others

Others

Already have an account?