
BAHASA SUNDA
Quiz
•
World Languages
•
8th Grade
•
Medium
WINA AGUSTINA
Used 3+ times
FREE Resource
15 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Tengetan ieu paguneman!
Néni : Ibu hapunten, abdi kamari teu lebet sakola.
Ibu Guru : Muhun ku naon? Teu ngintun serat geuning.
Neni : Kamari téh teu raraos. Rupina kacapéan saparantos ngiring pasanggiri.
Ibu Guru : Muhun teu nanaon upami kitu mah, kumaha ayeuna tos damang?
Néni : Alhamdulillah tos sakinten, hatur nuhun pisan, Ibu.
Ibu Guru : Muhun sawangsulna ulah kateterasan, nya.
Néni : Amiiin.
Kalimah mana anu nuduhkeun ménta dihampura?
A. Ibu hapunten, abdi kamari teu lebet sakola
B. Teu ngintun serat geuning
C. Abdi Kamari teu lebet sakola
D. Muhun sawangsulna, ulah kateterasan, nya
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Ilikan ieu gambar!
Rumpaka kakawihan mana anu saluyu pikeun gambar di gigir?
A. Oray-o Oray-orayan luar-léor mapay sawah
tong ka sawah paréna keur sedeng beukah
oray-orayan luar-léor mapay leuwi
tong ka leuwi di leuwi loba nu mandi
Eundeuk-eundeukan lagondi
meunang peucang sahiji
leupas deui ku nini
beunang deui ku aki
Trang-trang koléntrang
si londok paéh nundutan
tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan
Cing ciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu paré
bulu paré seuseukeutna
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Baca ieu cutatan pupujian!
Nabi urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhamad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana
Ramana Sayid Abdulloh
ibuna Siti Aminah
dibabarkeunna di Mekah
wengi Senén taun Gajah
Cindekkeun (simpulkeun), ngeunaan naon eusi cutatan pupujian di luhur?
A. Naséhat pikeun umat
B. Pangajaran agama
C. Solawat ka Kangjeng Nabi
D. Du’a jeung tobat ka Pangéran
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Bandingkeun teks nu aya di gigir, pék cindekkeun bédana narasi pangalaman pribadi jeung dongéng!
Narasi pangalaman pribadi eusina réalistis; dongéng eusina ngandung unsur pamohalan
Narasi pangalaman pribadi waktuna geus tangtu; dongéng mah waktuna can tangtu
Narasi pangalaman pribadi wangun lancaran; dongéng mah wangun ugeran
Narasi pangalaman pribadi caritana parondok; dongéng mah caritana paranjang
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Baca ieu cutatan dongéng!
Jaman baheula, aya randa beunghar ngaranna Nyi Endit. Disebut Nyi Endit lantaran kacida peditna. Sipat meditna kawentar ka mamana. Kacaritakeun harita Nyi Endit tas bérés panén. Kabiasaan di éta lembur, lamun tas réngsé panén kudu sidekah ngondang tatangga. Daék teu daék, Nyi Endit ngalaksanakeun acara sidekah, ngondang tatanggana, nyuguhan. Keur meujeuhna saréréa balakécrakan barangdahar, jol, aki-aki bongkok datang nyampeurkeun. Bajuna sararoék pikawatireun. Si Aki rék ménta dahareun ka Nyi Endit. Ku Nyi Endit lain dibéré tapi kalah dicarékan laklak dasar.
Cutatan dongéng di luhur kagolongkeun kana dongéng .....
A. fabel
B. sasakala
C. parabel
D. miteu
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Baca ieu cutatan dongéng sasakala!
Gunung Puntang ayana di daérah Banjaran, Bandung Selatan. Nurutkeun sesepuh di dinya, Gunung Puntang téh tempat anu dipaké muntang ku Prabu Siliwangi nalika diudag-udag ku anakna, Radén Kéan Santang. Maksud Kéan Santang ngudag-ngudag ka Prabu Siliwangi téh sangkan Prabu Siliwangi lebet agama Islam.
Di mana latar tempatna jeung iraha latar anu kaunggel dina sempalan dongéng di luhur?
A. Gunung Puntang, Bandung Selatan jaman kiwari
B. Bandung Barat, mangsa Prabu Siliwangi jumeneng
C. Bandung Selatan, mangsa Prabu Siliwangi jumeneng
D. Gunung Puntang, Banjaran, jaman kiwari
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Lenyepan ieu cutatan sajak!
Ajengan Cigalumpit
Karya Apip Mustopa
léngkob mana nu can kasaba
pasir mendi nu can kasungsi
Ajengan Cigalumpit
lalaki langit
lamun kedal sora tina bahamna
Allohu Akbar!
aleutan Walanda bubar
tina leungeun leungeunna nu baruluan
bedil nu metet ku pélor maruragan
.....
(tina Sajak Sunda Indonésia Emas, 2010)
Katitén aya imaji panguping dina sajak di luhur :
A. lamun kedal sora tina bahamna, Allohu Akbar!
B. léngkob mana nu can kasaba
C. Ajengan Cigalumpit lalaki langit
D. tina leungeun-leungeunna nu baruluan
Create a free account and access millions of resources
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
By signing up, you agree to our Terms of Service & Privacy Policy
Already have an account?
Similar Resources on Wayground
10 questions
QUIZ BAHASA INDONESIA TEMA 6 KELAS 5
Quiz
•
1st - 10th Grade
19 questions
La storia infinita
Quiz
•
6th - 8th Grade
10 questions
Teks Eksposisi Kelas 8
Quiz
•
8th Grade
14 questions
Darbības vārda pareizrakstība
Quiz
•
7th - 9th Grade
10 questions
FABEL
Quiz
•
8th Grade
14 questions
CONECTORES
Quiz
•
8th - 9th Grade
20 questions
Kebahasaan teks berita
Quiz
•
8th Grade
10 questions
Cities (using go)
Quiz
•
7th - 8th Grade
Popular Resources on Wayground
10 questions
Ice Breaker Trivia: Food from Around the World
Quiz
•
3rd - 12th Grade
20 questions
Halloween Trivia
Quiz
•
6th - 8th Grade
25 questions
Multiplication Facts
Quiz
•
5th Grade
4 questions
Activity set 10/24
Lesson
•
6th - 8th Grade
22 questions
Adding Integers
Quiz
•
6th Grade
10 questions
How to Email your Teacher
Quiz
•
Professional Development
15 questions
Order of Operations
Quiz
•
5th Grade
30 questions
October: Math Fluency: Multiply and Divide
Quiz
•
7th Grade
Discover more resources for World Languages
19 questions
Dia de los muertos
Quiz
•
8th Grade
21 questions
Definite and Indefinite Articles in Spanish
Quiz
•
7th - 8th Grade
20 questions
Definite and Indefinite Articles in Spanish (Avancemos)
Quiz
•
8th Grade - University
22 questions
Spanish Subject Pronouns
Quiz
•
6th - 9th Grade
35 questions
Gustar with infinitives
Quiz
•
6th - 8th Grade
40 questions
Subject Pronouns and Ser
Quiz
•
6th - 12th Grade
15 questions
La Familia Vocabulario
Quiz
•
8th Grade
10 questions
Exploring Dia de los Muertos Traditions for Kids
Interactive video
•
6th - 10th Grade
