Search Header Logo

Materi Dongeng

Authored by Tresna Yuniawati

World Languages

10th Grade

Used 32+ times

Materi Dongeng
AI

AI Actions

Add similar questions

Adjust reading levels

Convert to real-world scenario

Translate activity

More...

    Content View

    Student View

25 questions

Show all answers

1.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 4 pts

Kacaturkeun jaman baheula, di Karaton Surawisésa Kawali kadatangan sémah ti Karajaan Majapahit. Anu maksad badé ngalamar Putri Dyah Pitaloka pikeun dijadikeun prameswari Raja Hayam Wuruk.

“Oh, janten kitu nya?” Saur Prabu Linggabuana

“Kumaha tah Nyai, ceuk pamikiran hidep?”

“Ari kinten-kinten nyandak kasaéan ka Nagri Sunda mah, mangga ngiringan waé abdi mah Ama.” Saur Dyah Pitaloka.

Waktos kanggo jatukrami gé tos ditangtoskeun, yén hélatanana bakal dilaksanakeun di Karajaan Majapahit. Atuh saeusi balé gedé téh tingharuleng, seseueurna mah ngaraos kaabotan, moal enya pangantén istri anu kudu nyampeurkeun pangantén pameget? Tapi da badé dikumahakeun deui, Prabu Linggabuana parantos sapuk sareng pihak Majapahit.

Rombongan ti Karajaan Sunda ahirna angkat ka Karajaan Majapahit pikeun ngaamprokkeun Putri Dyak Pitaloka sareng hayam wuruk. Singget carita,  rombongan dugi ka daérah Bubat. Nya Prabu Linggabuana ngutus Patih Rakéan Rangga Katrowulan pikeun ngabéjakeun ka pihak Majapahit yén rombongan ti Karajaan Sunda téh parantos dugi ka Bubat.

 

Carita di luhur kaasup kana jenis dongéng

babad

mite/mitos

sasakala

fabel

farabel

2.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 4 pts

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Sempalan dongeng di luhur, kaasup kana jenis dongeng...

babad

mitos

farabel

fabel

sasakala

3.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 4 pts

Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya wé, henteu salah impian Sakadang Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka sagedé beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.

“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang Monyét.

“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha carana ngabédakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk Sakadang Monyét.

tina sempalan dongeng di luhur, kaasup kana jenis dongeng...

farabel

fabel

mitos

sasakala

babad

4.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 4 pts

Lami- lami timbul bendu, margi asa dibohongan. Tungtungna jleng luncat ka laut, maksad bade luluasan, milih neuleumkeun maneh ka laut. Sukur- sukur mun dihakan hiu raksasa. Tapi cai laut kalah nyalingkir. Nya kitu pangeusina, daratang ngaba- gSakeun. Tungtungna Dewi Srangenge diangkat janten ratu, nelah Nyai Ratu Roro Kidul. Sanaos kitu anjeunna tetep panasaran, palay tepang sareng satria nu dijangjikeun t&a. Cai laut teras diubek, niat milarian satria. Eta sababna pangna laut kidul kasohor ged& ombakna. Lantaran hayoh wa6 diubek- ubek ku Nyi Roro Kidul.

Tina sempalan dongeng di luhur, eta dongeng teh kaasup kana jenis dongeng...

fabel

farabel

babad

mitos

sasakala

5.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 4 pts

Di handap ieu nu teu kaasup kana ciri  dongéng, nya éta...

basana lancaran

eusina ngandung amanat

teu kapanggih saha nu ngarangna

caritana panjang

sumebarna sacara turun temurun

6.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 4 pts

Di handap ieu nu mangrupa bédana dongéng farabel jeung sagé nya éta...

Farabel mah mangrupa dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma biasa, sedengkeun sagé mah dongéng nu aya patalina/ ngandung unsur sajarah

Farabel mah nyaritakeun kahirupan sasatoan, sedengkeun dongeng sagé mah nyaritakeun kahirupan jalma biasa

Farabel mah nyaritakeun jalma biasa, sedengkeun sagé mah nyaritakeun asal usul barang atawa tempat

Farabel mah mangrupa dongeng nu ngandung sajarah, sedengkeun sage mah ngaritakeun kahirupan jalma biasa

Farabel mah mangrupa dongeng nu aya patalina / ngandung unsur sajarah, sedengkeun sagé mah dongéng nu eusina mangrupa kahirupan jalma biasa

7.

MULTIPLE CHOICE QUESTION

2 mins • 4 pts

Unsur intrinsik nu mangrupa papatah pikeun nu maca disebut...

galur

latar

amanat

jejer

palaku

Access all questions and much more by creating a free account

Create resources

Host any resource

Get auto-graded reports

Google

Continue with Google

Email

Continue with Email

Classlink

Continue with Classlink

Clever

Continue with Clever

or continue with

Microsoft

Microsoft

Apple

Apple

Others

Others

Already have an account?