
LATIHAN BASUN FASE E GANJIL
Authored by Nur Kapiah
others
10th Grade
Used 4+ times

AI Actions
Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...
Content View
Student View
40 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
30 sec • 1 pt
Keur nomor 1-7 Dongéng Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna téh. Hirup sapopoéna ngan dibaturan ku sakadang éntog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka éta sakadang éntog teh, bubuhan manéhna mah teu boga dulur-baraya, malih garwa mah. Hiji poé manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawéna mah kapaké pisan ku Juragan Lurah téh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawé nanaon ogé. Ari éntogna dikencarkeun di buruan gubuk téh, tara aya hariwangan. Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manéhna ngadeuheus ka Pangéran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon ogé bisa.. “ . Mang Julin téh dahar ngan jeung uyah. Sanggeus wareg mah manéhna tuluy ngampihan éntog di juru imah. Isuk-isuk kénéh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manéhna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manéhna teu nyangka yén cahya nu kacida serabna téh tina kandang éntog, singhoréng téh éntogna éndongan, endogna endog emas. Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog téh. Manéhna kacida bungahna, éta endog emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna. Poe kadua, kitu deui, éntogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poé, sakadang éntog téh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin téh jadi beunghar. Manéhna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak éntog, jeung harta lianna nu mucekil. Éntog téh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin. Hiji poé, Mang Julin ngarasa capé mun kudu unggal poé ngadatangan kandang éntog pikeun mawa endog emas pira hiji téh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeléh éntog ngarah emasna kabéh kaluar, jadi manéhna teu kudu mawaan unggal poé ka kandang éntog. Ari geus dibeléh éntog téh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan éntog téh paéh. Mang Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manéhna jadi miskin deui sabab unggal poé hartana béak dipaké kabutuhan sapopoéna. https://katadata.co.id/lifestyle/varia/645b4d487fcae/ Penulis: Tifani 1. Ngaran patani nu kacida malarat dina dongéng di luhur nyaéta...
a. Mang Asép
b. Mang Juned
c. Mang Julin
d. Mang Irin
e. Mang Ideng
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
20 sec • 1 pt
2. Sapopoéna Mang Julin hirupna dibaturana ku sakadang…
a. Munding
b. Éntog
c. Hayam
d. Pamajikanan
e. Lanceukna
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 1 pt
3. Dongéng entog emas kaasup dongéng …
a. Legenda
b. Fabel
c. Mistis
d. Parabel
e. Sajarah
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
20 sec • 1 pt
4. Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna, manehna ngadeuheus …
a. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna.
b. “Duh Gusti abdi hoyong janten peternak bebek di kampung ieu”
c. “Duh Gusti pasihan endog anu seueur”
d. “Duh Gusti pasihan abdi tuangeun”
e. “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 1 pt
5. Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh, lantaran…
a. Meunang endog emas
b. Meunang undian
c. Meunang pegawéan di kalurahan
d. Patepang batur lawas
e. Naék pangkat
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 1 pt
6. Kasipatna Mang Julin dina dongéng di luhur ...
a. Alim
b. Alus
c. Tong bisa dicontoan
d. Henteu syukuran ka Gusti Allah
e. Bageur
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
10 sec • 1 pt
7. Dongéng di luhur dicutat dina...
a. Buku Paket SMA Kelas X
b. https://katadata.co.id/lifestyle/varia/645b4d487fcae/
c. Koran online
d. Dongéng tradisional
e. Warta kota
Access all questions and much more by creating a free account
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
Already have an account?