Soal PAT B. Sunda Kelas 7
Authored by AHMAD FAUZI
Other
7th Grade
Used 1+ times

AI Actions
Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...
Content View
Student View
35 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Indung jeung Anak
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék. “Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna mah ti payun,” pokna.
“Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”
“Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.
“Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.
“Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naékturun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.
“Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”
“Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.” “Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.
“Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasina.”
“Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral... kumaha?” lanceukna milu nanya.
“Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.
“Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.
“Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar heula.”.
Nanyakeun naon Atia ka indungna téh?
Tata krama dina waktu dahar
Tata krama naek jeung turun tina mobil
Tata krama waktu indit sakola
Tata krama waktu dina waktu mandi
2.

Ari nu dipikareueus ku indungna saha?
Bapana
Lanceukna
Adina
Salakina
3.

Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
Tata krama
Tata cara dangdan
Tata cara naek mobil
Tata cara natamu
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Naon ari tata krama teh?
Aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé
Aturan sopan santun anu ditetepkeun ku pamaréntah
Tata tertib dina sakola
Tata cara kahirupan manusa sapopoé
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Kumaha tata krama dina natamu?
Kudu barangbawa atawa mawa oleh-oleh lamun rek natamu
Kudu make pakean anu alus lamun rek natamu
Ngucapkeun salam, punten atawa ngetrok panto 3 kali
Mun rek natamu datangna kudu sore-sore
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju.
Kecap tetelepék ngandung harti.....
Tara daek tatanya
Sok tunya-tanya
Bawel/cerewet
Tara campur gaul
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 5 pts
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.
Kembang céngék sebutanana nyaéta….
Gélényé
Mayang
Ulated
Méncéngés
Access all questions and much more by creating a free account
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
Already have an account?