
Kawih jeung Sisindiran
Authored by rahma alia
Education
11th Grade
Used 20+ times

AI Actions
Add similar questions
Adjust reading levels
Convert to real-world scenario
Translate activity
More...
Content View
Student View
30 questions
Show all answers
1.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 3 pts
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati
Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Allah Pangéran abdi
Pangéran anu sajati.
Amanah dina rumpaka kawih di luhur nyaéta .... .
jalma taya deui panglumpatan
jadi jalma kudu pasrah sumerah
jalma nu ngamparkeun sajadah
jalma nu keur mundut pangampura
nyaritakeun jalma anu lamokot ku dosa
2.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 2 pts
JANG
Jang,
Hirup téh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran
Kudu bari dilakonan
Jang,
Jalan kahirupan
Henteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakan
Kudu sabar dina kurang
Ulah nepak dada beunghar
Salawasna kudu sukur
Éling ka nu maha Agung
Kadé hidep bisi kupur
Rumpaka kawih “Jang” eusina mangrupa ébréhan kaayaan … .
Papatah aki ka incu
Papatah kolot ka anak
Papatah guru ka siswa
Papatah Ustad ka jamaah
papatah pamarentah ka masarakat
3.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
1 min • 1 pt
Di handap mangrupa struktur anu kawengku dina rumpaka kawih di antarana … .
Téma jeung rasa
Rasa jeung musik
Kawih jeung amanah
Amanat jeung musik
Nu ngawih jeung musik
4.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 2 pts
Jang,
Jalan kahirupan
Henteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakan
Kudu sabar dina kurang
Ulah nepak dada beunghar
Salawasna kudu sukur
Éling ka nu maha Agung
Kadé hidep bisi kupur
Rasa katitén nalika pamiarsa ngaregepkeun kawih. Rasa anu nyangkaruk tina rumpaka kawih “Jang” nya éta …
Prihatin
Sedih
Reueus
Sumanget
Bungah
5.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 3 pts
Tanah Sunda
Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (sawawa) sing towéksa (percéka)
Nyangga darma anu nyata
Seuweu pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya mémang sawajibna
Getén titén rumawat Tanah Pusaka
Nu ngumbara suka betah, maksudna
Tanahna lega
Pendudukna loba
Tanahna subur
Urang Sunda balageur
Urang Sunda geten
6.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
3 mins • 2 pts
Tanah Sunda
Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (sawawa) sing towéksa (percéka)
Nyangga darma anu nyata
Seuweu pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya mémang sawajibna
Getén titén rumawat Tanah Pusaka
Rumpaka kawih “Tanah Sunda” témana mangrupa rasa cinta ka …
Kaéndahan alam
Indung bapa
Lemah cai
Kabogoh
Masarakat Sunda
7.
MULTIPLE CHOICE QUESTION
2 mins • 2 pts
1. Angkatna ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priyangan
Umat imut lucu
Sura seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priyangan
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priyangan
Kawih mojang priangan di luhur miboga téma … .
Awéwé anu centil
Awéwé anu geulis
Awéwé anu nalangsa
Awéwé anu sombong
Awéwé anu someah
Access all questions and much more by creating a free account
Create resources
Host any resource
Get auto-graded reports

Continue with Google

Continue with Email

Continue with Classlink

Continue with Clever
or continue with

Microsoft
%20(1).png)
Apple
Others
Already have an account?