Font size
Worksheetsulangan harian basa Sunda: Biantara
Total questions: 20
Worksheet time: 12mins
Biantara téh nya éta ....
Nyarita jeung babaturan
Nyarita antara dua jalma atawa leuwih bari silitémpas
Nyarita di hareupeun balaréa
Nyarita sorangan
Basa nu digunakeun dina biantara ilaharna ngagunakeun basa Sunda...
Kasar
Kasar-lemes
Loma-lemes
Lemes
Biantara dina raraga riungan lembur kaasup kana biantara wangun...
Langsung
Resmi
Teu resmi
Ekstemporan
Biantara dina raraga upacara Miéling poé kamerdékaan kaasup kana biantara wangun ....
Langsung
Resmi
Teu resmi
Ekstemporan
Nepikeun biantara kalawan mawa catetan hal-hal nu penting nu rék ditepikeun. biasana sok dijieun catetan mangrupa gurat badag, disebut metodeu...
Nalar
Maca Naskah
Nyatetkeun inti biantara
Langsung (impromtu)
Téhnik biantara anu ngagunakeun téks (naskah), disebut téhnik...
Nalar
Maca
Ekstémporan
Langsung (impromtu)
"Langkung tipayun, puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti nu Maha Suci. Ku rahmat sareng hidayah-Na, urang sadaya tiasa ngaluuhan ieu acara."
Sempalan téks di luhur kaasup kana bagian...
Salam Pamuka
Mukadimah
Salam panghormat
Eusi
"Sim kuring ngadeg di ieu papanggungan kanggo ngadugikeun biantara dina raraga miéling poé kamerdékaan RI ka-79..."
Sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian ....
Mukadimah
Ngahaturkeun nuhun
Ngadadarkeun tujuan
Sanduk-sanduk
"Pamungkas, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola nu langkung luhur."
Sempalan téks biantara di luhur kaasup kana bagian...
Sanduk-sanduk
Ngahaturkeun nuhun
Salam panutup
Dunga
di handap ieu nu teu kaasup kana padika biantara, nyaéta ....
Sora
Lentong
Wirahma
nalar
"Bapa Camat anu ku sim kuring dipihormat..."
kalimah di luhur kaasup kana biantara bagian ....
salam panghormat
salam pamuka
salam panutup
mukadimah
"Sampurasun!"
kalimah di luhur kaasup kana biantara bagian ....
dunga
nyindekkeun
sanduk-sanduk
salam pamuka
"Rupina cekap sakitu pamapag ti sim kuring, hapunten bilih seueur kalepatan..."
Kalimah di luhur kaasup kana biantara bagian ....
salam pamuka
ngadadarkeun eusi
sanduk-sanduk
ngadadarkeun tujuan
"Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh..."
kalimah di luhur kaasup kana biantara bagian ....
salam pamuka
mukadimah
salam panutup
nyindekkeun
Métodeu nalar disebut ogé métodeu ....
ngapalkeun
maca naskah
langsung
poin inti
Mugia nagara urang sadaya aya dina panangtayungan Gusti nu Maha Suci.
Ungkara di luhur kaasup kana biantara bagian ....
Mukadimah
Dunga
Sanduk-sanduk
Salam panutup
Dina nepikeun biantara, urang téh kudu merhatikeun wirahma, wirahma nyaéta ....
Kudu béntés dina ngedalkeun kekecapanana
Patali jeung anca-gancangna sarta tarik-halonna sora nyarita
Aya patalina jeung pasemon anu kudu diluyukeun jeung wusi biantara
Aya patalina jeung rasa dina eusi biantara
Pasang peta nyaéta ....
Pasemon
Gerak
Sora
Suasana
Saupami dilenyepan, poé kamerdékaan Indonésia téh kedah dijantenkeun kasempetan kanggo urang langkung ngaraketkeun tali silaturahmi.
Ungkara di luhur kaasup kana biantara bagian ....
Nepikeun tujuan
Inti biantara
Mukadimah
Salam panutup
Biantara dina kagiatan rapat kaasup kana biantara wangun ....
Langsung
Nalar
Resmi
Teu resmi
