wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Carpon-Pancakaki-Usum

Total questions: 43

Worksheet time: 24mins

Name
Class
Date
1.

Salahsahiji karangan rekaan (fiksi) wangun lancaran anu ngan ukur nyaritaken hiji kajadian atawa peristiwa umumna nyaritakeu tina kajadian kahirupan sapopoe disebut….

a)

Carpon

b)

Sisindiran

c)

Kawih

d)

Biantara

2.

Carita pondok mangrupa carita rekaan dina wangun…

a)

Pupuh

b)

Kauger

c)

Frasa

d)

Prosa

3.

Carita pondok teh kaasup sastra sampeuran nu asalna ti….

a)

Arab

b)

Yunani

c)

Cina

d)

Eropa

4.

Carita pondok teh mimiti asup ka satra sunda dina taun…

a)

1931

b)

1923

c)

1932

d)

1929

5.

Judul carita pondok sunda nu munggaran nyaeta…

a)

Dogdog Pangarewong

b)

Baruang ka nu ngarora

c)

Budak Teuneng

d)

Panggung wayang

6.

Carita pondok umumna aya dina, iwal….

a)

Brosur

b)

Majalah

c)

Koran

d)

Tabloid

7.

Nu ngawengku dina Latar/setting nyaeta, iwal….

a)

Waktu kajadian

b)

Kaayaan atawa suasana

c)

Watek /pasipatan

d)

Tempat kajadian

8.

Hal nu rék ditepikeun ku pengarang tina eusi carita dina unsur carpon disebut….

a)

Tema

b)

Watek

c)

Galur

d)

Amanat

9.

Nu teu kaasup kana unsur-unsur intrinsik carpon di handap ieu nyaeta…

a)

Palaku

b)

Tema

c)

Dialog

d)

Galur

10.

Salah sahiji anu ngabedakeun carpon jeung dongéng nyaéta....

a)

carita dina carpon mah realistis sedengkeun carita dina dongéng mah sok pamohalan

b)

carpon mangrupa karya sastra, dongéng henteu mangrupa karya sastra

c)

carpon mah carita pondok, dongéng caritana panjang

d)

carpon sumeberna sacara lisan, dongéng mah dibukukeun

11.

Palaku atawa tokoh dina carpon anu sipatna hadé disebut palaku...

a)

Antagonis

b)

Protagonis

c)

Tambahan

d)

Figuran

12.

Baca sampalan carpon di handap ieu!


Tos jadi hiji kabiasaan upami tos bérés sholat maghrib mah, Rudi ngapalkeun. Ngawitan ti ngaréngsékeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanésna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi badé sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal Rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal réngsé mangkaning énjing-énjing pisan kedah tos ka sakola.

Wengi éta Rudi cicing dikamar ngaréngsékeun PR sarta macaan buku kanggo énjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran téh asa gampil nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan.


Latar waktu nu kacatur dina cutatan carpon di handap nyaeta…

a)

Peuting

b)

Beurang

c)

Isuk

d)

Subuh

13.

1. Kapaluruh saha pangarangna

2. Sumeberna sacara lisan

3. Palakuna teu loba

4. Galurna basajan


Nu kaasup kana ciri-ciri carpon di luhur nyaeta....

a)

2, 3 jeung 4

b)

1, 2 jeung 4

c)

1, 2 jeung 3

d)

1, 3 jeung 4

14.

Titenan bacaan sampalan carpon di handap ieu!


Kokojayan di Cilangla

Halodo banget téh geus rék dua bulan lilana. Sawah bareulah, balong saraat taya hiji ogé balong di lembur nu caian kénéh, sumur-sumur ogé saraat. Aya hiji dua nu caian kénéh, ukur dipaké keur nginum jeung keur masak. Mandi, kukumbah jeung nyeuseuh mah kudu ngamprak ka wahangan. Hiji-hijina wahangan nu masih kénéh loba caina nyaéta walungan Cilangla, kira-kir sakilo méter jauhna ti lembur. Jalanna hesé dilewatan jeung nanjak mudun.


Pikiran utama/lulugu dina paragrap carita pondok di luhur téh nyaéta....

a)

Usum halodo anu pohara

b)

Walungan Cilangla sok dipaké ngojay

c)

Ngojay di Cilingla

d)

Cai di lembur saraat

15.

Titenan sampalan carpon di handap!


Kokojayan di Cilangla

Halodo banget téh geus rék dua bulan lilana. Sawah bareulah, balong saraat taya hiji ogé balong di lembur nu caian kénéh, sumur-sumur ogé saraat. Aya hiji dua nu caian kénéh, ukur dipaké keur nginum jeung keur masak. Mandi, kukumbah jeung nyeuseuh mah kudu ngamprak ka wahangan. Hiji-hijina wahangan nu masih kénéh loba caina nyaéta walungan Cilangla, kira-kir sakilo méter jauhna ti lembur. Jalanna hesé dilewatan jeung nanjak mudun.

Basa munggaran diajak ku Bibi ka Cilangla maké ngarasa hariwang jeung keueung sagala. Atuda biasana mah sapopoé tara ingkah ti imah ari rék lain ka sakola mah.

Mimiti ancrub kana cai walungan, haté ngadadak was-was. Sok inget kana dongéng sakadang peucang jeung buaya. Ari clom sukuna kana cai ari gep gerewek baé di caplok ku buaya,...iyy... mani asa gep-asa gep waé sungut buaya anu ranggéténg pinuh ku huntu sareukeut kana suku...


Latar carita pondok “Kokojayan di Cilangla”nyaéta....

a)

Sawah Cilangla

b)

Walungan Cilangla

c)

Setu Cilangla

d)

Leuweung Cilangla

16.

Titenan bacaan sampalan carpon di handap ieu!


Kokojayan di Cilangla

Halodo banget téh geus rék dua bulan lilana. Sawah bareulah, balong saraat taya hiji ogé balong di lembur nu caian kénéh, sumur-sumur ogé saraat. Aya hiji dua nu caian kénéh, ukur dipaké keur nginum jeung keur masak. Mandi, kukumbah jeung nyeuseuh mah kudu ngamprak ka wahangan. Hiji-hijina wahangan nu masih kénéh loba caina nyaéta walungan Cilangla, kira-kir sakilo méter jauhna ti lembur. Jalanna hesé dilewatan jeung nanjak mudun.

Basa munggaran diajak ku Bibi ka Cilangla maké ngarasa hariwang jeung keueung sagala. Atuda biasana mah sapopoé tara ingkah ti imah ari rék lain ka sakola mah.

Mimiti ancrub kana cai walungan, haté ngadadak was-was. Sok inget kana dongéng sakadang peucang jeung buaya. Ari clom sukuna kana cai ari gep gerewek baé di caplok ku buaya,...iyy... mani asa gep-asa gep waé sungut buaya anu ranggéténg pinuh ku huntu sareukeut kana suku...


Palaku utama dina sempalan carita pondok di luhur téh nyaéta....

a)

Bibi

b)

Kuring

c)

Buaya

d)

Peucang

17.

Titenan sampalan carpon di handap!


Kokojayan di Cilangla

Halodo banget téh geus rék dua bulan lilana. Sawah bareulah, balong saraat taya hiji ogé balong di lembur nu caian kénéh, sumur-sumur ogé saraat. Aya hiji dua nu caian kénéh, ukur dipaké keur nginum jeung keur masak. Mandi, kukumbah jeung nyeuseuh mah kudu ngamprak ka wahangan. Hiji-hijina wahangan nu masih kénéh loba caina nyaéta walungan Cilangla, kira-kir sakilo méter jauhna ti lembur. Jalanna hesé dilewatan jeung nanjak mudun.

Basa munggaran diajak ku Bibi ka Cilangla maké ngarasa hariwang jeung keueung sagala. Atuda biasana mah sapopoé tara ingkah ti imah ari rék lain ka sakola mah.

Mimiti ancrub kana cai walungan, haté ngadadak was-was.


Usum nu kacatur dina carpon di luhur nyaéta....

a)

Usum ngijih

b)

Usum mamareng

c)

Usum halodo

d)

Usum dangdarat

18.

Caah jeung longsor biasana datang mun keur usum.....

a)

Ngijih

b)

Halodo

c)

Tigerat

d)

Paceklik

19.

Dina usum ngijih barudak kudu mawa payung mun mangkat ka sakola. Usum ngijih hartina….

a)

Usum halodo

b)

Usum mindeng turun hujan

c)

Usum panyelang antara usum hujan jeung halodo

d)

Usul loba panyakit

20.

Nilik kana gambar di luhur ngagambarkeun usum...

a)

Ngijih

b)

Tibuat

c)

Mamaréng

d)

Halodo

21.

Usum loba nu gering parna atawa loba nu maraot disebut usum....

a)

Paceklik

b)

Tigerat

c)

Pagebug

d)

Parepok

22.

Pasangan ngaran-ngaran usum nu luyu jeung kaayaanna nyaéta....

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

23.

Mangsa melak binih paré nu tos jadi kana kotakan sawah disebut usum….

a)

Nyacar

b)

Tandur

c)

Celetu

d)

Pibuateun

24.

Di handap ieu nu kaasup pangbagian ngaran usum –usuman nyaeta, iwal….

a)

Usum nu patali jeung kaayaan alam

b)

Usum nu patali jeung tatanen di sawah

c)

Usum nu patali jeung kaayaan sasatoan

d)

Usum nu patali jeung kaayaan masarakat

25.

1. Paceklik

2. Dangdarat

3. Parepok

4. Tandur


Usum nu kaasup patali jeung kaayaan masarakat nyaeta....

a)

1 jeung 2

b)

3 jeung 4

c)

2 jeung 3

d)

1 jeung 3

26.

Usum parepok biasana aya di bulan syawal jeung bulan haji. Usum parepok hartina....

a)

usum loba nu gering parna jeung loba nu maraot

b)

usum mindeung turun hujan

c)

usum loba jalma nu kawin

d)

usum loba panyakit bari tepa

27.

Hiji sistem nu ngagambarkeun hubungan kulawarga nya éta di sebut....

a)

Wanci

b)

Pancakaki

c)

Turunan

d)

Sisindiran

28.

Kolot lalaki atawa awéwé ti pamajikan atawa salaki disebutna....

a)

Minantu

b)

Mitoha

c)

Kapilanceuk

d)

Ua

29.

Tina pancakaki sesebutan pikeun anak panungtung atawa paneri nyaéta....

a)

Bungsu

b)

Pangais bungsu

c)

Cikal

d)

Tunggal

30.

Kolot lalaki ti indung atawa bapa disebutna...

a)

Aki

b)

Mamang

c)

Ua

d)

Lanceuk

31.

Dina gambar sabeulah, Nisa ka Zain nyebutna....

a)

Emang

b)

Bapa

c)

Lanceuk

d)

Salaki

32.

Dina gambar sabeulah, Ratna ka Ali nyebutna....

a)

Pamajikan

b)

Salaki

c)

Lanceuk

d)

Aki

33.

Dulur sadarah lalaki atawa awéwé anu leuwih kolot disebutna....

a)

Adi

b)

Lanceuk

c)

Kapilanceuk

d)

Suan

34.

Di handap ieu nu kaasup ngaran usum nu patali jeung kaayaan masarakat nyaeta…

a)

Usum Sasalad

b)

Usum nyambut

c)

Usum mamareng

d)

Usum ngijih

35.

Dina gambar di sabeulah, Hasan ka Rini nyebutna…

a)

Pamajikan

b)

Salaki

c)

Minantu

d)

Lanceuk

36.

Dina gambar sabeulah, incu Pa Ridwan jeung Bu Diana nyaeta….

a)

Rini, Bilqis jeung Sultan

b)

Zahra, Galih jeung Mahfud

c)

Rafif, Galih jeung Zahra

d)

Hasan, Fani jeung Sultan

37.

Dina gambar sabeulah, minantu pa Deni jeung bu Yanti nyaeta...

a)

Rini

b)

Fani

c)

Zahra

d)

Bilqis

38.

Dina gambar sabeulah, mitoha Rini teh nyaeta...

a)

Ridwan jeung Diana

b)

Deni jeung Yanti

c)

Sultan Jeung Fani

d)

Hasan jeung Fani

39.

Titenan gambar sabeulah, Mahfud ka Ridwan atawa Diana nyebutna...

a)

Ua

b)

Mamang/Bibi

c)

Aki/Nini

d)

Uyut

40.

Barudak ngala lauk di kulah haji Murod tadi isuk.


Kecap pangantet dina kalimah di luhur nyaeta....

a)

Barudak

b)

Ngala

c)

Lauk

d)

Isuk

41.

Barudak maen bal di lapangan kamari sore


Kecap "Barudak" dina kalimah diluhur ngabogaan pungsi....

a)

Jejer

b)

caritaan

c)

panglengkap

d)

Kecap Pangantet

42.

Barudak maen bal di lapangan kamari sore


Kecap "kamari sore" dina kalimah di luhur kaasup kana kategori....

a)

Kecap Barang

b)

Kecap Pangantet

c)

Kecap Sipat

d)

Kecap Pagawean

43.

Unsur nu aya dina hiji kalimah wawaran nyaeta, iwal....

a)

Kategori

b)

Pungsi

c)

Pangrandap

d)

Peran/Struktur