WorksheetsBahasa Sunda
Total questions: 50
Worksheet time: 31mins
Tengetan ieu kalimah di handap!
Debat calon gubernur Jawa Barat di Metro TV, Jakarta, Jumat malam (8/2), menjadi ajang saling bongkar kesalahan calon gubernur (Dicutat tina Koran PR, 09/02/18).
Kalimah tarjamahan nu merenah tina kalimah di luhur nyaéta ....
Debat calon gubernur Jawa Barat di Metro TV, Jakarta, Jumaah peuting (8/2), jadi kasempetan silihbongkar kasalahan calon gubernur.
Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV dina malem Jumaah (8/2), mangrupa ajang pikeun silihgebruskeun antara calon gubernur.
Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina Jumaah peuting (8/2), jadi kasempetan silihbolékérkeun kasalahan calon gubernur.
Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina malem Jumaah (8/2), jadi jalan pikeun silihtembrakeun kasalahan calon gubernur.
Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina Jumaah (8/2) peuting, jadi kasempetan pikeun silihampura kasalahan calon gubernur.
Baca téks di handap kalawan saregep!
Aku mencintaimu lebih dari yang kau tahu
Meski kau tak kan pernah tahu
Baru kusadari cintaku bertepuk sebelah tangan
kau buat remuk seluruh hatiku, seluruh hatiku.
Paribasa bertepuk sebelah tangan dina basa Sunda sarua hartina jeung ....
keprok sorangan
. keprok sabeulah
. seuri sorangan
ambon sorangan
imut sorangan
Baca paguneman di handap kalawan saregep!
Nana : “Basa kamari, aya dulur kuring ti Jakarta, nya kapaksa kuring téh rada Mamalayuan.”
Agus : “Na kumaha kitu?”
Nana : “Enya bingung kumaha narjamahkeun kana basa Indonésia tina basa Sunda, atuda bingung.”
Nana : “Cik kumaha kalimahna?”
Agus : “Nya ceuk ku kuring téh jadi kieu wé, silahkan makannya yang dapat.”
Nana : “Oh, ceuk basa Sundana mah ....”
Jawaban nu merenah pikeun paguneman di luhur nyaéta ....
mangga sing kénging dituang
mangga, sing dituang kénging
mangga, sing dicobian kénging
mangga sing kékéngingan taruangna
mangga sing diraraosan kéngingna
(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3) Caritana basajan
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7) Ngandung unsur seni
(8) Sumebar sacara lisan
(9) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng di antarana ....
1, 2, 3, 4
2, 3, 5, 8
2, 4, 6, 8
5, 7, 8, 9
1, 6, 8, 9
Titénan sempalan-sempalan dongéng di handap!
(1) Si Kabayan ti barang gék diuk dina korsi, geus lelenggutan waé nundutan. Saperti biasa tukang cukur tuluy ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih nyarita.
(2) Waktu Prabu Siliwangi jadi raja di Tatar Sunda, nyaéta Pajajaran Wétan jeung Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi Kentring Manik Mayang Sunda anu nuju kakandungan.
(3) Baheula Islam nu nyebarkeun agama Islam di Karawang téh Syéh Quro. Ngaran séjénna mah Syéh Qurotul Ain, Syéh Hasanudin, atawa Syéh Mursahadatillah. Miang ti Cirebon, tuluy datang ka Karawang dina taun 1418 M.
(4) Dina hiji poé putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh gantawang waé nyeuseulan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana.
(5) Kacaritakeun sakadang monyét ngajak ngala cabé ka sakadang kuya, ngalana teh di kebon patani. Waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani, sakadang monyét mah bisaeun kabur, ari sakadang kuya mah katéwak sabab teu bisa lumpat.
Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun fabél nyaéta ....
1
2
3
4
5
Baca sempalan dongéng di handap!
Déwa Anta pok unjukan bari ngalimba, “Nun Batara, anu mawi abdi sedih, rumasa moal lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung.” “Na, ku naon?” ceuk Batara Narada. Déwa Anta ngawalon, “Pan tadi saur Batara, sing saha anu teu tiasa nyumponan éta pamundut, baris diteukteuk beuheung. Ari abdi taya petana tiasa nyumponan, margi kapan teu gaduh leungeun teu gaduh suku.” Batara Narada ngaheneng, socana mencrong ka nu keur sedih. Clak, clak, clak, cipanon Déwa Anta murag kana taneuh. Gorolong, gorolong, gorolong, cimata téh jadi endog tilu siki.
(Dicutat tina buku Waruga Basa)
Hal nu pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....
“Rumasa moal lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung”
“Sing saha anu teu tiasa nyumponan éta pamundut, baris diteukteuk beuheung...”
“Margi kapan teu gaduh leungeun teu gaduh suku.”
Clak, clak, clak, cipanon Déwa Anta murag kana taneuh.
Gorolong, gorolong, gorolong, cimata téh jadi endog tilu siki.
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok.
Kalimah di luhur lamun ditulis dina aksara Sunda nyaéta ....
Ieu di handap hal-hal nu kaasup kana laporan kegiatan:
(1). Kasang Tukang
(2). Wengkuan Kagiatan
(3). Maksud jeung Tujuan
(4). Dasar Hukum
Susunan bubuka laporan kegiatan anu bener nyaéta ....
(1), (3), (4), (2)
(2), (4), (3), (1)
(1), (4), (3), (2)
. (4), (2), (1), (3)
(3), (1), (2), (4)
Dina nulis laporan kagiatan, urang diperedih kudu nyieun laporan anu faktual.
Harti kecap faktual dina éta kalimah miboga harti ....
kudu saluyu antara data jeung fakta
kudu saluyu jeung kaayaan haté penulis
kudu saluyu jeung paménta pimpinan
kudu dibarengan ku unsur-unsur pamohalan
kudu ditulis ku ahlina
Baca sing gemet téks wawancara di handap!
Akmal : “Assalamualaikum, Pa, damang? ”
Pak Hasan : “Waalaikumussalam, pangéstu, alhamdulillah.” Akmal : “ Nepangkeun wasta pun Akmal. Punten pami jenengan Bapa saha?”
Pak Hasan : “ Mangga, abdi Pa Hasan.”
Akmal : “ …………………..”
Pak Hasan : “Seueur aturan lalu lintas mah, contona waé upami Ujang naék motor, kedah nganggo hélem, gaduh Surat Izin Mengemudi (SIM), kedah taat kana rambu-rambu lalu lintas, jeung sajabina".
Akmal : “Aya sangsi atanapi henteu upami urang ngarempak éta aturan?”
Pak Hasan : “Tangtu waé aya, upamina kanggo pengendara motor teu gaduh SIM, bakal keuna tilang sareng pidana kurungan sakirang-kirangna 4 bulan, atanapi denda sajuta rupiah.”
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nyaéta ….
“Pa, abdi badé tumaros ngeunaan aturan lalu lintas di jalan raya. Naon nu dimaksud lalu lintas téh?”
“Pa, abdi badé tumaros ngeunaan aturan lalu lintas di jalan raya. Conto aturan lalu lintas téh naon waé?”
“Naon fungsina aturan lalu lintas?”
“Sabaraha dengda upami aturan lalu lintas dirempak?”
“Sabaraha lami Bapa janten pulisi?”
Baca sing gemet téks wawancara di handap!
Euis : “Sampurasun, punten Ibu ngawagel waktosna.”
Bu Encas : “Rampés, mangga Néng, hoyong naon?”
Euis : “Badé tumaros, harga céngék ayeuna sabaraha?”
Bu Encas : “Mahal puguh Néng, kamari mah sakilo téh 20 rébu, ayeuna mah naék jadi 35 rébu sakilona téh!”
Euis : “Kumaha harga-harga anu sanésna?”
Bu Encas : “Kantena geulis, sami naraék.”
Euis : “Hatur nuhun kanggo informasina, Bu.”
Bu Encas : “Sawangsulna.”
Eusi téks wawancara di luhur téh nyaéta ....
Harga sembako.
Harga céngék.
Harga sayur.
Naékna harga
Wawanohan ka tukang sayur.
Baca téks wawancara di handap!
Nu nanya : “Tarékah naon kinten-kintenna, hususna generasi ngora, sangkan ngajauhan tina bahayana narkoba?”
Narasumber : ”Anu leuwih utamana mah dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga. Barudak salaku generasi ngora kudu dididik jeung diatik ku ajaran agama, sangkan kandel kaimanan. Barudak kudu apal yén narkoba téh barang haram nu dilarang ku agama jeung pamaréntah, sabab bakal ngarusak méntal jeung runtuhna nagara.”
Ragam basa nu digunakeun ku narasumber dina wawancara di luhur nyaéta ....
lemes keur sorangan
lemes keur ka batur
loma
kasar
cohag
Baca sajak di handap!
Rahmat M. Sas. Karana
Priangan
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Kecap kurebkeun dina sajak di luhur saharti jeung ....
kuburkeun
écagkeun
pelakkeun
asupkeun
diukkeun
Baca sajak di handap!
Ayat Rohaédi
Pamanggih
Salapan bulan ngakandung
Moal aya hiji jalma
leuwih ti indung micinta
indung gudang hampura.
Salapan bulan ngakandung
Moal aya hiji jalma
leuwih ti anak nu rumasa
anak gudang dosa.
Salapan bulan ngakandung
pinuh rasa jeung rumasa.
Salapan bulan ngakandung
pinuh dosa jeung rumasa.
1956
(dicutat tina kumpulan sajak Di Kebon Binatang)
Unsur rasa nu nyangkaruk dina sajak di luhur nyaéta ....
sedih
bungah
reueus
keuheul
éra
Baca sajak di handap!
Tini Kartini
Ulang Taun
(keur mojang nu niup lilin)
Lilin hurung 17 siki
dibarung imut pangrungrum
dunya kiwari nu kami
ulang taun pinuh kembang
Lilin nungtut tambah hiji
diiring imut karisi
dunya kosong ngan dirina
ulang taun teu nyangka nyiksa
Bandung, 20-10-’59
(dicutat tina kumpulan sajak Di Kebon Binatang)
Eusi sajak di luhur nyaéta ....
nyaritakeun waktu keur ulang taun
nyaritakeun waktu keur niup lilin
nyaritakeun karumasa waktu keur ulang taun
nyaritakeun kabungah waktu ulang taun pinuh kembang
nyaritakeun kabagjaan waktu ulang taun tambah lilin
Baca téks biantara di handap!
Cai dina Angen-angen Urang Sunda
a) Assalamu’alaikum.
b) Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c) Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun, réhna parantos dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-angen urang Sunda”.
d) Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai, nepi ka dina kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai. Katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e) Hadirin anu sami rawuh, salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
f) Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka. Hatur nuhun.
g) Wassalamu’alaikum.
Ungkara anu teu luyu jeung eusi biantara di luhur nyaéta ....
Nganggap yén cai téh kabutuhan anu utama.
Jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
Cai kudu diatur keur kahirupan jeung tatanén.
Hirup urang sunda gumantung kana cai.
Ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai.
Nu kaasup bagian panutup dina biantara “Cai dina Angen-angen Urang Sunda”, aya dina bagian ....
(a)
(c)
(e)
(f)
(g)
Titénan ungkara di handap!
Bapa Kapala Sakola kedahna maparin biantara dina acara pentas seni. Tapi, Bapa Kapala Sakola aya kaperyogian nu teu tiasa dikantunkeun. Ahirna, ditunjuk kalawan ngadadak Pembina OSIS pikeun biantara ngawakilan Kapala Sakola.
Tina kasus di luhur, cara biantara nu dipaké ku pembina OSIS nyaéta ....
biantara ku cara ngapalkeun
biantara ku cara maca naskah
biantara ékstémporan
biantara kontémporer
biantara impromtu
Hadirin anu sami rawuh, salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé dina paribasa. Geuning aya paribasa kieu, “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
Ungkara “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak” dina téks di luhur ngandung harti ....
kudu silih élingan ngeunaan pentingna cai.
kudu nyieun ngaran tempat dimimitian ku ci.
kudu sauyunan, sapapait-samamanis.
mun rék tatanén kudu diatur ku ulu-ulu.
kudu ngutamakeun miara cai.
Titénan ieu pancén nu aya dina kagiatan sawala!
(1) Nyebutkeun jejer jeung pasualan anu rék disawalakeun
(2) Ngatur saha anu kudu nyarita
(3) Ngatur lumangsungna acara kalayan tandes
Dumasar kana pedaran di luhur, éta pancén téh pikeun ....
pangjejer
pamilon
panumbu catur
girang serat
girang pangajén
Dina hiji acara di sakola, hadir sepuh (orang tua)/wali murid, guru, jeung pupuhu (kepala) sakola. Lamun sadayana kudu maparin pamapag (sambutan), runtuyan pamapag nu merenah nyaéta ....
pupuhu sakola, guru, jeung sepuh murid
guru, pupuhu sakola, jeung sepuh murid
guru, sepuh murid, jeung pupuhu sakola
sepuh murid, guru, jeung pupuhu sakola
sepuh murid, pupuhu sakola, jeung guru
“Wilujeng siang pamilon sawala sadaya, mugia urang salawasna dipaparin kabarokahan.”
Pokpokan panumbu catur di luhur kaasup kana bagian ....
salam bubuka
ngawanohkeun diri
ngamimitian sawala
ngawilujengkeun pangjejer
mungkas sawala
Nanging sateuacan kelompok VII menyampaikan matérina, sim kuring badé ngenalkeun saurangsaurangna.
Kecap anu digurat handap sakuduna ....
ngadugikeun, ngawanohkeun.
nepikeun, ngenalkeun
nyampékeun, ngenalkeun
méré nyaho, ngawanohkeun
ngadugikeun, ngawanohkeun
Pék baca sempalan carpon di handap!
Tukang Kembang
karya Gagah Nugraha Aulia Saréréa.
Saimah-imah. Pa Gumbira, Apana Inggit. Bu Gumbira, indungna. nyaah pisan ka si Aki. Atuda Unggal si Aki mulang ka lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oléh-oléh husus keur Inggit. Nu dimaksud si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langgangan bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, launlaun jadi asa jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki tukang kembang siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok deui-pok deui nyebutkeun asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya baé. Urang Panjalu si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung rancatan. Ka béh dieu ganti ngajualan kembang. Sabulan atawa dua bulan sakali, sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jiga téa, ku Bu Gumbira sering dibahanan oléh-oléh bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kuéh kaléng, sakapeung pakéan urut batur keur babasah. Anu tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh tara ditarima. Teu sangka nya, si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-putrana maraju. Di antarana waé anu natamu ka pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala cenah anjeunna téh.
Dumasar kana sempalan carpon di luhur, mana anu kaasup kana ajén moral anu bisa dipaké tur dipatalikeun jeung kahirupan sapopoé di masarakat?
Ulah ngajén jalma tina tagogna.
Upama urang bageur ka batur, pasti batur ogé bageur ka urang.
Kahirupan dina éta carita teu mustahil bakal kajadian ku urang.
Salawasna silih hargaan jeung papada jalma.
Jalma anu beunghar teu salawasna boga sikep adigung.
Titénan sempalan carita pondok “Putri Jin” di handap!
“Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeunna geus aya deui dina pangcalikanana anu biasa, batu démprak di Gunung Cadas. Jung ngadeg, nyawang kasakuriling bungking. Lapatlapat kasawang alam paraméan anu kedah disorang ku anjeunna. Aing lain ngan ukur incuna Sunan Ciburang, lain ukur anakna Wangsagoparana, aing téh Wiratanudatar. Haté aing geus teteg, suku aing geus panceg, ngadeg dina tangtungan sorangan. Aing geus sanggup manggul kawayiban, sabab lemahna ayeuna mah geus sadia, nya éta martabat aing sorangan.”
Latar suasana atawa kaayaan anu kapanggih dina sempalan carpon di luhur nyaéta ....
Panceg kayakinan
Baluweng pikir
Bagja
Ketir pikir
Hémeng
Dumasar kana tabél di luhur, mana anu teu kaasup kana ciri-ciri carita pondok ....
1, 3, 6, 7, 9, 10
2, 5, 8, 11, 14, 15
1, 3, 4, 6, 11, 14
2, 5, 8, 11, 12, 13
1, 3, 6, 7, 10, 13
Dumasar tabél di luhur, nu kaasup unsur biografi nu bener nyaéta ....
1-2-3-4-5-6
1-2-3-5-6-7
1-2-3-4-5-9
1-2-4-7-8-9
1-3-4-6-7-8
Baca téks biografi di handap!
Radén Mahyar Angga Kusumadinata
Radén Mahyar Angga Kusumadinata (Radén Machjar Angga Koesoemadinata) dilahirkeun di Sumedang, 7 Désémber 1902, tur tilar di Bandung, 9 April 1979. Anjeunna téh seniman tur étnomusikolog Sunda. Kawentar minangka pangarang lagu-lagu Sunda, pangatik nu ngahususkeun kana ngamajukeun seni sora, panalungtik karawitan tur ahli téori musik Sunda, sarta nyiptakeun “serat kanayagan” (sistim notasi nada) da, mi, na, ti, la, katut nyipta sistim 17 titilaras Sunda.
Radén Mahyar Angga Kusumadinata kalawan nénéhna Pa Mahyar, kawentar ogé minangka seniman pencipta lagu-lagu Sunda. Anjeunna gemet niténan laras pélog jeung saléndro ti keur budak kénéh. Guguru ka sabaraha urang juru tembang jeung nayaga. Seniman nu kungsi dipiguru ku anjeunna téh di antarana diajar rebab ka Pa Etjen Basara, Pa Sura, jeung Pa Natadirejo, diajar gamelan ka Pa Sai jeung Pa Idi, sarta diajar tembang ka Pa Oetje, juru pantun kawentar di Bandung.
Dina taun 1923 (masih kénéh di bangku sakola), anjeunna geus nyiptakeun “serat kanayagan” (notasi nada) da, mi, na, ti, la, kalawan nulis buku tiori seni sora Sunda, dijudulan “Élmuning Kawih Sunda”. Tutas namatkeun sakola, ditempatkeun jadi guru di HIS Sumedang (1924-1932). (Dicutat tur diropéa tina Énsiklopédia Sunda)
Dumasar sempalan téks biografi di luhur, karya penting nu dihasilkeun ku Pa Mahyar nyaéta ....
seniman tur étnomusikolog Sunda
pangarang lagu-lagu Sunda
pangatik nu ngahususkeun ngamajukeun seni sora
panalungtik karawitan tur ahli téori musik Sunda
nyiptakeun serat kanayagan
Sistematika nulis bahasan dumasar kana unsurunsurna nyaéta ….
nangtukeun jejer, nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun judul
nangtukeun judul, nangtukeun téma, néangan idé, patokan basa
nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun jejer, nangtukeun judul
néangan idé, nangtukeun tèma, nyusun rangka, nangtukeun judul
néangan idé, nangtukeun téma, nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun
Dina ngajéntrékeun atawa medar hiji perkara, aya rupa-rupa téhnik nu dipaké dina nulis karangan di antarana ….
tehnik identifikasi, klasifikasi, definisi
tehnik identifikasi, prosedural, proses
tehnik proses, definisi, prosedural
tehnik definisi, isian, prosedural
tehnik definisi, identifikasi, prosedural
Titénan pedaran di handap!
(1)Nu ahéng nyaéta waktu ngadegkeun imah, sakumna warga nu aya di éta lembur, sabilulungan ngilu aub ngawangun, sarta teu kaci meunang buruh.
(2) Nu dibayar téh ngan ukur tukang.
(3)Ngan tangtu baé nu boga imah kudu nyayagikeun kadaharan.
(4) Naon pangna teu meunang maké semén jeung bata, cenah baheula, karuhunna waktu munggaran ngabaladah atawa ngadegkeun lembur, kungsi ngadegkeun wangunan maké bahan tina bata jeung semén.
Runtuyan wacana nu merenah dumasar kalimah di luhur nyaéta ....
1, 3, 2, 4
1, 2, 3, 4
2, 4, 3, 1
3, 4, 1, 2
1, 3, 2, 4
Titénan pedaran di handap!
(1) Pedaran ngeunaan idéntitas buku, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung analisis karya.
(2) Pedaran ngeunaan idéntitas buku, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung kritik karya.
(3) Pedaran ngeunaan idéntitas buku, tingkesan atawa gurat badag carita jeung analisis karya.
(4) Pedaran ngeunaan idéntitas buku, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung publikasi karya.
(5) Pedaran ngeunaan idéntitas buku, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung riwayat pangarang.
Pedaran diluhur nu kaasup kana struktur résénsi nyaéta ....
5
4
3
2
1
Drama tradisional anu pagelaranan teu merlukeun panggung sarta dina unggal ganti babak sok dipirig ku waditra nyaéta ciri tina ....
monolog
longsér
sandiwara
drama modéren
gending karesmén
Titénan téks drama di handap!
Juragan Hajat ....
Nyi Inot : “Assalamualaikum....”
Ceu Uneh : “Waalaikumsalam.... Is, geuning Nyi Inot! Tos ti mana Nyi? Wanci haneut moyan geus kadieu?”
Nyi Inot : “Ah, ngahaja waé ka dieu. Ari Kang Ujé aya, Ceu?” Ceu Uneh : “Can balik, biasa wé keur dines! Dagang peuyeum, aya naon kitu Nyi?” .......
(Dicutat tina naskah drama “Juragan Hajat” karya Kang Ibing)
Dina sempalan drama di luhur aya sabaraha kalimah panyeluk (interjeksi), nyaéta ....
sakecap
dua kecap
tilu kecap
opat kecap
lima kecap
Titénan teks drama di handap!
Isah : (semu nyungkun) Ari Ujang ti mana baé atuh, wayah kieu nembé mulih. Pan biasa ogé, bubar sakola mah jam hiji, lin?
Udin : (ngajawabna henteu saregep) Biasa, Ma. Diskusi kelompok!
Isah : Moal enya diskusi mani saban poé. Ulah sok ngabohong ka indung mah, bisi doraka!
Udin : Kajeun ari teu percaya mah. Isah : Tuh, da mawa karep sorangan baé manéh mah.
Watek Udin dina sempalan drama di luhur nyaeta ....
loba ngabohong
loba kahayang
pinter tapi judes
babari ngambek
getol diajar
Titénan téks drama di handap!
Demonstran
(Buruan Kantor Kacamatan. Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna). Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya ogé nu ngan dicalana sontog bari nyoréndang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.)
(Diraéh tina carpon “Ada Main”, Darpan Ariawinangun, nu dimuat dina Nu Harayang Dihargaan)
Sempalan drama di luhur kaasup kana bagian ....
épilog
prolog
candraan
monolog
adegan
Dumasar gambar di luhur Abiyasa ka Sunanda perenahna ....
nini
aki
incu
bapa
uyut
Titénan ieu katerangan di handap!
(1) Aya ngaran nu nulisna.
(2) Miboga gagasan nu aktual jeung kontrovérsial.
(3) Sipat tulisanana kudu naratif jeung subjéktif.
(4) Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa.
(5) Ditulis kalayan référéns ku visi nu inteléktual.
Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah miboga ciri-ciri nyaéta ....
1 - 2 - 3
2 - 3 - 4
3 - 4 - 5
1 - 2 - 4
1 - 4 - 5
Titénan ieu cutatan artikel di handap!
(1) Dina naskah kuna téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita.
(2) Aksarana ngagunakeun aksara Sunda buhun nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita, taun 1985.
(3) Prabu Siliwangi (disebat ogé Jayadéwata, Pamanah Rasa, Wangi Sutah, Keukeumbingan Raja Sunu, Sri Baduga Maharaja) jumeneng rajana ti taun 1484- 1521 M.
(4) Aya naskah Sunda kuna nu disebat Sanghyang Siksa Kandang Karesian.
(5) Ieu naskah Kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 M.
(6) Sanajan kitu, éta palanggeran téh tetep gedé gunana pikeun jadi palanggeran tatakrama pamingpin Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh disebatna Parigeuing.
Runtuyan kalimah nu bener sangkan jadi hiji téks artikel nu merenah nyaéta ....
1 - 2 - 3 - 4 - 5 - 6
2 - 3 - 4 - 5 - 6 - 1
3 - 4 - 5 - 6 - 1 - 2
4 - 5 - 2 - 3 - 1 - 6
4 - 5 - 2 - 1 - 3 – 6
Titénan wacana di handap!
Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujangga di paradéwata, kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh. Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung Sunan Ambu; ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana Lutung Kasarung; kasarung ku sadulur, kasimpang ku barayana. Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang, bisi kawiwirangan keur ngawula.
Dumasar kana Sempalan carita pantun di luhur, kaasup kana bagian ....
rajah
narasi
deskripsi
dialog
monolog
Ari Hiyang Bunisora dina jaman Prabu Maharaja jumeneng keneh nyangking kalungguhan mangkubumi tur gelarna Mangkubumi Suradipati.
Kecap Jumeneng teh lemesna tina kecap
maot
ngaran
hirup
jeneng
ngajabat
Kecap Mangkubumi teh gelar baheula, nu hartina sarua jeung
raja
prameswari
patih
mantri karajaan
pongawa
Hiyang Bunisora anu pohara ngagem ajaran agama (satmata) jadi pangasuh Niskala Wastu Kancana.
Kecap ngagem saharti jeung ...
nyekel
mentingkeun
ngahormat
mawa
nganut
Hiyang Bunisora ngasah sareng ngatik anjeuna ku rupa-rupa elmu pangaweruh jeung kasantikaan dina ngolah nagara.
Kecap kasantikaan ngandung harti ....
kaparigelan
kasaktian
kasampurnaan
kapercekaan
kadugalan
Ku Hiyang Bunisora, Niskala Waktu Kancana kacida dipikanyaah jeung didama-damana, sasat ngaleuwihan ka putrana nyalira.
Kecap didama-dama ngandung harti ...
dijaga jeung dirawat kalawan ati-ati pisan
dianggap jelema penting tur dihormat.
Disaruakeun jeung ka anak sorangan
dipupusti siga ka barang alus atawa jimat.
Diperlakukeun kalawan hade jeung dihormat
Kituna mah tuda Mangkubumi Suradipati teh sasat kaamanatan sarta diserenan tanggungjawab ti kang raka kanggo ngasuh, ngatik sareng ngajaga kasalametan putrana.
Kecap sasat jeung diserenan ngandung harti ....
puguh, dibere saran
sasab, dipasrahan
ditalatahan, dibere
puguh dipasrahan
pasti, dibere
Atuh Niskala Wastu Kancana ku anjeun suhud diajarna sarta tuhu kana sagala nasehat pamanna.
Kecap suhud jeung tuhu hartina nyaeta ....
daria, nurut
rajin, satia
rajin, nurut
teu nyaho waktu, tanggung jawab
daria, enya-enya
Boh ramana boh pamanna kamashur raja anu wijaksana, jujur tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun tetekon agama jeung darigama
Kecap tetekon sarua hartina jeung ...
bagbagan
aturan, ajaran
amalan
titincakan
palasipah
Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan jeung sipat pribadina dicatet dina prasasti Kawali jeung naskah Carita parahiyangan.
Kecap prasasti nuduhkeun harti .....
tulisan dina tangkal kai
tulisan dina batu atawa tambaga
tulisan dina kaen
tulisan dina kertas daluang
tulisan dina tembok
Sikepna koloteun sanajan umurna ngora keneh, kusabab muhit cara hirup satmata sarta mituhu atikan pangasuhna, Hiyang Bunisora.
Kecap muhit ngandung harti ....
neuleuman
ngajaga
ngajalankeun
ngajarkeun
ngamalkeun
