wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sundanese Language

Total questions: 20

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.

Baca paguneman di handap!

Mang Utas : “Lo… kadieu sakeudeung, urang ngopi heula!”

Si Alo : “Aéh… sugan téh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah”

Mang Utas : “Puguh Lo, amang téh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang Tasik mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis, amang mah asa di Palutungan Kuningan Lo.


Lamun ditilik tina jumlahna, anu keur paguneman téh aya ….

a)

Saurang

b)

Duaan

c)

Tiluan

d)

Opatan

2.

Baca sempalan karangan di handap!

Baréto mah populérna minyak keletik. Tapi ayeuna mah éta istilah geus langka dipaké, lantaran urang nyebutna sok disebut minyak kalapa waé. Pangna disebut minyak kalapa téh sabab bahan pokona tina kalapa.


Sempalan karangan di luhur nyaritakeun ....

a)

Kagunaan minyak keletik

b)

Tahap awal dina nyieun minyak keletik

c)

Bahan poko pikeun nyieun minyak keletik

d)

Definisi minyak keletik

3.

Titénan kalimah-kalimah di handap!

Tatali agama jeung adat dina pergaulan rumaja katingalina geus beuki ngendoran. Tangtuna waé ieu kaayaan téh lain alatan tali agama atawa adat nu ngendoran, tapi parapalaku nu ngajalankeunana anu geus mopohokeunana. Agama jeung adat geus teu pati diperhatikeun demi kasenangan hirupna.


Kalimah – kalimah di luhur téh kaasup ... dina hiji pedaran.

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Rarakay

4.

Perhatikeun susunan dihandap ieu :

1. Prak-prakan nyieun témpé

2. Naon ari témpé

3. Bahan-bahan pikeun nyieun témpé

4. Cara midangkeun témpé


Susunan rangkay karangan bahasan / Eksposisi nu bener nyaéta ….

a)

2 – 1 – 4 – 3

b)

2 – 3 – 1 – 4

c)

3 – 1 – 2 – 4

d)

4 – 1 – 3 – 2

5.

Carita dongéng anu nyaritakeun sajarah model baheula disebut ….

a)

Babad

b)

Fabel

c)

Mitos

d)

Parabel

6.

Sarat lumangsungna hiji paguneman kudu aya … jeung …

a)

Nu nyarita

b)

Nu ngaregepkeun

c)

Nu nyarita jeung nu ngaregepkeun

d)

Jalma jeung baturna

7.

Paguneman kaasup kana komunikasi ….

a)

Isarat

b)

Lisan

c)

Surat

d)

Tulisan

8.

Pipit : ” punten !”.

Otin : . . .

Pipit : ” Dupi ifadah aya kitu ? ”.

Otin : ” Ifadah teh kaleureusan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”.


Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaeta ...

a)

” mangga!”

b)

” monggo! ”

c)

” ya! ”

d)

” yoi!”

9.

Kawih téh nyaéta ….

a)

Kumpulan lagu-lagu sunda

b)

Gabungan dua unsur seni nyaéta seni musik jeung seni sastra

c)

Jenis lagu sunda nu teu kaiket ku ketukan

d)

Lagu-lagu sunda nu bisa dipirig maké kecapi suling

10.

Wawancara téh mangrupakeun kagiatan pikeun ngagali….

a)

elmu

b)

informasi

c)

karesep

d)

sumber duit

11.

Murid : “.... kawitna pupuh téh, Bu?

Narasumber : Asalna mah ti Jawa, ti Mataram.


Kecap pananya pikeun ngalengkapan wawancara di luhur nyaéta ....

a)

kumaha

b)

saha

c)

naon

d)

ti mana

12.

Bédana surat resmi jeung surat pribadi nyaéta ….

a)

Surat resmi aya puhu surat, surat pribadi teu aya

b)

Surat resmi maké titimangsa, surat pribadi teu maké

c)

Surat resmi maké tanda tangan, surat pribadi teu ditanda tangan

d)

Surat resmi teu maké nomer surat, surat pribadi maké nomer surat

13.

Siswa : “Wilujeng enjing, pa!”

Guru Silat : “....”


Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta....

a)

Wilujeng enjing

b)

Bade naon jang?

c)

Wilujeng siang

d)

Bade ka saha cep?

14.

Rek iraha indit ka Bandung teh?


Kalimah diluhur kaasup kana kalimah....

a)

Panyambung

b)

Panyeluk

c)

Wawaran

d)

Pananya

15.

Mulih ..., Bu ?


Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....

a)

ti mana

b)

ka mana

c)

ka dinya

d)

ti dinya

16.

Gaya basa ocon disebut oge gaya basa ....

a)

eufimisme

b)

metanomia

c)

personifikasi

d)

hiperbola

17.

Tulisan anu midangkeun hasil telaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus dimuat dina media massa disebut ....

a)

esey

b)

artikel

c)

carpon

d)

wawaran

18.

Di handap ieu seni sunda has anu tumuwuh di wewengkon Majalengka, nyaeta ....

a)

Kuda renggong

b)

Surak ibra jeung dodombaan

c)

Singan depok

d)

Sampyong jeung Gembyung

19.

Seni sunda anu tumuwuh di daerah Sumedang nyaeta ....

a)

Kuda renggong

b)

Surak ibra jeung dodombaan

c)

Singan depok

d)

Sampyong jeung Gembyung

20.

Bagean surat nu nuduhkeun tempat, tanggal, bulan, jeung taun ditulisna surat nyaeta ....

a)

Bubuka

b)

Titimangsa

c)

Eusi

d)

Panutup