NEW
Font size
WorksheetsUlangan Harian Pantun
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Waditra anu sok dipake dina pagelaran pantun ritual, nya eta...
Kendang
Suling
Kacapi
Goong
Bonang
Ukuran carita pantun, aya nu kasohor panjang kacida, nya eta carita...
Lutung Kasarung
Langgalarang
Haturwangi
Mundinglaya dikusumah
Badak Pamalang
Dumasar kana media sumebarna, pantun gelar sacara...
Lisan
Tulisan
Digital
Wangsit
Teknologi
Carita rekaan anu ukuranna panjang, gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan
Carita Pantun
Sisindiran
Dongeng
Sajak
Carita Pondok
Carita pantun kaasup kana sastra sampakan, hartina...
Karya sastra anu dianggap asli
Ayana kapangaruhan ku karya sejen
Mangrupa titiron tina budaya deungeun
Karya serepan
Karya adaptasi
Perkara pantun tos nyampak dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian taun ...
1515 M
1516 M
1517 M
1518 M
1519 M
Ieu di handap carita pantun anu disebut-sebut dina Naskah Sanghiyang Siksa Kandang Karesian, iwal...
Langgalarang
Banyakcatra
Siliwangi
Haturwangi
Ciung Wanara
Carita pantun mangrupa genre sastra anu babari robah, lantaran...
Caritana gelar sacara lisan
Lalakona ditalar
Carita anu ditepikeun ku juru pantun sakapeung teu sagemblengna katarima ku pananggap catur
Unggal juru pantun boga gaya sorangan nurutkeun pangalamana jeung elmu nu katarima ti guruna
Caritana gelar sacara tulisan
Pantun anu dipagelarkeuna teu sagawayah, ngan ukur dina acara anu tangtu, dina poe salasa jeung jumaah. Make sasajen, dipagelarkeunna sapeuting jeput. Sarta juru pantunna kudu puasa heula, disebut pantun...
Hiburan
Beton
Ritual
Sakral
Mantra
Pantun anu dipagelarkeunna ngan dua jam, sarta taya sarat anu kudu dicumponan, bagian-bagian teksna loba anu eusina banyol malah cawokah, disebut...
Ritual
Hiburan
Sakral
Mantra
Rajah
Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patalukan nu pangahirna, disebut galur
Simpay
Leunjeuran
Maju
Mundur
Campuran
Palaku utama téh ahirna bisa mulang deui ka nagara asalna sanggeus ngalalana meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul, disebut Galur...
Simpay
Leunjeuran
Maju
Mundur
Campuran
Titenan ieu pola carita pantun...
(1) Satria ngalalana
(2) Satria Pajajaran téh unggul perang
(3) Ngadahup ka putri
(4) Ngadeg raja
(5) Ngarandapan Ujian
Sacara ngaruntuy, pola carita pantun nya eta...
1-5-2-3-4
1-4-2-3-5
1-5-3-2-4
1-2-3-4-5
1-2-4-5-3
Sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Eta bagean teh disebut...
Rajah
Narasi
Dialog
Monolog
Deskripsi
Bagian anu sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut ogé papantunan, disebut...
Deskripsi
Rajah
Dialog
Monolog
Narasi
Nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté, disebut...
Deskripsi
Monolog
Dialog
Narasi
Rajah
Paguneman nyaéta paguneman antara parapalakuna, fungsina pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan
Dialog
Monolog
Deskripsi
Narasi
Rajah
Bagean anu nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna, disebut...
Narasi
Deskripsi
Monolog
Dialog
Rajah
Ieu di handap mana anu teu kaasup kana klasifikasi carita pantun, nya eta...
Dumasar Wangun
Dumasar Galur
Dumasar Tempat
Dumasar Pagelaranna
Dumasar Pangarangna
Ieu di handap mangrupa judul-judul carita pantun, iwal
Si Kabayan ngala tutut
Mundinglaya dikusumah
Lutung Kasarung
Ciung Wanara
Nyi Pohaci Sanghyang Sri
