Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Carita Wayang

Total questions: 14

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

Carita wayang Kumbakarna saenyana mah sempalan tina epik...

a)

Mahabarata

b)

Ramayana

c)

Kumbakarna

d)

Kitab Suci

e)

Kurawa

2.

Naha Carita wayang kumbakarna kaasup kana epik Ramayana

a)

Sabab eusi caritana nyaritakeun perang

b)

Sabab eusi caritana nyaritakeun kurawa

c)

Sabab euis caritana nyaritakeun lalampahan Rama, Raja Ayodya

d)

Sabab eusi caritana nunjukkeun turunan Raja Barata

3.

Di tatar Sunda, carita wayang teh umumna dipagelarkeun dina...

a)

pintonan wayang jelema

b)

pintonan wayang wong

c)

pintonan wayang kulit

d)

pintonan wayang golek

4.

...Rahwana nyulik Shinta sarta diboyong ka Alengka, diperangan ku Rama dibantuan pasukan wanara ti Kiskendasakabeh pangagung Alengka palastra...


sempalan carita di luhur nyaritakeun carita..

a)

Mahabarata

b)

Wibisana

c)

Ramayana

d)

Alengka

5.

Di India Carita Ramayana jadi Kitab Suci umat..

a)

Hindu

b)

Budha

c)

Kejawen

d)

Kepercayaan

6.

Epik Ramayana dikarang ku...

a)

Wiyasa

b)

Waikiki

c)

Walmiki

d)

Winayasa

7.

Epik Mahabarata ditulis di India, dijadikeun kitab umat..

a)

Budha

b)

Kejawen

c)

Hindu

d)

Islam

8.

Epik Mahabarata sok disebut oge...

a)

perang kulawarga Barata

b)

Perang Pandawa

c)

Perang Pandu

d)

Perang Kurawa

9.

Carita wayang di nusantara teh asalna tina pagelaran wayang nu mangrupa sempalan-sempalan tina epik Ramayana jeung Mahabarata...


Sebutkeun judul carita wayang nu dibawa tina epik Mahabarata..

a)

Kumbakarana

b)

Kumbakarna gugur

c)

Perang Barata

d)

Sayembara ti Mantili

10.

Aya sababaraha bedana carita wayang ti India jeung carita wayang di urang, salahsahijna nyaeta tokoh Dorna.

dina carita ti India tokoh Dorna kacaritakeun jadi guru pandawa jeung kurawa anu boga sipat wijaksana jeung dipihormat.

kumaha karakter tokoh Dorna tina carita di urang...

a)

ukur jadi pamajikan yudistira

b)

jadi tokoh carita nu julig, rehe jeung pikasebeleun, tur leuwih mihak ka kurawa batan ka pandawa

c)

jadi tokoh penting

d)

jadi tokoh nu wijaksana

11.

Bedana carita wayang ti India djeung Carita wayang ti Urang nyaeta salahahjijina dian tokoh Drupadi

Tokoh Drupadi ti India teh poliandri, nyaeta jadi pamajikan Pandawa lima (Yudistita, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa)

kumaha tokoh Drupadi dina carita wayang di urang...

a)

jadi pamajikan Yudistira hungkul

b)

jadi pamajikan Bima hungkul

c)

jadi pamajikan arjuna hungkul

d)

jadi pamajikan sadewa hungkul

12.

aya sababaraha bedana antara carita wayang jeung dongeng, diantarana dina tokoh

dina dongeng tokoh bisa sato, manusa, tutuwuhan atawa barang

kumaha tokoh dina carita wayang...

a)

Pandawa lima hungkul

b)

tokoh tokoh nu aya dinaepik ramayana jeung sato

c)

tokoh tokoh nu aya dina epik mahabarata jeung sato

d)

tokoh tokoh nu aya dina epik mahabarata jeung ramayana hungkul

13.

Saha wae Pandawa Lima teh

a)

Rama, Shinta, Kumbakarna, Wibisana, Arjuna

b)

Yudistira, Bima, arjuna, Nakula jeung sadewa

c)

Kumbakarna, Wibisana, Arjuna, Bima, Prahasta

d)

Rahwana, Rama, Shinta, Arjuna, Bima

14.

kumaha karakter tokoh Gatotkaca dumasar kana carita wayang ti urang

a)

ngalakonkeun tokoh nu teu penting penting

b)

ngalakonkeun tokoh penting

c)

jadi raja nu wijaksana

d)

prajurit nu perkasa