Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN SUNDA 1 KELAS X

Total questions: 30

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Bahasa merupakan alat komunikasi dan menjadi ciri utama suatu bangsa.

Ieu di handap minangka kalimah tarjamahan anu merenah, nyaéta . . . .

a)

Basa nyaéta pakakas komunikasi sarta jadi ciri utama hiji bangsa

b)

Basa mangrupakeun pakakas komunikasi sarta jadi ciri utama hiji bangsa

c)

Basa nyaéta pakakas komunikasi jeung jadi ciri hiji-hijina hiji bangsa.

d)

Basa mangrupakeun alat komunikasi sarta jadi ciri utama hiji bangsa

e)

Basa mangrupa alat komunikasi sarta jadi ciri utama hiji bangsa

2.
Ieu dihandap anu teu kagolong kana runtuyan prosés narjamahkeun nyaéta . . . .
a)
néangan téks wacana anu hadé
b)
maham kana eusi
c)
mariksa (analysis)
d)
mindahkeun (transfer)
e)
ngawangun deui (restructuring)
3.
Dina prosés narjamahkeun basa séjén kana basa Sunda, teu sakabéhna kecap atawa kalimah manggih harti anu merenah. Najan kitu aya cara sangkan éta kecap atawa kalimah téh ditulis dina wangun nu angger sarta karasa merenah nalika dibaca. Ku kituna, bisa ditulis ku cara . . . .
a)
digurathandapan
b)
dikandelkeun (bold)
c)
dicondongkeun
d)
kapital
e)
biasa
4.
Sangkan babari nalika narjamahkeun téks, sarta sangkan hasilna merenah, kalintang pentingna urang mibanda kamus. Kamus anu kalintang pentingna pikeun narjamahkeun nyaéta kamus . . . .
a)
istilah
b)
asing
c)
énsiklopédi
d)
dwibasa
e)
ekabasa
5.
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebut . . . .
a)
carpon
b)
dongéng
c)
skétsa
d)
biografi
e)
fiksimini
6.
Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng . . . .
a)
farabel
b)
legenda
c)
mite
d)
fabel
e)
sasakala
7.
Ieu di handap anu teu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta . . . .
a)
sakabéh eusi caritana bohong
b)
teu kapaluruh saha nu ngarangna
c)
ngandung unsur-unsur pamohalan
d)
awalna kagolong kana sastra lisan
e)
sumebarna tatalépa sacara lisan
8.
Ditilik tina jenis-jenis (warna) dongéngna, dongéng Si Kabayan ngala nangka téh asup kana  warna dongéng ….
a)
fabel
b)
farabel
c)
sasakala
d)
Sagé
e)
mite
9.
Kacaturkeun Prabu Borosngora, anak kadua Prabu Cakradéwata. Ari Prabu Cakradéwata téh raja Karajaan Panjalu anu kawéntar gagah tur sakti, tapi teu percaya kana ayana déwa anu mangsa harita jadi kapercayaan balaréa. Ngaran “Cakra” téh ngandung harti “nolak” kana ayana déwa. Ari ajaran anu diagem ku Cakradéwata nyaéta Sunda Wiwitan.
Dumasar kana struktur dongéng, sempalan dongéng di luhur nuduhkeun . . . .
a)
jejer
b)
latar
c)
palaku
d)
amanat
e)
galur
10.
Dongéng-dongéng si Kabayan téh eusina nyaritakeun jalma anu mahiwal, kalakuanana teu lumrah (teu sarua) jeung batur. Naha sipatna téh pikalucueun, pikasebeleun, atawa pikangéwaeun batur. Salian ti dongéng-dongéng si Kabayan, conto dongéng séjénna anu miboga karakter nu sarua nyaéta ....
a)
dongéng Kuya jeung Monyét ngala Cau
b)
dongéng Déwi Sri
c)
dongéng Sangkuriang
d)
dongéng si Lamsijan jeung dongéng Abunawas
e)
dongéng Talaga Warna
11.
Salah sahiji ciri tina dongéng téh nyaéta ngandung hal-hal nu pamohalan. Dina carita dongéng Si Kabayan Ngala Nangka, bagian mana anu asup kana hal pamohalanana?
a)
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana
b)
Nangka nu gedé mah pasti kacida beuratna mun dibawa ku sorangan
c)
Si Kabayan horéameun lamun kudu manggul éta nangka ka imahna
d)
Si Kabayan nitah nangka balik ti heula,da ceuk pikirna ari nangkana geus asak tur geus kolot mah, pasti apal jalan balik sorangan
e)
Nyi Iteung nu keur hamil hayang nangka nu kolot
12.
Istilah "tarjamah" téh asalna tina basa Arab. Ari dina basa Inggris mah disebutna ….
a)
languange
b)
lecture
c)
translation
d)
transaction
e)
task
13.
Nu kaasup wanda tarjamahan saduran nyaéta …
a)
tarjamahan sastra, tarjamahan otomatis, tarjamahan fungional.
b)
tarjamahan faktual, tarjamahan dinamis, tarjamahan fungsional.
c)
tarjamahan sastra, tarjamahan faktual, parafraseu.
d)
parafraseu, tarjamahan sastra, tarjamahan interlinéar
e)
tarjamahan interlinéar, tarjamahan formal, tarjamahan dinamis.
14.
Wangun tarjamahan anu ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah tina basa sumber kana basa sasaran nyaéta ….
a)
tarjamahan otomatis
b)
tarjamahan budaya
c)
tarjamahan dinamis/fungsional
d)
saduran
e)
tarjamahan formal atawa harfiah
15.
tarjamahan unggal kecap, dumasar kana runtuyan kecap dina basa aslina nyaéta ….
a)
tarjamahan interliéar
b)
tarjamahan formal
c)
tarjamahandinamis
d)
saduran
e)
tarjamahan budaya
16.
Anu dimaksud ngabangkérok nyaéta ….
a)
ngasakan kadaharan ku cara diseupan atawa dibubuy
b)
ngasakan kadaharan maké panggang luhureun ruhak, dibulak-balik sangkan teu tutung
c)
ngasakan kadaharan ku cara ngasupkeun kana jero lebu panas
d)
ngasakan kadaharan tina ketan nu dicampur parud kalapa dina katél panas nu diulasan minyak kalapa atawa mantega
e)
ngasakan béas dina kastrol
17.
Anu dimaksud ngabolostran nyaéta ….
a)
ngasakan kadaharan ku cara diseupan atawa dibubuy
b)
ngasakan kadaharan maké panggang luhureun ruhak, dibulak-balik sangkan teu tutung
c)
ngasakan kadaharan ku cara ngasupkeun kana jero lebu panas
d)
ngasakan kadaharan tina ketan nu dicampur parud kalapa dina katél panas nu diulasan minyak kalapa atawa mantega
e)
ngasakan béas ku cara ditim, diwadahan kana rantang atawa plastik anu dibolongan maké panitih, biasana caina rada loba, diantep teu dikulah-kaléh cara ngabubur
18.
Putri Kandita atawa katelah Dewi Srangéngé anu kageulisanana siga panon poé nu éndah kiwari nelah ngaranna ….
a)
Sri Baduga
b)
Dewi Sri
c)
Nyi Ratu Prameswari
d)
Nyi Roro Kidul
e)
Roro Jongrang
19.
Ieu di handap nu kaasup kana waktu nu patali jeung kaayaan alam nyaéta ….
a)
usum mamaréng, usum ngijih, usum dangdarat.
b)
usum mamaréng, usum pagebug, usum nyambut.
c)
usum nyacar, usum ngahuru, usum ngaseuk.
d)
usum tigerat, usum paceklik, usum nguyang.
e)
usum tandur, usum celetu, usum beukah.
20.

Anu dimaksud usum loba nu gering parna, loba nu maot nyaéta ….

a)

usum sasalad

b)

usum parepok

c)

usum tigerat

d)

usum paceklik

e)

usum pagebug

21.

Anu dimaksud usum waktu mindeng turun hujan nyaéta ….

a)

usum mamaréng

b)

usum ngijih

c)

usum dangdarat

d)

usum katiga

e)

usum barat

22.
Mangsa melakkeun binih paré dina kotakan sawah disebut ogé ….
a)
usum tandur
b)
usum tebar
c)
usum panén
d)
usum nyambut
e)
usum beukah
23.

Nu kaasup usum-usuman waktu nu patali jeung kaayaan di masarakat diantarana …

a)

usum pagebug, usum sasalad, usum parepok.

b)

usum pagebug, usum pibuateun, usum sasalad.

c)

usum nyambut, usum tebar, usum celetu.

d)

usum nyacar, usum ngoréd, usum panén.

e)

usum ngijih, usum mamaréng, usum katiga.

24.
Ieu di handap nyaéta sawatara wanda dongéng diantara ...
a)
fabel, farabel, mite
b)
fabel, sajak, guguritan
c)
sasakala, légénda, carita pantun
d)
farabel, sasakala, fiksimini
e)
sisindiran, wawangsalan, tatarucingan
25.

Ieu di handap anu bisa digunakeun pikeun ngaalihbasakeun nyaéta . . . .

a)
b)
c)
d)
e)
26.

Teu kagambarkeun rurupaan jeung adeg-pangadeg sémah nu datangna tumarojong.


Sempalan carita di luhur lamun ditarjamahkeun kana basa Indonesia jadi saperti ieu di handap nyaéta . . . .

a)

Tak terbayangkan rupa dan berdirinya tamu yang datang berbondong-bondong

b)

Tak mampu kugambarkan, bagaimana rupa tamu yang datang tiba-tiba itu

c)

Tidak tergambarkan bagaimana rupa perawakanmu yang datang tiba-tiba

d)

Tidak dapat menggambar bagian wajah dirimu yang datang tiba-tiba

e)

Tak terimajinasikan bagaimana rupa wajahmu yang datang bersama-sama

27.

Ieu di handap nu teu kaasup kaonjoyan (keunggulan) google translet nyaéta . . . .

a)

Ngarojong sakabéh basa

b)

Média diajar basa deungeun

c)

Leuwih babari digunakeun

d)

Bisa nuduhkeun kumaha ngocapkeunana

e)

Kandaga kecap anu teu saluyu

28.

Sembilan bulan Anita mengandung anaknya yang pertama


Kalimah di luhur lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi saperti ieu di handap nyaéta . . . .

a)

Salapan bulan Anita kakandungan anakna nu munggaran

b)

Salapan bulan Anita reuneuh anak ka hiji

c)

Salapan bulan Anita kakandungan anak hiji

d)

Salapan bulan Anita téh kakandungan anak anu ngan hiji-hijina

e)

Salapan sasih Anita kakandungan anak nomer hiji

29.

Hasil tarjamahan karya saperti puisi jeung drama kalawan museurkeun kana wangun-wangun puisi, konotasi, emotif jeung gaya basa disebut . . . .

a)

Tarjamahan sastra

b)

Tarjamahan factual

c)

Parafraseu

d)

Tarjamahan intelniéar

e)

Tarjamahan budaya

30.

Salasahiji padika narjamahkeun nu hadé iwal ti . . . .

a)

kudu satia kana téks aslina sarta némbongkeun kajujuran

b)

perhatikeun kalawan daria jeung sumanget susasna dina karangan aslina

c)

Hasil tarjamahan téh ulah katémbong minangka karya tarjamahan

d)

Kudu ngaguluyur saperti karangan aslina

e)

Luyukeun waé sakahayang saupama gaya basana luhur urang bisa make gaya anu basajan waé