wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SPOILER PEKUL 11

Total questions: 10

Worksheet time: 4mins

Name
Class
Date
1.

Hal hal anu dilakukeun nalika keur biantara teh nyaeta...

a)

Silih madungdengkeun antara kelompok dina hiji téma pasualan

b)

Silih tembal antara kelompok pro jeung kontra

c)

Nyarita dihareupeun balaréa pikeun nepikeun informasi

d)

Nyarita dihareupeun balaréa pikeun ngatur hiji acara

e)

karya sastra nu luyu jeung aturan pikeun nyindir tapi teu togmol

2.

"Assalamualaikum warrahmatullahi wabarakatuh. Sampurasun! Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka gusti nu maha suci."

Kalimah diluhur mangrupa struktur biantara...

a)

Salam pamuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

e)

Salam panutup

3.

Ari kacindekan kaasup kana struktur biantara...

a)

Salam Pamuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

e)

Salam Panutup

4.

Karang Taruna Desa Cikeong ngayakeun penyuluhan di Alun-Alun Cikeong. Nalika Penyuluhan, ngadadak MC dipanggung miwarang Mang Saswi kapayun ngadugikeun pamapag margi ketuana teu aya, sabab Mang Saswi teh Wakil Ketua.

Biantara pamapag nu di dugikeun ku Mang Saswi saena ngagunakeun padika...

a)

Memoriter

b)

Manuskrip

c)

Impromptu

d)

Ekstemporan

e)

Talaran

5.

Dina usum kampanye kamari, seueur baliho calon legislatif papada nepikeun kamandangna ngeunaan visi misi manehna saupama kapilih.

Gaya biantara nu loyog dipake nyaeta...

a)

Lagam Didaktik

b)

Lagam Religius

c)

Lagam Agiator

d)

Lagam Sentimentil

e)

Lagam Konversasi

6.

"Eta Si Idoy kutap ketap ningal kadaharan, siga nu hayang wae unggal batur dahar, kamari ge langsung menta kueh bandros ka Ceu Edoh, karek ge Ceu Edoh ngahuap."

Paribasa nu luyu kana sikep Idoy nyaeta...

a)

Jauh Ka Bedug

b)

Bodo Alewoh

c)

Lamun Keyeng Tangtu Pareng

d)

Elmu Tungtut Dunya Siar

e)

Laer Gado

7.

Katumbiri Di Cigeulis

Ti Citeureup ka Ciamis

Kaciri seuri nu geulis

Mun diteuteup beuki manis


ditilik tina wangunna, sisindiran diluhur mangrupa sisindiran...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Silih Asih

d)

Piwuruk

e)

Sesebred

8.

Itu gunung, ieu gunung,

.............................

Itu pundung, ieu pundung,

Marebutkeun karpet budug


Padalisan nu kosong mangrupa bagian...

a)

Cangkang

b)

Eusi

c)

Bubuka

d)

Kacindekan

e)

Panutup

9.

Itu gunung, ieu gunung,

.............................

Itu pundung, ieu pundung,

Marebutkeun karpet budug


Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran diluhur nyaeta

a)

Diadukeun ngabeledug

b)

Numpak gajah beledug

c)

Mangmeulikeun bedug

d)

Marebutkeun gajah beledug

e)

ulah nepi ka ngabeledug

10.

Imah ngambang di sagara

Moal kapalang nya bela


wangsalna...

a)

Sangsara

b)

Imah

c)

Kapal

d)

Pesawat

e)

Mobil