wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS CARITA WAYANG

Total questions: 10

Worksheet time: 3mins

Name
Class
Date
1.
Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna…
a)
wawacan
b)
hikayat
c)
carita pantun
d)
dongéng
e)
carita wayang
2.
Aya bébédaan carita wayang di urang jeung aslina ti India, di antarana guru Pandawa jeung Kurawa anu dina aslina pandita wijaksana, di urang boga karakter kacida goréngna, nyaéta...
a)
raja Pancala
b)
Bisma
c)
Sangkuni
d)
Adipati Karna
e)
Begawan Dorna
3.
Dina carita wayang di urang, utamana anu dipagelarkeun dina wayang golék, sok kapanggih tokoh Semar, Cepot, Dawala, jeung Garéng, anu sok disebut ogé tokoh...
a)
dagelan
b)
punakawan
c)
pangiring
d)
bodoran
e)
setiakawan
4.
Jumlahna aya 100 urang sarta lahir tina saguruntul daging ti Déwi Gandari, nyaéta…
a)
Pandawa
b)
Wayang Buta
c)
Kumbakarna
d)
Kurawa
e)
Amerta
5.
Aya bagian tina pagelaran wayang anu biasana aya dina bubuka, diomongkeun ku dalang sarta ditembangkeun, disebut…
a)
antawacana
b)
lawang sigotaka
c)
gugunungan
d)
jantunan
e)
kakawén
6.
Caritana museur dina peperangan antara pihak Ayodya jeung Aléngka lantaran raja Aléngka nyulik Sinta, istrina Rama. Éta jejer tina carita…
a)
Rikmadenda
b)
Mahabrata
c)
Ramayana
d)
Bimasakti
e)
Rama Gandrung
7.
Jumlahna aya lima tur limaanana sakti lantaran katitisan ku Déwa sarta boga hak kana kaprabon Astinapura, nyaéta…
a)
Déstrata
b)
Kurawa
c)
Aléngka
d)
Pandawa
e)
Ayodya
8.
Pagelaran wayang golék boga fungsi salian ti hiburan, nyaéta pikeun nyalametkeun hiji lembur atawa tempat tina marabahaya atawa panyakit, disebutna…
a)
nyawér
b)
ngaruat
c)
tingkeban
d)
babarit
e)
mipit
9.
1) Asep Sunandar Sunarya 2) Koko Koswara 3) Cécép Suprriadi 4)Dédé Amung Sutarya 5) Jamar Média. Tina ngaran-ngaran di luhur anu kakoncara jadi dalang wayang golék nyaéta…
a)
1,2,3,4
b)
1,3,4,5
c)
3,4,5
d)
2,3,4,5
e)
1,2,4,5
10.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana warnaning wayang, nyaéta wayang…
a)
golék
b)
kulit
c)
purwa
d)
potéhi
e)
prabu