WorksheetsResensi post test
Total questions: 15
Worksheet time: 11mins
Kecap résénsi anu ayeuna dipaké dina basa Sunda asalna tina kecap “resentie” nu asalna tina basa ....
Prancis
Jerman
Bélgia
Walanda
Inggris
Titénan runtuyan ieu di handap:
1) buku
2) film
3) upacara adat
4) pintonan drama
5) album musik
Obyék nu bisa dirésénsi dituduhkeun ku nomer ....
1, 2, 3, 4
1, 3, 4, 5
1, 2, 4, 5
2, 3, 4, 5
3, 4, 5
Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....
buku fiksi atawa non fiksi
buku kasohor atawa buku teu kasohor
buku penting atawa buku nu teu penting
buku kandel atawa buku ipis
buku murah atawa buku mahal
Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....
méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna
ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana
ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku
méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna
méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina
nu nulis resensi kudu ngagambarkeun kapunjulan jeung kahengkeran tina eusi karya anu rek diresensina disebut oge bagian struktur resensi...?
Identitas karya
Ringkesan Carita
Kacindekan karya
Tilikan Eusi
ieu di handap kalimah nu kaasup kana bagian resensi ngeunaan kapunjulan jeung kahengkeran anu mernah nya eta...
luyu jeung genre drama history, pilem soekarno geus hasil nembongkeun fakta-fakta sajarah anu salila ieu can pati kaguar
soekarno jeung Hatta, narekahan cita-cita jeung perjuangan sangkan Indonesia Merdeka....
Film Soekarno "Tarekah Numuwuhkeun Sikep Nasionalisme Kaom Rumaja
Ario Bayu salaku Soekarno, Lukman Sardi salaku Hatta, Maudy Koesnady salaku Inggit Garnasih ....
ieu di handap nu kaasup kana struktur Resensi Identitas Karya anu mernah kajaba...
Judul Resensi
Judul PIlem atawa buku
Eusi Carita
Pangarang atawa sutradara
Résénsi téh asalna tina basa Latin anu hartina nyawang, nimbang-nimbang, atawa ngajén, nu asalna tina kecap ....
recensere
review
reduplication
recensator
resensi
ieu di handap conto kecap serepan nu sok dipake dina basa Sunda ngan cara ngucapkeunana masih nuturkeun kana basa aslina nya eta...
Haemoglobin
Up grading
Castra
Phase
Dina nyusun rangkay resensi pilem nu nulis medar ngeunaan carita pilem (Sinopsis) nyaritakeun ngeunaan hade gorengna pilem nepi ka tokoh-tokohna dina eta pilem.
Bener
Salah
Titénan dadaran ieu di handap:
1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;
2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;
3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;
4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).
Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....
1 jeung 2
1, 2, jeung 3
1, 3, jeung 4
2 jeung 3
2, 3, jeung 4
“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar.” Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....
data buku
déskripsi bab per bab
kasang tukang
rékoméndasi keur calon nu maca
kritik kana eusi buku
Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang sacara singget sarta umum ngeunaan eusi hiji buku. Bahasan siga kitu téh kapanggih dina wanda résénsi ....
arguméntatif
informatif
kritis
naratif
déskriptif
Ieu di handap aspek anu mernah enggoning mere tinimbangan ajen sacara objektif dina ngaresensi hiji karya nya eta
Nu ngaresensi ku lega elmu pangaweruh dina sagala widang
nu nulis resensi kudu sadar kana kawatesanan kana pamadegan kana hiji karya
kudu weruh kana kalayan gembleng kana maksud jeung tujuan pangarang aslina
nu ngaresensi kudu loba lalajo jeung maca buku sangkan gampil nulis resensina
ieu di handap nu kaasup kana jinis-jinis resensi anu mernah kajaba...
resensi informatif
resensi evaluatif
resensi persuatif
resensi informatif evaluatif
