wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS KELAS X

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna…
a)
carpon
b)
dongéng
c)
skétsa
d)
biografi
e)
fiksimini
2.
dongéng téh geus aya ti baheulana, malah bisa jadi geus aya ti jaman prasejarah kénéh, ku sabab kitu dongéng sok teu kapaluruh saha anu ngarangna, atawa sok disebut…
a)
sinonim
b)
anonim
c)
homonim
d)
akronim
e)
antonim
3.
kaayeunakeun loba jalma anu ngadokuméntasikeun dongéng jadi buku atawa tulisan, padahal saméméhna mah dongéng téh nyebar sacara…
a)
lisan jeung tulisan
b)
tulisan dina babatua
c)
tulisan dina kulit sasatoan
d)
tulisan
e)
lisan
4.
ciri anu mandiri tina carita dongéng téh caritana anu pamohalan, contona…
a)
jalma bisa gelut jeung sato
b)
monyét ngadahar cau
c)
sasatoan bisa nyarita
d)
sato bisa hirup di lembur
e)
Si Kabayan boga mitoha
5.
dongéng sok dipaké bahan pangajaran ku kolot ka budakna ku cara didongéngkeun saméméh barudak saré, lantaran dina dongéng téh kakandung…
a)
amanat moral anu hadé
b)
carita anu babari kaharti
c)
lalakon anu pamohalan
d)
carita anu ramé
e)
lalakon anu matak pikaseurieun
6.
Aya salah sahiji sipat dongéng anu dipikaresep ku masarakat, lian ti ngandung naséhat anu hadé ogé jadi sarana…
a)
pangajaran
b)
hiburan
c)
silaturahmi
d)
komunikasi
e)
pergaulan
7.
dongéng téh aya di mamana di saalam dunya, boh di Asia, éropa, Amérika, jrrd., malah aya dongéng-dongéng urang anu sarimbang antara di urang jeung di batur, contona dongéng Si Kabayan jeung dongvng… ti Timur Tengah.
a)
Si Congcorang
b)
Oidipus
c)
Abu Nawas
d)
Sudagar Bagdad
e)
Wa Dulhog
8.
aya carita "Nyi Roro Kidul" sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng…
a)
parabel
b)
légénda/sasakala
c)
sagé
d)
mite
e)
babad
9.
dina dongéng Si Kabayan, tokoh anu langka dicaritakeun téh nyaéta…
a)
Si Iteung, pamajikan Si Kabayan
b)
Si Atok, anakna Si Kabayan
c)
mitohana Si Kabayan
d)
sobatna Si Kabayan
e)
babaturan Si kabayan
10.
unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta…
a)
téma
b)
palaku
c)
purwakanti
d)
galur
e)
latar