wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sunda Kelas VIII SMT 1 - SISINDIRAN

Total questions: 20

Worksheet time: 32mins

Name
Class
Date
1.

Sisindiran asal kecapna tina ...

a)

Nyindir

b)

Sindir

c)

Sisindir

d)

Sindiran

2.

Sisindiran dumasar teksna, kabagi jadi ... rupa.

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

3.

Rarakitan asal kecapna tina ....

a)

Rarakit

b)

Rakitan

c)

Kitan

d)

Rakit

4.

Paparikan asal kecapna tina "parek" anu hartina ...

a)

Nyindir

b)

Nasihat

c)

Padeukeut

d)

Rarakitan

5.

Aturan dina rarakitan jeung paparikan, dina sapada kudu aya .....

a)

4 padalisan

b)

2 padalisan

c)

8 padalisan

d)

3 padalisan

6.

ieu di handap mangrupa eusi tina sisindiran, iwal ti .....

a)

Piwuruk

b)

Silih Asih

c)

Sésébréd

d)

Wawangsalan

7.

Meuli lontong reujeung kopi

Kertas kado ditalian

Ulah loba nongton tipi

Matak poho pelajaran


Sisindiran di luhur dumasar téks kaasup .....

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Kakawihan

8.

Lamun hayang masak tumis

Ulah dina coét batu

Lamun hayang jadi artis

Ulah mumul ngosok huntu


Sisindiran di luhur dumasar téks kaasup .....

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Kakawihan

9.

Belut sisit saba darat

Dibawana ka Cikuray


Sisindiran di luhur dumasar téks kaasup .....

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Kakawihan

10.

Dudukuy panjang gagangna

Pikir bati ngalayanglayung


Wangsal tina sisindiran di luhur nyaéta .....

a)

Oray

b)

Payung

c)

Gayung

d)

Ati

11.

Awak leutik hideung meles

Ditingali ku nu peureum


Wangsal tina sisindiran di luhur nyaéta .....

a)

Beureum

b)

Kuli

c)

Sireum

d)

Laleur

12.

Dina sisindiran aya nu disebut murwakanti atawa sarua sora tungtung, lamun dina polana nyaéta .....

a)

a-a-b-b

b)

a-a-a-a

c)

b-b-b-a

d)

a-b-a-b

13.

Ka warung meuli kalapa

Diparud ku tukang lisah

.........................................

........................................


Kalimah anu merenah tina eusi paparikan di luhur nyaéta .....

a)

Guru digugu jeung ditiru

Indung bapa dihargaan

b)

Kudu getol ka sakola

Sangkan beunghar ku pangarti

c)

Mun urang ngedul diajar

Geus kolot bodo jadina

d)

Sing nurut ka indung bapa

Ambéh duanana nyaah

14.

Mun érék indit ka Banjar

Moal balik ka Jakarta

.........................................

........................................


Kalimah anu merenah tina eusi rarakitan di luhur nyaéta .....

a)

Kudu getol ka sakola

Sangkan beunghar ku pangarti

b)

Mun urang ngedul diajar

Geus kolot bodo jadina

c)

Guru digugu jeung ditiru

Indung bapa dihargaan

d)

Sing nurut ka indung bapa

Ambéh duanana nyaah

15.

Cau naon cau naon

Cau kulutuk di juru

Bau naon bau naon

Bau hitut nu di juru


Eusi tina paparikan di luhur nyaéta .....

a)

Piwuruk

b)

Silih Asih

c)

Sésébréd

d)

Rarakitan

16.

Padalisan ka hiji jeung ka dua dina paparikan jeung rarakitan disebut .....

a)

Eusi

b)

Cangkang

c)

Pada

d)

Murwakanti

17.

Padalisan ka tilu jeung ka opat dina paparikan jeung rarakitan disebut .....

a)

Eusi

b)

Cangkang

c)

Pada

d)

Murwakanti

18.

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol néangan élmu

Nu guna dunya ahérat


Bagian cangkang tina sisindiran di luhur nyaéta .....

a)

Sing getol néangan élmu

Nu guna dunya ahérat

b)

Sing getol nginum jajamu

Nu guna dunya ahérat

c)

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

d)

Nu guna nguatkeun urat

Nu guna dunya ahérat

19.

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol néangan élmu

Nu guna dunya ahérat


Bagian eusi tina sisindiran di luhur nyaéta .....

a)

Sing getol néangan élmu

Nu guna dunya ahérat

b)

Sing getol nginum jajamu

Nu guna dunya ahérat

c)

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

d)

Nu guna nguatkeun urat

Nu guna dunya ahérat

20.

.........................................

........................................

Ari gaya siga artis

Suku hurik roormbéheun


Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaéta .....

a)

Ka pasar rék meuli buncis

Daun sampeu keur seupaneun

b)

Saha éta baju beureum

Leumpangna aclog-aclogan

c)

Lamun milu ulah ceurik

Sing éra ku babaturan

d)

Mawa buku eujeung pulpén

Kantongna henteu digandong