WorksheetsUlangan Harian Pupujian
Total questions: 20
Worksheet time: 3600secs
Gusti urang sadayana
Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana
Saha Nabi anu mulya tur asalna ti bangsa Arab Qurés?
Nabi Muhammad SAW
Nabi Adam AS
Nabi Isa AS
Nabu Sulaéman AS
Ibuna Siti Aminah
Ramana Sayid Abdulah
Dibabarkeuna di Mekah
Wengi Senén taun Gajah
Kecap dibabarkeun dina rumpaka pupujian di luhur miboga harti....
Dilahirkeun
Ditulis
Dijenengkeun
Dilantik
Ibuna Siti Aminah
Ramana Sayid Abdulah
Dibabarkeuna di Mekah
Wengi Senén taun Gajah
Saha nami Ibuna Kanjeng Nabi Muhammad SAW ?
Siti Aisyah
Siti Aminah
Siti Solehah
Siti Komala
Ibuna Siti Aminah
Ramana Sayid Abdullah
Dibabarkeuna di Mekah
Wengi Senén taun Gajah
Saha nami Ramana Kanjeng Nabi Muhammad SAW ?
Sayid Abdillah
Sayidina Ali
Sayid Abdullah
Abdullah Sayid
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
Jalma nu kumaha nu bakal ngarasakeun nyeurina sakarat téh ?
Tara ulin
Tara sakola
Teu bisa pupujian
Tara solat
Pupujian téh salasahiji karya sastra Sunsa dina wangun....
Ugeran
Lancaran
Drama
Prosa
Pupujian téh asalna tina sa'ir, nyaéta puisi asalna ti....
Inggris
India
Jawa
Arab
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
Kumaha karasana jalma nu keur sakarat ?
Nyeurina ni'mat kabina-bina
Bungah kacida
Nyeurina kabina-bina
Sedih
Upama nilik wangunna, pupujian téh kauger ku purwakanti, jumlah, engang, jeung jumlah....
Pada
Jejer
Padalisan
Lagu
Ngagalindengkeun atawa ngalagukeun pupujian téh disebutna....
Nadoman
Déklamasi
Manggung
Monolog
Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Kunaon pangna ngalaksanakeun ibadah téh ulah campoléh?
Bisina kaburu suksés
Bisina kaburu bagja
Bisina kaburu Sakarat
Bisina kaburu paéh
Sabab urang bakal mati
Nyawa dipundut ku Gusti
Najan raja nyakrawati
Teu bisa nyingkahan pati
Ku saha nyawa téh dipundutna?
Ku sorangan
Ku Syaiton
Ku Gusti
Ku tatangga
Keur opat taun yuswana
Diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna
Nuju yuswa sabaraha taun Kanjeng Nabi dibeulah dadana?
Sataun
Dua taun
Tilu taun
Opat taun
Keur opat taun yuswana
Diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna
Saha nu meulah dada Kanjeng Nabi téh?
Abdi
Malaikat
Gusti
Syaiton
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
Ngeusikeun kana manahna
Élmu hikmat sapinuhna
Naon anu dieusikeun kana manah Kanjeng Nabi ku malaikat Jibril sareng Mikail téh?
Eusi haté nu bersih
Élmu hikmat sapinuhna
Kadzoliman sapinuhna
Dahareun nu loba
Gusti urang sadayana
Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana
Rumpaka pupujian di luhur téh jumlahna aya....padalisan.
3
4
5
6
Kakuping soara adan
Ti masjid ti katebihan
Singhoréng téh ngawartosan
Ngajak solat babarengan
Naon amanat tina pupujian di luhur?
Ngajak Solat
Ngajak ulin
Ngajak diajar
Ngajak ngaji
Pesen pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregepkeun pupujian téh disebutna....
Jejer
Nada
Amanat
Purwakanti
Anu disebut purwakanti dina rumpaka pupujian téh nyaéta....
Gagasan pokok anu rék ditepikeun ku pangarang ka nu maca
Pesen pangarang anu karasa ku nu maca atau nu ngaregepkeun
Pedeukeut atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah
Sikep pangarang ka nu maca
Ibuna Siti Aminah
Ramana sayid Abdullah
Dibabarkeuna di Mekah
Wengi Senén taun Gajah
Di mana Kanjeng Nabi dibabarkeuna téh?
Di Mekah
Di Madinah
Di Karaton
Di Istana
