WorksheetsLAPORAN KAGIATAN
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Beja anu dijeun salaku bukti pertanggungjawaban ti pihak anu patali jeung hal anu geus dilakukeun, minangka bukti pertanggungjawaban disebut....
Artikel
Warta
Bewara
Laporan Kagiatan
Proposal
Ieu kagiatan teh dilakukeun ku sakumna siswa ti unggal kelas jeung jurusan, kalayan wawakil anu kadaptar pikeun unggal kelompok ti unggal kelas jumlahna aya 60 urang.
Kalimah di luhur mangrupa conto dadaran .... laporan kagiatan.
Bubuka
Waragad
Hasil Kagiatan
Pamilon
Panutup
Kelompok anu kapilih pikeun unggal kagtegori nyaeta:
(1) Kelompok 3 ti kelas X anu midangkeun layeutan kawih dileler “Pamidang Favorit.”
(2) Kelompok 4 ti kelas XI anu midangkeun angkung dileler “Pamidang Motekar.”
(3) Kelompok 1 ti kelas XII anu midangkeun drama Lutung Kasarung dileler “Pamidang Mencrang.”
Bagian laporan kagiatan di luhur kaasup kana bagian....
Bubuka Kagiatan
Waragad Kagiatan
Pamilon Kagiatan
Hasil Kagiatan
Panutup Kagiatan
(1) Kacindekan
(2) Kasang tukang kagiatan
(3) Tujuan kagiatan
(4) Jumlah waragad
(5) Kedaling rasa tumarima
Bagian laporan kagiatan anu aya dina panutup dituduhkeun ku nomer....
(1) jeung (2)
(1) jeung (5)
(2) jeung (3)
(2) jeung (4)
(3) jeung (5)
Dina raraga milangkala SMK Sundalana anu ka-20, OSIS SMK Sundalana ngayakeun kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola. Ieu kagiatan teh minangka pangreuah-reuah, sarta salah sahiji kasempetan pikeun nembongkeun kaparigelan jeung karancagean siswa. Iwal ti eta, ieu acara teh ngarojong program Rebo Nyunda anu ditepikeun ku pamarentah daerah. Ku kituna dipiharep bisa numuwuhkeun kareueus jeung sumangrt siswa sangkan ngamumule seni tradisi Sunda.
Kasang tukang tina bubuka di luhur nyaeta....
milangkala SMK Sundalana anu ka-20
kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola
kasempetan pikeun nembongkeun kaparigelan jeung karancagean siswa
ngarojong program Rebo Nyunda
ngamumule seni tradisi Sunda
Bagian waragad dina laporan kagiatan mangrupa....
dadaran ngeunaan marga lantaran diayakeunna kagiatan
dadaran iraha jeung dimana dilakukeunna kagiatan
dadaran ngeunaan jumlah jalama anu ngilu kagiatan
dadaran ngeunaan jumlah biaya anu dikaluarkeun nalika lumangsungna kagiatan
dadaran ngeunaan runtuyan acara sarta saha anu ngeusianna, diperelekeun luyu jeung prak-prakanana.
Ditilik tina wangunna laporan kagiatan teh sipatna formal sabab....
miboga runtuyan panulisan anu teu baku
dijieunna ku organisasi atawa lembaga
eusina mangrupa kagiatan anu penting
kagiatanna ngalibetkeun waragad nu teu saeutik
laporanna kagiatan ditulisna ku pribadi
Pedaran ngeunaan kagiatan jeung hasilna mangrupa....
dadaran ngeunaan marga lantaran diayakeunna kagiatan
dadaran iraha jeung dimana dilakukeunna kagiatan
dadaran ngeunaan jumlah biaya anu dikaluarkeun nalika lumangsungna kagiatan.
dadaran ngeunaan runtuyan acara sarta saha anu ngeusianna, diperelekeun luyu jeung prak-prakanana.
dadaran ngeunaan jumlah jalama anu ngilu kagiatan
Conto laporan kagiatan anu nuduhkeun waktu lumangsungna kagiatan nyaeta....
Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 31 Mei 2017, jam 08.00-11.00 wib.
Ieu kagiatan dilaksanakeun di Bale Pamidangan SMK Sundalana Jalan Garut No. 2 Kota Bandung.
Nu ngiringan ieu kagiatan julmahna aya kana 60 urang.
Jumlah waragad anu dipake pikeun ieu kagiatan nyaeta Rp. 2.500.000,-.
Nu jadi pinunjul dina ieu kagiatan nyaeta kelas X-1.
Salah sahiji mangpaat laporan kagiatan nyaeta pikeun nyieun tinimbangan ngeunaan hade gorengna hiji kagiatan anu disebut...
Evaluasi kagiatan
Arsip Kagiatan
Bahan Pertanggungjawaban
Beja kagiatan
Dokumentasi kagiatan
