Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN KA-2 KELAS X

Total questions: 30

Worksheet time: 21mins

Name
Class
Date
1.
Informasi ngeunaan laporan sagala hal anu patalina jeung kagiatan anu geus dilakonan disebut . . . .
a)
artikel
b)
wawancara
c)
laporan kagiatan
d)
novel
e)
carpon
2.
Ieu di handap sawatara hal anu kudu aya dina laporan kagiatan iwal ti . . . .
a)
Bubuka
b)
Waktu, jeung tempat kagiatan
c)
Waragad
d)
Pedaran kagiatan
e)
sanduk-sanduk
3.
Naon baẻ anu aya dina bagian bubuka laporan, iwal . . . .
a)
waktu
b)
tempat
c)
tujuan
d)
pamilon
e)
manfaat
4.
Ieu di handap ditataan léngkah-léngkah nyieun laporan kagiatan
1. Nangtukeun kagiatan naon wae anu rék dilaporkeun
2. Jieun peta konsépna atawa rangka karanganana
3. Tulis laporan kalawan maké basa anu merenah
4. Nulis karangan maké éjahan anu bener
Lengkah anu bener nyaéta . . . .
a)
2-3-1-4
b)
4-3-2-1
c)
1-2-3-4
d)
4-2-3-1
e)
3-1-2-4
5.
Bagian panutup dina laporan kagiatan nya éta nuliskeun . . . .
a)
sanduk-sanduk
b)
narasi
c)
salam penutup
d)
sisindiran
e)
kacindekan
6.
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
Unggal poé, unggal poé ogé hadé
Judul tina sempalan rumpaka kawih di luhur nyaéta . . . .
a)
Situ Ciburuy
b)
kabogoh jauh
c)
Unggal bulan
d)
Borondong kolot
e)
Bubuy Bulan
7.
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Dipakarangan nu remis kénéh
Judul tina sempalan rumpaka kawih di luhur nyaéta . . . .
a)
Mawar Bodas
b)
Kembang Tanjung
c)
Kembang Tanjung Panineungan
d)
Mobil Butut
e)
Malati di Gunung Guntur
8.
Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana
Judul sempalan kawih di luhur nyaéta . . . .
a)
Tahu Sumedang
b)
Borondong Garing
c)
Peuyeum Bandung
d)
Colénak
e)
Bubuy Sampeu
9.
Téma atawa jejer rumpaka kawih "Mawar Bodas" téh nyaritakeun ngeunaan . . . .
a)
Ngukur jalan nu ngan sakur satapak
b)
Kaayaan Hujan angin
c)
Jajaka nu bajoang pikeun panggih jeung bébéndéna
d)
Mawar bodas nu maluguran
e)
Bajoang pikeun ngala mawar bodas
10.
Dina Karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung . . . .
a)
ketukan (tempo)
b)
padalisan
c)
konci nada
d)
kontrol sora
e)
lentong
11.
Kakawihan sok disebut ogé kawih murangkalih atawa kawih barudak, lantaran . . . .
a)
dikawihkeunnana ku barudak sakola
b)
eusi rumpakana ngeunaan barudak
c)
dikawihkeunnana dina kaulinan barudak
d)
wajib dihaleuangkeun ku barudak sakola
e)
panganteur tibrana barudak
12.
Judul-judul kakawihan nu populér dina sastra Sunda, iwal
a)
Oray-orayan
b)
Cingciripit
c)
Eundeuk-eundeukan
d)
Karatagan Pahlawan
e)
Slép dur
13.
Gagasan poko nu rék ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca disebut . . . .
a)
Purwakanti
b)
Téma
c)
Suasana
d)
Nada Lagu
e)
Birama
14.
Ucang-ucang anggé mulung muncang ka paranggé
Diudag ku anjing gedé
Anjing gedé nu Ki Lebé
Ari gog, gog cungungung.
Rumpaka kakawihan di luhur judulna . . . .
a)
Cingciripit
b)
Ucang-ucang anggé
c)
Oray-orayan
d)
Blum-blom
e)
Cacaburangé
15.
Kaulinan barudak diulinkeunana anu saurang namprakkeun leungeut nu lianna (tiluan atawa opatan) ngantelkeun curuk kana dampal leungeun babaturan anu namprak disebut . . . .
a)
Cingciripit
b)
Paciwit-ciwit lutung
c)
endog-endogan
d)
Cacaburangé
e)
Kacang panjang
16.
Susun kakawihan di handap kalayan bener!
(1) entong ka sawah
(2) luar-léor mapay sawah
(3) paréna keur sedeng beukah
(4) luar-léor mapay leuwi
(5) oray-orayan
(6) entong ka leuwi
a)
5-1-3-4-5-6-2
b)
5-2-1-3-5-4-6
c)
5-4-6-5-2-1
d)
5-2-6-3-5-4
e)
5-3-6-2-5-4
17.
Sora vokal tungtung dina sapadalisan dina patokan pupuh disebut . . . .
a)
Guru lagu
b)
Guru wilangan
c)
Guru Bangsa
d)
Wiletan
e)
Birama
18.
Jumlah engang dina sapadalisan dina patokan pupuh disebut . . . .
a)
Guru lagu
b)
Guru wilangan
c)
Guru Bangsa
d)
Wiletan
e)
Birama
19.
Tembang biasana sok dipirig ku . . . .
a)
organ tunggal
b)
kendang
c)
kacapi
d)
suling
e)
kacapi, suling
20.
Ieu di handap minangka manfaat dina nyusun laporan kagiatan iwal ti . . .
a)
arsip pikeun organisasi
b)
evaluasi kagiatan
c)
bahan babandingan kagiatan séjén
d)
pituduh ngalakukeun kagiatan
e)
pertanggungjawaban ka pihak anu patali jeung kagiatan
21.
Laporan lalampahan wartawan dina ngaliput hiji kajadian anu dirasa aya manfaatna pikeun masarakat disebut . . . .
a)
laporan jurnalistik
b)
laporan keungan
c)
laporan lalampahan
d)
laporan kagiatan
e)
laporan upacara
22.
Laporan kaluar asupna duit dina hiji lembaga atawa pausahaan kalayan ditulis atawa disusun ku akunting disebut . . . .
a)
laporan jurnalistik
b)
laporan keungan
c)
laporan lalampahan
d)
laporan kagiatan
e)
laporan upacara
23.
Biaya anu dikaluarkeun pikeun lumangsungna hiji kagiatan disebut . . . .
a)
Pamilon
b)
Waragad
c)
Rereged
d)
Kasbon
e)
Akuntan
24.
Ungkara "kembang geus aya nu boga" dina kawih Mawar Bodas maksudna nyaéta . . . .
a)
awéwé téh siga kembang mawar
b)
awéwé nu dipicinta geus boga kabogoh
c)
kembang geus dipetik ku batur
d)
kembang singhoréng aya nu bogana
e)
awéwé nu dipikacinta kalah salingkuh
25.
Kadaharan anu dijieun tina tipung sagu tapioka, gula bodas, konéng, endog, vanili, cipati kentel, daun pandan, kulit jeruk purut, jeung minyak goréng, atawa pawarna konéng. Disebut ogé bika ambon nyaéta . . . .
a)
bongko
b)
buras
c)
gegetuk
d)
bibika
e)
katimus
26.
Kadaharan anu wangunna buleud siga kaléci, di jerona aya gulaan, dipurulukan parud kalapa, dijieunna tina ketan disebut . . . .
a)
kelepon
b)
keremes
c)
gemblong
d)
papais
e)
nagasari
27.
Kadaharan sarupa wajit tina tipung ketan, dibungkusna biasana ku upih atawa kararas nyaéta. . . .
a)
angléng
b)
awug
c)
borondong
d)
leupet
e)
lontong
28.
Kadaharan anu dijieun tina béas meunang ngisikan, diwadahan kana daun kalapa meunang nganyam, ngawangun pasagi opat, diolahna dikulub nyaéta . . . .
a)
kupat
b)
lontong
c)
leupeut
d)
papais
e)
bongko
29.
Cai kalapa meunang marud sok disebut ogé santen atawa cai patri; santan nyaéta . . . .
a)
cipati
b)
kinca
c)
biang
d)
cikalapa
e)
cisoca
30.

Ieu di handap anu nuduhkeun kadaharan anu rasana amis, dijieunna tina tipung ketan atawa béas dicampur gula beureum biasana jadi kadaharan khas ti daérah Leles Garut nyaéta

a)
b)
c)
d)
e)