wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS BAHASA SUNDA KELAS 8 SEMESTER 1 THN 2019 SMPN1KALIPUCANG

Total questions: 50

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.

Naon judul kawih-kawih Sunda anu dicokot tina ngaran kadaharan?

a)

Borondong Garing, Colénak, Karedok Leunca

b)

Pencok Kacang, Peuyeum Bandung, És Lilin

c)

Sorabi Haneut, Panon Hideung, És Lilin

d)

Borondong Garing, Sabilulungan, Manuk Dadali

2.

Naon kawih Sunda anu témana ngeunaan kaéndahan alam?

a)

Tanah Sunda

b)

Bubuy Bulan

c)

Lemah Cai

d)

Mawar Bodas

3.

Angkat ngagandeuang

bangun taya karingrang

……………………….

Mojang Priangan

Naon rumpaka kawih dina titik-titik di luhur?

a)

Mun disinjang lenjang

b)

Éstu surup nu nempo

c)

Dangdosan sederhana

d)

Nganggo sinjang dilamban

4.

Teu honcéԝang sumoréang

Tékadna pahlaԝan bangsa

Cadu mundur pantrang mulang

.................................................

a)

Berjuang keur lemah cai

b)

Mu maksud tacan laksana

c)

Taya basa ménta pamulang tarima

d)

Ihlas ridho keur korban merdéka

5.

Ceuk batur mah kuring budak jalanan

...........................................................

Sabenerna haté ngarasa nalangsa

Puguh hirup ragap taya

a)

Unggal poé ngamén di jalan

b)

Haté rasa nalangsa pisan

c)

Gawé ukur ngamén dina kandaraan

d)

Kolot teu apal dirupa

6.

Ieu rumpaka kawih di handap keur ngajawab soal 6-10

Getih suci nyiram bumi

tulang sétra mulang lemah

babakti sungkem pertiwi

cikal bugang putra bangsa

Nyatana Muhamad Toha

pahlawan Bandung Selatan

patriot ti Dayeuh Kolot

tugu diwangun ngajadi ciri

taraté nu mangkak ligar di émpang

jadi bukti gugurna pahlawan bangsa

Naon jenis rumpaka kawih di luhur?

a)

Kaéndahan Alam

b)

Patriot ti Dayeuh Kolot

c)

Kapahlaԝanan

d)

Conto ti Pejuang

7.

Naon eusi rumpaka kawih “Pahlawan Toha”?

a)

cinta, kahirupan, perjuangan, maot

b)

getih suci nu geus paké nyiram bumi

c)

kajadian gugurna Muhamad Toha pahlawan kamerdekaan ti Jawa Barat

d)

kembang taraté nu mangkak ligar di émpang sabudeureun tugu pahlawan Toha

8.

Naon harti rumpaka getih suci jeung tulang sétra dina kaw Pahlawan Toha téh?

a)

maot dina kaayaan sahid

b)

bajoang ngorbankeun dirina sorangan waktu ngaduruk gudang mesiu

c)

korban munggaran di pangperangan

d)

kumaha gedéna jasa Muhamad Toha

9.

Naon maksud Muhamad Toha téh disebut cikal bugang putra bangsa?

a)

maot dina kaayaan sahid

b)

bajoang ngorbankeun dirina sorangan waktu ngaduruk gudang mesiu

c)

korban munggaran di pangperangan

d)

kumaha gedéna jasa Muhamad Toha

10.

Naon jasa Muhamad Toha anu kacida gedéna keur lemah cai?

a)

bajoang di déwan rayat

b)

ngawangun tugu di Dayeuh Kolot

c)

nyirian tugu ku melak taraté dina émpang

d)

ngorbankeun dirina sorangan waktu ngaduruk gudang mesiu

11.

Naon istilah aturan yén dina unggal tungtung kalimah dina sapada vokal ahirna kudu sarua, disebut?

a)

purwakanti

b)

padalisan

c)

guru wilangan

d)

guru lagu

12.

Naon purwakanti anu kapanggih dina kalimah “Nyatana Muhamad Toha” dina kawih Pahlawan Toha?

a)

purwakanti sora i

b)

purwakanti sora u

c)

purwakanti sora e

d)

purwakanti sora a

13.

Naon jenis puisi rumapaka kawih?

a)

puisi kauger

b)

puisi kauger

c)

puisi kontemporer

d)

puisi heubeul

14.

Ieu warta keur ngajawab soal nomer 14-20

SENI UNGGULAN DAERAH MIDANG DI BANDUNG

Horéng seni di Jawa Barat téh kacida euyeubna. Unggal daérah boga kasenian anu jadi unggulan sarta jadi asét nu bisa dijual keur kapentingan pariwisata. Kumaha warna-warnina budaya daérah, katingali dina acara “Pekan Seni Budaya Jawa Barat 2019” nu lumangsung salila tujuh poe tujuh peuting ti tanggal tujuh nepi ka tilu belas September 2019, di sabudeureun Gedong Saté Bandung.

Eta acara téh dialpukahan ku Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat, dina raraga mieling milangkala Provinsi Jawa Barat. Ieu acara anu didatangan ku rébuan panongton téh dibuka ku Wakil Gupernur Jawa Barat, Uu Ruzhanul Ulum. Dina pamapagna, Uu Ruzhanul Ulum nétélakeun yén seni budaya Jawa Barat téh boga ajén anu kacida luhurna sarta bisa jadi asét budaya anu payu dijual keur kapentingan pariwisata.

Rupaning seni unggulan ti 26 kabupatén/kota téh dipintonkeun babarengan dina waqngun helaran. Lian ti éta, dipintonkeun ogé kaulinan urang lembur, pagelaran seni kontemporér, pestival ngabodor sorangan (borangan), lomba ngalukis tingkat barudak, workshop seni budaya, pestival wayang internasional, paméran seni rupa ténda, sarta pameran kujang. Sakabéh pintonan dikokolakeun ku para seniman budayawan ti 26 kabupatén/kota, komunitas seni, sarta pangrajin seni ti Jawa Barat.

Pangbagea masarakat kana ieu acara téh kacida pikabungaheunana. Salila tujuh poé tujuh peuting acara pintonan, teu weléh didatangan ku nu lalajo, nepi ka lalu lintas sabudeureun Gedong Saté macét pisan.

Naon anu jadi jejer warta di luhur?

a)

Unggal daerah di Jawa Barat boga kasenian anu jadi unggulan sarta jadi aset anu bisa dijual keur kapentingan pariwisata

b)

Kagiatan Pekan Seni Jawa Barat 2019 anu mintonkeun rupa-rupa seni unggulan ti kabupaten/ kota nu aya di Jawa Barat.

c)

Rupaning seni unggulan ti 26 kabupaten/kota teh dipintonkeun babarengan dina wangun helaran.

d)

Pangbagéa ti masarakat kana ieu acara tpuisi heubeul téh kacida pikabungaheunana.

15.

Dina wacana warta, pék téangan rumusan warta “WHAT” (naon?)!

a)

Para seniman budayawan ti 26 kabupaten/kota, kumunitas seni, jeung pangrajin seni Jawa Barat.

b)

Hadé pisan, buktina salila tujuh poé tujuh peuting lumangsungna éta acara, teu weléh dideugdeug ku masarakat

c)

Kagiatan Pekan Seni Jawa Barat 2019 anu mintonkeun rupa-rupa seni unggulan ti kabupaten/ kota nu aya di Jawa Barat.

d)

Helaran seni tradisi Jawa Barat, kaulinan urnang lembur, pagelaran seni kontemporer, festival ngabodor sorangan (borangan), lomba lukis tingkat barudak, workshop seni budaya, festival wayang internasional, pameran seni rupa tenda, jeung pameran kujang.

16.

Dina wacana warta tadi, cing pék téangan rumusan warta “WHO” (saha?)!

a)

Kagiatan pekan seni Jawa Barat 2019

b)

Helaran seni tradisi Jawa Barat

c)

Wakil Gupernur Jawa Barat Uu Ruzhanul Ulum

d)

Pintonan rupa-rupa seni unggulan Jawa Barat

17.

Dina wacana warta di luhur, cing pék téangan rumusan warta “WHERE” (di mana?)!

a)

di 26 kabupaten/kota di Jawa Barat

b)

di komunitas seni, jeung pangrajin seni Jawa Barat

c)

di Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat

d)

di sabudeureun Gedong Sate Bandung

18.

Dina wacana warta tadi, pék téangan rumusan warta “WHEN” (iraha?)!

a)

miéling Provinsi Jawa Barat nu ka-72

b)

ti tanggal 7 nepi ka 13 September 2019

c)

pekan Seni Jawa Barat 2019

d)

hari ulang tahun Jawa Barat

19.

Dina wacana warta tadi, pék téangan rumusan warta “WHY” (naha?)!

a)

pikeun ngareuah-reuah miéling Provinsi Jawa Barat anu ka-72

b)

ramé pisan nepi ka patali marga ogé macét pisan

c)

hadé pisan, buktina salila tujuh poé tujuh peuting lumangsungna éta acara, teu weléh dideugdeug ku masarakat

d)

para seniman budayawan ti 26 kabupatén/kota, komunitas seni, jeung pangrajin seni Jawa Barat

20.

Dina wacana warta di tadi, pék téangan rumusan warta “HOW” (kumaha?)!

a)

pikeun ngareuah-reuah miéling Provinsi Jawa Barat anu ka-72

b)

ramé pisan nepi ka patali marga ogé macét pisan

c)

hadé pisan, buktina salila tujuh poé tujuh peuting lumangsungna éta acara, teu weléh dideugdeug ku masarakat

d)

para seniman budayawan ti 26 kabupatén/kota, komunitas seni, jeung pangrajin seni Jawa Barat

21.

Saha anu jadi tujuan ditepikeunna warta?

a)

kulawarga

b)

sababaraha kelompok anu tangtu

c)

pribadi

d)

balaréa atawa masarakat umum

22.

Naon sarat katerangan atawa informasi disebut warta?

a)

ditulis ku wartawan

b)

dikirimkeun kana media masa

c)

dimuat dina koran atawa ditayangkeun dina tv

d)

dibaca ku masarakat

23.

Saha anu kalibet langsung dina tayangan hiji warta di tv?

a)

reporter

b)

saksi kajadian

c)

penyiar

d)

masarakat umum

24.

Saha narasumber anu bisa diwawancara langsung di tempat kajadian anu rek dijadikeun warta?

a)

wartawan

b)

saksi kajadian

c)

korban parah dina kajadian

d)

masarakat umum

25.

Naon jenis sisindiran anu sarua kekecapan awal jeung vokal ahir dina padalisan kahiji-katilu, kadua-kaopat?

a)

wawangsalan

b)

rarakitan

c)

paparikan

d)

carita pantun

26.

Naon jenis sisindiran anu sarua vokal ahir dina padalisan kahiji-katilu, kadua-kaopat?

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

wawangsalan

d)

carita pantun

27.

Naon jenis sisindiran anu méh sarua jeung tatarucingan?

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

wawangsalan

d)

carita pantun

28.

Layar hurung aya gambar

Resepeun sapiri umpi

Naon wangsal tina wawangsalan di luhur?

a)

panto

b)

komputer

c)

LCD

d)

tipi

29.

Paré kebon teu buahan,

………………………... (wangsalna: eurih)

Naon kalimah pikeun ngeusian wawangsalan di luhur?

a)

ieu haté mani peurih

b)

nyeri haté diubaran

c)

ieu haté bati nyeri

d)

kanyeri jeung kasedih

30.

. …………………………

Abdi isin ku anjeunna (wangsalna : pisin)

Naon kalimah pikeun ngeusian wawangsalan?

a)

piring cekung wadah sayur

b)

piring leutik alas gelas

c)

piring lodor wadah lauk

d)

gelas jangkung maké cangklék

31.

Naon jenis puisi sisindiran?

a)

puisi heubeul pupuh

b)

puisi heubeul bebas

c)

puisi sunda lancaran

d)

puisi heubeul kauger

32.

Rék ngala lauk ti balong,

nu beunangna jaér nila,

paingan di kelas lowong,

horéng Fabi teu sakola.

Naon jenis sisindiran di luhur téh?

a)

paparikan silih asih

b)

paparikan piwuruk

c)

rarakitan piwuruk

d)

paparikan sésébréd

33.

Tangkal caringin jeung dadap,

dieunteupan manuk puter,

Ibu, permisi sakedap,

…………………………..

Naon kalimah keur ngalengkepan sisindiran di luhur?

a)

abdi hoyong janten pinter

b)

teu kiat badé ka jamban

c)

teu kiat hoyong kapengker

d)

aya nu ngajakan ka sakola

34.

Sing getol nginum jajamu,

Nu guna nguatkeun urat,

Sing getol néangan élmu,

Nu guna dunya ahérat.

Naon jenis sisindiran di luhur téh?

a)

rarakitan piwuruk

b)

rarakitan silih asih

c)

paparikan piwuruk

d)

paparikan sésébréd

35.

Mana nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran?

a)

diwangun ku cangkang jeung eusi

b)

miboga sajak a-b-a-b

c)

diwangun ku guru wilangan jeung guru lagu

d)

salah sahiji wangun puisi heubeul

36.

Naon maksud ciri sisindiran sajakna a-b-a-b?

a)

baris kahiji sarua jeung kadua, baris katilu jeung kaopat

b)

baris kahiji sarua jeung katilu, baris kadua jeung kaopat

c)

baris kahiji sarua jeung kaopat, baris kadua jeung katilu

d)

unggal baris sarua

37.

Mana nu kaasup kana pupuh sekar ageung?

a)

kinanti, sinom, pucung, pangkur

b)

kinanti, asmarandana, sinom, pucung

c)

sinom, pucung, dangdanggula

d)

kinanti, asmarandana, sinom, pucung

38.

Naon guru wilangan jeung guru lagu pupuh kinanti téh?

a)

8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

b)

8-i, 8-a, 8-e/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a

c)

8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

d)

8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-I, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a

39.

Naon anu nu dimaksud guguritan?

a)

karangan pondok dina wangun lancaran

b)

karangan panjang dina wangun lancaran

c)

karangan pondok dina sapupuh

d)

karangan pondok dina sababaraha pupuh

40.

Mana anu kaasup ciri-ciri guguritan?

a)

eusina nyaritakeun kahirupan karajaan

b)

diwangun ku sababaraha pupuh

c)

diwangun ku guru wilangan, guru lagu, guru gatra

d)

salah sahiji wangun puisi heubeul nu panjang

41.

Ayeuna diajar pupuh,

pupuhna pupuh kinanti,

kuring mah bae teu bisa,

……………………………

tapi terus we diajar,

Bu Guru nyontoan deui

Naon kalimah pikeun ngalengkepan pupuh kinanti di luhur?

a)

kakara bisa saeutik

b)

diparoyokan ku batur

c)

ngaranna gé keur diajar

d)

diseungseurikeun ku tétéh

42.

Ngaran Kembang

randamidang, hades gunung, kumis ucing,……………….,

malati, hebras, dahlia, tarate, soka, jeung …………,

kastuba, aster, dahlia, soka, angkrek, rincik bumi.

Naon kecap-kecap pikeun ngalengkepan pupuh kinanti di luhur?

a)

kaca piring, puring

b)

kananga, puring

c)

kembang kertas, ephorbia

d)

aster, samoja

43.

DI MEKAH TEPUNG SILATURAHMI

Jamaah téh asal béda nagri,

ti wétan ti kulon,

nagri kidul katut nagri kalér,

rupa-rupa bangsa pada hadir,

mungguh umat Nabi,

kabéh gé kasaur.

Naon waé guru wilangan jeung guru lagu pupuh mijil dina pupuh di luhur?

a)

10i, 6o, 10é, 10i, 6i, 6u

b)

8i, 6o, 8é, 10i, 6i, 7u

c)

8i, 10o, 8é, 7i, 6i, 7u

d)

10i, 10o, 8é, 7i, 6i, 6u

44.

DI MEKAH TEPUNG SILATURAHMI

Jamaah téh asal béda nagri,

ti wétan ti kulon,

nagri kidul katut nagri kalér,

rupa-rupa bangsa pada hadir,

mungguh umat Nabi,

kabéh gé kasaur

Naon pupuh anu dipaké dina guguritan di luhur?

a)

jurudemung

b)

kinanti

c)

mijil

d)

asmarandana

45.

BUDAK BANGOR

Kacatur Arman jeung Andi,

budak sakola ti kota,

di kelas ngan heureuy waé,

diajar sakahayangna,

lamun dipapatahan,

tara ieuh daek nurut,

kuduna mah éta ulah.

Naon pupuh nu dipaké dina guguritan di luhur?

a)

kinanti

b)

asmarandana

c)

dangdanggula

d)

sinom

46.

Mana pupuh anu kaasup kana sekar alit?

a)

pangkur

b)

asmarandana

c)

kinanti

d)

sinom

47.

Naon nu biasana dicaritakeun dina guguritan?

a)

carita karajaan

b)

kaéndahan alam

c)

sajarah tanah pasundan

d)

dongeng-dongeng heubeul

48.

Naha guguritan disebut puisi kauger?

a)

sabab bisa diatur ku ketukan

b)

dijieunna bébas gumantung kahayang

c)

sabab dianggap sastra heubeul

d)

sabab dianggit maké guru lagu, guru wilangan, guru gatra

49.

Naon bédana guguritan jeung pupuh?

a)

pupuh puisi kauger, guguritan mah puisi bébas

b)

guguritan mah aya pangarangna, pupuh mah anonim

c)

guguritan mah basana lancaran, pupuh mah puitis

d)

guguritan mah pondok, pupuh mah karangan panjang

50.

Kumaha cara nepikeun guguritan ti hiji jalma ka jalma anu séjén?

a)

dibacakeun

b)

dituliskeun dina kertas

c)

dijieun naskah

d)

ditembangkeun kalawan sora nu halimpu