wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN KELAS XII

Total questions: 25

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.

Naon nudisebut tulisan bahasan?

a)

tulisan karangan anu direka siga enya-enya kajadian

b)

tulisan medar perkara hiji pamadegan

c)

tulisan medar carita lalampahan

d)

tulisan anu medar hiji pasualan dumasar kana fakta-fakta nu kapanggih

e)

tulisan ngeunaan hiji pangalaman

2.
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna...
a)
tradisi
b)
tatakrama
c)
etika
d)
budaya
e)
folklor
3.

Tradisi Sérén Taun téh teu kapanggih di unggal tempat. DI antarana sok dilaksanakeun di wewengkon ....

a)

Kuningan

b)

Karawang

c)

Cirebon

d)

Bandung

e)

Garut

4.

Tujuan diayakeunana tradisi Sérén Taun téh nyaéta pikeun ....

a)

ngamulyakeun karuhun

b)

nyalametkeun utun inji sangkan lahiranana lancar

c)

nulung ka nu butuh nalang ka nu susah

d)

sukuran ka nu Maha Kawasa kana hasil panén

e)

tulak bala atawa ngajauhkeun panyakit

5.

Paré nu dibawa ti huma dina upacara Sérén Taun téh tuluy di bawa ka leuit. Nu dimaksud leuit nyaéta ....

a)

tempat diukna pupuhu adat

b)

paranti digelarna acara kasenian

c)

gudang paranti nyimpen paré

d)

tempat anu dikaramtakeun

e)

gudang paranti nampung barang babawaan

6.

Tingkeban téh asal kecapna tina tingkeb, anu hartina ....

a)

tutup

b)

buka

c)

parabot dapur

d)

parabot pertanian

e)

wadah kadaharan

7.

Tradisi Tingkeban biasana dilaksanakeun waktu kandungan hiji awéwé nincak umur ....

a)

genep bulan

b)

tujuh bulan

c)

dalapan bulan

d)

salapan bulan

e)

tilu bulan

8.

Maksud jeung tujuan tradisi Tingkeban téh nyaéta pikeun ....

a)

babarit

b)

sérén taun

c)

ngalaksa

d)

tebus wateng

e)

siloka

9.

Tujuh rupa kadaharan dina trdaisi Tingkeban saperti sampeu, hui, boléd, kacang suuk, ganyol, jeung sagu sok disebut ....

a)

rujak kanistrén

b)

beubeutian

c)

bubuahan tujuh rupa

d)

jajambaran

e)

pakaulan

10.

Dina prak-prakan tradisi Tingkeban sok dibacakeun surat Al Qur'an, antarana baé surat ....

a)

Al Baqoroh

b)

Yusuf

c)

Yasin

d)

Annisa

e)

Ali Imron

11.
Luluhur Pandawa anu jadi raja di karajaan Astina nya éta . . . .
a)
Arjuna
b)
Bima
c)
Caturangga
d)
Duryudana
e)
Pandu Déwanata
12.

Di handap ieu nyaéta palaputra Pandu nu disebut Pandawa Lima. Iwal ti . . . .

a)

Yudistira

b)

Bima

c)

Arjuna

d)

Nakula

e)

Sadéwi

13.
Sanggeus Pandu tilar, pikeun saheulaan korsi kapamarétahan karajaan dicekel ku saha?
a)
Arjuna
b)
Bima
c)
Kurawa
d)
Déstarata
e)
Yudistira
14.
Ieu di handap aya rupa-rupa wangun tulisan bahasan, iwal ti …
a)
déskripsi, narasi, éksposisi.
b)
déskripsi, narasi, arguméntasi.
c)
déskripsi, persuasi, éksposisi.
d)
narasi, éksposisi, arguméntasi.
e)
déskripsi, persekusi, arguméntasi.
15.
Struktur tulisan bahasan diwangun ku ….
a)
bubuka, eusi, panutup
b)
salam bubuka, eusi, panutup
c)
bubuka, eusi, salam panutup
d)
salam bubuka, eusi, salam panutup
e)
salam bubuka, bubuka, panutup
16.
ieu di handap nyaéta rarancang nulis bahasan tradisi kalayan runtut nyaéta . . . .
a)
néangan idé, nangtukeun jejer, nyusun rarancang tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun judul.
b)
néangan idé, nangtukeun jejer, basa nu digunakeun, nangtukeun judul.
c)
nangtukeun jejer, néangan idé,nyusun rarancang tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun judul.
d)
nangtukeun jejer, nyusun rarancang tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun judul
e)
Nyusun rarancang tulisan, néangan idé, nangtukeun jejer, basa nu digunakeun, nangtukeun judul.
17.

Mana gambar di handap ieu anu nuduhkeun kagiatan sawér ?

a)
b)
c)
d)
e)
18.

Ari anu jadi babon carita wayang téh asalna ti india nyaéta . . . .

a)

Mahabarata jeung Ramayana

b)

Kumbakarna jeung Ramayana

c)

Mahabarata jeung gatotkaca

d)

Ramayana jeung Dursusana

e)

Ramayana jeung India

19.

Dihandap ieu jalma nu nepikeun pintonan carita wayang golék nyaéta

a)
b)
c)
d)
20.

Pandawa 5 téh nyaéta ...

a)

Yudhistira, Adipati, Arjuna, Nakula Sadewa

b)

Bima, Arjuna, Duryudana, Nakula, Sadewa

c)

Yudhistira, Bima, Arjuna, Nakula, Sadewa

d)

Bima, Rama, Arjuna, Nakula, Sadewa

21.

Résénsi téh asalna tina basa Latin anu hartina nyawang, nimbang-nimbang, atawa ngajén, nu asalna tina kecap ....

a)

recensere

b)

review

c)

reduplication

d)

recensie

e)

resensi

22.

Kecap résénsi anu ayeuna dipaké dina basa Sunda asalna tina kecap “recensie” nu asalna tina basa ....

a)

Prancis

b)

Jerman

c)

Bélgia

d)

Walanda

e)

Inggris

23.

Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....

a)

méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna

b)

ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana

c)

ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku

d)

méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna

e)

méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina

24.

anu kaasup kana identitas buku nya eta, iwal ti....

a)

Judul buku

b)

Jumlah halaman

c)

Harga

d)

Penerbit

e)

Pengedit buku

25.

tujuan tina ngaresensi novel nya eta....

a)

Mere informasi ka jalma rea ngeunaan hiji buku

b)

Mere sugesti pikeun maca buku-buku anu sejen

c)

Mere informasi ngeunaan manggaat maca buku

d)

Mere informasi ngeunaan kakurangan buku

e)

maksa ka masarakat pikeun maca buku