NEW
Font size
WorksheetsULANGAN HARIAN KELAS XII BAB ARTIKEL TA 2019-2020
Total questions: 20
Worksheet time: 39mins
Karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta / data / pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika nu tangtu, disebutna ....
éséy
artikel
pedaran
makalah
skripsi
Anu ngabédakeun pedaran jeung artikel téh, di antarana waé nyaéta ....
panjang pondokna karangan
alus goréngna basa nu digunakeun
eusi jeung dimuat acanna dina koran / majalah
aya henteuna daptar rujukan
wangun huruf jeung font nu digunakeun
Ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel, nya éta ....
baca tilu heula sakali ti mimiti judul nepi ka tamat
dicatet sakabéh eusina kana buku catetan
catetkkeun hal-hal penting tina eusi artikel
mun perlu catetkeun saha waé ahli anu dicutat dina éta artikel
jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca
Ieu di handap kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nya éta ....
judul
alinéa bubuka
alinéa panandes
alinéa pamungkas
alinéa panambah
. Situs Mégalitik Gunung Padang disebut ku para ahli Arkéologi mangrupa situs mégalitik pangrohakana di ....
Asia Tenggara
Jawa Barat
Indonesia
Eropah
Dunya
Dina taun 1980 diayakeun survey ilmiah, anu nyindekkeun yén batu di Gunung Padang kaasup kana batu ....
koral
gamping
andesit
parikesit
permata
Alinéa anu eusina ngébréhkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, bohnu sipatna nyata atawa rékaan, disebutna alinéa ....
arguméntasi
déskripsi
narasi
éksposisi
pérsuasi
Dina carita pantun, anu mindeng disebut-sebut salaku nu ngawasa Gunung Padang téh nyaéta ....
Nyi Pohaci Déwi Sri
Déwi Durga
Guriang Tunggal
Guriang Tujuh
Sunan Ambu
Dina taun 1982, pemugaran Gunung Padang dieureunkeun lantaran ....
gawir di Gunung Padang urug
masarakat sabudereun Gunung Padang déo teu panuju
Arkenas kakurangan waragad keur pemugaran
lebu Gunung Galunggung ngubur situs Gunung Padang
batu-batuna parageuh jeung teu bisa dionggét-onggét
Dicaritakeun yén Prabu Siliwangi kungsi tatapa di Gunung Padang. Ngaran sohor séjénna ti Prabu Siliwangi nya éta ....
Raja Sunda
Ratu Haji
Jagat Déwata
Permana Kusumah
Sri Baduga Maharaja
Ieu di handap mangrupa ciri artikel, iwal ....
basa nu digunakeun kudu jelas tur komunikatif
témana kudu aktual
teu kudu dimuat dina koran atawa majalah
perkara anu dipedar kudu hal-hal penting
singget tur tutas
Eusi pedaranana ngeunaan perkara nu can kajadian dumasar sawangan (analisis) pangarangna mangrupa ciri-ciri wanda artikel .....
prédiktif
éksploratif
déskriptif
naratif
éksplanatif
Eusi pedaranana leubeut ku fakta-fakta anu luyu jeung sawangan pangarangna, mangrupa ciri-ciri wanda artikel ....
prédiktif
éksploratif
déskriptif
naratif
éksplanatif
Eusi pedaranana ngagambarkeun hiji perkara atawa mangrupa pasualan dina kahirupan, mangrupa ciri-ciri wanda artikel ....
prédiktif
éksploratif
déskriptif
naratif
éksplanatif
Eusi pedaranana ngajéntrékeun atawa ngécéskeun kana hiji perkara ka pamaca dumasar kana pamadegan pangarangna, mangrupa ciri-ciri wanda artikel ....
prédiktif
éksploratif
déskriptif
naratif
éksplanatif
Léngkah mimiti dina tahap kagiatan nulis artikel, nya éta ....
milih téma
milih judul
nyusun alinéa awal
ngirimkeun tulisan
nyindekkeun pamadegan
Karangan atawa téks artikel mibanda adegan nu tangtu, iwal ....
judul
alinéa bubuka
alinéa panandes
alinéa pamungkas
alinéa campuran
Alinéa anu kalimah jeung pikiran utamana aya ditungtung alinea atawa paragraf disebut ....
alinéa déduktif
alinéa induktif
alinéa campuran
alinéa arguméntasi
alinéa déskripsi
Alinéa anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana, pikeun ngajembaran pangaweruh nu maca disebut alinéa ....
arguméntasi
éksposisi
narasi
déskripsi
déduktif
Pilih nu luyu jeung kaayaan hidep!
Kuring resep macaan artikel basa Sunda
Kuring hayang bisa nulis artikel
Kuring nyaho yen artikel teh bisa nambahan kaweruh
