NEW
Font size
WorksheetsMateri Dongeng
Total questions: 14
Worksheet time: 11mins
Dongeng 1
LEMBUR PANYAIRAN
Kacaturkeun di suku Gunung Tangkubanparahu Beulah kidul aya sapasang patani. Eta patani téh boga anak hiji anu pohara pisan dipikadeudeuhna. Patani téh ngagarap sawah anu pohara legana, ku sabab hadé gawéna, sawah patani pohara alusna. Atuh puguh wé mireungeuh hasil anu sakitu mucekilna, maranéhna barungaheun pisan, malah mah sapanjang baranggawé téh bari taretembangan sagala;
“Ieu paré mani alus
mani beuneur sarta mulus
urang panén pasti cukul
hayu urang muji sukur”
Sabot keur jongjon digarawé bari taretembangan, ti kajauhan katangén aya nu ngajanteng nyérangkeun. Bangun jalma anyar pinanggih, papakéanana ginding kawasna lain jalma joré-joré. Atuh buru-buru baé éta salaki pamajikan téh haranjat ti sawahna tuluy nyampeurkeun ka éta jalma, barang geus adu hareupan, pok salakina nanya:
“Pangapunten nun, manawi teu lepat katingalna salira téh nembé patepang sareng pun mamang, saha téa atuh salira téh? Sareng aya pikeresaeun naon keresa rurumpaheun ka lembur singkur?
“Yeuh Mamang, Bibi, ulah reuwas, mémang kuring téh kakara ngalanto ka lebah dieu. Kabeneran keur meunang pancén ngaroris pilemburan ti kawadanaan. Barang anjog ka ieu lembur pohara pisan katajina ku pasawahan anu sakieu alusna. Pelak Mamang ieu téh?” Témbal ki sémah.
“Sumuhun nun, manawi dipercanten mah. Alhamdulillah nuju kaleresan pepelakan téh waluya. Sumangga atuh sindang heula ka saung, panginten cai-cai waé mah ku si bibi disayogikeun”. Ceuk patani ngaku ka éta sémah.
Atuh terus baé tiluanana ngajugjug ka saung patani anu teu jauh ti dinya. Barang sémahna geus asup ka saung, éta patani téh nyalingker ka tukang.
“Emana, geuning éta jalma téh pangagung ti kawadanaan anu keur ngaroris lembur, piraku diaku teu disuguhan”. Ceuk salakina.
“Atuh puguh wé bapana, keun kami rék ngaliwet dua cangkir mah, ngan deungeunna naon atuh nya da piraku ménak ukur disuguhan sangu wungkul.” Témbal pamajikanana.
“Pan aya lauk bibit dina kulah, éta wé urang paké nyuguhan”. Ceuk salakina.
“Har apan éta mah bibit anu si ujang, geus diancokeun keur engké ari disunatan, pamali heug geus kedal ucap, bisi aya matakna ”. Témbal pamajikanana deui.
“Ah moal nanaon keun kami nu tanggung jawab”. Ceuk salakina bari terus indit ka kulah rék ngala lauk.
Terus baé lauk bibit anu aya dina kulah téh disair ku ayakan, buntutna mani meuntas ka luareun ayakan bakat ku gedé. Ki patani teu nolih ka budakna anu bangun nalangsa ningali lauk diala ku bapana.
Lauk dipanggang dina durukan, seungitna mani naghiliwir angin-anginan, sanggeus asak bareng jeung liwet haneut disuguhkeun ka sémah téa.
Sabot pangagung keur tuang, budak patani ngintip ti pipir saung, bari kumétap neureuyan ciduh. Ari indung jeung bapana, tonggoy we nuluykeun hanca gawéna di sawah.
Karék ogé sabaraha jongjongan, ujug-ujug budak téh ngagoak bari terus ceurik lolonséran. Indung bapana pohara pisan reuwaseunana. Atuh terus budak téh dipangku ngajauhan saung da bisi gamah ka nu keur tuang.
Kacaritakeun nu tuang téh pohara rewogna, bibit lauk anu sakitu gedéna téh teu nyésa pisan. Sanggeus réngsé dahar, pangagung téh tuluy amitan rék neruskeun lalampahan.
Beuki lila budak téh ceurikna beuki tarik, keur kitu jol reup baé langit angkeub, angin ngahiuk tarik, guludug patinggeleger. Ki Patani pohara pisan sieuneunana. Teu lila bray deui caang, budak anu tadi ceurik dina aisan indungna téh leungit duka ka mana losna, diganti ku lauk bibit, ngan anéhna éta lauk téh bet cipanonan kawas anu keur ceurik.
Ki patani pohara pisan sedihna kaleungitan budak nu kacida dipikanyaahna.
“Hampura Bapa Ujang, geus ngareumpak jangji sorangan, lauk anu geus dijangjikeun keur hidep kalahka dipaké nyuguhan sémah.” Ceuk patani bari dumareuda.
Ti dinya terus manéhna sumpah yén ti semet harita cadu melak lauk.
Éta tempat téh antukna nelah kampung panyairan ngalap kana lalampahan patani nyair lauk tina kulah. Nepi ka kiwari, sanajan di kampung Panyairan téh cur-cor caina tapi teu bisa dipaké miara lauk.
(Diropéa ku Lely Halimah tina Carita Rahayat Urang Parongpong)
Dongeng 2
SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYÉT MELAK CAU
Hiji mangsa monyét gura-gero ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Di mana Sakadang Kuya téh?”
“Di dieu, handapeun batu.”
“Urang melak cau, yu”
“Hayu!”
Bring, cenah, Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya ka tegal. Monyét mah melakna téh jantungna, ari kuya anakna.
“Urang paheula-heula buahan, Sakadang Kuya!” cek Monyét téh.
“Hayu! Cenah.
Tuluy baralik. Isukna ditaréang pepelakan téh.
Ceuk Sakadang Monyét, “Geus kumaha cau Silaing, Kuya?”
Témbal Sakadang Kuya, “Nu déwék mah kakara pucukan.”
Ceuk Monyét, “Anu déwék mah atung énéh atung énéh.”
Isukna ditaréang deui, “Geus kumaha cau téh, Sakadang Monyét?”
Témbalna, “Atung-atung énéh aé. Ari anu Sakadang Kuya geus kumaha?”
“Leuh, geus bijil daun,” témbal Kuya.
Lila-lila jantung pelak Sakadang Monyét téh buruk. Ari anak cau mah morontod nepi ka buahanana.
Monyét téh ngomong ka sakadang Kuya, “Ku déwék baé ala cau téh, Sakadang Kuya! Kapan Ki Silah mah teu bisa Naék.”
:”Heug baé,” ceuk kuya téh. “Héh ieuh, kojana keur wadah!”
Éta koja téh meunang molongoan biritna. Térékél monyét téh naék, cau téh dipetikan. Blus, blus, diasupkeun kana koja. Blus, clik Ragrag, kop ku kuya. Blus, clik, blus clik.
Kuya ngaweswes baé, nyatuan cau. Monyét mah acan ngahakan hiji-hiji acan. Ku monyét koja téh rék dibawa lumpat. Sakadang Kuya mah moal dibéré.
Ari geus béak petikeun, cau téh, gajleng Sakadang Monyét tuturubun. Deregdeg lumpat ka leuweung. Ari dibuka, cenah, kojana kosong. Atuh ngégél curuk.
Tuluy balik deui ka Sakadang Kuya. Kasampak keur gulang-guling baé, cenah, kamerekaan. Sakadang Monyét ambek ka Sakadang Kuya.
(Dicutat tina Katumbiri; Wahyu Wibisana spk.; 2008; Bandung; Geger Sunten)
Sabada ngimeutan conto jeung pedaran perkara dongéng, sangkan hidep leuwih maham kana ieu perkara, pék jawab pananya di handap!
1. Dongéng nu eusina nyaritakeun asal-usul atawa asal muasal hiji kajadian hiji perkara (tempat, sasatoan, tutuwuhan jeung sajabana) disebut....
dongéng fabel
dongéng sasakala/legenda
dongéng parabel
dongéng babad
Pangna dongéng kaasup karya anu balarea téh sabab ....
kapanggih pangarangna
teu kapanggih pangarangna
loba pangarangna
loba palakuna
Nu ngabédakeun antara dongéng jeung carita pondok téh nya éta dongeng mah ....
eusina loba pamohalanna
kapanggih pangarangna
palakuna saeutik
eusina réalita kahirupan
Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongéng disebut ....
amanat
latar
tema
palaku
Amanat téh nya éta hal anu hayang ditepikeun ku ... dina jero karyana.
nu maca
pangarang
nu ngadengekeun
penerbit
Nu nétélakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dian dongéng disebut....
tema
palaku
amanat
latar
Palaku nu mibanda sifat hadé disebut....
antagonis
protagonis
utama
tambahan
Runtuyan kajadian-kajadian nu ngaruntuy ngawangun hiji carita dongéng disbut....
alur
amanat
tema
latar
Dongéng-dongéng ngeunaan si Kabayan kaasup kana dongéng ....
pabel
legenda
parabel
babad
Ieu di handap nu lain dongéng sasakala nya éta....
Situ Bagendit
Si Kabayan Ngala Nangka
Sangkuriang
Gunung Geulis
Dongéng mite nya éta dongéng nu nyaritakeun atawa nu aya patalina jeung kapercayaan kana....
barang pusaka
alam siluman
tempat karamat
sasatoan
Dongéng anu caritana mirip jeung carita sajarah di sebut .....
babad
sasakala
miteu
fabel
Dongéng pabel téh nya éta dongéng nu nyaritakeun sasatoan anu .....
bisa nyarita jeung paripolahna kawas manusa
nu teu bisa nyarita kawas manusa
lumakuna biasa atawa ilaharna
teu bisa nanaon
Hal anu pamohalan nu nyampak dina dongéng Sasakala Panyairan nya éta....
lauk jadi budak
patani kadatangan tatamu
budak jadi lauk
budak ceurik eueuriheun
