NEW
Font size
WorksheetsLATIHAN SOAL BAHASA SUNDA
Total questions: 37
Worksheet time: 45mins
1. Titénan ieu ungkara-ungkara di handap....
1) Ngalatih atawa nataharkeun/nyiapkeun diri pikeun ngabiantara
2) Ngumpulkeun bahan biantara
3) Milih atawa nangtukeun jejer biantara
4) Nyieun rangkay atawa struktur biantara
5) Medar atawa ngembangkeun rangkay biantara
6) Nyunting atawa ngaédit naskah
Béda jeung nyarita biasa, biantara atawa pidato mah aya aturanna. Aya struktur anu pasti. Ti mimiti salam bubuka, bubuka, eusi, kacindekkan, salam panutup, jeung panutup biantara. Tapi saméméh nyieun tangtu aya sawatara hal anu kedah diruntuykeun kalayan ngaguluyur. Sacara nagruntuy, nyusun rangkay biantara bisa katiten tina ungkara ieu di handap....
1,2,3,4,5,6
2,3,4,1,5,6
3,2,4,5,6,1
4,2,3,1,5,6
5,6,1,2,3,4
Titénan ungkara ieu di handap!
Hadirin anu sami lenggah, para pangajén nu ku sim kuring dipikahormat. Kantenan seueur kénéh anu hoyong didugikeun. Namung, lian ti kawatesanan ku waktos, inggis tambih lami, kalah tambih ngacapruk teu puguh. Ku margi kitu, minangka panutup catur, bobo sapanon carang sapakan, tawakup anu kasuhun, sareng mugi-mugi aya mangpaatna.
Amin!
Niténan sempalan biantara di luhur, éta ungkara téh kaasup bagéan....
Salam Bubuka
Eusi
Kacindekan
Bubuka
Panutup
Dina nepikeun biantara, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun. Sangkan nalika nepikeun biantara karasa alus tur merenah, sakumaha mistina dina ngabiantara. Aya opat métodeu dina ngabiantara, nya éta métode impromtu, métodeu ekstemporan, métodeu talaran, jeung métodeu manuskrip. Métode ngabiantara nu spontan atawa langsung tanpa ayana naskah biantara disebut métode….
Naskah
Impromptu
Ektemporan
Manuskrip
Talaran
Titénan sempalan wacana ieu di handap!
Taun 1980-an ngaran Doel Sumbang mimiti kakoncara dina widang seni. Ieu seniman nu dilahirkeun di Bandung téh ka asup jalma nu gedé paniténna kana basa Sunda. Buktina waé, lagu-laguna lain dina basa Indonesia wungkul, tapi ogé dina basa Sunda.
Ieu seniman nu kungsi nganggit lagu Pop Sunda Pangandaran téh kungsi sakola SMA BPI Bandung jeung SMA Maarif Bandung.
Hasil tina rekaman jeung minton di unggal daérah téh teu dikeukeuweuk ku sorangan, tapi dipaké pikeun kapentingan sosial.
Hal-hal anu teu dicaritakeun dina biografi Doel Sumbang di luhur téh nnya éta...
Lahirna Doel Sumbang
Nyaritakeun sakolana Doel Sumbang
Nyaritakeun perhatian Doel Sumbang kana basa Sunda
Nyaritakeun indung bapa Doel Sumbang
Lagu anyar Doel Sumbang
Minangka riwayat hirup anu kawilang lengkep, biografi mibanda sawatara pungsi, saperti Sumber sajarah, Sumber inspirasi, Sumber kontemplasi, jeung Kritik sejarah atawa kritik social. Salian ti fungsi, biografi ogé mibanda ciri mandiri. Ieu di handap, mana anu teu kaasup kana ciri tina hiji biografi...
Nyaritakeun hiji tokoh
Nyaritakeun kaunggulan hiji tokoh
Karya lahirna tokoh
Nyaritakeun naon waé
Ngadongéngkeun riwayat sakola tokoh
Wacana pikeun ngeusian nomer 9-11
Jaman baheula di hiji lembur di wewengkon Cianjur aya hiji kulawarga nu kahirupanana kacida waluratna. Sok sanajan cicing di lembur anu upluk-aplak pasawahan tur subur pepelakan, tapi pikeun manéhna mah taya hartina, da kahirupanana sagala teu boga. Ari pupuhu éta kulawarga téh ngaranna Mang Jamarun. Mang Jamarun, sok sanajan hirupna kékéréhét lieuk euweuh ragap teu aya, tapi éstu tumampi ka nasib diri tumamprak kana puraga. Ihlas narima cocoba ka kulawargana, hirup jujur, tara miboga nu batur, sanajan kebon sayur batur keur salubur. Manéhna tara mipit teu amit ngala teu ménta, sabab ceuk pangrasana lain hak nu manéhna. Keur kahirupan anak-pamajikan téh cukup tina kula-kuli ka tatangga atawa buburuh macul.
Kacaritakeun dina hiji poé Jamarun teu meunang pagawéan. Ahirna Jamarun mapay-mapay susukan, susuganan aya pirejekieun bawaeun ka imah pikeun dahareun anak jeung pamajikan. Bakat ku anteng mapay-mapay susukan, teu karasa geuning manéhna nepi ka walungan Cianjur.
Gog... Jamarun nagog, niat rék nguseup di dinya. Merenahkeun manéh, Jamarun diuk dina batu nu rada gedé. Lung….! Jamarun ngalungkeun eupan tina jeujeurna, tuluy panonna anteng ningali kukumbul.
Sabot keur kitu, katingali ku manéhna aya jelema siga nu palid, nangkuban bari diangkleung cai walungan. Jamarun teu mikir heula, ujug-ujug jleng! Manéhna ngajleng ka walungan Cianjur, maksudna rék nulungan nu kabawa palid. Gancang éta awak jelema téh ditangkeup, dibawa hanjat ka darat, tuluy digolérkeun dina taneuh bari gogorowokan, “Tulung! Aya jelema palid! …… aya jelema palid! Euy, aya jelema palid….!!!”
Tina sempalan dongéng di luhur, bisa kapaluruh yén éta éta dongéng téh kaasup kana wanda dongéng...
Fabél
Parabel
Sasakala
Mite
Sage
Wacana pikeun ngeusian nomer 9-11
Jaman baheula di hiji lembur di wewengkon Cianjur aya hiji kulawarga nu kahirupanana kacida waluratna. Sok sanajan cicing di lembur anu upluk-aplak pasawahan tur subur pepelakan, tapi pikeun manéhna mah taya hartina, da kahirupanana sagala teu boga. Ari pupuhu éta kulawarga téh ngaranna Mang Jamarun. Mang Jamarun, sok sanajan hirupna kékéréhét lieuk euweuh ragap teu aya, tapi éstu tumampi ka nasib diri tumamprak kana puraga. Ihlas narima cocoba ka kulawargana, hirup jujur, tara miboga nu batur, sanajan kebon sayur batur keur salubur. Manéhna tara mipit teu amit ngala teu ménta, sabab ceuk pangrasana lain hak nu manéhna. Keur kahirupan anak-pamajikan téh cukup tina kula-kuli ka tatangga atawa buburuh macul.
Kacaritakeun dina hiji poé Jamarun teu meunang pagawéan. Ahirna Jamarun mapay-mapay susukan, susuganan aya pirejekieun bawaeun ka imah pikeun dahareun anak jeung pamajikan. Bakat ku anteng mapay-mapay susukan, teu karasa geuning manéhna nepi ka walungan Cianjur.
Gog... Jamarun nagog, niat rék nguseup di dinya. Merenahkeun manéh, Jamarun diuk dina batu nu rada gedé. Lung….! Jamarun ngalungkeun eupan tina jeujeurna, tuluy panonna anteng ningali kukumbul.
Sabot keur kitu, katingali ku manéhna aya jelema siga nu palid, nangkuban bari diangkleung cai walungan. Jamarun teu mikir heula, ujug-ujug jleng! Manéhna ngajleng ka walungan Cianjur, maksudna rék nulungan nu kabawa palid. Gancang éta awak jelema téh ditangkeup, dibawa hanjat ka darat, tuluy digolérkeun dina taneuh bari gogorowokan, “Tulung! Aya jelema palid! …… aya jelema palid! Euy, aya jelema palid….!!!. Kaayaan anu kaalaman ku palaku nu nyangkaruk dina éta dongéng, nya éta...
Keuheul
Tohaga
Sugema
Bagja
Taya Kaboga
Jaman baheula di hiji lembur di wewengkon Cianjur aya hiji kulawarga nu kahirupanana kacida waluratna. Sok sanajan cicing di lembur anu upluk-aplak pasawahan tur subur pepelakan, tapi pikeun manéhna mah taya hartina, da kahirupanana sagala teu boga. Ari pupuhu éta kulawarga téh ngaranna Mang Jamarun. Mang Jamarun, sok sanajan hirupna kékéréhét lieuk euweuh ragap teu aya, tapi éstu tumampi ka nasib diri tumamprak kana puraga. Ihlas narima cocoba ka kulawargana, hirup jujur, tara miboga nu batur, sanajan kebon sayur batur keur salubur. Manéhna tara mipit teu amit ngala teu ménta, sabab ceuk pangrasana lain hak nu manéhna. Keur kahirupan anak-pamajikan téh cukup tina kula-kuli ka tatangga atawa buburuh macul.
Kacaritakeun dina hiji poé Jamarun teu meunang pagawéan. Ahirna Jamarun mapay-mapay susukan, susuganan aya pirejekieun bawaeun ka imah pikeun dahareun anak jeung pamajikan. Bakat ku anteng mapay-mapay susukan, teu karasa geuning manéhna nepi ka walungan Cianjur.
Gog... Jamarun nagog, niat rék nguseup di dinya. Merenahkeun manéh, Jamarun diuk dina batu nu rada gedé. Lung….! Jamarun ngalungkeun eupan tina jeujeurna, tuluy panonna anteng ningali kukumbul.
Sabot keur kitu, katingali ku manéhna aya jelema siga nu palid, nangkuban bari diangkleung cai walungan. Jamarun teu mikir heula, ujug-ujug jleng! Manéhna ngajleng ka walungan Cianjur, maksudna rék nulungan nu kabawa palid. Gancang éta awak jelema téh ditangkeup, dibawa hanjat ka darat, tuluy digolérkeun dina taneuh bari gogorowokan, “Tulung! Aya jelema palid! …… aya jelema palid! Euy, aya jelema palid….!!!”
Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, aya sawatara ajén anu nyangkaruk di jerona, ungkara anu salah pikeun ngébréhkeun éta hal nya éta...
Ajén atikan
Ajén sosial
Ajén moral
. Ajén kaagamaan
Ajén politik
Baca téks ieu di handap !
MAWAR BODAS
Mapay jalan satapak
Nga jug jug kahiji lembur
Henteu karasa capéna
Sababaya nu ditéang
Hujan angin dor-dar gelap
Taya pisan keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu dituju
Rék ngalongok mawar bodas
Kembang nu jadi impian
Sugan téa moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik gé asa horéam
Leumpang gé asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri haté
Horéam teu sudi teuing
Néangan pipanyakiteun
Néangan pipanyakiteun
Dina rumpaka kawih di luhur aya ungkara
“Rék ngalongok mawar bodas”, naon anu dimaksud kecap “ Mawar Bodas” dina rumpaka kawih di luhur...
Wanoja
Jajaka
Ngaran kembang
Haté
Indung
Baca téks ieu di handap !
MAWAR BODAS
Mapay jalan satapak
Nga jug jug kahiji lembur
Henteu karasa capéna
Sababaya nu ditéang
Hujan angin dor-dar gelap
Taya pisan keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu dituju
Rék ngalongok mawar bodas
Kembang nu jadi impian
Sugan téa moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik gé asa horéam
Leumpang gé asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri haté
Horéam teu sudi teuing
Néangan pipanyakiteun
Néangan pipanyakiteun
Rasa nu kumaha nu hayang ditepikeun ku pangarang dina éta kawih mawar bodas...
Bungah
Atoh
Kaduhung
Gumbira
Ambek
Téma anu nyangkaruk tina kawih di luhur nya éta ngeunaan...
Percintaan
Gogonjakan
Sukabungah
Sungkawa
Kasieun
Baca téks ieu di handap !
MAWAR BODAS
Mapay jalan satapak
Nga jug jug kahiji lembur
Henteu karasa capéna
Sababaya nu ditéang
Hujan angin dor-dar gelap
Taya pisan keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu dituju
Rék ngalongok mawar bodas
Kembang nu jadi impian
Sugan téa moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik gé asa horéam
Leumpang gé asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri haté
Horéam teu sudi teuing
Néangan pipanyakiteun
Néangan pipanyakiteun
Dumasar kana wandana, kawih di luhur kaasup kana...
Wanda buhun
Wanda jaman jepang
Wanda anyar
Wanda bihari
Wanda baheula
Éta rumpaka kawih téh nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu rék néang bébéndéna. Kecap anu digurat handapan miboga harti...
Babaturan
Kabogoh
Balad
Adi
Batur
Salasahiji wanda mantra anu méh sarua jeung adat urang Indian anu miboga pungsi pikeun nyingkahan hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-siluman jeung sajabana, nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakirana sok ngaganggu ka manusa. Kitu deui sok dipaké nyinglar sasatoan, sato leuweung, hama, musuh, subaya ti nu lian, guludug, jeung hujan angin, dina ngariksa kebon, pepelakan, jeung kasalametan diri. Kebon sangkan teu kaasupan ku sasatoan, pepelakan, jeung ka salametan diri. Paraji dina méméh marajian téh nyinglar heula kuntianak katut lelembut anu jahat liannna, kitu deui anu rék ngaduruk pihumaeun nyinglar heula lelembut anu aya didinya. Waktu rék saré mapatkeun heula singlar, pikeun nolak bisi aya subaya nalika urang keur saré. éta mantra téh kaasup kana wanda...
Ajian
Asihan
Jampe
Jangjawokan
Singlar
Pupur aing pupur panyambur
panyambur panyangkir rupa
nyalin rupa ti déwata
nyalin sari widadari
nya tarang téja mentrangan
nya halis katumbirian
nya irung kuwung-kuwungan
di deuleu ti ahreup sieup
disawang ti tukang lenjang
ditilik ti gigir lenggik
mangka welas mangka asih
asih ka badan awaking
Nilik kana rumpakana, jangjawokan di luhur dianggit ngagunakeun purwakanti...
Margaluyu
Mindoan Kawit
Mindoan Kecap
Laras Purwa
Laras Wekas
Pék titénan sempalan carita novel “Prasasti nu Ngancik dina Ati” karangan Popon Saadah ieu di handap!
Pras, hapunten Rin nya, Pras..." Nyarita kitu teh bari ngahaja semu ngahelas, ngarah ngaherukna teu katutuluyan.
Manehna nyarita kalawan logat nu karasa asing ceuk ceuli kuring, "Satikosna ahu sangat sonang tu ha ito malobihi apapun. Boasa ito dang hea mengerti hatakon?"
Nyel hate teh keuheul. Kuring asa keur digeuhgeuykeun diheureuykeun make basa nu teu weleh matak teu pikahartieun.
Pok deui deui manehna nyarita ditompokeun kana ceuli, "Rinega, boasa ito dang hea mengerti hatakon? Boasa Rin?" kalawan logat ledok Batak Toba.
"Naon hartina?" tanya kuring. Keur keuheul ge teu burung panasaran kana ma’na kalimah nu diucapkeun ku manehna cikeneh teh. Atuda katempo nyarita kituna teh bangun nu bari dirarasakeun.
"Kedah ngartos atuh, Rin...," cenah. Leuleuy ayeuna mah, sarta logat nyaritana balik deui kana lentong Sunda.
"Sing emut, Pras, Rin sanes Margaret!" cekeng, bari sedih. Saha jelemana nu rido disaruakeun jeung nu sejen bari eta nu sejen teh hiji awewe nu meleng-meleng dianggap sainganana.
"Naha bet nyabit-nyabit wae Margaret? Pras mah geus teu aya hubungan nanaon deui jeung manehna teh. Rin kedah terang, Margaret mah carita lawas nu geus laas!" Najan nyaritana tandes, kuring teu gancang percaya kitu wae. Sabab, hate jelema mah kapan jero alah batansagara nu pangjerona.
Latar kaayaan anu kapanggih dina eta sempalan carita novel prasasti nu ngancik dina ati karangan Popon Saadah di luhur nya eta...
Keuheul jeung panasaran
Keuheul jeung deudeuh
Leuleuy jeung panasaran
Heureuy jeung keuheul
Keuheul jeung ambek
Miangna ti eta pasantren teh Raden Yogaswara teu nyorangan, tapi dibarengan ku sobatna nu ngaranna Ki Bulus. Di Dayeuh Nagara Tengah Raden Yogaswara meunang gawe jadi tukang ngurus kuda, sedengkeun Ki Bulus mah meunang gawena teh jadi tukang meresihan kandang kuda. Gawena Raden Yogaswara alun pisan. Lantaran kapake, nya Raden Yogaswara tugasna dipindahkeun kabagian upacara, purah jadi tukang mawa roko Dalem. Di ieu tempat gawe nu anyar teh, Raden Yogaswara mindeng pisan nyaksian sawala nu dilaksanakeun di Baleirung. Hiji waktu aya babadamian ngeunaan kumaha sikep pamarentahan Nagri Tengah ka Mataram, nu harita ngangkat Sutawijaya. Hasil babadamian teh mutuskeun yen Nagri Tengah teu ngabogaan hubungan nanaon jeung Mataram
Dina carita Mantri Jero karangan, R. Memed Sastrahadiprawira ngagunakeun puseur sawangan...
caturan jalma katilu
caturan jalma kahiji
caturan palaku antagonis
caturan palaku protagonis
caturan palaku tritagonis
Putri Citraresmi ngajerit maratan langit basa mireungeuh ramana geus ngababatang. Dirina sabil, meh teu kuat nahan diri, hayang kaluar ti kemahna. Tapi asa ras kana dirina nu kudu jadi upeti regog deui, bari tuluy nutupkeun lalangse kemahna.
Ret kana patrem pamere paman Mangkubumi Bunisora Suradipati, geus lamokot ku getih. Manehna neuteup patrem bari mikiran nasibna.
"Getih..., enya getih!
Enya, demi harga diri Nagri Sunda!
Duh Rama Prabu... duh Ambu indung puntangan kaasih...
Keur saha ngamalirkeun getih?
Sakeclak memang keur kami, tapi ngocorna demi harga diri Negri Sunda!..."
Gabres patrem ditubleskeun ku dua leungeunna panceg niruk lempengan jajantungna...
Nilik kana eusi carita dina sempalan carita Perang Bubat di luhur, éta novel téh kaasup kana genre...
Roman Sajarah
Misteri
Psikologi
Sosial Budaya
Pulitik
Dina kamekaranana, novel dianggap saharti jeung roman. Ngan, wangenan novel jeung roman bisa dibedakeun hartina dumasar sipat jeung galur kahirupan palakuna, nya eta...
Novel mah realistis, roman mah puitis jeung epis atawa sifatna leuwih mitis. Roman mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng novel mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna
Roman mah realistis, novel mah puitis jeung epis atawa sifatna leuwih mitis. Roman mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng novel mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna
Novel mah realistis, roman mah puitis jeung epis atawa sifatna leuwih mitis. Novel mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng roman mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna
Novel mah realistis jeung epis, roman mah puitis jeung leuwih mitis. Roman mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng novel mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna
Novel mah puitis jeung epis, roman mah realistis atawa sifatna leuwih mitis. Roman mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng novel mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna
Pék Baca Sempalan Wawacan pikeun nomer 23-25
Nya di dinya nu asup ka wangsit
panggulengan badak putih téa
ayeuna pasantrén jero
wétaneun alun-alun
ayeuna gé masih kaciri
geus tepi ka ugana
kakara katimu
Arya Wira Tanu Datar
nu katilu kasép kawanti-kawanti
dedegna sedeng pisan.
Éta henteu gedé henteu leutik
henteu jangkung henteu handap
kasép ngalengkoréng konéng
alus lembut mulus
rambut hideung rumbahna juling
panangan ngagondéwa
jeung bangir pangambung
lengkéh angkéng rubak dada
ramo néros meujeuh cara pucuk eurih
kasép taya cacadna.
Malah-malah keur murangkalih
kaya nu jadi paribasa
katelahna Radén kasép
yuswa salikur taun
mangsa jeneng jadi bopati
kongas kamana-mana
yén Dalem Cianjur
kasép lain kaulinan
Dalem réa nu nalawaran putri
ti Ukur ti Karawang.
Kakocapkeun carita deui
nu matak éta téh katelah
Kangjeng Dalem réa condré
caritana geus mashur
éta uni dina pancakaki
Dalem ngadangu warta
yén aya nu punjul
awéwé urang Cikembar
ngaran Apun Gencé kawas widadari
Dalem kasmaran manah
Lajeng miwarangan ngabdi
nyaur Apun Gence ka Cikembar
caturkeun datangna baé
malah dalem panuju
bener béja puguh yén geulis
konéng dedeg meujeuhna
buuk semet tuur
langkoyang jeung bisa lembut
henteu pisan mimper-mimper urang sisi
kawaas Kanti Déwata
Nilik kana guru lagu jeung guru wilangan anu digunankeun dina rumpaka pupuh di luhur, éta sempalan wawacan téh ditulis dina wangun....
Pupuh Kinanti
Pupuh Sinom
Pupuh Asmarandana
Pupuh Dangdanggula
Pupuh Pangkur
Pék Baca Sempalan Wawacan pikeun nomer 23-25
Nya di dinya nu asup ka wangsit
panggulengan badak putih téa
ayeuna pasantrén jero
wétaneun alun-alun
ayeuna gé masih kaciri
geus tepi ka ugana
kakara katimu
Arya Wira Tanu Datar
nu katilu kasép kawanti-kawanti
dedegna sedeng pisan.
Éta henteu gedé henteu leutik
henteu jangkung henteu handap
kasép ngalengkoréng konéng
alus lembut mulus
rambut hideung rumbahna juling
panangan ngagondéwa
jeung bangir pangambung
lengkéh angkéng rubak dada
ramo néros meujeuh cara pucuk eurih
kasép taya cacadna.
Malah-malah keur murangkalih
kaya nu jadi paribasa
katelahna Radén kasép
yuswa salikur taun
mangsa jeneng jadi bopati
kongas kamana-mana
yén Dalem Cianjur
kasép lain kaulinan
Dalem réa nu nalawaran putri
ti Ukur ti Karawang.
Kakocapkeun carita deui
nu matak éta téh katelah
Kangjeng Dalem réa condré
caritana geus mashur
éta uni dina pancakaki
Dalem ngadangu warta
yén aya nu punjul
awéwé urang Cikembar
ngaran Apun Gencé kawas widadari
Dalem kasmaran manah
Lajeng miwarangan ngabdi
nyaur Apun Gence ka Cikembar
caturkeun datangna baé
malah dalem panuju
bener béja puguh yén geulis
konéng dedeg meujeuhna
buuk semet tuur
langkoyang jeung bisa lembut
henteu pisan mimper-mimper urang sisi
kawaas Kanti Déwata
Dumasar kana sturktur wawacan, sempalan carita éta di luhur kaasup kana bagéan...
Manggalasastra
Alofon
Eusi
Kolofon
Panutup
Mekarna wawacan di urang téh ngaliwatan sababaraha tahap. Dina tahap kahiji, lalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa téh langsung disalin henteu disundakeun mangrupa naskah. Tahap kadua, témbong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa Sunda. Tahap katilu, lain narjamahkeun, tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula mula, mungkin hirupna dina média lisan kénéh. Munculna babad-babad tatar Sunda ogé (upamana Bogor, Cikundul, Cirebon, Sumedang, Panjalu, jsté) kawasna dina tahap ieu. Tahap kaopat, sabada aya téknologi citak, wawacan-wawacan anu tadina mangrupa naskah téh réa anu diterbitkeun mangrupa buku; dibarengan ku ciptaan-ciptaan alanyar, sarta wandana ogé anyar.
Dumasar kamekaranna, éta sempalan wawacan di luhur téh hadir dina pajemuhan Sunda dina tahap...
Tahap Kahiji
Tahap Kadua
Tahap Katilu
Tahap Kaopat
Teu kapaluruh iraha diciptana
Pék Baca Sempalan Wawacan pikeun nomer 23-25
Nya di dinya nu asup ka wangsit
panggulengan badak putih téa
ayeuna pasantrén jero
wétaneun alun-alun
ayeuna gé masih kaciri
geus tepi ka ugana
kakara katimu
Arya Wira Tanu Datar
nu katilu kasép kawanti-kawanti
dedegna sedeng pisan.
Éta henteu gedé henteu leutik
henteu jangkung henteu handap
kasép ngalengkoréng konéng
alus lembut mulus
rambut hideung rumbahna juling
panangan ngagondéwa
jeung bangir pangambung
lengkéh angkéng rubak dada
ramo néros meujeuh cara pucuk eurih
kasép taya cacadna.
Malah-malah keur murangkalih
kaya nu jadi paribasa
katelahna Radén kasép
yuswa salikur taun
mangsa jeneng jadi bopati
kongas kamana-mana
yén Dalem Cianjur
kasép lain kaulinan
Dalem réa nu nalawaran putri
ti Ukur ti Karawang.
Kakocapkeun carita deui
nu matak éta téh katelah
Kangjeng Dalem réa condré
caritana geus mashur
éta uni dina pancakaki
Dalem ngadangu warta
yén aya nu punjul
awéwé urang Cikembar
ngaran Apun Gencé kawas widadari
Dalem kasmaran manah
Lajeng miwarangan ngabdi
nyaur Apun Gence ka Cikembar
caturkeun datangna baé
malah dalem panuju
bener béja puguh yén geulis
konéng dedeg meujeuhna
buuk semet tuur
langkoyang jeung bisa lembut
henteu pisan mimper-mimper urang sisi
kawaas Kanti Déwata
Latar tempat atawa setting tempat anu teu kapaluruh lantaran teu disebut dina sempalan carita wawacan di luhur nya éta...
Cikembar
Alun-alun
Badak Putih
Cikundul
Karawang
Upama nilik kana wangunna, carita pantun téh mangrupa wangun ugeran (puisi). Di jero nadi wangun ku sababaraha bagian; aya bagian rajah, bagian déskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/pamunah.Perhatikeun ieu conto bagian carita pantun!
“ Aéh, Mama Léngsér, bagéateuing, irahadongkap?”
Témbalna Mama Léngsér“ Jagongcarang, RatuEmas!”
“Jadi Mama Léngsér téh kakara hol?Atuhsukur, Mama Léngsér boa tos noong heula?”
“Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong”
“ Nyasukur Mama Léngsér, lamun teu tas noong mah. Tapi lamun tas noong, ulah pupulih kabatur, ulah cacarita katatangga, ariuar-uarmah kajeun”
Di luhur mangrupa contoh carita pantun bagian...
Rajah pamuka
Deskripsi
Narasi
Dialog
Monolog
Baca ieu sempalan carita pantun
Sunan Ambu di Kahyangan boga anak lalaki, kasép taya papadana, ngaranna Guru Minda.Hiji peuting Guru Minda ngimpi boga bébéné (kabogoh) nu sarupa jeung Sunan Ambu.Nepika hiji waktu Guru Minda maling maling neuteup Sunan Ambu. Sunan Ambu nyahoeun. Antukna Guru Minda dititah turun ka Buana Panca tengah pikeun néangan pijodoeunana anu sarupa jeung Sunan Ambu. Tapi saméméhna kudu salin rupa heula jadi lutung, sarta dingaranan Lutung Kasarung.
Sanggeus dibéré pituduh pijalaneunana, Guru Minda nu geus jadi lutung, turun ka Buana Panca tengah. Gubragna di Nagara Pasir batang Anu Girang.
Dumasar kana struktur carita pantun, bagian di luhur nuduhkeun ….
Satria ngalalana
Satria ngarandapan ujian
Satria unggul perang
Satria ngadahup ka putri
Satria ngadeg jadi raja
Cocoba jeung dodoja ka Purbasari ku réka perdaya Purbararang kacida loba jeung héséna. Mimiti Purbasari dititah ngabendung Leuwi Sipatahunan dina waktu sapeuting, Purbasari bias ngalaksanakeun panitah Purbararang. Terus Purbasari diajak paalus-alus ngahuma.
Purbasari dititah ngahuma di tanah anggar sarta ngan dibéré pakarang kujang buntung. Tapi hasil ngahuma Purbasari leuwih alus batan huma Purbararang.
Purbararang henteu sugema ku ngadoja sakitu.Purbasari tuluy diajak paalus-alusninun.Tétéla deuibaé, hasil na leuwih alus beunang Purbasari.Terus diajak pageulis-geulis.Purbasari angger anu meunang.Ahirna nya diajak pakasép-kasép kabogoh.Lebah dieuPurbasari bingung, sabab kabogoh Purbararang téh sinatria gandang anu jenenganana Indrajaya. Ari kabogoh Purbasari apan lutung.
Mana pernyataan nu pang benerna dumasar cutatan di luhur, Purbararang boga sifat ….
Nyaah
Karunyaan
Harak
Welasasih
Elehan
Bul kukus mendung kamanggung, kamanggung neda papayung, kadéwata neda suka,
ka pohaci neda suci, kuring rék diajar ngidung, nyangidung carita pantun,ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruklaku, nyukcruk laku nu bahayu,mapay lampah nu baheula,lulurung tujuh ngabandung,kadalapan keur disorang ,bisina nerus na rutus,bisi na narajang alas,da puguh galuring tutur,ngembat papatan carita,ti mendi papisinieun, timana pacaritaeun,teuteureuh ti kahiyangan,ditandéan cupumanik,cupumanik astagina,dituruban kumandepun,diteundeun di . jalangedé,ditundaku nu ngaliwat,ku nu weruh di semuna,ku nu terang bujaksana,ku nu rancagé di angen,dibuka pating haleuang, nu ménta dilalakonkeun ,cag!
Dumasar cutatan carita pantun di luhur, Ki Juru Pantun keur ….
sanduk-sanduk kakaruhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet.
Nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Béda jeung rajah katut kajadian déskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun.
Ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putrid dangdan, léngsér lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana.
Ngagambarkeun watek atawa karakter palaku,
ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan
sanduk-sanduk ka karuhun lantaran geus disalametkeun
Kamana-mana téh mimindengna mah tumpak karéta mesin (sapédah). Éta wé di saban tempat, sayagi tempat neundeun sapedah. Basajan pisan. Pager awi anggangna antara wilah jeung wilah téh saasup ban sapédah. Nu rada alus téh di kantoran, dina pelur nu dilogakan sapaseun ban, jerona aya kana saparapat jari-jari sapédah. Ban hareup diasupkeun kana logak, teu distandarkeun ogé sapédah téh cicing.
Dumasar kana wacana di luhur, éta prosa lancaran téh kaasup kana wangun…
Prosa Eksposisi
Prosa Argumentasi
Prosa Persuasi
Prosa Deskripsi
Prosa Narasi
Asasa Gedong sate mimiti diadegkeun taun 1920, sabada aya rencana mindahkeun puseur dayeuh Pamaréntah Hindia Walanda ti Batavia ka Bandung. Rarancangna beunang hiji ti ma nu diwangun ku arsiték Ir. J. Gerber, Ir. Eh de Roo, Ir. G. Hendriks, jeung pihak Gementee van Bandung anu dipupuhuan ku VL Slors.
Dumasar kana wacana di luhur, éta prosa lancaran téh kaasup kana wangun…
Prosa Deskripsi
Prosa Eksposisi
Prosa Persuasi
Prosa Argumentasi
Prosa Narasi
“Sim Kuring asmana panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa-bapa ibu miwah hadirin sadaya anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia. . .”
Eta kekecapan panata calaga teh diucapkeun nalika …
Muka acara
Nataan susunan acara
Komunikatif
Nganuhunkeun
Mungkas acara
Mana dihandap ieu kekecapan nganuhunkeun anu di kedalkeunku MC …
Sim kuring asmana panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa,para ibu, miwah hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia…”
“Atuh teu hilap, oge ngahatur rewu nuhun laksa keti kabingah kana sagala rupi pangrojong boh m oril boh meteril dugi ieu acara tiasa lumangsung kalayan nyugemakeun..”
“simkuring baris ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun dina wengi ieu…….”
”Mangga urang sami –sami ngadeheus keun puji sinareng sukur ka Allah SWT anu parantos maparin nikmat ka urang sadaya….”
“Alhamdulilah acara demi acara parantos rengse dilaksanakeun .Sateuacana simkuring pamit ,kalayan asmana panata calagara neda dihaputen tina samudaya kalepatan..”
Tengetan ieu di handap
(1) Ngawasa rohangan tempat
(2) museur paningal ka audience
(3) Nataan susunan acara
(4) apal kana karakteristik para audience
Mana nu kaasup teknik kaparigelan saurang MC….
1
2
3
4
2 jeung 4
Tengetan ieu sempalan naskah drama di handap!
1. Ceu Unéh: Wa alaikum salaaammm. Is geuning Nyi Inot tos ti mana Nyi?
2. Nyi Inot : Ih! Piraku kuring ngabohong, sumpahna ogé daék turun harga Elpiji. Enyaan Ceu! Kang Ujéna mah teu nyahoeun aya kuring, Da kahalangan ku tukang céndol.
3. Ceu Unéh: Can balik. Biasa wé, keur dines. Dagang peuyeum, aya naon kitu Nyi?
4. Nyi Inot : Ieuh Euceu! Tadi kuring tas ti kota, papanggih jeung Kang Ujé, keur leumpang duaan, jalan-jalan jeung awéwé!
5. Nyi Inot: Ah, ngahaja waé ka dieu. Ari Kang Ujé aya, Ceu?
6. Ceu Unéh : Jalan-jalan jeung awéwé? Enyaan Nyi?
Sempalan dialog drama di luhur, bakal ngaguluyur jalan caritana saupama disusun saperti ….
1 – 2 – 3 – 4 – 5 – 6
1 – 5 – 3 – 4 – 6 – 2
1 – 2 – 4 – 3 – 5 – 6
1 – 5 – 3 – 4 – 2 – 6
1 – 6 – 3 – 4 – 5 – 6
Carita drama téh nya éta karangan sastra winangun dialog. Maksud éta wangenan téh nya éta ....
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun obrolan di antara tokoh-tokohna.
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun adegan di antara tokoh-tokohna.
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun setting di antara tokoh-tokohna.
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun galur di antara tokoh-tokohna.
Dina midangkeun lalakon ngagunakeun peta jeung réngkak di antara tokoh-tokohna.
Kamekaran anu matak pikabungaheun ngeunaan pagelaran drama Sunda téh nya éta ....
Para pamilon pasanggiri ti taun ka taun beuki nambahan.
Kagiatan pasanggiri ti taun ka taun beuki nambahan.
Para palaku pasanggiri ti taun ka taun beuki parigel.
Para pamilon pasanggiri ti taun ka taun beuki nyirorot.
Judul-judul drama dina pasanggiri ti taun ka taun beuki nambahan.
1. Jajatén Ninggang Papastén
2. Tonggérét Banén
3. Halimun Peuting
4. Masyitoh
5. Kidang Kawisaya
Ieu di handap karya sastra Sunda anu meunang pangbagéa sarta dilélér sastra rancagé nya éta ....
1 – 2 – 3
1 – 3 – 5
2 – 3 - 4
2 – 3 - 5
1 – 2 – 4
Drama anu dialog-dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun sok disebut ....
Sandiwara
Gending karesmén
Longsér
Téater
Tunil
