NEW
Font size
Worksheets227 TO Basa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 3hrs 20mins
Titenan pupujian di handap ieu!
Tah sora bedug, batur tanda geus magrib
geus nitah eureun ulin ngajak ka masjid
beulah kulon hibar layung ngajak muji ka Nu Agung
Pépéling anu aya dina pupujian di luhur téh nyaeta …
ulah loba teuing ulin
kudu eureun ulin
kudu ibadah ka Nu Agung
ulah sok ulin samemeh magrib
Dina hiji poé, tikukur keur eunteup dina dahan bari ngelak disada, Tikukur teu apaleun yén di handapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip. Bedil mimisna geus dikokang, ngan kari ngabekaskeun.
Sabot kitu, éngang anu kungsi ditulungan ku tikukur hiber ka lebah dinya. Barang nénjo tikukur keur diintip pati, teu antaparah deui éngang ngawahan, terus nyeureud ka paninggaran anu keur ngadodoho tikukur.
Kecap nu dicitak kandel dina penggalan dongeng diluhur hartina nyareta …
ngadodoho tikukur
tukang miara manuk
nu sok ngintip manuk
tukang moro sasatoan
Dina hiji poé, tikukur keur eunteup dina dahan bari ngelak disada, Tikukur teu apaleun yén di handapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip. Bedil mimisna geus dikokang, ngan kari ngabekaskeun.
Sabot kitu, éngang anu kungsi ditulungan ku tikukur hiber ka lebah dinya. Barang nénjo tikukur keur diintip pati, teu antaparah deui éngang ngawahan, terus nyeureud ka paninggaran anu keur ngadodoho tikukur.
Pieunteungeun pikeun urang sarerea numutkeun penggalan dongeng di luhur nyaeta …
urang kudu silih tulungan
teu meunang miara manuk tikukur
teu meunang moro sasatoan langka
mun ngaganggu engang pasti diseureud
Tukang dagang mimiti … di pasar ti tabuh lima.
Kecap rajekan nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ….
dasar
dadasar
dasaran
ngadasar
Titenan pupuh asmarandana di handap ieu!
JASA GURU
Tugasna dina ngadidik,
sangkan palinter muridna,
dilakonan bari rido,
dibarung ku rasa nyaah,
henteu dibéda-béda,
kabéh dibéré piwuruk,
conto hadé pikeun urang.
Sasaruaan kecap (sinonim) tina kecap nu citak kandel nyaeta ….
panyaram
naséhat
pelajaran
elmu
Titenan rumpaka kawih di handap ieu!
TANAH SUNDA
Karya: Mang Koko
Tanah Sunda gemah ripah
nu ngumbara suka betah
urang sunda sawawa
sing towéksa percéka
nyangga dharma anu nyata.
Numutkeun kana rumpaka kawih di luhur, kumaha kaayaan Tanah Sunda téh?
loba nu ngumbara
loba urang Sunda
gemah ripah
suka betah
Hayang Jadi Guru
Wasta abdi téh Ririn. Rorompok di lembur. Perenahna pisan mah di Kampung Sukamaju. Mamah janten guru SD di lembur. Kitu deui Bapa janten guru di SMP. Iwal ti dinten Ahad, unggal dinten Mamah angkat ka sakola. Abdi ogé ka sakola sok sareng Mamah. Bapa angkat ka sakolana sok kana motor. Bapa mah ka sakolana rada tebih di kota kacamatan. Unggal énjing sok ngaboncéng Aa da sasakola sareng Bapa di SMP.
Resep ningali Mamah sareng Bapa angkat ka sakola. Saur réréncangan mah Mamah téh raoseun ngawulangna. Réréncangan mah raresepeun pisan. Kitu deui Bapa, saur réréncangan Aa raoseun ngawulangna. Da Bapa ogé dipikaresep ku murid-muridna. Bapa mah seueur bukuna. Buku bapa di rorompok aya sababaraha erak. Saban dinten Bapa sok katingal maos buku. Malah sok nyerat. Saurna mah sok dikintunkeun kana majalah atanapi koran. Abdi gé sok kabita hoyong maca buku. Abdi ogé hoyong nyerat sajak, teras dikintunkeun kana majalah.
Abdi pami tos tamat SD, hoyong neraskeun ka SMP, teras ka SMA. Ti dinya mah teras kuliah. Abdi téh gaduh cita-cita hoyong janten guru sapertos Mamah sareng Bapa. Saur Mamah sareng Bapa téh, saé cita-cita téh neraskeun Mamah sareng Bapa. Terasna deui, upami abdi hoyong janten guru, saurna kedah getol diajar sareng capétang.
Waktos nuju ngariung bari tuang, Aa nyanggem alim janten guru. Ku Mamah sareng Bapa ditaros, hoyong janten naon? Waleran Aa téh saurna hoyong janten dokter. Badé janten nanaon ogé Mamah sareng Bapa mah tetep ngadungakeun. Anu penting mah boh abdi boh Aa kedah getol diajar, sakola sing jucung, ulah seueur melid.
Saha nu hayang jadi guru téh?
mamah
bapa
Ririn
Aa

Kalimah nu luyu jeung eusi paragraph ka opat nyaeta ….
Aa boga cita-cita hayang jadi guru
Ririn boga cita-cita hayang jadi guru
Lanceukna Ririn alimeun jadi dokter
Boga cita-cita naon wae ge kudu getol diajar
Hayang Jadi Guru
Wasta abdi téh Ririn. Rorompok di lembur. Perenahna pisan mah di Kampung Sukamaju. Mamah janten guru SD di lembur. Kitu deui Bapa janten guru di SMP. Iwal ti dinten Ahad, unggal dinten Mamah angkat ka sakola. Abdi ogé ka sakola sok sareng Mamah. Bapa angkat ka sakolana sok kana motor. Bapa mah ka sakolana rada tebih di kota kacamatan. Unggal énjing sok ngaboncéng Aa da sasakola sareng Bapa di SMP.
Resep ningali Mamah sareng Bapa angkat ka sakola. Saur réréncangan mah Mamah téh raoseun ngawulangna. Réréncangan mah raresepeun pisan. Kitu deui Bapa, saur réréncangan Aa raoseun ngawulangna. Da Bapa ogé dipikaresep ku murid-muridna. Bapa mah seueur bukuna. Buku bapa di rorompok aya sababaraha erak. Saban dinten Bapa sok katingal maos buku. Malah sok nyerat. Saurna mah sok dikintunkeun kana majalah atanapi koran. Abdi gé sok kabita hoyong maca buku. Abdi ogé hoyong nyerat sajak, teras dikintunkeun kana majalah.
Abdi pami tos tamat SD, hoyong neraskeun ka SMP, teras ka SMA. Ti dinya mah teras kuliah. Abdi téh gaduh cita-cita hoyong janten guru sapertos Mamah sareng Bapa. Saur Mamah sareng Bapa téh, saé cita-cita téh neraskeun Mamah sareng Bapa. Terasna deui, upami abdi hoyong janten guru, saurna kedah getol diajar sareng capétang.
Waktos nuju ngariung bari tuang, Aa nyanggem alim janten guru. Ku Mamah sareng Bapa ditaros, hoyong janten naon? Waleran Aa téh saurna hoyong janten dokter. Badé janten nanaon ogé Mamah sareng Bapa mah tetep ngadungakeun. Anu penting mah boh abdi boh Aa kedah getol diajar, sakola sing jucung, ulah seueur melid.
Kalimah tanya nu luyu jeung eusi paragraf katilu nyaeta ….
Kumaha cara ngawulang bapana Nénéng ceuk babaturan aana?
Kudu kumaha mun hayang jadi guru?
Ari lanceuna Nénéng hayang jadi naon?
Badé janten naon waé ogé Bapa tetep kumaha?
Waluh téh keur … dina langseng.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ….
diseupan
disangray
digoréng
digodog
Mamah tuang di tengah bumi.
Abdi … di tengah bumi
neda
dahar
emam
nyatu
Barudak ngumpul limaan atawa genepan. Tuluy nguntuy bari nyekel taktak babaturanana anu aya hareupeunana. Budak nu panghareupna jadi hulu, ari nu pangtukangna jadi buntut. Geus kitu, leumpang ngénca jeung ngatuhu bari luar-léor bari babarengan ngawih
Kaulinan nu dicaritakeun di luhur nyaeta ….
ambil-ambilan
galah porog
oray-orayan
sondah
Perhatikeun pupuh di handap ieu!
Maskumambang
Hé barudak kudu mikir ti leuleutik,
manéh kahutangan,
ku kolot ti barang lahir,
nepi ka ayeuna pisan.
Kahutangan naon urang ku kolot téh?
duit
kanyaah
harta banda
elmu
Pupuh pucung ditembangkeun ku barudak.
Kecap nu dicitak kandel lamun dirarangken tengah -ar- jadi ….
ditembangarkeun
ditembangkareun
ditarembangkeun
ditembangkeuna
Perhatikeun pupuh di handap ieu!
Urang kudu ngabogaan sobat dalit,
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri
ngarah hirup henteu susah
Guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh maskumambang di luhur nyaeta …
12-i, 6-a. 8-i, 8-a
5-i, 3-a, 4-i, 4-a
12-t, 6-n. 8-i, 8-h
5-it, 3-an, 4-ri, 4-ah
Pa Gumilar jenenganana téh. Anjeunna guru SD di Garut. Istrina, jenenganana Bu Eulis. Pa Gumilar sareng Bu Eulis kalebet kulawarga basajan. Putrana aya dua, hiji pameget hiji deui istri. Putra nu pameget wastana Risal, ari putra nu istri wastana Néndén. Risal tos sakola di SMP Kelas 7. Rain amah, Néndén sakolana di SD kelas 4. Kulawarga Pa Gumilar hirup rukun sauyunan, boh jeung tatangga boh jeung baraya.
Hiji waktos Pa Gumilar kasumpingan rakana ti Bandung. Jenenganana Pa Jéjén sareng isterina, Bu Dewi.
Pa Jéjén : Assalamualaikum!
Risal : Waalaikumsalam! Aéh geuning Wa Jéjén. Mangga Wa, lebet!
Wa Jéjén : Mangga, nuhun. Risal ieu téh? Tos ageung, tos bujang ayeuna mah.
Risal : Muhun, Wa.
Wa Jéjén : Tos kelas sabaraha sakola téh?
Risal : Kelas 7, Wa.
Wa Jéjén : Bapa sareng Mamah araya?
Risal : Aya, Wa, nuju di lalebet.
Wa Jéjén : Nuhun atuh ari araya mah.
Risal : Mah, Pa, aya Wa Jéjén.
Pa Gumlar : Aéh, Kang Jéjén, haturan. Mangga linggih.
Pa Jéjén : Nuhun, yi. Sono Akang téh, tos lami teu tepang.
Pa Gumilar : Muhun. Rupina mah sami-sami paciweuh ku padamelan.
Néndén : Wa, damang?
Pa Jéjén : Pangésto. Néndén, nya? Tos kelas sabaraha sakola?
Néndén : Kelas 4, Wa.
Bu Eulis : Muhun, Kang. Tos lami teu tepang. Kumaha Tétéh damang?
Bu Dewi : Pangésto, Yi. Kumaha sawangsulna?
Bu Eulis : Saé, Téh. Mangga calikna palih dieu. Sakantenan urang taruang heula.
Pa Jéjén : Ah, nembé gé dongkap, tos dipiwarang neda. Ieu yeuh sonona Akang ka kulawargi
Yi Gugum téh géksor.
Bu Eulis : Kaleresan geura, abdi tos mais lauk emas disurawungan.
Bu Dewi : Atuh, kasedep Uwa pameget éta mah. Muhun atuh, kaleresan tos lapar.
Kulawarga Pa Gumilar sareng kulawarga Wa Jéjén taruang balakecrakan. Bangun nu ponyo naker katingalina téh. Ma’lum tos lumampah nu kaétang tebih ti Bandung ka Garut, katambih-tambih macét deuih
Saha ari Pa Gumilar teh?
Rakana Pa Jejen
Raina Pa Jejen
Uwana Risal sareng Neneng
Carogena Bu Dewi

Kulawarga Pa Gumilar sareng kulawarga Wa Jéjén taruang balakecrakan. Bangun nu ponyo naker katingalina téh. Ma’lum tos lumampah nu kaétang tebih ti Bandung ka Garut, katambih-tambih macét deuih.
Kunaon Pa Jejen beut sono ka raina?
Sabab mindeng papanggih
Sabab geus lila teu papanggih
Sabab Pa Jejen nyaah ka raina
Sabab imahna jauh
Pa Gumilar jenenganana téh. Anjeunna guru SD di Garut. Istrina, jenenganana Bu Eulis. Pa Gumilar sareng Bu Eulis kalebet kulawarga basajan. Putrana aya dua, hiji pameget hiji deui istri. Putra nu pameget wastana Risal, ari putra nu istri wastana Néndén. Risal tos sakola di SMP Kelas 7. Rain amah, Néndén sakolana di SD kelas 4. Kulawarga Pa Gumilar hirup rukun sauyunan, boh jeung tatangga boh jeung baraya.
Hiji waktos Pa Gumilar kasumpingan rakana ti Bandung. Jenenganana Pa Jéjén sareng isterina, Bu Dewi.
Pa Jéjén : Assalamualaikum!
Risal : Waalaikumsalam! Aéh geuning Wa Jéjén. Mangga Wa, lebet!
Wa Jéjén : Mangga, nuhun. Risal ieu téh? Tos ageung, tos bujang ayeuna mah.
Risal : Muhun, Wa.
Wa Jéjén : Tos kelas sabaraha sakola téh?
Risal : Kelas 7, Wa.
Wa Jéjén : Bapa sareng Mamah araya?
Risal : Aya, Wa, nuju di lalebet.
Wa Jéjén : Nuhun atuh ari araya mah.
Risal : Mah, Pa, aya Wa Jéjén.
Pa Gumlar : Aéh, Kang Jéjén, haturan. Mangga linggih.
Pa Jéjén : Nuhun, yi. Sono Akang téh, tos lami teu tepang.
Pa Gumilar : Muhun. Rupina mah sami-sami paciweuh ku padamelan.
Néndén : Wa, damang?
Pa Jéjén : Pangésto. Néndén, nya? Tos kelas sabaraha sakola?
Néndén : Kelas 4, Wa.
Bu Eulis : Muhun, Kang. Tos lami teu tepang. Kumaha Tétéh damang?
Bu Dewi : Pangésto, Yi. Kumaha sawangsulna?
Bu Eulis : Saé, Téh. Mangga calikna palih dieu. Sakantenan urang taruang heula.
Pa Jéjén : Ah, nembé gé dongkap, tos dipiwarang neda. Ieu yeuh sonona Akang ka kulawargi
Yi Gugum téh géksor.
Bu Eulis : Kaleresan geura, abdi tos mais lauk emas disurawungan.
Bu Dewi : Atuh, kasedep Uwa pameget éta mah. Muhun atuh, kaleresan tos lapar.
Kulawarga Pa Gumilar sareng kulawarga Wa Jéjén taruang balakecrakan. Bangun nu ponyo naker katingalina téh. Ma’lum tos lumampah nu kaétang tebih ti Bandung ka Garut, katambih-tambih macét deuih
Saha nu resep pisan kana pais lauk emas disurawungan numutkeun paguneman di luhur?
Pa Jejen
Bu Eulis
Bu Dewi
Pa Gumilar

Kecap nu dicitak kandel dina paguneman di luhur hartina nyaeta ….
karek ge datang langsung disuguhan tuangeun
karek datang langsung dititah asup ka imah
karek datang langsung dtitah diuk
karek ge datang geus rek balik deui
Pucuk jambu batu digodog, diuyahan saeutik, tur diinum, bias dipaké ubar ….
rieut
batuk
méncrét
darah tinggi
Cai walungan téh mani hérang …
nyacas
euceuy
ngempray
ngagenclang
Perhatikeun sajak di handap ieu!
Kota Garut, kota Intan
Kota nu pinuh ku kaéndahan
Kota nu subur ma’mur
Kota asri tur kamashur
Di kota éta aya hiji candi
Hiji tanda ti karuhun
Cicirén ngamumule nagri
Wangunan nu dimaksud dina sajak di luhur nyaeta
Candi Jiwa
Candi Borobudur
Candi Prambanan
Candi Cangkuang
Perhatikeun sajak di handap ieu!
Kota Garut, kota Intan
Kota nu pinuh ku kaéndahan
Kota nu subur ma’mur
Kota asri tur kamashur
Di kota éta aya hiji candi
Hiji tanda ti karuhun
Cicirén ngamumule nagri
Keur naon gunana candi numutkeun sajak di luhur?
Ciciren hiji kota
Tanda ti karuhun
Ciciren kota nu subur ma’mur
Pikeun tempat wisata
Teu damangna Aki nu ayeuna mah geuning repot, dugi ka kedah dirawat di Rumah Sakit. Dina pananganna aya selang, kana pangambung aya anu dilebetkeun.
Teu damangna Aki kawitna pisan mah, pédah Aki sedep ngaroko. Janten, kedahna mah jalmi téh teu kénging ngaroko. Haseup roko téh lami-lami mah bakal ngareksak paru-paru, Aki ogé janten sesek napas. Jadi tiasa ngaganggu ogé kana jantungna. Saur dokter mah, jantung Aki téh tos aya pembengkakan. Rada bareuh.
Tema penggalan carpon di luhur nyaeta …
dirawat di rumah sakit
aki teu damang
bahaya roko
panyakit
Teu damangna Aki nu ayeuna mah geuning repot, dugi ka kedah dirawat di Rumah Sakit. Dina pananganna aya selang, kana pangambung aya anu dilebetkeun.
Teu damangna Aki kawitna pisan mah, pédah Aki sedep ngaroko. Janten, kedahna mah jalmi téh teu kénging ngaroko. Haseup roko téh lami-lami mah bakal ngareksak paru-paru, Aki ogé janten sesek napas. Jadi tiasa ngaganggu ogé kana jantungna. Saur dokter mah, jantung Aki téh tos aya pembengkakan. Rada bareuh.
Numutkeun irongan hidep, naon nu bakal kajadian lamun aki tara ngaroko?
Aki moal dirawat di rumah sakit
Aki bakal dirawat di imah
Aki bakal sehat salawasna
Aki moal gering salilana
Nyi Endit kawentar ku korétna.
kecap korét hartina …
pedit
sarakah
beunghar
loba duit
Tutuwuhan pada-pada mahluk Alloh. Pada-pada hirup, sarua jeung urang. Urang sok napas, manehna ge osok. Urang ngagedean, ngajangkungan, manehna oge. Urang boga getih, manehna boga geutah. Ku kituna ulah sok ngaruksak kana tutuwuhan teh. Anggursi geura pelak. Geura piara sing hade malah mandar mere mangpaat.
Kalimah pananya nu bisa dijieun tina sababaraha kalimah dina paragraf di luhur nyaeta....
Naon hartina tutuwuhan teh?
Kumaha cara melak tutuwuhan?
Naon bedana urang jeung tutuwuhan?
Kumaha cara miara tutuwuhan ngarah mangpaat?
Tutuwuhan pada-pada mahluk Alloh. Pada-pada hirup, sarua jeung urang. Urang sok napas, manehna ge osok. Urang ngagedean, ngajangkungan, manehna oge. Urang boga getih, manehna boga geutah. Ku kituna ulah sok ngaruksak kana tutuwuhan teh. Anggursi geura pelak. Geura piara sing hade malah mandar mere mangpaat.
Kalimah parentah numutkeun kana eusi paragraf di luhur nu merenah, iwal ....
Piara tutuwuhan sing hade!
Ulah sok ngaruksak kana tutuwuhan!
Naon bedana urang jeung tutuwuhan?
Geura pelak tutuwuhan!
Kaayaan di jero kelas meni reang pisan ku barudak nu ngarobrol. Waktu Pa Ilin asup ka kelas jol jep we barudak teh repeh.
Paribasa nu luyu jeung kaayaan nu dicaritakeun di luhur nyaeta …
banténg ngamuk, gajah meta
kawas lauk asup kana bubu
buluan belut, jangjangan oray
cara gaang katincak
Titenan kalimah acak di handap ieu!
(a) Masarakat angger jigrah, tara aya nu luh-lah kakurangan cai.
(b) Boh sumur boh solokan, tetep caian.
(c) Saur Aki, najan usum halodo, tara kungsi hésé cai.
(d) Kitu deui balong jeung sawah, taneuhna tara nepi ka bareulah.
(e) Kuring jadi inget ka lembur Aki, Lembur Sekar Wangi
Urutan nu bener sangkan jadi paragraf nu merenah, nyaéta ….
a-b-c-d-e
b-c-d-e-a
e-c-b-d-a
d-c-b-d-e
Tengetan pupuh Durma di handap ieu !
sa-re-re-a u-rang ku-du sa-ya-ga
nga-ja-ga …
ti nu ni-at ja-hat
na-ga-ra ja-di teu a-man
ra-yat-na ja-di teu ting-trim
ji-wa ra-ga-na
u-lah ja-di ka-ri-si
kecap nu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaeta ….
lemah cai
lingkungan
harta banda
lembur
Tengetan pupuh Durma di handap ieu !
sa-re-re-a u-rang ku-du sa-ya-ga
nga-ja-ga le-mah ca-i
ti nu ni-at ja-hat
na-ga-ra ja-di teu a-man
ra-yat-na ja-di teu ting-trim
ji-wa ra-ga-na
u-lah ja-di ka-ri-si
Guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh di luhur nyaeta …
12a – 7i – 6a – 8a – 8i – 5a – 7i
12ga – 7i – 6at – 8an – 8im – 5na – 7si
11a – 7i – 6a – 8a – 8i – 5a – 7i
12a – 6i – 6a – 8a – 8i – 5a – 7i
Imah Awi Jatnika
“Kahirupan masyarakat Indonesia, babakuna urang sunda, teu bisa jauh tina budaya awi, ti mimiti kaperluan keur bahan piimaheun nepi kadaharan. Aya 105 spesies endemik asli awi nu kapanggih di Indonesia, 95 di antarana aya di Jawa Barat. Ngan hanjakal, can rea masyarakat nu bener-bener sadar kana pentingna awi, buktina meh 1000 hektar tangkal awi di Bogor dituar dina dangka lima taun katompernakeun.
Kitu numutkeun Jatnika Nanggamiharja. Jatnika teh kawentar minangka ahlina dina nyieun imah awi mah. Ti taun 1985 nepi ka ayeuna Jatnika geus ngawangun 3.000 leuwih imah awi. Aya 41 model nu geus dimekarkeunana, kabehanana nyoko kana ciri wangun tradisional Jawa Barat. Hak cipta geus meunang paten dina taun 2006. Taun 2009, Jatnika narima pangleler ti Ikatan Arsitek Indonesia minangka nu pangreana nyieun imah awi tradisional. Ti taun 1995 nepi ka ayeuna Jatnika kapeto jadi Ketua Yayasan Bambu Indonesia.
Kalimah tanya nu luyu jeung eusi wacana di luhur nyaeta ….
Saha nu melakan tangkal awi teh?
Dimana imah-imah eta di wangunna?
Aya sabaraha tempat nu dipelakan awi teh?
Aya sabaraha spesies endemik nu kapanggih di indonesia teh?
Imah Awi Jatnika
“Kahirupan masyarakat Indonesia, babakuna urang sunda, teu bisa jauh tina budaya awi, ti mimiti kaperluan keur bahan piimaheun nepi kadaharan. Aya 105 spesies endemik asli awi nu kapanggih di Indonesia, 95 di antarana aya di Jawa Barat. Ngan hanjakal, can rea masyarakat nu bener-bener sadar kana pentingna awi, buktina meh 1000 hektar tangkal awi di Bogor dituar dina dangka lima taun katompernakeun.
Kitu numutkeun Jatnika Nanggamiharja. Jatnika teh kawentar minangka ahlina dina nyieun imah awi mah. Ti taun 1985 nepi ka ayeuna Jatnika geus ngawangun 3.000 leuwih imah awi. Aya 41 model nu geus dimekarkeunana, kabehanana nyoko kana ciri wangun tradisional Jawa Barat. Hak cipta geus meunang paten dina taun 2006. Taun 2009, Jatnika narima pangleler ti Ikatan Arsitek Indonesia minangka nu pangreana nyieun imah awi tradisional. Ti taun 1995 nepi ka ayeuna Jatnika kapeto jadi Ketua Yayasan Bambu Indonesia.
Ide pokok paragrap kadua bacaan di luhur nyaeta ….
tangkal awi dijadikeun imah
Jatnika nyieun 80 model imah
kahirupan masyarakat Indonesia
Jatnika kapeto jadi ketua Yayasan Bambu Indonesia
Imah Awi Jatnika
“Kahirupan masyarakat Indonesia, babakuna urang sunda, teu bisa jauh tina budaya awi, ti mimiti kaperluan keur bahan piimaheun nepi kadaharan. Aya 105 spesies endemik asli awi nu kapanggih di Indonesia, 95 di antarana aya di Jawa Barat. Ngan hanjakal, can rea masyarakat nu bener-bener sadar kana pentingna awi, buktina meh 1000 hektar tangkal awi di Bogor dituar dina dangka lima taun katompernakeun.
Kitu numutkeun Jatnika Nanggamiharja. Jatnika teh kawentar minangka ahlina dina nyieun imah awi mah. Ti taun 1985 nepi ka ayeuna Jatnika geus ngawangun 3.000 leuwih imah awi. Aya 41 model nu geus dimekarkeunana, kabehanana nyoko kana ciri wangun tradisional Jawa Barat. Hak cipta geus meunang paten dina taun 2006. Taun 2009, Jatnika narima pangleler ti Ikatan Arsitek Indonesia minangka nu pangreana nyieun imah awi tradisional. Ti taun 1995 nepi ka ayeuna Jatnika kapeto jadi Ketua Yayasan Bambu Indonesia.
Kasimpulan nu luyu dumasar kana wacana di luhur nyaeta ….
Kahirupan masyarakat urang sunda, teu bisa jauh tina budaya awi. Numutkeun Jatnika Nanggamiharja, Ketua Yayasan Bambu Indonesia, can rea masyarakat nu bener-bener sadar kana pentingna awi. Jatnika teh kawentar minangka ahli dina nyieun imah awi
Kahirupan masyarakat urang sunda, jauh pisan tina budaya awi. Numutkeun Jatnika Nanggamiharja, Ketua Yayasan Bambu Indonesia, can rea masyarakat nu bener-bener sadar kana pentingna awi. Jatnika teh kawentar minangka ahli dina nyieun imah awi.
Kahirupan masyarakat Indonesia, jauh pisan tina budaya awi. Numutkeun Jatnika Nanggamiharja, Ketua Yayasan Bambu Indonesia, can rea masyarakat nu bener-bener sadar kana pentingna awi. Jatnika teh kawentar minangka ahli dina nyieun imah awi
Kahirupan masyarakat Indonesia, teu bisa jauh tina budaya awi. Numutkeun Jatnika Nanggamiharja, Ketua Yayasan Bambu Indonesia, rea masyarakat nu geus sadar kana pentingna awi. Jatnika teh kawentar minangka ahli dina nyieun imah awi
Dina kahirupan sadidinten tangtos urang teh kedah campur gaul, margi upama urang teu kitu tangtos hirup urang bakal “ kuper “ alias kurang pergaulan. Namung kedah diemut omat dina campur gaul teh urang terang tujuanana kanggo naon, supados henteu salah kaprah. Komo dina milari sobat mah, kedah leres-leres nu ku urang tiasa diajak dina kasaean, sanes ngajak ka urang kana jalan nu teu sae.
Jejer paragraf nu di luhur nyaeta . . . .
margi upama urang teu gaul hirup urang bakal kuper
dina kahirupan sadidinten tangtos urang teh kedah campur gaul
namung kedah diemut omat dina campur gaul kedah terang tujuanana
komo dina milari sobat mah kedah leres-leres nu tiasa ngajak kana kasasaean
Dina kahirupan sadidinten tangtos urang teh kedah campur gaul, margi upama urang teu kitu tangtos hirup urang bakal “ kuper “ alias kurang pergaulan. Namung kedah diemut omat dina campur gaul teh urang terang tujuanana kanggo naon, supados henteu salah kaprah. Komo dina milari sobat mah, kedah leres-leres nu ku urang tiasa diajak dina kasaean, sanes ngajak ka urang kana jalan nu teu sae.
Tema paragraf nu di luhur, nyaeta . . . .
kurang pergaulan
tujuan campur gaul
tatakrama pergaulan
kahirupan sadidinten
Dina kahirupan sadidinten tangtos urang teh kedah campur gaul, margi upama urang teu kitu tangtos hirup urang bakal “ kuper “ alias kurang pergaulan. Namung kedah diemut omat dina campur gaul teh urang terang tujuanana kanggo naon, supados henteu salah kaprah. Komo dina milari sobat mah, kedah leres-leres nu ku urang tiasa diajak dina kasaean, sanes ngajak ka urang kana jalan nu teu sae.
Lamun dititennan eusi paragraf nu di luhur peupeujeuhna nyaeta . . . .
kudu imet dina neangan sobat
kudu daek campur gaul
ulah ngajak teu bener
ngarah teu kuper
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Para saderek sadayana, regu urang dipercaya kudu neangan jalur jalan ka walungan. Beurat ieu tugas teh, sabab urang can apal tempatna. Ku kituna, urang kudu ati-ati ulah gagabah!
Hayu urang laksanakeun ieu tugas kalawan sumanget! Ulah poho, hayu urang ngadoa sangkan dipaparinan kasalametan!
Sakitu anu perlu didugikeun . . .
Wassalamu’alaikum Wr .Wb.
Kalimah nu saregep pikeun ngalengkepan pidato sangkan merenah, nyaeta . . . .
Ka sederek ku sim kuring
sim kuring ngahaturkeun nuhun
teu aya deu nu bade di dugikeun
hatur nuhun kana perhatosan saderek!
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Para saderek sadayana, regu urang dipercaya kudu neangan jalur jalan ka walungan. Beurat ieu tugas teh, sabab urang can apal tempatna. Ku kituna, urang kudu ati-ati ulah gagabah!
Hayu urang laksanakeun ieu tugas kalawan sumanget! Ulah poho, hayu urang ngadoa sangkan dipaparinan kasalametan!
Sakitu anu perlu didugikeun . . .
Wassalamu’alaikum Wr .Wb.
Dina pidato di luhur kalimah nu ditulis condong sangkan bener tatanan kalimahna, nyaeta . . . .
Para saderek sadaya, regu urang dipercaya kudu neangan jalur ka walungan
Para saderek sadayana, regu urang dipercaya neangan jalan ka walungan
Saderek sadayana, regu urang dipercaya kudu neangan jalan ka walungan
Para saderek, regu urang dipercaya neangan jalur ka walungan.