NEW
Font size
WorksheetsLatihan PTS Basa Sunda Semester 2 Kelas 2
Total questions: 70
Worksheet time: 18hrs 30mins
Tong ngaheureuyan éngang atuh, mun .... matak bareuh.
nyeureud
ngabintih
macok
Bongan hayam anakan téh maké diganggu, tuh jadi wé ....
neunggar
ngoét
ngabintih
Lamun domba rék jedak .... teh biasana sok ngawahan heula.
matil
nyépak
neunggar
Sakitu geus dicangcang tapi munding téh angger waé ....
nyepak
ngagadil
neunggar
Kuda mah mun .... téh sok ngagunakeun suku tukangna geuning.
ngalodok
nyépak
neunggar
Enya baé loba anu sieun mun aya soang ngudag bari rék ....
macok
ngalodok
ngégél
Nya enya atuh mun urang .... lélé karasana nyeri mani nyanyautan.
dipacok
dipatil
diseureud
Lamun ucing .... éta téh sok ngagunakeun kukuna anu sareukeut.
ngoét
macok
nyépak
Awas oray téh ...., Jang, mangkaning peurahna matih pisan.
matil
ngégél
macok
Pantes waé anjing galak sok maké barongsong, sabab bisi ....
neunggar
ngégél
ngoét
Eusian ku basa hormat!
Nugraha rék indit ka sawah.
Pa Haji ... ka sawah.
keur dahar
badé angkat
balik
Eusian ku basa loma!
Kuring ... ti sakola.
Ibu Guru mulih ti sakola.
badé angkat
balik
rék indit
Eusian ku basa hormat!
Maman keur dahar di dapur.
Bapa .... di dapur
nuju tuang
nuju dahar
keur tuang
Eusian ku basa hormat!
Jeung saha nyaba ka dieu téh?
.... saha nyaba ka dieu téh?
sareng
keur
aya
Eusian ku basa loma!
Sirop téh ... ku Hérman.
Sirop téh dileueut ku Kang Mansur.
diteleg
diinum
didahar
Eusian ku basa hormat!
Ulah lulumpatan di jero kelas.
.... lulumpatan di ... kelas.
Teu meunang - luar
Mangga - lebet
Teu kénging - lebet
Eusian ku basa hormat!
Wati mandi sapoé dua kali.
Ibu .... dua kali.
siram sadinten
tuang sadinten
ngaleueut sapoé
Eusian ku basa hormat!
Anu gering kudu dirawat.
Anu .... kedah dirawat.
damang
cageur
teu damang
Eusian ku basa hormat!
Manéhna tara kabeurangan ngantor.
Anjeunna tara ... ngantor.
asup
kasiangan
isuk teung
Ti saprak asup sakola, Yusni sobat dalit jeung Fébi.
Lamun loba sobat, hirup urang tangtu ....
moal susah
susah
moal resep
Jalma anu goréng kalakuan ....
loba anu maturan
tara aya anu maturan
seueur anu maturan
Ari jeung sobat, urang téh wajib ....
silih ngomongkeun
silih tulungan
silih goréng sangka
Jalma .... ka batur tara lebar ku kakayaan.
béréhan
pedit
goréng kalakuan
Jalma anu sok ... tara aya nu mercaya.
hadé kalakuan
ngabohong
béréhan
Lamun urang sombong, batur pasti ....
resepeun
muji
moal resepeun
Goréng sangka ka anu lian téh hukumna ....
dosa
wajib
sunnah
Urang .... ngomongkeun kagoréngan batur.
teu meunang
meunang
kudu
Jeung sobat mah najan geus pajauh gé angger ....
ngabohong
nineung
susah
Basa hormat tina kecap loba nyaéta ...
seueur
saeutik
sakedik
Basa loma tina kecap saé nyaeta ...
awon
goréng
alus
Basa hormat tina kecap goréng nyaeta ....
awon
saé
hadé
Basa loma tina kecap kirang nyaéta ....
kurang
kerung
langkung
Basa hormat tina kecap cukup nyaéta ....
cekap
leuwih
kirang
Basa hormat tina kecap beuki nyaéta ....
teu resep
sedep
hoyong
Basa hormat tina kecap bisa nyaéta ....
tiasa
kirang
alim
Basa hormat tina kecap wani nyaéta ...
bantun
wantun
embung
Basa hormat tina kecap embung nyaéta ...
tara
hayu
alim
Barudak ngabring ka ... kantor Rw rék ucing puntang.
buruan
pasosoré
lobaan
Maranéhna ... heula pikeun nangtukeun nu jadi ucing.
suten
akur
duaan
Sanggeus kabéhan suten, Sobari anu pangheulana jadi ....
ucing
akur
pamuntangan
Mimitina Naning milih muntangan tangkal ....
ucing
balingbing
buruan
Sobari neangan .... anu kosong ulah kapiheulaan batur.
pamuntangan
suten
ucing
Aturanna hiji pamuntangan teu meunang dicekel ku ....
duaan
ucing
buruan
Anu arulin ucing puntang eunggeusan sabab geus ampir ....
lobaan
magrib
pasosoré
Dina kaulinan ucing puntang mah anu miluanna kudu ....
duaan
saurang
lobaan
Mun hidep keur ulin pepejeuh kudu ... ulah paséa.
moyokan
akur
gelut
Biasana mah kaulinan barudak téh dilaksanakeun ....
pasosoré
magrib
sorangan
Cingciripit tulang bajing kacapit
kacapit kubulu ...
paré
hayam
soang
cingciripit tulang bajing kacapit
kacapit kubulu paré
bulu paré seseukeutna
jol pa ....
mawa .... jék-jrék nong
haji - kopeah
tani - pacul
dalang - wayang
Oray-orayan
luar-léor mapay kebon
entong ka kebon
loba barudak keur ...
ulin
ngangon
nyumput
Oray-orayan
luar-léor mapay ....
entong ka ...
paréna keur sedeng beukah
sawah
areuy
walungan
Mending gé teuleum
di leuwi loba nu mandi
saha anu mandi
anu mandina ....
pandeuri
kumpeni
digigir
Ayang-ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak Ki Mastanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
tukang olo-olo
loba anu ....
giruk
resep
katon
Ruket jeung kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos Kanjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ....
Jalan Ka Batawi ngemplong
ompong
bolong
bohong
Walanda anu baheula ngajajah bangsa urang nyaéta ...
kumpeni
kanjeng dalem
ménak
Katon hartina ...
katempo
teu katempo
teu katingali
Giruk hartina ....
ngéwa, teu resep
resep
sobat
Ruket jeung kumpeni
Niat jadi pangkat
Ruket hartina ....
dalit
musuh
jauh
Ruket jeung kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos Kanjeng Dalem
Kanjeng Dalem hartina ....
bupati
walanda
babaturan
Kaulinan téh aya nu kudu di tempat lega, umpamana waé ....
béklen
ucing sumput
ular tangga
Kaulinan téh aya nu cukup dina teras, misalna ....
béklen
ucing sumput
ucing puntang
Tikukur teu apaleun yén di handapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip.
Paninggaran nyaéta ....
tukang moro sasatoan anu ngagunakeun bedil
tukang moro langlayangan
tukang moro sasatoan ngagunakeun tumbak
Aya éngang sosobatan jeung tikukur. Maranéhna hirup akur, najan dina rupa bédana. Da kitu ari jeung sobat mah, kudu silih ...
tulungan
muntang
suntrungkeun
Hiji poé éngang téh kepluk ragrag kana cai, awakna nangkarak. Atuh puguh waé teu bisaeun deui hiber. Gawéna ngan roroésan, bari jangjangna kekeleperan, sangkan teu titeuleum. Tapi lila-lima mah éta engang teh ngarasa capé, komo sanggeus jangjangna beuki baseuh mah. Manéhna geus ampir tikerelep.
Engang ragrag kana cai teu bisaeun ....
kekeleperan
roroésan
deui hiber
Hiji poé éngang téh kepluk ragrag kana cai, awakna nangkarak. Atuh puguh waé teu bisaeun deui hiber. Gawéna ngan roroésan, bari jangjangna kekeleperan, sangkan teu titeuleum. Tapi lila-lima mah éta engang teh ngarasa capé, komo sanggeus jangjangna beuki baseuh mah. Manéhna geus ampir tikerelep.
Untung kaburu datang sobatna. Tikukur gancang macok régang, terus disodorkeun ka lebah éngang.
Tikukur nulungan ku cara nyodorkeun ,,,
lebah
régang
jangjangna
Tikukur teu apaleun yén di handapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip. Tikukur rék dibedil.
Sabot kitu, éngang hiber ka lebah dinya. Paninggaran langsung diseureud ku éngang. Puguh waé reuwaseun bari karasa nyeri. Bedilna ogé tepi ka ragrag. Tikukur salamet.
Hiji poé, tikukur keur diintip, rék dibedil ku ....
éngang
paninggaran
seureud
Tikukur teu apaleun yén di handapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip. Tikukur rék dibedil.
Sabot kitu, éngang hiber ka lebah dinya. Paninggaran langsung diseureud ku éngang. Puguh waé reuwaseun bari karasa nyeri. Bedilna ogé tepi ka ragrag. Tikukur salamet.
Gancang éngang téh nulungan tikukur ku cara ....
nyodorkeun bedil
ngintip paninggaran
nyeureud paninggaran
Tikukur teu apaleun yén di handapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip. Tikukur rék dibedil.
Sabot kitu, éngang hiber ka lebah dinya. Paninggaran langsung diseureud ku éngang. Puguh waé reuwaseun bari karasa nyeri. Bedilna ogé tepi ka ragrag. Tikukur salamet.
Paninggaran reuwaseun jeung nyerieun tepi ka ....
ragrag bedilna
hiber ka lebah dinya
salamet
Tikukur teu apaleun yén di handapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip. Tikukur rék dibedil.
Sabot kitu, éngang hiber ka lebah dinya. Paninggaran langsung diseureud ku éngang. Puguh waé reuwaseun bari karasa nyeri. Bedilna ogé tepi ka ragrag. Tikukur salamet.
Sabab ditulungan ku éngang, ahirna tikukur téh ....
dibedil ku paninggaran
diseureud
salamet
Lamun batur nulungan urang wajib nyebutkeun ....
punten
nuhun
tulungan
