NEW
Font size
WorksheetsTUGAS LATIHAN BAHASA SUNDA KELAS 8
Total questions: 10
Worksheet time: 12mins
1. Pilih mana kalimah anu ngandung gaya basa rautan !
a. Di kota gede loba gedong jujul ka langit.
b. Abdi mah rorompok oge sagede kandang japati.
c. Bulan nyumput di tukangeun mega
d. Aki uh amah parantos ngantunkeun taun kamari.
1. Anu kaasup kalimah sampurna, nyaeta …
a. Wilujeng enjing, Bu!
b. Hayam diparaban.
c. Timana, euy ?
d. Buru kadieu !
Pesta langlayangan di Pangandaran teh kacida pentingna keur bangsa urang. Lain bae urang bisa ngawanohkeun objek wisata Pangandaran ka bangsa deungeun, tapi urang oge bisa silih tuker pangaweruh katut pangalaman jeung maranehna. Segedengeun eta ku ayana Pesta Langlayangan, ngaran Pangandaran tangtu bakal beuki sohor ka manca nagara
3. Kecap serepan anu asalna tina basa Asing nu aya dina paragraf di luhur, nyaeta…
a. pesta
b. objek
c. sohor
d. manca nagara
Pesta langlayangan di Pangandaran teh kacida pentingna keur bangsa urang. Lain bae urang bisa ngawanohkeun objek wisata Pangandaran ka bangsa deungeun, tapi urang oge bisa silih tuker pangaweruh katut pangalaman jeung maranehna. Segedengeun eta ku ayana Pesta Langlayangan, ngaran Pangandaran tangtu bakal beuki sohor ka manca nagara.
4. Kecap sohor dina paragraf di luhur ngabogaan hari anu sarua jeung kecap …
a. punjul
b. luhung
c. kawentar
d. kabejakeun
5. Kalimah anu ngagunakeun kecap rajekan dwireka nyaeta :
a. Isah mah keur sasapu di buruan bumina .
b. Ulah dipopohokeun ari aya amanat ti kolot teh.
c. Susi ngan sura-seuri bae ti tatadi kawas keur boga kabungah.
d. Barang-barang teh ayeuna mah hargana beuki marahal bae.
6.Mana anu kaasup kecap rajekan dwimadya ?
a. luak-lieuk
b. katutuluyan
c. sesepak
d. gede-gede
Beurat teuing lengkah aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan
dibaturan ku sobat ngaran rancatan
anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan
Kecap konotatif (anu ngandung harti injeuman) dina cutatan sajak di luhur, nyaeta..
a. beurat
b. jalan
c. sobat
d. rancatan
Ulah … ari barang warisan ti kolot teh.
a. dipahing
b. dipindingan
c. dimomorekeun
d. dipupusti
Pilih mana kalimah anu ngagunakeun kecap pagawean !
a. Ih, Budak teh mani bageur nya
b. Desi mah nya pinter nya geulis.
c. Bapana jadi pagawe bank.
d. Tuh Susan mah keur nyisiran
1. Pilih mana anu kaasup kalimah aktif !
a. Ulah waka dibawa buku teh, can dibaca.
b. Iraha hutang teh rek dibayarna ?
c. Ari Unang rek make sapatu atawa moal ?
d. Sok dengekeun ku kuring rek dibaca !
