wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Biografi

Total questions: 15

Worksheet time: 1hrs 29mins

Name
Class
Date
1.

Tulisan anu eusina mangrupa lalakon kahirupan pribadi hiji jelema, bisa sagemblengna ti mimiti lahir nepika maotna kalayan dicaritakeun ku batur disebut…

a)

Otobiografi

b)

Biografi

c)

Curiculum Vitae

d)

Catatan Individu

e)

Biodata

2.

Biografi tèh asalna tina basa Inggris nya èta biography. Bio hartina ….

a)

Élmu

b)

Riwayat

c)

Tulisan

d)

Hirup

e)

Jalma

3.

Hal-hal anu dianggap penting dina nulis biografi tèh diantarana ieu di handap, iwal ti ....

a)

Kalahiran jeung asal-usulna

b)

Jalma anu nulis biografina

c)

Lalakon hirupna nepi ka bisa suksés

d)

Karya-karya anu kungsi dipedalkeunana

e)

Préstasi anu dicangking dina widangna

4.

Salah sahiji anu ngabédakeun biografi jeung otobiografi nya éta ….

a)

Hal-hal nu dianggap penting

b)

Struktur nuliskeunana

c)

Eusina nyaritakeun jalma

d)

Ditulis atawa henteuna pangarang

e)

Cara pangarang nyaritakeun kahirupan hiji jalma

5.

Pèk baca cutatan biografi ieu di handap!.


Mamah Dedeh horèng sok dipiwarang diajar ceramah ti leuleutik kènèh. Waktu di SD anjeunna sok diilukeun kana acara-acara imtihan. Nincak ka SMP beuki wantèran ku ramana sok dijujurung masihan ceramah di Majlis Ta’lim. Komo sanggeus anjeunna ku ramana dilebetkeun ka Pendidikan Guru Agama (PGA), ceramahna beuki mindeng.


Tina sempalan biografi di luhur, eusi biografina ngandung unsur ….

a)

Riwayat atikan

b)

Pamikiran jeung gagasanana

c)

Asal-usul kulawargana

d)

Préstasi anu dicangking

e)

Identitas Pribadi

6.

Mangpaat biografi jeung otobiografi tèh penting pisan pikeun rupa-rupa kaperluan, iwal ti ….

a)

Ngalamar pagawèan

b)

pangèling jasa hiji jalma

c)

Dokumèntasi sajarah

d)

nyaho kana pangalaman hiji jalma

e)

Meunangkeun pujian

7.

“Nya harita anjeunna katajieun pisan ku salah saurang guruna, nepi ka boga cita-cita hayang jadi guru".


Kecap "katajieun" sarua hartina jeung dina basa Indonesia nya eta ....

a)

Tertarik

b)

Terpesona

c)

Tertawa

d)

Tertinggal

e)

Terlatih

8.

"Nincak ka SMP Anjeunna beuki wantéran, ku ramana sok dijujurung masihan ceramah di majlis ta’lim".


Kecap wanteran dina éta kalimah sarua hartina jeung ….

a)

Wanian

b)

Euweuh kawani

c)

Borangan

d)

Henteu éraan

e)

Galak

9.

Ieu di handap mana kalimah anu cara nuliskeunana bener atawa merenah ….

a)

Anjeunna ngabina TKR atawa tentara keamanan rakyat.

b)

Ku lagu "Aku Tak Biasa " téa Alda meunang panghargaan Penyanyi Pop Terbaik.

c)

Doel Sumbang teh penyanyi pop Sunda ti Bandung.

d)

Anggota grupna téh nya éta Firda Widi jeung Euis.

e)

Asep Sunandar Sunarya teh dalang kasohor ditanah sunda.

10.

Ieu di handap sawatara alesan hiji jalma sok ditulis biografina, iwal ….

a)

Jalma anu gedé jasana

b)

Supaya éksis atawa kasohor

c)

Méré inspirasi

d)

Jalma anu kasohor

e)

Ngalaman kajadian anu istiméwa

11.

"Dunya seni kawih kungsi diramékeun ku lagu ciptaanana nu judulna ”Saha Eta”.


Kecap "kungsi" dina éta kalimah sarua hartina jeung ….

a)

Sering

b)

Meunang

c)

Beuki

d)

Pernah

e)

Osok

12.

Ti keur bubudak kènèh ogè kuring sok mimilu diajar ngaji. Diajarna sok ku Bapa baè. Sakapeung, anjeuna sok ku Ema diwurukan tèh.


Nilik kana kalimahna, cutatan di luhur tèh kaasup kana ….

a)

Tulisan

b)

Catetan

c)

Teks

d)

Biografi

e)

Otobiografi

13.

Oto Iskandar Dinata teh teuneung ludeung dina nyinghareupan rupa-rupa perkara.


Kecap teuneung ludeung dina kalimah di luhur sarua hartina jeung ….

a)

Henteu èraan

b)

Wanian

c)

Euweuh kawani

d)

Borangan

e)

Galak

14.

Lantaran kawanina atawa keberanian ngalawan penjajah jeung ngabèla hak rahayat, Oto Iskandar Dinata meunang jujuluk ….

a)

Si Jalak Harupat

b)

Bapa Proklamasi

c)

Pahlawan Tanpa Tanda Jasa

d)

Si Burung Camar

e)

Si Anak Singkong

15.

Biografi teh asalna tina basa ....

a)

Sunda

b)

Inggris

c)

Perancis

d)

Jawa

e)

Belanda