wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UTS SUNDA SMANLIKA (KELAS X)

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Mana tokoh ieu di handap anu mopulérkeun kawih "Kabogoh Jauh"?

a)
b)
c)
d)
e)
2.

Bubuy bulan sanggray béntang

Panonpoé disasaté

Unggal bulan abdi téang

Unggal poé ogé hadé


Kawih di luhur téh rumpakana ngagunakeun puisi ....

a)

sair

b)

puisi bébas

c)

sisindiran

d)

guguritan

e)

pupuh

3.

Salah sahiji kawih anu kungsi dipopulérkeun ku ieu juru haleuang téh nyaéta ....

a)

Bulan Batu Hiu

b)

Borondong Garing

c)

Dina Amparan Sajadah

d)

Kembang Tanjung Panineungan

e)

Budak Jalanan

4.

Di urang mah aya nu disebut kawih jeung aya nu disebut kakawihan. Saenyana mah éta-éta kénéh, lalaguan anu sok dihaleuangkeun. Ngan baé kakawihan mah biasana dihaleuangkeunana téh ....

a)

dipirig ku gamelan

b)

teu dipirig ku gamelan

c)

di outdoor

d)

di buruan

e)

bari ulin

5.

Mana ieu di handap anu teu kaasup kana golongan kakawihan?

a)

Trangtrang Koléntrang

b)

Eundeuk-eundeukan

c)

Lalamunan

d)

Oray-orayan

e)

Pérépét Jéngkol

6.

Itu saha dunungan, ngabantun munding

digantélan geuning ku sapu tangan

itu saha dunungan ku ginding teuing

singhoréng mah aduh, geuning jungjunan


Ditilik eusi rumpakana, téma kawih És Lilin téh nyaéta ....

a)

religiusitas

b)

gotongroyong

c)

sosial

d)

kaadilan

e)

cinta

7.

Eusi pada ka hiji rumpaka kawih "es lilin", nyaeta

a)

es lilin dijieuna tina kalapa muda

b)

abdi isin samar kaduga sabab sieun teu ngajadi

c)

es lilin dijual ka sukajadi

d)

sieun teu jadi dibawa kasuka jadi

e)

Abdi isin sieun teu ngajadi

8.

Rumpaka kawih "papatong" teh ngawanti-wanti yen....

a)

hirup teh moal lila ulah kajonjonan

b)

papatong nu hiber ku jangjangna

c)

jalma hirup ibarat papatong nu hiber

d)

mun rek indit kudu pamitan

e)

papatong minangka lambang kahirupan manusa

9.

Angkat ngagandeuang

bangun taya karingrang

.........................................

mojang priangan

a)

Nganggo sinjang dilambang

b)

Nganggo sinjang dilamban

c)

Ngangge sinjang dilakban

d)

Angge sinjang dilambang

10.

sinatria danalaga ................

a)

Ngabelaan bangsa jeung nagara

b)

Bela pati jeung nagari

c)

Bela bangsa jeung nagara

d)

Mikacinta bangsa jeung nagara

11.

Ieu di handap conto judul kawih, iwal...

a)

Peuyeum bandung

b)

Ayang ayang gung

c)

Budak jalanan

d)

Es lilin

12.

Berjuang keur lemah cai

lali rabi tur tegang pati

taya basa menta pamulang tarima

ikas ridho keur korban merdeka


eusi rumpaka di luhur nya eta...

a)

Tekad para pahlawan

b)

Anu mulang tarima

c)

Kaikhlasan warga nagara

d)

Jaman perang

13.

Diraksukan kabaya, nambihan cahayana. Dangdosan sederhana, Mojang Priangan.

Rumpaka kawih di luhur mere gambaran yen mojang priangan teh dangdananana....

a)

Menor

b)

Basajan

c)

Sampurna

d)

Mahal

14.

Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna …

a)

Paguneman

b)

Sawala

c)

Konfèrènsi

d)

Wawancara

e)

Seminar

15.

Ieu di handap anu teu kaasup kana cara wawancara, nya èta …

a)

Mandiri

b)

INdividu

c)

Kelompok

d)

Konfèrènsi

e)

Teu resmi

16.

Kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara, disebutna wawancara …

a)

Bèbas – Kauger

b)

Kauger

c)

Madya bèbas

d)

Madya Kauger

e)

Bèbas

17.

Kalimah pananya dina wawancara bisa nagunakeun kecap pananya 5W + 1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap …

a)

Naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha

b)

Mana, dimana, kamana, iraha, kunaon, kumaha

c)

Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha

d)

Saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha

e)

Saha, ku saha, tis aha, di saha, ka saha, keur saha

18.

Ieu di handap henteu kaasup anu osok ngayakeun wawancara, nya èta ….

a)

Panalungtik

b)

Wartawan

c)

Anu ngetès calon pagawè

d)

Pulisi

e)

Padagang

19.

ieu di handap anu lain tujuan (udagan) dina wawancara, nya èta …

a)

aktualisasi fakta

b)

konfirmasi keur babandingan data

c)

ngajaring informasi ti narasumber

d)

nyangking pamadegan ti narasumber

e)

ngèra-ngèra jalma nu diwawancara

20.

Nu sok ngayakeun wawancara keur tujuan ngumpulkeun data statistik, nya èta …

a)

Wartawan

b)

Jurnalis

c)

Panalungtik

d)

Guru

e)

Dokter

21.

Dina konfèrènsi pèrs nu ngondang wawancara tèh nya èta …

a)

Wartawan

b)

Narasumber

c)

Pulitisi

d)

Jurnalis

e)

Pasien

22.

Sangkan tujuan wawancara kahontal, kudu dipilih … anu bener.

a)

Waktu

b)

Tempat

c)

Narasumber

d)

Pananya

e)

Raksukan

23.

Jalma anu ngalakukeun wawancara kudu boga sipat ... ka narasumber

a)

netral

b)

pro

c)

ngera-ngera

d)

kontra

e)

mihak

24.

Fungsi kecap sabaraha, sakumaha nyaeta pikeun nanyakeun ...

a)

waktu

b)

barang

c)

tempat

d)

jumlah bilangan

e)

kajadian

25.

Bagean dina wawancara anu eusina nanyakeun identitas narasumber nyaeta ...

a)

tatakrama

b)

eusi

c)

panutup

d)

bubuka

e)

kasang tukang