wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Biografi Sunda

Total questions: 15

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.

Catetan sajarah riwayat hirup hiji jalma boh anu jumeneng kènèh, boh anu geus maot kalayan dicaritakeun ku dirina sorangan disebut….

a)

Biografi

b)

Otobiografi

c)

Curiculum Vitae

d)

Catatan Individu

e)

Biodata

2.

Biografi tèh asalna tina basa Inggris nya èta biography. Graphy hartina ….

a)

Élmu

b)

Riwayat

c)

Hirup

d)

Tulisan

e)

Jalma

3.

Ieu di handap téh sababaraha mangpaat tina biografi, iwal …..

a)

Sarat keur ngalamar pagawéan

b)

Pangéling-pangéling kana jasa hiji jalma

c)

Dokuméntasi sajarah

d)

Diajar kana pangalaman hirup hiji inohong

e)

Meunang kabungah

4.

Bédana Otobiografi jeung biografi téh nya éta ….

a)

Otobiografi téh lalakon (carita) jalma anu geus maot, biografi mah lalakon jalma anu hirup kénéh

b)

Otobiografi téh lalakon préstasi, ari biografi mah lalakon hirup

c)

Otobiografi lalakon manusa ari biografi lalakon hirup

d)

Otobiografi lalakon hirup batur, ari biografi lalakon hirup sorangan

e)

Otobiografi karangan lalakon hirup sorangan, ari biografi mah lalakon hirup batur

5.

Pèk baca cutatan biografi ieu di handap!.


“Oto Iskandar Dinata ngabogaan kayakinan yèn pikeun ngahontal kamerdèkaan tèh ngabutuhkeun pamuda anu kuat. Lain ukur bisa marèntah, tapi ancrub (turun) langsung babarengan dina ngahontal kamerdekaan.


Tina sempalan biografi di luhur, eusi biografina ngandung unsur ….

a)

Riwayat atikan/pendidikan

b)

Pamikiran jeung gagasanana

c)

Asal-usul kulawargana

d)

Préstasi anu dicangking/diraih

e)

Identitas pribadi

6.

Anu teu kaasup kana unsur biografi tèh nyaèta ….

a)

Idèntitas diri

b)

Pujian ti batur

c)

Dedegan jeung pasipatan

d)

Riwayat atikan

e)

Prestasi atawa pangajèn

7.

“Kahirupan sapopoè Oto Iskandar di Nata tèh èstuning basajan . Teu sombong, nyaah kanu leutik, hormat ka sasama”.


Kecap "basajan" dina kalimah di luhur ngandung harti ….

a)

Sederhana

b)

Bageur

c)

Sombong

d)

Kedul/males

e)

Getol

8.

Tahun 2007, Mamah Dedeh dikontrak ku Indosiar. Atuh ngaranna beuki kasohor baè.


Kecap "kasohor" sarua hartina jeung ….

a)

Wanian

b)

Sederhana

c)

Maju

d)

Terkenal

e)

Pinter

9.

Ieu di handap mana kalimah anu cara nuliskeunana bener atawa merenah ….

a)

Mimitina kolot kolotna teu ngidinan maèn musik

b)

Tiluanna ogè sarakola kènèh di SMK insan mandiri

c)

Anjeunna wawakil tina anggahota paguyuban pasundan

d)

Anggota grupna tèh nyaèta Ucup Andri jeung Euis

e)

Lagu anu dipopulèrkeunana nyaèta “Pangandaran”

10.

Ieu di handap sawatara (sababaraha) alesan hiji jalma sok ditulis biografina, iwal ….

a)

Budayawan

b)

Seniman

c)

Sastrawan

d)

Pahlawan

e)

Polisiwan

11.

Ngaran Yus Rusyana tèh kacida dipikawanohna atawa dikenal ku masarakat.


Kecap "kacida" dina éta kalimah sarua hartina jeung ….

a)

Sering

b)

Pernah

c)

Osok

d)

Beuki

e)

banget (sangat)

12.

Cenah titimangsa kalahiran tèh dicatetkeun dina panto. Ngan basa imah diruag tèh leungit catetan tèh. Padahal sakuringeun mah pasti aya catetan resmi tèh.


Nilik kana kalimahna, cutatan di luhur tèh kaasup kana ….

a)

Tulisan

b)

Catetan

c)

Teks

d)

Otobiografi

e)

Biografi

13.

Oto Iskandar Dinata teh teureuh mènak putra bangsawan anu kasohor lèbèr wawanènna.


Kecap "lèbèr wawanènna" hartina nya eta ….

a)

Henteu èraan

b)

Euweuh kawani

c)

Borangan

d)

Galak

e)

Gede kawani

14.

Lian ti di Upi anjeunna kacatet jadi dosen terbang di sawatara paguron luhur, ku kituna pa Yus Rusyana meunang jujuluk ….

a)

Sastrawan Hebat

b)

Pahlawan bangsa

c)

Si jalak harupat

d)

Budayawan ti Garut

e)

Profèsor ti Pameungpeuk

15.

Biografi teh asalna tina basa ....

a)

Sunda

b)

Inggris

c)

Perancis

d)

Belanda

e)

Italia