Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL BAHASA SUNDA KELAS XII MIPA / IPS

Total questions: 25

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Di handap aya wacana siaran televisi dina program acara “Golémpang”, anu disiarkeun ku stasiun televisi lokal, Bandung TV. Pék ku hidep baca éta wacana sing taliti!


GOLÉMPANG

UT : Haturan, wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana kasumpinganana ka studio.

AK : Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna.

ES : Wilujeng wengi.

UT : Rupina badé ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat nu kagungan anggapan, yén basa Sunda téh hésé. Dugi ka maranéhna milih sasauran ku basa Indonésia, batan ngagunakeun basa Sunda. Sok sanajan basa nu digunakeunana basa kamalayon. Tah, naha leres basa Sunda téh hésé?

Kecap pangangkirna dina ungkara di luhur ngandung harti

a)

Kadatanganna

b)

Pangulem

c)

Kahadiranna

d)

Kapercayaanna

2.

Kecap rupina dina ungkaran di luhur ngadung harti

a)

Loma

b)

Batur jeung sorangan

c)

Sorangan

d)

Batur hungkul

3.

Baca sajak di handap sing taliti!

Jungjunan

Sihung ajal ranggéténg kabina-bina

Ngintip-ngintip ti barang gubrag ka dunya

Pepetétan kembang samboja jeung puring

Sabot leumpang, ieu geuning

Ngarandakah lebah tapak dampal suku

(Godi Suwarna, Lalakon Abimanyu

Nada jeung rasa sajak di luhur nya éta ....

a)

Tumanprak

b)

Mikareus di barung ku sumangeut

c)

Hariwang dibarung kurasa ketir

d)

Pikabungaheun

4.

Hal nu penting atawa nu kudu diperhatikeun nalika maca sajak, nya éta ...

a)

Vokal, nada, wirahma

b)

Lenyepan, vokal, wirahma, géstur

c)

Lenyepan, vokal, nada jeung rasa, wirahma, éksprési

d)

Lenyepan, vokal, nada jeung rasa, anca-gancangna, wirahma

5.

Sajak Sunda munggaran téh ditulis ku Kis WS dina taun

a)

1942

b)

1943

c)

1945

d)

1946

6.

1) Bagéan tujuan surat

2) Bagéan bubuka

3) Bagéan unjuk salam

4) Bagéan eusi

5) Bagéan titimangsa

6) Bagéan panutup

Runtuyan bagéan surat pribadi nu bener di luhur nyaéta

a)

1, 2, 3, 4, 5, jeung 6

b)

2, 3, 4, 5, 6, jeung 1

c)

3, 4, 5, 6, 1, jeung 2

d)

1, 3, 2, 4, 6, jeung 5

7.

Muga-muga Jénitra Nitisara katut sobat-sobat séjénna di lembur, dina kaayaan séhat. Nya kitu deui kolot-kolot urang jeung dulur-dulur urang. Amin!

Kuring ogé di dayeuh, alhamdullah boh lahir, boh batin, dina kaayaan séhat. Malah awak téh ngarasa ngalintuhan. Bisa jadi lantaran haté jeung pikiran ngarasa senang.

Mana bagéan surat di luhur anu téu kaasup bagéan surat ...

a)

Unjuk salam

b)

Eusi surat

c)

Tujuan surat

d)

Bubuka

8.

Biografi Ridwan Kamil

Mochamad Ridwan Kamil, S.T, M.U.D leuwih dipikawanoh ku jujuluk Kang Émil; gumelar di Bandung, Jawa Barat, 4 Oktober 1971, Anjeuna putra kadua ti lima sadudulur ti pasangan Bapa Atje Misbach Muhjiddin sareng Ibu Tjutju Sukaesih. Émil atawa Ridwan Kamil sabenerna resep pisan nyawang ti leuleutik. Anjeuna resep maca komik jeung ningalian foto-foto kota ti mancanagara. Kanggo riwayat atikana Ridwan Kamil sakola di SDN Banjarsari III, SMPN 2 Bandung, tur SMAN 3 Bandung. Sabada SMA Ridwan Kamil ngalajengkeun Kuliah di ITB jurusan Teknik Arsitektur, Émil salila kuliah kawilang aktif dina organisasi-organisasi nu aya di kampusna. Émil gé sumanget pisan dina widang kawirausahaan pikeun néangan dana tambahan keur kuliah, manéhna nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén. Sabada lulus Émil damel di Amerika Serikat, ngan sabada aya krisis monéter di Indonesia nu ngabalukarkeun kliena teu mayar hasil gawéna. Tapi sabada kajadian éta Émil teu langsung mulih ka Indonesia, anjeunna milih netep di Amerika dugi ka ngalaman kasusah ngan tiasa tuang sakali dina sadinten. Anjeunna kenging beasiswa di University of California, Berkeley.

Salami nyandak kuliah S2 Émil damel di Departemen Perencanaan Kota Berkeley. Pikeun biaya hirupna, cocobana téh teu ngan saukur éta, nalika Émil kudu nyanghareupan Atalia Praratya (Istrina) badé ngababarkeun putra kahijina anjeunna bingung sabab teu kagungan waragad kanggo proses babaranna, anjeuna dugi ka ngaku miskin ka pamaréntah satempat pikeun kénging pengobatan haratis. Éta pangalaman nu ngajadikeun Émil kuat dina mayunan kahirupan.

Sumber : hasil narjamahkeun ogé ngutip tina biografi Ridwan Kamil

nu aya di www.biografiku.com


Dumasar sempalan téks biografi di luhur, tarékah naon nu ku Kang Émil dilakonan nalika kuliah sangkan bisa nambahan biaya pikeun kuliahna di Indonesia ..

a)

Gerak dina widang usaha desain

b)

Gawé di departemen perencanaan

c)

Nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén

d)

Nyieun gambar-gambar ilustrasi panorama

9.

HARIRING NU KUNGSI NYANDING

Mang Koko


Purnama nu kungsi leungit,

Ayeuna nganjang ka buruan deui,

Anu kungsi kapiati

Kiwari urang ditepangkeun deui.

Hariring nu kungsi nyanding,

Ayeun datang ngahaleuang deui,

Hayu pataréma tineung,

Cacapkeun meungpeung aya kasempetan.

Ayeuna mangsa nu éndah,

Hayu urang suka bungah,

Caang bulan opat welas narawanga

”Hariring nu Kungsi Nyanding”. Hariring dina éta ungkara hartina ngawih ….

a)

Bari ngagaya

b)

Lalaunan

c)

Dina jero hate

d)

jojorowokan

10.

“Hariring nu Kungsi Nyanding” Nyanding hartina ….

a)

Hareupeun

b)

Tukangeun

c)

Gigireun

d)

Pasisi

11.

“Hayu urang pataréma tineung”. Kecap tineung hartina …

a)

Cinta

b)

Nyaah

c)

Bogoh

d)

Sono

12.

Lalaguan Sunda bébas, nu henteu kauger atawa kaiket ku aturan nu tangtu, boh laguna, boh rumpakana disebut ….

a)

Pupuh

b)

Kakawihan

c)

Kawih

d)

Calung

13.

Naon nu dimaksud siloka atawa ngagambarankeun hiji hal ku cara dihaleuangkeun ku dalang dina istilah pagelaran wayang ....

a)

Garap

b)

Antawacana

c)

Suluk

d)

Nyandra

14.

Tengetan ieu kalimah di handap!

Debat calon gubernur Jawa Barat di Metro TV, Jakarta, Jumat (8/2) malam, menjadi ajang saling bongkar kesalahan calon gubernur.

(Dicutat tina Koran PR, 09/02/18).


Tuduhkeun mana kalimah tarjamahan nu merenah tina kalimah di luhur!

a)

Debat calon gubernur Jawa Barat di Métro TV, Jakarta, Jumaah (8/2) peuting, jadi ajang silih bongkar kasalahan calon gubernur.

b)

Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Métro TV dina malem Jumaah (8/2), mangrupa ajang pikeun siligebruskeun antara calon gubernur.

c)

Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Métro TV, Jakarta, dina malem Jumaah (8/2), jadi kasempetan pikeun silibolékérkeun kasalahan calon gubernur.

d)

Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Métro TV, Jakarta, dina malem Jumaah (8/2), jadi jalan pikeun silitembrakeun kasalahan calon gubernur

15.

“Di mana bumi dipijak, di situ langit dijunjung”,

Éta paribasa Indonésia miboga sasaruaan ma’na jeung paribasa Sunda ….

a)

Agul ku payung butut

b)

Pindah cai pindah tampian

c)

Gede hulu

d)

Goreng milik

16.

Sempalan dongéng anu kaasup sasakala nyaéta……

“

a)

“Baheula, aya hiji randa beunghar nyaéta Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaran aslina Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida kumedna…”

b)

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka…

c)

Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh. Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét…”

d)

“Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur ramé ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna téh, teu antaparah deui, leyé-leyé baé ditincakan, bongan cenah maké ngaliud di jajalaneun. Atuh lain ratus deui, tapi aya rébuna sireum anu paéh téh….”

17.

Anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita sarta boga pasipatan atawa watek saperti sabar, gedé ambek, bageur, atawa angkara murka nyaéta mangrupa unsur ....

a)

Tema

b)

Galur

c)

Latar

d)

Palaku

18.

Baca sempalan kawih ieu di handap!

Timana-timana atuh timana

diri kuring timana atuh asalna

kumaha-kumaha atuh kumaha

diri kuring na kumaha mimitina

ya Allah paparin abdi pituduh

nya dimana kolot abdi téh ayeuna


Dumasar sempalan rumpaka kawih di luhur, palaku urang téh nyaéta ….

a)

Budak jalanan

b)

Budak Pangamen

c)

Budak Pikhawatireun

d)

Budak Neangan Kolotna

19.

Baca sempalan sajak ieu di handap!


Saha nu bisa mareuman seuneu Bandung

geni sakti di dapur Cikapundung

najan laut kidul

ngolétrak dipaké nyiram


Kecap “seuneu” dina sempalan sajak di luhur, sarua hartina jeung kecap....

a)

Nafsu

b)

Kaasih

c)

Wanian

d)

Sumangeut

20.

Tukeuran ieu sajak

ku salambar simbut atawa samak saheulay

heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay

patinggolépak dina trotoar

a)

Bimbang rasa jeung pikiran

b)

Ngebreuhkeun nu kapikiran

c)

Nyaritakeun budak jalanan

d)

Kritik ka pamerentah ngeunaan kamiskinan rahayat

21.

Hadirin sadayana nu di mulyakeun ku Allah,

Basa indung, lain ukur pikeun alat komunikasi, tapi jadi alat pamekar jeung pangrojong katut alat rékam nu éféktif kana karancagéan budaya lokal (local genius). Éta téh salah sahiji kakuatan jati diri jeung cicirén atawa idéntitas hiji bangsa.

Nya kulantaran kalintang pentingna basa indung, nepi ka meunang panitén ti masarakat dunya. United Nation Education Scientific and Cultural Organisation (UNESCO) ti taun 1951 geus ngarékoméndasikeun basa indung jadi basa panganteur di dunya atikan. Dumasar kana panalungtikan UNESCO, nya ébréh katémbong yang basa indung di sakuliah dunya téh hiiji mangsa mah baris musna atawa ilang lantaran ditaringgalkeun ku panyaturna.


Eusi téks biantara di luhur nyaéta….

a)

basa indung téh penting

b)

basa indung téh basa kolot

c)

basa indung téh cicirén bangsa

d)

basa indung rékoméndasi ti UNESCO

22.

Langkung tipayun urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Ilahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayah-Na, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kayaan séhat walafiat.

Ungkara di luhur kaasup kana struktur biantara….

a)

Eusi biantara

b)

Bubuka Biantara

c)

Panutup Biantara

d)

Kacindekkan

23.

Dina hiji poé nalika pangajaran basa Sunda, guru mérébéwara ka peserta didik, yén minggu hareup baris diayakeun tés biantara, kalayan téma bebas tur teu menang mawa téks.


Métode biantara nu dipaké nyaéta ….

a)

.Métode naskah

b)

Métode konsép

c)

Métode ngapalkeun

d)

Métode impromptu

24.

Nanging sateuacan kelompok VII menyampaikan materina, sim kuring badé ngenalkeun saurang-saurangna.

Kecap anu digurat handap sakuduna ....

a)

nyampékeun

b)

Ngadugikeun

c)

Mere nyaho

d)

Ngabejakeun

25.

Upama ditilik tina strukturna tulisan résénsi téh ilaharna ngawengku....

a)

Pedaran ngeunaan riwayat penerbit buku, tingkesan atawa gurat badag carita jeung analisis karya.

b)

Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeuna

c)

Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung analisis karya

d)

Pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung publikasi karya