NEW
Font size
WorksheetsTUGAS LATIHAN B.SUNDA KELAS 9 MINGGU KE-2
Total questions: 10
Worksheet time: 6mins
Watek Éson anu kapanggih tina ringkesan novel Si Paser nyaéta …
a. welas asih
b. bedegong
c. geringan
d. wanian
Anu nyababkeun Éson kagegeringan teh nyaéta …
a. Éson kadatangan jurutulis désa, sangkan Éson ngaleupaskeun deui Si Paser.
b. Si Paser téh teu balik- balik deui.
c. Éson masrahkeun Si Paser ka kebon binatang minangka hadiah.
d. Éson ngaleupaskeun Si Paser ka leuweung.
Nu kaasup unsur- unsur intrinsik dina novel teh nya eta, tema, palaku, watek palaku, latar waktu jeung latar tempat, galur/jalan carita, jeung amanat. Upama ditengetan tina ringkesan novel di luhur teh aya ngaran palaku nu ngaranna Si Paser. Landian keur ka saha ari Si Paser teh?
a. Eson
b. Mencek inguan Eson
c. Bapana Eson
d. Jurutulis desa
Pakeman basa (idiom) nya eta ungkara basa anu kekecapanana geus matok, puguh entep seureuhna, sarta miboga harti injeuman. Nu kaasup kana pakeman basa teh nya eta babasan, paribasa, cacandran, uga, caturrangga jeung....
a. rakitan lantip
b. rakitan dalit
c. rakitan anggang
d. rarakitan
“Ka budak nu ..… moal loba nu nyaah, da lamun dititah téh sok kalékéd, hésé indit!”
Kalimah di luhur bisa dilengkepan ku babasan....
a. beurat birit
b. kandel kulit beungeut
c. hampang leungeun
d. gedé hulu
Conto kalimah anu ngagunakeun rakitan lantip nya eta:
a. Asurkeun seuneuna atuh ngarah tereh asak sanguna!
b. Jalma nu amis budi mah loba nu mikaresep.
c. Ulah waka cul dogdog tinggal igel, can karuhan gampang neangan pagawean jaman kiwari mah.
d. Kiwari mah kaayaan Bandung teh heurin ku tangtung.
“Ulah luhur teuing boga kahayang téh, urang kudu…, nyaluyukeun jeung kamampuh sorangan.”
Paribasa pangjurug laku hade anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta:
a. mipit kudu amit ngala kudu ménta
b. ngukur ka kujur nimbang ka badan
c. nété tarajé nincak hambalan
d. ngindung ka waktu ngabapa ka jaman
“Ari ka dulur téh kudu nyaah, najan sakumaha sangsarana ogé ari keur meunang kasusah mah kudu dibélaan, kapan ceuk kolot ogé …”
Paribasa wawaran luang anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta …
a. ngajul bulan ku asiwung mésék kalapa ku jara
b. tikukur macokan gunung jogjog neureuy buah loa
c. buruk-buruk papan jati
d. kokoro nyoso malarat rosa
Urang Sunda gé ayeuna mah …., teu idek-liher di lembur baé, tapi laliar ka manca nagara.”
Conto kalimah diluhur bisa dieusian ku babasan:
a. panjang léngkah
b. pindah pileumpangan
c. kurung batok
d. murag bulu bitis
Salasahiji ciri utama naskah drama anu ngabedakeun jeung naskah-naskah karya sastra sejenna nya eta dina lebah cara nuliskeunana. Dina drama mah eusi carita teh henteu diguluyurkeun, tapi ditulis dina wangun....
a. dialog
b. monolog
c. epilog
d. prolog
