NEW
Font size
WorksheetsPRA-US 1 BASA SUNDA SMA
Total questions: 40
Worksheet time: 1hrs 20mins
Sempalan biantara di handap téh kaasup kana panutup biantara nya éta ….
Hadirin anu sami rawuh,
Cindekna, cai téh kacida pentingna keur kahirupan manusa, kaasup urang Sunda. Mun urang bisa
miarana, cai téh loba pisan mangpaatna. Malah bisa dijadikeun lahan usaha. Nya, Aqua buktina. Ngan mun teu bisa dipiroséa, cai gé bisa jadi mamala. Buktina caah téa.
ucapan hatur nuhun
muji sukur ka Gusti
ménta dihampura
ucapan du'a
nepikeun kacindekan
Kagiatan biantara miboga sipat ....
monolog
tanya jawab
langsung
teu langsung
dialog
Pék susun deui ungkara-ungkara di handap jadi runtuyan léngkah-léngkah kagiatan wawancara nu bener!
(1) Nangtukeun topik biantara.
(2) Nyusun naskah biantara dumasar kana rangkay/kerangka karangan anu geus disusun.
(3) Ngumpulkeun bahan nu diperlukeun luyu jeung topik nu rék dipedar.
(4) Ngarapihkeun susunan naskah biantara kalawan merhatikeun pilihan kecap (diksi), tanda baca, jeung basa nu bener tur merenah.
(5) Nyieun rangkay/kerangka naskah biantara.
(1)-(3)-(2)-(4)-(5)
(1)-(3)-(5)-(2)-(4)
(1)-(4)-(2)-(5)-(3)
(1)-(5)-(3)-(2)-(4)
(1)-(2)-(3)-(4)-(5)
Dumasar wanngunna, sisindiran di handap téh kaasup jenis ….
Maké piring sarosopan,
entong osok diambeuan.
Mun ka batur kudu sopan,
ambéh urang dihargaan.
rarakitan
wawangsalan
paparikan
piwuruk
sesebred
Judul rumpaka kawih di handap nya eta ....
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
Unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Ciburuy laukana hésé dipancing
Nyérédét hate ningali ngamplak caina
Situ Ciburuy
Mojang Priangan
Curug Cinulang
Bubuy Bulan
Kalangkang
Novel Sunda anu munggaran medal dina taun 1914 nya éta “Baruang ka nu Ngarora” anu mangrupa karangan ....
Ahmad Bakri
Tatang Sumarsono
D. K. Ardiwinata
Moh. Ambri
Samsoedi
Métode biantara anu digunakeun ku Joanne nya éta ….
Poé ieu téh Thariq kudu nepikeun biantara pikeun muka acara Pensi sabab manéhna pupuhu panata calagara. Ari teun téh pas hudang téh awakna karasa teu ngareunah. Ku kituna, Joanne nu jadi wakilna dititah Thariq pikeun ngagantikeunna. Thariq ngirimkeun inti-inti nu rék ditepikeunana ngaliwatan WhatssApp pikeun ku Joanne mekarkeun sorangan. Pas waktuna, Joanne ningali catetan anu dibéré ku Thariq minangka patokanana.
naskah
ngapalkeun
manuskrip
impromptu
ékstémporan
Perhatikeun wawangsalan di handp kalawan taliti!
Teu beunang kapiring leutik,
teu beunang dipikaisin.
Wangsal tina wawangsalan di luhur anu bener nya éta ….
pisin
piring
baki
talenan
tatakan
Dina dongéng téh loba nu nyaritakeun unsur pamohalan, Ieu di handap anu lain mangrupa unsur pamohalan tina dongéng Sasakala Tangkuban Parahu nya éta …. ….
Sangkuriang dibantuan para guriang pikeun nyieun situ jeung parahu dina waktu sapeuting.
Dayang Sumbi nakol sirah Sangkuriang, tuluy Sangkuriang indit tiimahna.
Parahu nu can jadi ditajong ku Sangkuriang tuluy nangkub sarta robah jadi gunung.
Anjing kawin jeung Dayang Sumbi boga anak dibéré ngaran Sangkuriang.
Dayang Sumbi mangrupa anak raja jeung bagong nu aya di leuwueung.
Baca kalimah di handap kalawan gemet!
..... sok ngaliarkeun taleus ateul.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan paribasa di luhur nya éta ….
Kudu
Kawas
Ulah
Lir
Jiga
Baca katerangan-katerangan di handap kalawan taliti!
1.Buta Héjo
2.Ratu Inten Déwata
3.Nyi Roro Kidul
4.Leuwi Onom
Judul-judul dongéng di luhur téh kaasup kana jenis dongéng ….
fabél
parabél
sasakala
babad
mite
Tina sempalan biografi tokoh di handap téh paragrap kadua nyaritakeun ….
Taun 1980-an Ngaran Doel Sumbang mimiti kakoncara dina widang seni. Ieu seniman nu dilahirkeun di Bandung téh kaasup jalma nu gedé paniténna kana basa Sunda. Buktina waé lagu-laguna lain dina basa Indonésia wungkul, tapi ogé dina basa Sunda.
Ieu seniman nu kungsi nganggit lagu pop Sunda Pangandaran téh kungsi sakola di SMA BPI Bandung jeung SMA Maarif Bandung.
Hasil tina rekaman jeung minton di unggal daérah téh teu dikeukeuweuk ku sorangan, tapi dipaké ogé pikeun kapentingan sosial.
riwayah pakasaban/pagawéan
hasil gawé/karya
riwayah atikan
gambaran fisik
préstasi/pangajén
Drama modern téh leuwih dpiwanoh ku ngaran téater. Anu lain fungsi tina téater nya éta ….
ritual adat
aprésiasi seni
pintonan
hiburan
ngaéksprésikeun diri
Tina sempalan naskah drama di handap, anu diwarnaan bulao téh mangrupa ….
Tantia : “Duka teuing ieu hate téh asa teu ngareunah rarasaan.” (ceurik sabari nangkeup Zahra)
Zahra : “Husnudzan heula wé, Tan. Si Irfan mah kan jalmana jujur, moal mungkin nepi ka aya niat rék nyilakakeun mah!”
prolog
monolog
dialog
pituduh laku
épilog
seni ngabodor
musik
upacara kasenian
kasenian tarling
ritual tradisi
Baca ungkara-ungkara di handap kalawan gemet!
(1) biografi mah anu dicaritakeunana riwayah hirup sorangan, sedengkeun otobiografi mah anu dicaritakeunana riwayah hirup batur.
(2) biografi mah anu dicaritakeunana riwayah hirup batur, sedengkeun otobiografi mah anu dicaritakeunana riwayah hirup sorangan.
(3) biografi mah anu dicaritakeunana biasana jalma anu kasohor atawa bisa ogé nu kacatet dina sajarah dunya, sedengkeun otobiografi mah anu dicaritakeunana jalma anu kasohor dinagarana hungkul.
(4) biografi mah anu jadi jejerna tina caritana téh jalma kahiji, sedengkeun otobiografi mah jejer tina caritana téh jalma katilu.
(5) biografi mah ditepikeun pikeun balaréa, sedengkeun otobiografi mah ditepikeun pikeun konsumsi pribadi.
Anu ngabédakeun antara biografi jeung otobiografi téh dituduhkeun ku nomer ....
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Kecap anu diwarnaan kayas dina sempalan téks artikel di handap sangkan larapna bener mah alusna diganti ku kecap ….
Nurutkeun para ahli atmosfir, kiwari polusi hawa di kota-kota gedé geus tepi kana tingkat anu matak pikahariwangeun keur kaséhatan manusa. Polusi hawa pangpangna bisa nimbulkeun panyakit paru-paru lantaran ngandung gas karbondioksida jeung karbon monoksida. Atuh tina numpukna sésa-sésa béngsin di atmosfir kudu ngabalukarkeun ruksakna lapisan ozon.
pikamelangeun, ngabalukarkeun, bakal
pikasediheun, mawa, bisa
pikamelangeun, mawa, bakal
pikasediheun, ngabalukarkeun, bisa
pikamelangeun, ngabalukarkeun, bisa
Dina semplan rajah Carita Pantun di luhur, aya kalimah ‘Ngaguar carita buhun’. Sasaruaan kecap (sinonim) tina kecap buhun téh nya éta ….
Pun sapun ka maha agung
Ka manggung neda papayung
Kuring rék diajar ngidung
Nya ngidung carita pantun
Ngaguar carita buhun
Ngahudang carita lana
Da puguh da kuring catur
Ngebat mapatahan carita
Molongpong jalan sorangeun
Ti mendi pipasinieun
Ti mana picaritaeun
Tetep mah ti Kahyangan
lila
baheula
kiwari
anyar
ayeuna
Tina sempalan wacana di handap, watek Ciung Wanara téh ….
Kacaritakeun patih dua sakembaran, Patih Purawesi, Patih Puragading, sejana ka pasamoan, bawana hayam sahiji, patepung di alun-alun jeung Ciung Wanara. Gancang baé ditanya ku Ciung Wanara, pokna.
“Dék kamana Paman, bet ngaleut duaan?”
Papatih dua némbalan, pokna, “Naha manéh wani-wani ka aing nyebutkeun Paman? Kapan aing téh papatih.”
“Di sebut sia ku daék. Disebut Paman gé mumul.”
“Naha manéh anak saha?”
“Anak bapa.”
“Saha bapa manéh?”
“Salaki indung.”
“Indung manéh saha?”
“Kapan pamajikan bapa.”
wijaksana
galak
pundungan
soméah
resep heureuy
Baca sempalan téks résénsi di handap kalawan gemet!
Judul buku: Si Paser
Pangarang: Tatang Sumarsono
Pamedal: CV Geger Sunten
Pedalan: Ka-4, 2012
Kandel: 80 Kaca
Dina sempalan di luhur disebutkeun ogé pamedal. Sasaruaan tina kecap pamedal nya éta ….
nu nulis
penerbit
taun terbit
jumlah halaman
édisi
Baca sempalan téks résénsi di handap kalawan gemet!
GG dimimitian ku nyaritakeun Panji, tokoh séntral éta novél, anu keur dibui. Panji téh aktivis gerakan anu loba gagasanana ti keur mahasiswa kénéh. Gagasan Panji anu pangradikalna, nawarkeun paham féderalisme di tengah-tengah kakawasaan Orde Baru (Orba) anu totalitér jeung réprésif. Pangarang tuluy nyoréang ka tukang. Panji téh horéng budak ti kulawarga anu teu runtut raut. Bapana prajurit ABRI. Ari indungna (pamajikan katilu bapana) nyingkur ka Médan lantaran kolotna dituding anggota PKI. Panji dirorok jeung digedékeun ku indung téré, pamajikan bapana anu mimiti. Ari ti pamajikan kadua (anak anggota DI/TII) bapana gé boga deui turunan anu jadi dulur patétéré Panji.
Sempalan wacana di luhur téh mangrupa résénsi hiji novel anu medar ….
kaonjoyan
kahéngkéran
ringkesan
kacindekan
rékoméndasi
Ungkara di handap téh lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda anu bener pikeun ditepikeun ka babaturan nya éta ….
Katanya dia ingin terkenal seperti Agnez Mo, tapi disuruh menyanyi ke depan kelas saja tidak mau.
Cenah manéhanana téh hoyong kasohor siga Agnez Mo, ngan dititah ngahaleuang dihareupeun kelas gé alimeun.
Cenah manéhanana téh palay kasohor siga Agnez Mo, ngan dititah ngahaleuang dihareupeun kelas gé alimeun.
Cenah anjeunna téh hoyong kasohor siga Agnez Mo, ngan dititah ngahaleuang dihareupeun kelas gé embungeun.
Cenah anjeunna téh hayang kasohor siga Agnez Mo, ngan dititah ngahaleuang dihareupeun kelas gé alimeun.
Cenah manéhanana téh hayang kasohor siga Agnez Mo, ngan dititah ngahaleuang dihareupeun kelas gé embungeun.
Upama hidep meunang ungkara di handap pikeun ditarjamahkeun kana basa Sunda anu pangbenerna nya éta ….
Saya merasa bangga menjadi orang Sunda.
Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda.
Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.
Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.
Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda.
Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda.
Dumasar kana téks warta di handap, nu dituduhkeun ku angka (3) kaasup kana warta bagéan ….
Ku Taya Pisan Cukang, Barudak Sakola Kudu Meuntas Walungan (1)
Ku : Amra Iska (2)
(SundaNews, Garut) Puguh gé kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiah (MTs) Al- Mannar kudu miluan ujian nasional (UN) bari pakéan jalibrug. Éta sakola téh perenahna di Désa Mekarwangi, Kecamatan Cibolang, Kabupatén Garut. Anu nepi ka jalibreg, lantaran sangkan tepi ka sakola téh kudu turun meuntasan Walungan Cibulak heula. Kawantu taya pisan cukang, jeung cai walungan keur meneran léb-léban. (3)
Ti jam 06.30 mula, barudak téh geus kumpul di Kampung Sakambang, Désa Mekarwangi. Sanggeus taya nu tinggaleun, bring waéh mapay galengan jeung gawir, muru ka sisi Walungan Cibaluk. Méméh meuntas téh maruka heula sapatu jeung calana. Atuh salila di walungan, leumpangna arati-ati pisan. Ngahaja meuntas kalayan babarengan téh, malar salamet saréréa. Mun téa mah salah saurang aya nu labuh, nu lian buru-buru nulungan. (4)
(Dicutat tina situs online : http://www,sundanews.com)
(5)
Headline, lantaran mangrupa titel atawa judul nu midangkeun topik pikeun ngahudang kapanasaran pamaca
Lead, lantaran mangrupa alinéa awal nu eusina pikeun ngirut pamaca bakal terus kataji haying maca nepi bérés
Significance, lantaran mangrupa hal nu aya patalina jeung kahirupan balaréa
Event, lantaran mangrupa waruga (eusi) warta nu ilaharna ngamuat jawaban tina 5w + 1H
End, lantaran mangrupa alinéa ahir minangka omongan langsung pikeun mungkas warta
Sempalan rumpaka kawih di handap miboga judul “Anjeun” anu dianggit ku Nano S. téh témana ….
Teu aya deui anu dipikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur
kaagamaan
harepan
sosial
lingkungan
cinta
Dumasar ungkara-ungkara di handap, nu kaasup ciri-ciri kawih diantarana dituduhkeun ku nomer ….
(1) Nu ngahaleuangna sok disebut biduan
(2) Rumpakana teu kauger ku aturan
(3) Dipirigna ku kacapi jeung suling
(4) Upama dihaleuangkeun téh iramana kauger ku sekar tandak (ketukan)
(5) Dipirigna biasana ngagunakeun waditra modéren
(6) Dihaleuangkeun ku barudak pas keur ulin
(7) Sok disebut ogé pop Sunda
(1),(2),(3),(4)
(1),(3),(5),(7)
(2),(3),(5),(6)
(2),(4),(5),(7)
(3),(4),(6),(7)
Upama hidep dibéré sajak di handap pikeun dibacakeun. Cik tilikan! Imaji dina ieu sajak téh mangrupa anu ….
Angin
karya: Etty R. S.
Ti antara hiliwir jeung gelebug angin
Mung hiji nu dipicangcam: angin panggeuing
Ti Nu Ngajaring beurang peuting
Sangkan kuring tetep éling
katingali jeung karasa
kadéngé jeung karasa
katingali jeung kadéngé
karasa
kadéngé
Sajak di handap téh payusna (pantesna) lamun ditepikeun ka pangregep ku cara diapalkeun dibarung ku gerak, pasemon, jsb sangkan leuwih anteb deui maksudna. Cara anu kitu téh disebutna ….
Tukeurkeun Ieu Sajak
karya: Yus Rusyana
Tukeurkeun ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak saheulay
Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay
Pating golépak dina trotoar
Tukeurkeun ieu sajak
Ku béas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun ka nu haropak
Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeurkeun ieu sajak
Ku sababaraha siki pélor
Heug témbakkeun ka genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor
Tukeurkeun ieu sajak
Ku beubeutian tina kolbu anu rido
Keur nyébor nu balangsak
(Mun teu kitu sasaak)
ngagalindengkeun sajak
rampak sajak
musikalisasi sajak
dramatisasi sajak
déklamasi sajak
Baca sempalan novel di handap kalawan gemet!
Lamsijan hayang ngabeunangkeun Si Amoy maké ménta asihan ka dukun sagala, tapi éta asihan téh beunangna lain ka Si Amoy kalahkah ka Si Cepleu.
Ku sabab dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka Mama Yai, kiai anu daékeun nulungan Si Lamsijan. Si Lamsijan téh lain saukur bogoh lantaran ku kageulisan Si Amoy hungkul tapi hayang Si Amoy téh asup Islam. Tapi Si Lamsijan kalah kawin ka Si Cepleu lantaran salah sasaran asihanna téa. Nya Si Lamsijan meunangjkeun jodo nu sarua goréng patutna. Indungna Si Lamsijan kabeuli haténa lantaran Si Cepleu getol mantuan gawé sapopoé.
Saprak kawin jeung Si Cepleu ahirna Si Lamsijan jadi juragan peda dikampungna padahal saréréa nyaho modalna ngan kongkorong emas genep gram ti Si Cepleu. Terus manéhna panggih jeung Babah Tan A Sien nu jadi bapana Si Amoy, da bapana Si Amoy ngarasa boga hutang budi ka Si Lamsijan lantaran geus nulungan Si Amoy dina pangancam para pamuda. Tapi Si Amoy dibawa ku Si Opsir Walanda anu geus méré imah jeung modal ka bapana Si Amoy.
Tina sempalan novel Si Lamsijan Kaédanan di luhur, Ki Umbara hayang nepikeun pesen diantarana ….
jadi jalma téh kudu nalipak manéh.
percaya kana pilihan kolot téh anu panghadéna keur urang.
usaha naon waé lamun urangna getol usaha sarta ngadu’a mah pasti bakal hasil.
ulah kabutakeun teuing ku harta, kalan-kalan harta téh mawa mamala (petaka).
gunakeun sagala cara pikeun meunangkeun haté jalma nu kurang dipikacinta, keun baé maké cara teu bener gé.
Perhatikeun ilustrasi di handap kalawan gemet!
Pindah ka Bandung téh kakara ti taun 2019 da kudu milu kolot anu pindah tugas. Kuring nu pituin (asli) Purworejo mimitina mah teu boga babaturan di kelas da teu bisa lancar komunikasi jeung babaturan, lantaran maranéhna mah sapopoéna gé nyaritana ngagunakeun basa Sunda. Lamun nanya maké basa Indonésia téh babaturan sok ngomong, "Manéh mah adigung euy, balaga pisan!"
Kuring pan teu nyaho nya harita mah maksud maranéhna téh naon ngomong kitu. Tapi ku sabab aya pangajaran basa Sunda, sarta kuring sumanget pisan diajar basa Sunda. Ahirna, geus tilu bulan mah bisa sauetik-saeutik nyarita maké basa Sunda, ayeuna mah lain ngan boga babaturan, malah mah geus meunang sobat.
Paribasa anu luyu ngagambarkeun ilustrasi di luhur nya éta ….
kuru cileuh kentél peujit
kudu bisa pindah cai pindah tampian
hadé tata hadé basa
soméah hadé ka sémah
kudu bisa ngeureut neundeun
Dumasar ungkara-ungkara di handap, téhnik dina ngawawancara diantarana dituduhkeun ku nomer ….
(1) Kritis
(2) Nyiptakeun situasi anu matak genah
(3) Céréwéd
(4) Ngajaga poko pasualan
(5) Sikep anu kaleuleuwihi
(6) Fokus nulis informasi ti narasumber
(1),(2),(3)
(1),(2),(4)
(1),(3),(5)
(2),(3),(5)
(3),(4),(6)
Ungkara di handap biasana diucapkeun dina kagiatan wawancara pikeun ....
Hatur nuhun kana sagala informasi anu parantos didugikeun. Hapunten bilih aya basa sarta tingkah polah anu kirang merenah.
bubuka
ngawanohkeun diri
panganteur saacan nepikeun patalékan
nanya ngeunaan privasi narasumber
panutup
Dina magelarkeun carita pantun téh tangtuna béda jeung nepikeun dongéng. Biasana juru pantun téh nepikeun ku cara ditembangkeun sarta aya oge nu digalantangkeun, ngan tetep wé sabari dipirig (diiringi) ku ....
kacapi
rebab
saron
bonang
goong
Bagéan drama anu kaasup kana karya sastra téh mangrupa ….
pintonan (pertunjukan)
musik nu mirigna
properti nu ngarojong
naskah
ékting pamaénna
Jenengan (Nama) Gubernur Jawa Barat mangsa kiwari téh nya éta ….
Biasana tulisan kitu téh sok aya di kelas, maksudna mah pikeun ngingetan urang sangkan (supaya) ....
sing getol diajarna
ulah ngerjakeun PR di sakola
silih ajénan jeung babaturan nu béda agamana
tong miceun runtah dimana waé
ulah poho ngadu’a saacan diajar
Hiji waktu, Richard téh ménta tulung ka Jessica nitip pangmeulikeun karton di Mas Toto. Saenggeus Jessica mangmeulikeun karton téh kuduna Richard ngucapkeun ….
Tina sempalan warta di handap, kecap pananya anu leuwih merenah dilarapkeun kana téks warta nya éta ....
Éta kajadian téh teu wudu matak ngagareuwahkeun warga di dinya. Pangna kitu téh duméh éta angkot ujug-ujug nabrak témbok jambatan nu kawilang anggang ti sisi jalan. Saméméhna, angkot ngalaju tarik pisan ti Cibiru muru ka Kiara Condong. Tayohna mah rék ngagiwar ka beulah kénca duméh hareupeunana aya motor ngalaju rada kendor, ngan baé supirna teu mampuh ngadalikeun setir. Alatan teu kaburu kaerém, éta mobil antukna neunggar kana témbok jambatan, sarta ngalantarankeun bagian mobil béh hareup tina éta kajadian ruksak parna. Hadéna taya korban jiwa.
naon, di mana
naon, kumaha
saha, kumaha
dimana, iraha
iraha, naha
Unsur intrinsik anu kagambar dina wacana sempalan novél di handap diantarana ….
“Mana panutan kula Putri Citraresmi?” Prabu Hayam Wuruk nyentak bari tuluy nangtung. Getih ngorana ngagolak na jajantungna.
Lalaunan Mahapatih Gajah Mada cengkat. Teu wasa némbalan, ukur bisa nuduhkeun ka palebah kémah nu ngan kari hiji-hijina deui.
Jengkat Prabu Hayam Wuruk, leumpangna satengah lumpat, muru kémah panuduhan. Ana lalangsé dibuka, kasampak Putri Citraresmi geus ngajolopong teu aya nyawaan. Patrem pérak nanceb laput na jajantungna. Getih ngelemberéh maseuhan sinjang sutra bodas kadeudeuhna.
téma, galur, jeung palaku
téma, palaku, jeung watek
palaku, watek, jeung latar
palaku, galur, jeung latar
palaku, latar, jeung amanat
Dumasar sempalan novél di handap, nu jadi targét pamacana téh nya éta ….
Baréto saméméh Asép Onon tigedebrus kana sumur, tara pisan daékeun ulin jeung Warji. Sakalieun dideukeutan ogé mani nyingkiran baé, tapi sanggeus Asép Onon ditulungan ku Warji, Anjeunna jadi pohara deudeuhna ka Warji. Ku sabab éta, dua babaturan Asép Onon nyaéta Utun jeung Begu pohara sirikeunana. Nepi ka hiji waktu mah Utun jeung Begu téh ngajailan babaturan Warji anu ngarana Adun nepi ka maotna.
sakabéh umur
barudak
rumaja
déwasa
kolot
