NEW
Font size
WorksheetsUH BASA SUNDA KELAS 5
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Ball jeung talawengkar mangrupa alat nu sok dipake dina kaulinan ... .
sondah
boy-boyan
congklak
beklen
Di buruan sakola seueur tutuwuhan. Tutuuhan saharti jeung ... .
sasatoan
bubuahan
pepelakan
kekebonan
Ngaruntuhkeun tatangkalan ku cara motong puhuna disebut ....
ngeureut
nuar
ngadék
meuncit
Paribasa jati kasilih ku junti harina nya éta ….
ngarasa bébas lantaran euweuh nu ngahalangan
paraséa baé teu daék akur
pribumi kaéléhkeun ku sémah
kudu bébéja heula ka nu bogana
Sakabéh jalma ngabogaan cita-cita. Sakabeh saharti jeung ..
saurang
saréréa
saayana
sabatur-batur
Pakasaban bapana Eman téh ngan saukur buruh tani. Pakasaban hartina ....
A.
katerampilan
kaahlian
pagawéan
pausahaan
Supados cita-cita urang kahontal, urang kudu … .
getol digawé
getol ngadua
getol latihan
getol diajar
Cita-citana Eman téh hayang jadi dokter. Di handap kecap nu saharti jeung cita-cita, iwal … .
kahayang
kapalay
kadaek
kahoyong
Bapa nembe mulih ... Jakarta. Kecap pangantet nu merenah nyaeta ... .
di
ti
tina
dina
Bapa nuju tuang, abdi keur ... .
dahar
neda
tuang
nyatu
Conto katuangan nu bisa ngakibatkeun nyeri waos nyaeta ... .
sambel
es krim
buah ngora
rujak cuka
Nagara anu anu sohor ngonsumsi lauk panglobana nyaeta ... .
Amerika
Inggris
Jepang
Indonesia
Jalma nu pagaweanana ngamaenkeun wayang disebut ... .
sinden
alok
dalang
nayaga
Wayang golek dijieun tina ... .
kai
awi
taneuh liat
palastik
Putra saha ieu ... mani kasep kieu?
Kécap panganteb nu mernahkeur keur titik-titik dina kalimah di luhur nyaéta . . . .
mah
ogé
baé
téh
... carana nyieun momobilan tina kulit jeruk téh?
Kecap pananya nu mernah keur kalimah di luhur nya éta ... .
Iraha
Saha
Kumaha
Sabaraha
Carita rayat anu nyaritakeun jalma anu kalakuanana teu lumrah saperti Si Kabayan disebut ....
sagé
fabél
parabél
sasakala
Si Kabayan ngala nangka di kebon.
Kalimah aktif di luhur upama dirobah jadi kalimah pasif, nya éta ... .
Nangka ku Si Kabayan di kebon ngala.
Si Kabayan nangka ngala di kebon .
Di kebon diala nangka ku Si Kabayan.
Nangka diala ku Si Kabayan di kebon
Eta bal teh ditenggorkeun ka Hendra ku Ilham. Kecap nu tulis dengdek saharti jeung ... .
dibaledog
dialungkeun
dioperkeun
ditangkap
Di handap kaasup ngaran -ngaran kaulinnan barudak, iwal... .
sondah
cingcangkeling
boy-boyan
bebentengan
Kasenian nu asalna ti daerah Sumedang nyaeta ... .
sisingaan
tari topeng
kuda renggong
cianjuran
Ina teu sumping ka sakola , ... teu damang. Kecap panyambung nu merenah nyaeta ... .
tapi
ngarah
lantaran/kumargi
ari
Udin rek nguseup ka walungan Citarum. Walungan kaasup kana istilah ....
ekonomi
kaagamaan
teknolog
geografi
Dina kahirupan sadidinten urang kedah hirup beresih tur sehat. Beresih sabalikna ... .
hemat
apik
kotor
berseka
Nyebut ka adina bapa atawa ibu anu lalaki nya éta ....
bibi
uwa
emang
alo
