NEW
Font size
WorksheetsLATIHAN US BAHASA DAN SASTRA SUNDA
Total questions: 40
Worksheet time: 20mins
Assalamualaikum,Wr. Wb.
Luyu sareng rencana urang perkawis karyawisata tea,aya sababaraha hal anu peryogi dibadantenkeun kanggo kalancaran acarana,tina margi eta sakumna panitia dihaturanan kasumpinganana dina:
dinten : Saptu
kaping : 30 April 2019
tabuh : 10.00 – 12.00
tempat : rohangan kelas 6 SD Negeri Mekar Bakti
kumargi penting acara ieu sakumna panitia di antos hadir dina waktosna
WassalamualaikumWr.Wb.
Eusi béwara diluhur ngeunaan … .
Sawala rencana karyawisata
Karyawisata nu bade dilaksanakeun kaping 30 April 2019
Waktu karyawisata nyaeta jam 10.00
Rohangan nu bakal dianggo karyawisata nyaeta kelas 6 SD Negeri Mekar Bakti
Nani keur maca dongeng Si Kabayan di perpustakaan.
Pola kalimah nu sarua jeung kalimah diluhur nyaeta ….
Putri keur ngawarnaan gambar ucing.
Di dapur ibu nuju naheur cai.
Budi keur nyieun karangan di kamarna
Di lapang barudak keur maraen bal
....Dina tanggal 20 Mei 1908,ku alpukahna Dr. Sutomo jeung Gunawan Mangunkusumo,diadegkeun pakumpulan Budi Utomo, Tujuanana pikeun ngaronjatkeun pangajaran di nagara urang(1). Ari geus kitu mah,dugdeg pakumpulan sejen(2). Henteu ngan saukur rek ngaronjatkeun pangajaran wungkul,tapi boga cita-cita embung dijajah(3). Sangkan urang teu dijajah deui ku bangsa deungeun, Hayu urang sami sami ngagaja ieu nagara ku kaparigelan masing masing jeung ningkatkeun tanggung jawab sewang-sewangan(4).
Kalimah anu nuduhkeun pangajak dina sempalan carita diluhur aya dina nomer ….
1
2
3
4
Jang Udin budak anu getol diajar tur leket pisan ibadahna. Subuh-subuh manehna geus hudang. Koloyong ka kamar mandi gebrus mandi. Sanggeus dianduk,rap dibaju. Tuluy Jang Udin solat,geus beres ...dahar mani ngalimed.
Kecap panganteb nu merenah keur kalimah di luhur nyaeta ….
am
bral
atuh
oge
Mamah : “ Dodi tos solat teu acan?”
Odi : “ Teu acan Mah,ke sakedap deui!”
Mamah : “Baku Odi mah ari tos nelat-nelat solat teh. Matak naon mun enggal di pidamel!”
Odi : “ ....”
Bapa : Nya sok enggal, ngarah engke sareng berjamaah.(bapa Odi norojol ti dapur)
Kalimah nu merenah keur ngalengkepan paguneman diluhur nyaeta ….
“Muhun mah bade, ke wudu heula.”
“Dimana shalat Mah?”
“Saha nu bade berjamaah?”
“Jam sabaraha shalatna? ”
Dongeng pikeun nomer 6-8
Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
Hiji waktu sangkuriang dititah moro ka leuweng ku indungna,nyaeta Dayang Sumbi,dibarengan ku anjing ngaranna Si Tumang.
Dileuweung Sangkuriang jeung Si Tumang asruk-asrukan neangan sato boroeun. Ngan teuing ku naon,poe harita mah taya sato anu liar hiji-hiji acan. Atuh lapur,moro sapoe jeput teh teu beubeunangan.
Bakating ku keuheul,ngan lekek bae Si Tumang dipeuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik terus dibikeun ka indungna.
Barang kanyahoan yen eta teh ati Si Tumang ,puguh we Dayang Sumbi kacida ambekna. Sangkuriang diketrok sirahna ku sinduk,tepi kabaloboran getih.
Sangkuriang terus pundung,kabur ti imahna.Mangtaun-taun leuleuweungan,ngalalana teu puguh nu di jugjug.
Lila ti lila Sangkuriang anjog ka hiji tempat anu kacida pikabeutaheunana. Anu matuh didinya teh hiji putri kacida geulisna. Sangkuriang kabandang ku eta putri,malah rek terus dijeun pamajikan.
Ari Nyi Putri awas tingal yen eta pamuda gandang teh Sangkuriang anak kandung sorangan. Sing horeng Putri geulis teh Dayang Sumbi tea.eta pangna Sangkuriang ditolak ku Nyi Putri. Sangkuriang keukeuh mamaksa sangkan Nyi Putri purun dikawin. Sakitu ku Nyi Putri geus di terangkeun ge angger teu percayaeun yen Sangkuriang teh anakna sorangan. Antukna Nyi Putri beakeun akal. Ahirna disanggupan ngan menta sarat nyaeta hayang dipangbendungkeun talaga jeung dipangnyieunkeun parahu ,tur kudu anggeus dina jero sapeuting. Lamun teu anggeus berarti bolay kawinna.
Nu jadi latar dongeng di luhur nyaeta ….
Pakampungan
Leuweung
Pagunungan
Pasawahan
Amanat nu ditepikeun dina dongeng di luhur nyaeta ….
Ulah sok meuncit sasatoan
Ulah ngetrok ku sinduk
Ulah pundungan
Anak ulah mikabogoh ka indung atawa ka bapa
Palaku utama dina Sasakala Gunung Tangkuban Parahu nyaeta ….
Si Tumang
Sangkuriang
Dayang Sumbi
Nyi Putri
Bang bang kalima lima gobang bang
Bangkong di tengah sawah wah
Wahai tukang bajigur gur
...
Kalimah nu merenah keur nuluykeun kaulinan di luhur nyaeta ….
Guru sakola desa sa
Saban poe diajar jar
Jarum paranti ngaput put
Luhur kapal udara ra
Lamun urang merelukeun katerangan cara melak jagong kudu ngawawancara ka ….
Dokter
Pulisi
Patani
Guru
Ikhlas korban jiwa raga
Aya dina saban jaman
Keur ngabela bebeneran
Pahlawan kusuma bangsa
Sajak di luhur ngagambarkeun ….
Perjoangan
Sosobatan
Panjajahan
Duduluran
....hapunten danget ieu sim kuring teu tiasa dongkap ka acara silaturahmi alumni SD N Neglasari,margi aya kaperyogian nu teu tiasa dikantunkeun,mugia kapayunna tiasa dongkap.
Paragraf diluhur nuduhkeun … surat.
Panutup
Eusi
Bubuka
Alamat
“ Ari nanaon teh sok cobaan heula ,ulah can dicobaan geus nyebut teu bisa,can dipigawe geus nyebut cape .” Ceuk Ema nu keur mapatahan si Adun
Paribasa nu merenah keur papatah ema nyaeta ….
Agul ku payung butut
Mopo memeh nanggung
Lauk buruk milu mijah
Adean ku kuda beureum
Ninda : “ Halo, dupi ieu sareng Siska?
Siska : “ Muhun abdi Siska.”
Ninda : “ Enjing cios ngalayad Nani?”
Siska : “Oh muhun,enjing ciosna mulih sakola.
Ninda : “Nya atuh ari kitu mah. Hayu urang sareng ngarah aya rencang”.
Siska :” Muhun hayu ke ku abdi di sampeur”
Ninda : “Nuhun nya Sis”
Siska : “sami sami Nin,,,”
Ide carita dina paguneman di luhur nyaeta….
Panyakit
Sosobatan
Papasean
Pasen
Ayeuna mah jaman modern,nyangu ge tingal diasupkeun kanu magic com. Teu perlu waktu lila sangu teh asak. Teu jiga baheula nyangu teh dinu hawu make langseng,gigih nu geus dikarih diasupkeun kanu wadah nyungcung anu dijieuna tina awi.
Alat nu dimaksud dina paragraph diluhur nyaeta ….
Ayakan
Carangka
Aseupan
Boboko
Basa Dani indit teh,langit geus katingali angkeub pisan. Teu lila ti inditna Dani ari breg teh hujan gede naker dibarengan dordar gelap, atuh Dani jadi ....nepi ka rancucut.
Kecap nu merenah kalimah di luhur aya dina kecap….
Kahujanan
Katiisan
Kapanasan
Kabulusan
Kalimah di handap ieu nu kaasup serepan tina basa Cina nyaeta….
Ahmad ngala cai kana émbér
Barudak keur diajar ngaji di madrosah
Tahu teh kadaharan asli Sumedang
Ayeuna mah kota jeung desa teh meh teu aya bedana
...Kabersihan teh aya hubunganana jeung kasehatan. Lingkungan nu kalotor,bisa nimbulkeun ayana panyakit. Laleur ngagarimbung dina runtah,haliber ka bumi areunteup dina piring tuangeun .Tuangeunana ka tuang ku urang ahirna jadi nyeri patuangan.
Sempalan biantara diluhur kaasup kana ….
Bubuka
Eusi
Panutup
Salam panutup
Dani geus dua poe teu sakola ku sabab rieut ….
Sirah
Suku
Beuteung
Leungeun
Nu kaasup gaya basa mijalma (personifikasi) aya dina kalimah….
Daun awi ting arulang ngagupayan ka rombongan nu rek mulang
Ucing naek ka luhur ngudag-ngudag beurit anu lumpat
Pa Haji mah sawahna ge meni satungtung deuleu
Bambang Pamungkas jadi bentang lapang di kleubna
Ibu mah mihape ka hidep teh,kade tong wani- wani...kanu barang batur .
bulak-balik
pundah-pindah
cukat-cokot
gutak-gitek
Basa hujan kamari,batu anu sakitu... teh ngagolosor tinu gawir ngahalangan jalan.
Kecap sifat anu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta….
ngajeblag
ngajedig
ngajegir
ngajepat
Sasakala Gunung Tangkuban Parahu kaasup kana carita ….
Legenda
Biografi
Mitos
Fabel
Titenan gambar di luhur ieu!
Kalimah piwuruk nu saluyu jeung gambar di luhur nyaeta ….
Saena mah ulah nongkrong sisi walungan bisi aya caah!
Tong sok miceun runtah ka walungan sabab matak ngabalukarkeun caah
Ulin teh mending ge sorangan ngarah moal aya nu ngaheureuyan
Ari ulin kawalungan teh tong sok ancrub bisi kabawa palid!
1. Hal sarupa kitu katembong pisan dina mangsana bulan ngora.
2. Kasadaran pikeun ngurangan hirup konsumtif teh kudu dimimitian ku dirina sewang-sewangan.
3. Di pertokoan jeung di tempat tempat balanja kacida pinuhna kunu rek balanja atawa nu ngadon arulin wungkul.
4. Masarakat Indonesia kaasup masarakat anu konsumtif.
Susunan paragrap nu merenah tina kalimah diluhur nyaeta….
4,2,1,3
3,4,1,2
4,1,3,2
3,2,1,4
Barudak Sunda ayeuna kurang mikawanoh kana dongeng-dongeng sunda, lantaran kadeseh ku dongeng-dongeng deungeun, boh anu mangrupa buku, boh anu geus mangrupa pintonan dina televisi. ….
Kalimah nu merenah keur ngalengkepan paragraph di luhur nyaeta ….
Anu matak kacida hadena upama dongeng-dongeng sunda mimiti dihangkeutken diwanohken deui di sakola sakola
Lamun bade ngadamel carita pondok kudu loba tatanya di sakola
Upami bade maca kudu milarian heula tempat anu nyaman
Nu matak lamun bade ngadongeng urang kudu apal heula palaku caritana
Pemiarsa,
Mahasiswa program studi Pendidikan Guru Sekolah Dasar Universitas Pendidikan Indonesia ngayakeun pameran jeung pagelaran seni . Dina eta pagelaran teh aya sempalan carita anu aya patalina jeung atikan. Karya karya seni nu dipamerkeun leuwih ti 300 karya seni murni dijieuna ku mahasiswa.
Inti warta di luhur nyaeta nyaritakeun….
Pameran jeung pagelaran seni anu di ayakeun ku mahasiswa UPI Bandung jurusan Pendidikan Guru Sekolah Dasar
Mahasiswa UPI Bandung anu keur mintonkeun cara- carana ngayakeun pameran jeung pagelaran seni
Mahasiswa UPI Bandung keur nonton pameran jeung pagelaran seni
Mahasiswa UPI Bandung jurusan Pendidikan Guru Sekolah Dasar nu keur narima materi kuliah pameran jeung pagelaran seni
Pa Jaya geus dua poe teu sakola alatan gering,
Basa lemes nu merenah keur nyaritakeun Pa Jaya nyaeta ….
Pa Jaya tos dua dinten teu sakola margi udur
Pa Jaya tos dua dinten teu sakola margi teu damang
Pa Jaya tos dua poe teu sakola margi gering
Pa Jaya geus dua dinten sakola margi gering
Kalimah nu cocog keur ngabageakeun tamu nyaeta ….
“Rek naon anjeun datang kadieu?”
“ Aeh aya tamu,sareng saha kadieu?”
“Teu sae atuh dongkap kadieu mah!”
“Mangga kalebet tong lami-lami teuing!”
Titenan gambar di luhur!
Kaayaan nu cocog keur gambar diluhur nyaeta….
Barudak kelas 6 keur daragang bungbuahan
Nani jeung indungna balanja bungbuahan
Nani,Tati jeung Nita keur jalan –jalan ka pasar bungbuahan
Barudak awewe keur marilihan bungbuahan di supermarket
Budak nu someah sok di sebut ….
Biwir jeding
Amis daging
Ipis biwir
Amis budi
Hal-hal nu teu aya dina medar buku nyaeta ….
Judul buku
Pangarang buku
Nu meuli buku
Lobana halaman
Titenan peta di handap ieu keur ngajawab 33-34!
Wates Kacamatan Bayongbong beulah wetan nyaeta kacamatan ….
Cisurupan
Pameungpeuk
Bayongbong
Cikajang
Titenan peta di luhur ieu keur ngajawab 33-34!
11. Wates Kacamatan Cikajang beulah kaler nyaeta kacamatan ….
Cisurupan
Pameungpeuk
Bayongbong
Cikajang
Ceuk kolot mah budak nu ceulina ...sok pinter
Kecap sifat nu merenah keur kalimah diluhur nyaeta…
rancung
rebing
jeding
pegek
Bu Mimin : “Cing barudak dina acara patutay tineung engke,murid kelas 6 rek nampilkeun naon ?
Heri : “Kumaha upami pentas drama?”
Bu Mimin : “Muhun sae. Murid nu sanesna aya usul naon?
Siti : “Pami botram ka tempat wisata,Bu.”
Rika : “Muhun,Bu. Abdi satuju usul ti Siti”.
Dani : “Muhun, abdi ge satuju.”
Paguneman di luhur kaasup kana....
Sawala
Biantara
Amanat
Kritikan
1. Wasta :….
2. Tampat/Tanggal Lahir :….
3. Agama: :….
4. Asal sakola :…
5. Alamat :….
Wawan rek ngeusian formulir pendaftaran ka SMP. Nomer 4 di eusian ku ….
Bandung, 14 April 2003
SD Negeri Pusaka Jaya
Islam
Jalan Anggrek No. 4 Margaluyu, Bandung
11. Di handap ieu nu kudu aya dina riwayat hirup nyaeta ….
Wasta,nenehna, tanggal lahir,ukuran baju.
Wasta, riwayat atikan,padamelan,pangajen,nomer telepon.
Wasta,neneh,riwayat atikan,ukuran baju,pangajen.
Wasta,nenehna,ukuran baju, ukuran sapatu
Haur geulis linggar jati
Meser ayakan jeung nyiru
Urang kudu pinter ngaji
Tah dangukeun bapa guru
Ditingali tina eusina,sisindiran di luhur nyaeta ….
Silih asih
Sesebred
Piwuruk
Pikalucueun
Mawa peti dina sundung
Ditumpangan ku karanjang
….
….
Keur ngeusian pantun di luhur nyaeta ….
Lamun urang arek pundung
Bakal asup kana karanjang
Pangarti teu beurat nanggung
Tapi mangpaatna panjang
Lamun urang arek nanggung
Tong poho mawa karanjang
Lamun hidep arek pundung
Tong poho nya mawa ranjang
