Font size
WorksheetsLATIHAN UJIAN SEKOLAH 2020
Total questions: 100
Worksheet time: 50mins
PRIANGAN
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangenge ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipepende bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Kecap kurebkeun dina sajak di luhur saharti jeung kecap ….
kuburkeun
ecagkeun
asupkeun
diukkeun
Keur kitu karérét aya monyét guguntayangan dina tangkal anu teu jauh ti basisir. Penyu ngagorowok ménta tulung, sorana ngelengis, bawaning ku geus teu kuat nahan panas. Monyét nu digeroan, nyampeurkeun ka sakadang penyu. Barang geus deukeut, key baé monyét seuseurian bari jogéd nurutan anu keur dansa.
Kumaha sikep monyét nempo kaayaan penyu nu ménta tulung téh?
Gancang nulungan
Gancang nyeungseurikeun
Gancang nyampeurkeun
Gancang méré nginum
Si Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih.
Sempalan dongéng di luhur kaasup kana wangun dongéng….
Fabél
Sasakala
Mite
Parabél
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta...
teu jelas nu ngarangna (anonim)
sumberna tatalépa ku cara lisan
sakabéh eusi caritana bohong
ngandung unsur-unsur pamohalan
PRIANGAN
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangenge ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipepende bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Unsur sajak nu nyangkaruk dina sajak di luhur nyaéta….
Sedih
Keuheul
Bungah
Reueus
Baca sing gemet téks wawancara di handap!
Akmal : “ Assalamualaikum, pak, damang? ”
Pak Hasan: “Waalaikumussalam, pangestu alhamdulillah”
Akmal: “ Nepangkeun pak, wasta pun Akmal, punten pami jenengan sareng saha?”
Pak Hasan: “ Mangga, abdi sareng Pak Hasan”
Akmal: “ Bapak, abdi badé tumaros perkara aturan lalu lintas di jalan raya. Conto aturan lalu lintas téh naon waé?
Pak Hasan: “Seueur aturan lalu lintas mah, contona wae upami Ujang berkendara motor, éta kedah ngaggé hélem, gaduh Surat Izin Mengemudi (SIM), kedah taat kana rambu-rambu lalu lintas, jrrd.
Akmal: “……………………….”
Pak Hasan: “Tangtu waé aya, misal kanggo pengendara motor di jalan raya kena tilang, teras henteu gaduh SIM, éta dipidana ku pidana kurungan panglamina 4 bulan atawa denda pangseueuerna sajuta rupiah”.
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nya éta ….
“Aya sanksi anu tangtu henteu upami urang ngarempak éta aturan?”
“ Teras saé atanapi henteu upami éta aturan teu aya?”
“ Kumaha carana urang taat kana aturan lalu lintas?”
“ Kumaha kamandang bapak ngeunaan aturan lalu lintas?”
Lamun urang narima kahadéan ti batur, ulah poho ngucapkeun…
nuhun
mugia lancar
mugia damang
hapunten
Tarjamahan anu merenah tina kalimah “kapan mau ke rumahku?” nyaéta?
Iraha rék ka imah?
Iraha rék ameng?
Iraha bade ka rorompok?
Iraha bade ka bumi?
Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang Sunda.” anu merenah, nyaéta....
Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda
Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda
Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda
Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda
Dia itu anak yang keras kepala, sulit untuk menerima nasihat orang lain.
Kecap nu dikandelan sarua hartina jeung...
heuras sirah
heuras hulu
heuras mastaka
gurat batu
Suit atawa hompimpah dina kaulinan barudak biasana pikeun nangtukeun…
Saha nu meunang
Saha nu kudu nungguan
Saha nu maén tiheula
Saha nu éléh
Kaulinan barudak lembur téh biasana numuwuhkeun…
Jiwa bersaing di antara barudak
Jiwa sosial jeung bersaing di antara barudak
Jiwa hayang meunang sorangan di antara barudak
Jiwa sosial jeung sportivitas dina diri barudak
Bapa Kapala Sakola kedahna maparin biantara dina acara pentas seni. Tapi ujug-ujug pas acara ngadadak Bapa Kapala Sakola aya peryogi nu teu tiasa dikantunkeun. Ahirna ditunjuk sacara ngadadak Pembina OSIS pikeun biantara ngawakilan Kapala Sakola.
Tina kasus di luhur, cara biantara nu dianggo ku pembina OSIS nya éta biantara ....
Ekstemporan
Manuskrip
Talaran
Dadakan
Dina hiji lawungan Deni kapeto pikeun nepikeun biantara. Basa maju ka podium Deni teu mawa téks. Dina émprona mah sanggeus nepikeun bubuka biantara, manéhna katingali ngaluarkeun kerts salembar anu eusina gurat badag nu rék ditepikeun.
Tina kasus di luhur, cara biantara nu paké ku Deni nya éta ....
Ekstemporan
Manuskrip
Talaran
Dadakan
Tanggal 21 Pebruari sok dipiéling poéan…
Poé basa Indung Nasional
Poé basa daérah Saalam Dunya
Poé basa Indung Saalam Dunya
Poé basa daérah Nasional
Héjo pagunungan
Paul lautan
Sajak di luhur murwakanti dina sora….
a
é
u
i
Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Pupujian di luhur eusina…
Pujian
Pépéling
Do’a
Ménta kasalametan
Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Pupujian di luhur murwakanti dina sora…
a
é
u
i
(Rini, Sarah, Dina, jeung Jésika tingkélémés eraeun. Keur kitu aya Bu Lilis nyampeurkeun)
Bu Lilis : (Ka Bu Nani). Bu, itu Ainun disauran ku bapana
Bu Nani : toss umping kitu pa kepala sakola? Tadi man teu acan aya
Bu Lilis : sumping nembé. Tadina bade nyauran Ainun, mung sanggem abdi téh wios dipangnyaurkeun.
Bu Nani : (Bari ngarérét ka Ainun) tuh Néng, disaur ku bapa cenah…
Ainun : Mangga. Hatur nuhun Bu. Di kantun heula atuh.. (bari unggeuk ka Bu Nani sareng Bu Lilis tuluy ngaléos)
Bu Nani & Bu Lilis : mangga…
Dumasar teks drama di luhur, saha putrana Pak Kapala Sakola téh?...
Ainun
Dina
Rini
Sarah
Rini : (semu reuwas. Beungeutna pias). Ainun téh.. putra pa kepala sakola? (nyaritaka ku basa Sunda. Pohoeun jigana bakating ku reuwas)
Bu Nani : Muhun. Nu matak ulah sok gampang popoyok ka batur téh. Geuning nu ku hidep disebut kampungan téh putra Pa Kapala Sakola, nu tangtosna gé teu kampungan.
Imas : karaos..? ehm.. puasss tah..
Bu Nani : Hus! Teu kenging kitu pamali!
Naon nu karasa ku Rini dina sempalan drama di luhur téh?...
seneng
sedih
reuwas
reueus
Ieu di handap anu teu kaasup kana ciri-ciri carpon nyaéta…
wangung karanganna pondok
eusi caritana kaharti ku akal
sifat caritana naratif jeung fiktif
alur caritana ngarancabang
geus kitu belenyeng wé si Narsim meuntas. Manéhna teu engeuh, aya treuk laju tarik pisan ti katuhu. Si Narsim can kaburu nepi ka sisi béh peuntas. Manéhna masih kénéh di tengah jalan basa treuk geus deukeut pisan ka manéhna. Anggangna ngan ukur sababaraha meter deui. Kelakson éta treuk teu eureun-eureun disada, matak hariwang. Si Narsim kasima. Manéhna ngan ukur ngajengjen di tengah jalan bari colohok neuteup kana treuk nu laju beuki deukeut. Si Narsim peureum. Layung geus surup. Ngong adan ti masigit.
(Dicutat tina buku Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta (2002) kaca 93)
Dumasar sempalan carpon di luhur, di mana latar tempat kajadianana?
Di pasar
Di masigit
Di lampu mérah
Di tengah jalan
Novel munggaran dina sastra Sunda nyaéta….
Baruang Ka Nu Ngarora karya D.K Ardiwinata
Pipisahan karya R.A.F
Pangéran Kornél karya Méméd Sastrahadiprawira
Gogoda Ka Nu Ngarora karya M.A Salmun
Di pangangonan Si Eméd mah gawéna ngan kekedengan baé handapeun tatangkalan nu iuh. Sakapeung sok kokodok di susukan atawa ngukuy belut di kotakan. Kumaha ari meri angonanana? Ih, meri angonanana mah cul baé, diantep sakarepna, tara ditalingakeun.
Pasipatan si Eméd anu digambarkeun dina sempalan di luhur nyaéta…
bageur
daékan
getol
kedul
Di pangangonan Si Eméd mah gawéna ngan kekedengan baé handapeun tatangkalan nu iuh. Sakapeung sok kokodok di susukan atawa ngukuy belut di kotakan. Kumaha ari meri angonanana? Ih, meri angonanana mah cul baé, diantep sakarepna, tara ditalingakeun.
Ngaran sasatoan anu disebutkeun dina sempalan novel di luhur nyaéta…
Meri jeung kokodok
Meri jeung kotakan
Meri jeung belut
Meri jeung angonanana
Di pangangonan Si Eméd mah gawéna ngan kekedengan baé handapeun tatangkalan nu iuh. Sakapeung sok kokodok di susukan atawa ngukuy belut di kotakan. Kumaha ari meri angonanana? Ih, meri angonanana mah cul baé, diantep sakarepna, tara ditalingakeun.
Latar tempat anu dipaké pangarang dina sempalan novel di luhur nyaéta….
Imah Eméd
Sawah
Leuweung
Sakola
Dina bulan puasa waktuna manusa hudang pikeun saur nyaéta nalika…
Rumangsang
Janari
Sareupna
Balébat
Dina bulan puasa urang buka puasa nalika…
Rumangsang
Balébat
Sareupna
Janari
kalimah diluhur lamun ditulis dina aksara laten nyaeta...
Dinu kiwari ngancik nu bihari seja ayeuna sampeureun jaga
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
aya hurang handapeun batu
kacai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
lamun hayang boga bedog kudu datang ka...
palika
panday
pamatang
merebot
Masing di mana anjeun nunjuk
Masing dimana anjeun cumeluk
Ungkara di luhur murwakanti dina sora…
a
i
u
é
basa lampu beureum beunta
lir dikomando kandaraan eureun
jeung tukang dagang rampak
tingarasong.
Kira-kira di mana latar kajdian nu kagambar dina éta sempalan sajak…
di pasar
di setasiun
di terminal
di parapatan
Sajak téh ditulis pikeun ngébréhkeun…
Pangalaman babaturan
Pangalaman batin nu maca
Pangalaman batin panyajakna
Pangalaman batur
Dina sajak aya nu disebut diksi, anu hartina…
Perasaan nu ngarang
Cara nulisna pangarang
Pilihan kecap
Amanat nu ditepikeun
Dongéng anu nyaritakeun para nabi/wali, tara disebut dongéng tapi disebutna carita, lantaran…
Bisi loba bohongna
Bisi ditarurutan
Bisi loba nu percaya
Bisi salah tapsir ukur dianggap dongéng
Dongéng anu eusina nyaritakeun asal-muasal kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan disebut dongéng….
Fabél
Sasakala
Parabél
Mite
Carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, tur ngandung unsur pamohalan nyaéta…
Carpon
Dongéng
Sajak
Novel
Penyu Sareng Monyét
Dina hiji poé, isuk-isuk aya penyu keur ngasoy baé ngojay ka sisi, bari ngawas-ngawas tempat anu tumaninah geusan hanjat kana kikisik.
Sabot keur kitu, aya ombak gedé pisan nyuruwuk ti tengah. Penyu keteumbag, kapangpéngkeun ka darat. Bek ragrag nangkarak bengkang dina kikisik. Penyu roroésan bari euleugeug haying malik. Tapi najan satékah polah haying malik, teu bisaeun, malah nguir batan bisa malik mah. Tungtungna béakeun tanaga, penyu kacida lungséma penyu geus ngarasa moal panjang umur, lantaran taya daya pikeun malikeun awakna.
Dongéng di luhur kaasup kana dongéng?
Fabél
Parabél
Mite
Legenda
Penyu Sareng Monyét
Dina hiji poé, isuk-isuk aya penyu keur ngasoy baé ngojay ka sisi, bari ngawas-ngawas tempat anu tumaninah geusan hanjat kana kikisik.
Sabot keur kitu, aya ombak gedé pisan nyuruwuk ti tengah. Penyu keteumbag, kapangpéngkeun ka darat. Bek ragrag nangkarak bengkang dina kikisik. Penyu roroésan bari euleugeug haying malik. Tapi najan satékah polah haying malik, teu bisaeun, malah nguir batan bisa malik mah. Tungtungna béakeun tanaga, penyu kacida lungséma penyu geus ngarasa moal panjang umur, lantaran taya daya pikeun malikeun awakna.
Latar waktu dina dongéng di luhur bisa kapanggih dina alinéa….
Alinéa ka-1 kalimah ka-1
Alinéa ka-2 kalimah ka-1
Alinéa ka-2 kalimah ka-2
Alinéa ka-1 kalimah ka-2
Parahu leutik
laju nyiriwik
ungkara laju nyiriwik dina sajak di luhur ngandung harti...
Majuna laun
Majuna Tarik
Majuna sahayuna
Majuna ngangkleng
Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Allah SWT. Solawat sinareng salamna mugia ngocor ka jungjunan urang sadaya wastana Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Dinten ieu téh panginten dinten anu pikabungaheun ogé pikasediheun kanggo simkuring sadaya mah. Bingah kumargi simkuring sadaya parantos lulus ti ieu sakola saparantos tilu taun jungkel jumpalik diajar. Ari sedihna, nya tangtos baé ku sadayana ogé kateguh, kedah papisah sareng Bapa/Ibu Guru ogé adi-adi kelas tujuh sareng kelas dalapan anu ku simkuring sadaya dipikacinta.
Biantara di luhur mangrupikeun biantara anu dibacakeun dina acara…
Paturay tineung kelas 9
Paturay tineung kelas 6
Paturay tineung kelas 12
Pipisahan
Jalma anu ahli dina biantara disebutna…
Kurator
Moderator
Orator
Koléktor
Ieu di handap eusi bagéan bubuka tina biantara nyaéta…
Ucapan hatur nuhun
Muji sukur ka Gusti Alloh SWT
Ucapan dunga
Salam pangwilujeng
“lamun urang palinter, moal dibobodo jeung moal disapirakeun ku saha baé ogé, malahan baris diajénantur dibutuhkeun ku batur. Lamun bangsa urang palinter jeung motékar, moal aya pulo nu dijual, moal aya pausahaan nagara nu dijual, moal gumantung teuing kana invéstasi nagara deungeun, tapi urang bisa hirup ‘Berdikari’ (Berdiri di atas kaki sendiri).”
Kecap motékar dina biantara di luhur ngandung harti…
Pintar
Rajin
Cakap
Kréatif
Tulisan dina wangun lancaran anu ngabahas atawa medar hiji perkara disebut teks.…
Dongéng
Carpon
Novel
Bahasan
Husus ngeunaan basa Sunda, geus loba nu ngahariwangkeun sieun tumpur, lantaran cenah unggal taun panyaturna beuki ngurangan baé.
Kecap panyatur dina kalimah di luhur ngandung harti…
Nu nulis aksara Sunda
Nu nyarita Basa Sunda
Nu ngarang buku Sunda
Nu ngajar Basa Sunda
Sakabéh aspék anu aya patalina jeung kahirupan sapopoé disebutna…
Budaya
Sunda
Adat Istiadat
Tradisi
Tata polah anu angger turun – tumurun ti hiji entragan ka entragan satuluyna mingangka warisan anu dalit jeung pakumbuhan masarakatna disebut…
Budaya
Sunda
Adat Istiadat
Tradisi
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebutna…
Budaya
Sunda
Adat Istiadat
Tradisi
Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting , disebutna….
biantara
ceramah
hutbah
kampanyé
Paribasa anu mangrupikeun tarjamahan tina basa Inggris, nyaéta….
Aya hurang handapeun batu
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
Jati kasilih ku junta
Waktu sarua jeung duit
Saha jalma nu daék usaha pasti bakal meunang hasilna, keuna kana paribasa…
Jati kasilih ku junti
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
Aya hurang handapeun batu
Adéan ku paying butut
Babasan beurat birit ngandung harti….
Hésé dititah
Babari dititah
Babari neunggeul
Tara neunggeul
Kecap tulis lamun ditambahan rarangkén tengah, robah jadi….
Tumulis
Tutulis
Tinulis
Tutulisan
Kecap carita lamun ditambahan rarangkén tengah, robah jadi…
Cacarita
Caritaan
Cumarita
Caritana
Kecap anteuran pikeun pagawéan hiber nyaéta….
Berebet
Geleber
Gejlig
Léos
Di handap ieu anu kaasup kana conto uga nyaéta….
“Néng punten, pangmareumankeun kompor!”
Bogor kota kasohor
Jaga mah barudak, sajajalan disaungan
Adat kakurung ku iga
Di handap ieu anu kaasup conto rakitan lantip nyaéta…
Laér gado
Gunung-gunung bangun bingung
Jaga mah barudak sajajalan disaungan
"Cik, panggedéankeun TVna!”
Nu unggal poé nunutur
Kang baso nakolan mangkok
Wangsalna…
Dunya
Hirup
Bayangan
kalangkang
momobilan budak leutik
pun biang ngarana mia
wangsalna….
Iklan di luhur biasana sok disebut iklan....
dagang
komersil
layanan masarakat
pausahaan
inuman nu pangsopan-sopanna...
Paranti si ujang solat
Sayur aseum kurang uyah
Wangsalna…
Susunan basa sabangsa dangding anu teu maké patokan pupuh disebut…
kawih
tembang
sajak
puisi
Kasopanan téh lain keur ngajénan batur, tapi sabenerna mah pikeun….
Diri sorangan
Kolot
Babaturan
Guru
Moral jalma bakal kagambar tina…
cara nyarita jeung paripolah sapopoéna
cara make papakéanna
cara hirup jeung kabiasaanna
cara ngobrol jeung babaturanna
Lamun ijin moal ka sakola lantaran gering, kalimah anu merenah nyaéta…
“Ibu, hapunten abdi moal lebet sakola margi nuju udur”
“Ibu, hapunten abdi moal lebet sakola margi nuju teu damang”
“Ibu, hapunten abdi moal lebet sakola margi nuju gering”
“Ibu hapunten abdi moal lebet sakola margi nuju ngaringkuk”
Biasana barudak sok ramé arulin di buruan masigit anu waktuna nyaéta…
bada lohor
bada asar
bada magrib
bada isya
1. Ambil-ambilan
2. Cingciripit
3. Congklak
4. Éncrak
5. Eundeuk-eundeukan
6. Éngklé
7. Paciwit-ciwit lutung
8. Dam-daman
9. Galah
10. Oray-orayan
Kaulinan barudak anu make kakawihan nyaéta nomor…
1, 2, 3, 4, 5
1, 2, 4, 5, 10
1, 2, 5, 7, 10
1, 2, 7, 9, 10
1. Ambil-ambilan
2. Cingciripit
3. Congklak
4. Éncrak
5. Eundeuk-eundeukan
6. Éngklé
7. Paciwit-ciwit lutung
8. Dam-daman
9. Galah
10. Oray-orayan
Kaulinan barudak anu teu make kakawihan nyaéta nomor….
3, 4, 5, 8, 10
2, 3, 4, 5, 6
3, 4, 5, 6, 9
3, 4, 6, 8, 9
kaulinan barudak di luhur ngaranna nyaeta...
gatrik
egrang
congklak
galah
kaulinan barudak di luhur ngaranna nyaeta...
egrang
gatrik
galah
congklak
nu kaasup kaulinan barudak awewe, nyaeta...
Jam dua siang sok disebut ogé wanci?
pecat sawéd
lingsir
tunggang gunung
kalangkang satangtung
Jam tujuh isuk sok disebut ogé wanci....
carangcang tihang
meleték panonpoé
ngaluluh taneuh
haneut moyan
Wanci sariak layung nyaéta…
jam lima soré
jam genep soré
jam tujuh peuting
jam dalapan peuting
Jam 11 peuting biasa oge disebut wanci...
indung peuting
tengah peuting
tumorék
Sareureuh kolot
Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna...
sisindiran
wawangsalan
paparikan
rarakitan
Dina sastra Indonesia sisindiran téh disebutna...
puisi
pantun
fikmin
sajak
Di handap ieu mangrupikeun ugeran sisindiran, iwal ti....
dina sapada diwangun ku opat padalisan
basana kedah bahasa lemes
diwangun ku cangkang jeung eusi
basana kedah murwakanti
Dumasar kana sipatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....
rarakitan, paparikan, wawangsalan
dwipurwa, dwimurni, dwiréka
cangkang, eusi, wangsal
piwuruk, silihasih, sésébréd
kaulinan anu mangrupa pananya anu jawabanna kudu diteguh, disebutna....
sisindiran
tatarucingan
wawangsalan
rarakitan
Kembang bodas buah bunder,
Ngaheruk nya pipikiran.
Wangsalna nyaéta?
jeruk
jambu
apel
anggur
kalimah di handap ieu anu ngandung kecap rajékan dwiréka, nyaéta....
hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah.
Sajajalan macét lantaran aya Présidén ngaliwat.
Buah di pipir imah téh plak-plik-pluk raragragan.
Manéhna poé kamari bulak-balik Bandung-Jakarta.
kalimah di handap ieu anu ngandung kecap rajékan dwipurwa, nyaéta....
hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah.
Sajajalan macét lantaran aya Présidén ngaliwat.
Buah di pipir imah téh plak-plik-pluk raragragan.
Manéhna poé kamari bulak-balik Bandung-Jakarta.
Kalimah di handap ieu anu ngandung kecap rajékan dwimadya, nyaéta....
hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah.
Sajajalan macét lantaran aya Présidén ngaliwat.
Buah di pipir imah téh plak-plik-pluk raragragan.
Manéhna poé kamari bulak-balik Bandung-Jakarta.
kalimah di handap ieu anu ngandung kecap rajékan trilingga, nyaéta....
hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah.
Sajajalan macét lantaran aya Présidén ngaliwat.
Buah di pipir imah téh plak-plik-pluk raragragan.
Manéhna poé kamari bulak-balik Bandung-Jakarta.
Batur mah maké calana
Kuring mah kabaya waé
Batur mah jelema kaya
Kuring mah sangsara baé
wangun sisindiran di luhur nyaéta...
rarakitan
paparikan
wawangsalan
tatarucingan
Ka mana jalan ka Jogja
Ka ditu ka pangrumasan
Ka mana jalan ka Sorga
Ka ditu ka pangaosan
wangun jeung sipat sisindiran di luhur nyaéta....
sisindiran piwuruk
sisindiran silihasih
paparikan piwuruk
paparikan silihasih
Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamun urang hayang pinter
Kudu getol ka sakola
wangun jeung sipat sisindiran di luhur nyaeta...
Paparikan sésébréd
Paparikan piwuruk
Sisindiran sésébréd
Sisindiran silihasih
Katumbiri di Cigeulis
Ti Citeureup ka Ciamis
Kaciri sueri nu geulis
Mun diteuteup beuki manis
wangun jeung sipat sisindiran di luhur nyaeta...
Sisindiran silihasih
Paparikan silihasih
Paparikan piwuruk
Sisindiran sésébréd
itu gunung ieu gunung
diadukeun ngabeledug
itu pundung ieu pundung
.......................................
ungkara anu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaeta.....
dihijikeun jeung nu budug
marebutkeun mojang budug
teu diajakan ka bandung
sarua hayang ka gunung
gambar di luhur mun ditulis dina aksara sunda nyaeta....
gambar di luhur mun ditulis dina aksara sunda nyaeta...
gambar di luhur lamun ditulis dina aksara sunda nyaeta...
323 + 306 =
sukuna hiji panonna tilu naon?...
tiang listrik
jalma
tiang bendera
lampu lalu lintas
tukang naon anu teu bisa ngitung?
tukang tahu
tukang foto
tukang baso
tukang asinan
ku naon tukang baso nakolan mangkok?
ngarah laku
ngarah aya nu meuli
geus tidituna
ku sendok
